NEW
Font size
WorksheetsCARITA WAYANG & RESENSI NU KADUA
Total questions: 42
Worksheet time: 27mins
Résénsi buku téh obyékna bisa kana rupa-rupa buku, nu ngawengku ....
buku fiksi atawa non fiksi
buku kasohor atawa buku teu kasohor
buku penting atawa buku nu teu penting
buku kandel atawa buku ipis
buku murah atawa buku mahal
Lamun urang nyusun hiji karangan résénsi anu obyékna buku hartina ....
méré pangajén kana éta buku, ngabedah eusina, sarta méré kritik kana alus jeung goréngna
ngadadarkeun sinopsisna nepi ka anu maca ngarti kumaha jalan caritana
ngarangkum eusina bab per bab kalawan tétéla nepi ka nu maca paham naon eusi éta buku
méré kritik kana éta buku sangkan anu maca paham dina alus jeung goréngna
méré nyaho ka calon nu maca éta buku sabaraha harga buku jeung di mana bisa dibeulina
nu nulis resensi kudu ngagambarkeun kapunjulan jeung kahengkeran tina eusi karya anu rek diresensina disebut oge bagian struktur resensi...?
Identitas karya
Ringkesan Carita
Kacindekan karya
Tilikan Eusi
ieu di handap kalimah nu kaasup kana bagian resensi ngeunaan kapunjulan jeung kahengkeran anu mernah nya eta...
luyu jeung genre drama history, pilem soekarno geus hasil nembongkeun fakta-fakta sajarah anu salila ieu can pati kaguar
soekarno jeung Hatta, narekahan cita-cita jeung perjuangan sangkan Indonesia Merdeka....
Film Soekarno "Tarekah Numuwuhkeun Sikep Nasionalisme Kaom Rumaja
Ario Bayu salaku Soekarno, Lukman Sardi salaku Hatta, Maudy Koesnady salaku Inggit Garnasih ....
Titénan dadaran ieu di handap:
1) ngawanohkeun buku ka calon nu maca, naha éta buku téh pantes dibaca atawa henteu;
2) méré pituduh ka calon nu maca di mana éta buku bisa dibeuli sarta ka mana ruteu nu kudu ditempuh mun rék meuli éta buku;
3) promosi buku, biasana ditulis ku penerbit atawa dikéngkénkeun ka penulis résénsi sangkan buku nu anyar terbit téh payu;
4) ngabedah eusi buku, upamana lantaran eusina téh kontrovérsial, matak anéh, atawa nimbulkeun padungdengan (perdebatan).
Nu kaasup tujuan ngarésénsi buku téh dituduhkeun ku nomer ....
1 jeung 2
1, 2, jeung 3
1, 3, jeung 4
2 jeung 3
2, 3, jeung 4
“Hanjakalna dina ieu novel téh loba basa atawa kekecapan nu boa moal kaharti lamun dibaca ku barudak ayeuna. Sakuduna mah aya glosari (kamus kecil) anu nerangkeun harti kekecapan nu dianggap hésé kahartina. Ku cara kitu, barudak anu maca ieu novel masih bisa nuturkeun jalan caritana kalawan lancar.” Dina karangan résénsi, dadaran di luhur téh bisa kagolongkeun kana ....
data buku
déskripsi bab per bab
kasang tukang
rékoméndasi keur calon nu maca
kritik kana eusi buku
Ieu di handap aspek anu mernah enggoning mere tinimbangan ajen sacara objektif dina ngaresensi hiji karya nya eta
Nu ngaresensi ku lega elmu pangaweruh dina sagala widang
nu nulis resensi kudu sadar kana kawatesanan kana pamadegan kana hiji karya
kudu weruh kana kalayan gembleng kana maksud jeung tujuan pangarang aslina
nu ngaresensi kudu loba lalajo jeung maca buku sangkan gampil nulis resensina
Judul buku : Prabu Siliwangi
Karangan : Moh. Amir Sutarga
Penerbit. : Pustaka Jaya
Taun terbit : 1984
Kandelna : 70 kaca
Ukuran. : 14 x 21 cm
Diluhur nuduhkeun struktur resensi .....
Data karya
Kasang tukang
Sinopsis
Timbangan
Rekomendasi
1. Judul buku
2. Karangan
3. Warna cover
4. Kandelna
5. Durasi maca
Bagian nu kaasup data karya dituduhkeun ku nomer ....
1,2,3
2,3,4
1,3,5
3,4,5
1,2,4
Bahasan dina karangan resensi ukur nyawang sacara singget sarta umum ngeunaan eusi hiji buku. Bahasan siga Kitu teh kapanggih dina Wanda resensi .......
Argumentatif
Informatif
Kritis
Naratif
Deskriptif
"Ku kitu ku kieu, ieu novel téh alus mun dibaca ku urang nu hirup di jaman ayeuna. Kahiji, caritana bisa dijadikeun conto keur urang, boh keur budak boh keur kolot. Ieu novel bisa muka implengan keur kolot kana panineunganana baheula keur leutik."
Dadaran di luhur teh bisa kagolongkeun Kana .....
Data buku
Deskripsi bab per bab
Kasang tukang
Rekomendasi/ saran
Kritik Kana eusi buku
"Kiwari, teu loba buku fiksi anu hadé keur bacaeun barudak téh. Sok komo dina basa Sunda. Malah pamasrahan hadiah Samsudi, hadiah sastra keur buku bacaan barudak pinunjul anu medal saban taun, henteu unggal taun kapasrahkeun. Ari sababna, henteu unggal taun aya buku fiksi bacaeun barudak anu terbit. Kapaksa éta hadiah balik deui ka panitia."
Dadaran di luhur teh bisa kagolongkeun Kana ......
Data buku
Deskripsi bab per bab
Kasang tukang
Rekomendasi
Sinopsis
Titénan runtuyan ieu di handap:
1) buku
2) film
3) upacara adat
4) pintonan drama
5) album musik
Obyék nu bisa dirésénsi dituduhkeun ku nomer ....
1, 2, 3, 4
1, 3, 4, 5
1, 2, 4, 5
2, 3, 4, 5
3, 4, 5
Dina nyusun rangkay resensi pilem nu nulis medar ngeunaan carita pilem (Sinopsis) nyaritakeun ngeunaan hade gorengna pilem nepi ka tokoh-tokohna dina eta pilem.
Bener
Salah
Titénan dadaran ieu di handap:
1) ngawanohkeun buku ka calon nu maca, naha éta buku téh pantes dibaca atawa henteu;
2) méré pituduh ka calon nu maca di mana éta buku bisa dibeuli sarta ka mana ruteu nu kudu ditempuh mun rék meuli éta buku;
3) promosi buku, biasana ditulis ku penerbit atawa dikéngkénkeun ka penulis résénsi sangkan buku nu anyar terbit téh payu;
4) ngabedah eusi buku, upamana lantaran eusina téh kontrovérsial, matak anéh, atawa nimbulkeun padungdengan (perdebatan).
Nu kaasup tujuan ngarésénsi buku téh dituduhkeun ku nomer ....
1 jeung 2
1, 2, jeung 3
1, 3, jeung 4
2 jeung 3
2, 3, jeung 4
Ieu di handap aspek anu mernah enggoning mere tinimbangan ajen sacara objektif dina ngaresensi hiji karya nya eta
Nu ngaresensi ku lega elmu pangaweruh dina sagala widang
nu nulis resensi kudu sadar kana kawatesanan kana pamadegan kana hiji karya
kudu weruh kana kalayan gembleng kana maksud jeung tujuan pangarang aslina
nu ngaresensi kudu loba lalajo jeung maca buku sangkan gampil nulis resensina
Tujuan tina ngarésénsi hiji karya nya éta..
Nyaritakeun deui
Ngajén hiji karya
Nulis hiji karya
Ngawanohkeun hiji karya
Ngoméntaran hiji karya
Anu lain kaasup struktur résénsi nya éta..
Idéntitas karya
Sinopsis
Kapunjulan jeung kahéngkéran
Panutup
Bubuka
Anu teu bisa dirésénsi mh nya éta..
Alat musik
Buku
Pilem
Pagelaran drama
Lagu
Hal-hal anu kudu digambarkeun dina idéntitas karya téh iwal..
Judul
Pangarang
Penerbit
Taun wedal/rilis
Sinopsis
Bagian résénsi anu eusina nyaritakeun ringkesan carita disebut..
Kapunjulan
Kahéngkéran
Idéntitas
Wedalan
Sinopsis
Méré ajén (menilai) hiji karya dina résénsi téh ku cara..
Méré poin interval 1.0 - 10.0
Méré bintang 1 - 5
Méré gambaran kapunjulan jeung kahéngkéran karya
Méré ajén atawa nilai ahir mangrupa pernyataan goréng atawa alus
Méré réngking sanggeus dibandingkeun jeung karya séjén nu sejenis
Bab anu unik sarta ngakak nurutkeun abdi nya éta sabot bang Dika di Thailand. Basa éta bang Dika keur mecakan aplikasi pencari jodoh namina Tinder dumasar saran ti partner dambelna di Bangkok. Seueur deui bab-bab seru dina buku Koala Kumal ieu. Basana hampang, bisa dibaca keur sagala umur sabab eusi caritana gé raket jeung kahirupan sapopoé. Hanjakalna sababaraha carita klimaksna kurang gereget, seperti dina bab “Balada Lelaki Tomboi, Panduan Cowok Menghadapi Penolakan dan Aku Ketemu Orang Lain”. Bagéan anu kerén sarta diksina apik, tapi kalimah keur klimaksna kurang kresss. Dina bab panutup bang Dika kalawan cerdik nulis alesan milih judul Koala Kumal.
(Dicutat tina Résénsi Koala Kumal)
Naon waé anu jadi kapunjulan karya dina résénsi di luhur?
Kalimat klimaks dina sababaraha bagian kurang kress
Basana hampang
Kurang cerdik milih judul
Bagianana kurang loba nu seru
Basana kurang gereget
Bab anu unik sarta ngakak nurutkeun abdi nya éta sabot bang Dika di Thailand. Basa éta bang Dika keur mecakan aplikasi pencari jodoh namina Tinder dumasar saran ti partner dambelna di Bangkok. Seueur deui bab-bab seru dina buku Koala Kumal ieu. Basana hampang, bisa dibaca keur sagala umur sabab eusi caritana gé raket jeung kahirupan sapopoé. Hanjakalna sababaraha carita klimaksna kurang gereget, seperti dina bab “Balada Lelaki Tomboi, Panduan Cowok Menghadapi Penolakan dan Aku Ketemu Orang Lain”. Bagéan anu kerén sarta diksina apik, tapi kalimah keur klimaksna kurang kresss. Dina bab panutup bang Dika kalawan cerdik nulis alesan milih judul Koala Kumal.
(Dicutat tina Résénsi Koala Kumal)
Naon waé anu jadi kahéngkéran karya dina résénsi di luhur?
Kalimat klimaks dina sababaraha bagian kurang kress
Basana hampang
Dina bagian ahir, panulis cerdik milih judul
Caritana loba nu seru
Bisa dibaca ku sagala umur
jelema anu ngalalakonkeun carita wayang disebut ......
DALANG
SINDEN
NAYAGA
JURU ALOK
Wayang teh asalna tina kecap ............
sayang
bayang
dalang
sarang
Gambar diluhur dina istilah pawayangan disebut .........
BAGEDOR
CAMPURIT
CAMPALA
GUGUNUNGAN
Cikalna PANDAWA nya eta ..........
BIMA
NAKULA
YUDISTIRA
ARJUNA
Timana asalana carita Ramayana jeung Mahabarata teh?
INDIA
ARAB
SUNDA
JAWA
Dina pagelaran wayang lian ti dalang anu ngawayang, aya tukang nabeuh gamelan anu disebut ....
DALANG
NAYAGA
SINDEN
JURU ALOK
Jumlahna 100 urang sarta gumelar tina saguruntul daging ti Déwi Gandari, nyaéta ...
PANDAWA
KURAWA
AYODYA
ALENGKA
gambar di luhur dina istilah pawayangan disebut ?
DALANG
SINDEN
JURU ALOK
NAYAGA
Sikep Kumbakarna sakumaha anu kauni dina dialog di luhur nembongkeun ajen .........
kasatiaan
kaadilan
cinta lemah cai
duduluran
Perang antara Rama ti Ayodya jeung Rahwana ti Alengka teh dibalukarkeun alatan hiji kajadian nu saenyana henteu perlu nya eta...
alengka diduruk
gugurn Indrajid
diculikna Sinta
demi lemah cai
Dina proses nyalamatkeun Sinta teh rama dibantuan ku pasukan wanara nu disebut ...
Hanoman
Sugriwa
Subali
Jatayu
Adina Rahwana anu irung jeung ceulina di keureut ku Laksmana nya eta ........
Kumbakarna
Wibisana
Sugriwa
Supranaka
Tokoh punakawan Sunda nya eta ..........
semar, cepot, dawala jeung gareng
semar, cepot, petruk, jeung dawala
semar, cepot, dalawa jeung bagong
emar, cepot, dawala jeung petruk
tokoh wayang diluhur disebutna ?
cepot
semar
gareng
dawala
Pandawa 5 téh nyaéta ...
Yudhistira, Adipati, Arjuna, Nakula Sadewa
Bima, Arjuna, Duryudana, Nakula, Sadewa
Yudhistira, Bima, Arjuna, Nakula, Sadewa
Bima, Rama, Arjuna, Nakula, Sadewa
Pandawa lima anu kasohor ku gede tanaga tur babari ambek nyaeta ......
Yudistira
Bima
Arjuna
Nakula
walon Yudistira " Lamun Arjuna anu hirup deui, atuh para putra Ibu Kunti harirup kabeh. ari putra Ibu Madri paraeh kabeh. Eta henteu adil. Lamun Ibu Madri terangeun kana eta kateuadilan tada teuing kanyenyerianana. Tapi lamun Nakula anu hirup deui, jadi Ibu kunti jeung Ibu Madri pada kapapatenan ku anakna hiji sewang. Eta adil. Ka Arjuna lain henteu nyaah, tapi kanyaah teh henteu kaci ngalindih kaadilan."
dumasar kana sempalan carita diluhur, kagambar yen sipat Yudistira teh ..........
Gede Ambek
Wijaksana
Pilih Kasih
Bingung
Pék regepkeun kutipan téks di handap ieu !
1. Kurawa
2. Nakula
3. Dipati Karna
4. Déstarasta
5. Sadéwa
Tokoh-tokoh di luhur nu kaasup kana Pandawa lima nyaéta ...
1 jeung 2
2 jeung 3
2 jeung 4
2 jeung 5
