Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASAS SMKALFABIR 2425 BAHASA SUNDA X

Total questions: 50

Worksheet time: 1hrs 15mins

Name
Class
Date
1.

Tangetan rumpaka kawih di handap!

Dina amparan sajadah

Abi sumujud ku dosa

Diri nu lamokot ku dosa

Nyanggakeun sadaya-daya

Dina amparan sajadah

Abi sumujud pasrah

Mundut pangampura Gusti

Ya Alloh Robbul Izzati

Amanat dina rumpaka kawih diluhur nyaéta ....

a)

Nyaritakeun jalama anu lamokot ku dosa

b)

Taya deui panglumpatan

c)

Jalama nu keur mundut pangampura

d)

Jalam nu ngamparkeun sajadah

e)

Jadi jalma kudu pasrah sumerah

2.

Tangetan sempalan rumpaka kawih dihandap!

Jang,

Hirup téh teu gampang

Teu cukup ku dipikiran

Bari kudu dilakonan

Jang,

Jalan kahirupan henteu sapanjang datar

Aya mudun jeung tanjakan

Kudu sabar dina kurang

Ulah nepak dada beunghar

Salawasna kudu syukur

Éling ka nu Maha Agung

Kadé hidép bisi kufur

Tokoh nu payus dina rumpaka kawih diluhur nyaéta ....

a)

Guru nu keur ngajar

b)

Kolot nu keur mamatahan ka anak

c)

Polisi nu keur nyarita ka babaturanna

d)

Kolot nu keur nyarékan ka budakna

e)

Pamajikan nu keur nyaruta ka salakina

3.

Pék ku hidép reugeupkeun kakawihan di handap!

COLÉNAK


Urang tuang colénak
raos seger matak séhat kana awak 
pangaosna cukup ku sapuluh pérak
moal rugi ngaluarkeun eusi pésak 

Colénak dicocol énak 
anu ompong ogé teurak 
mangga geura carobian 
colénak beuleum dadakan

Colénak peuyeum Bandung
katuangan sederhana istiméwa
cacah menak sagala pada misuka
moal puyeng najan séép tilu piring 

Colénak dicocol énak 
kakoncara sabuana 
kaolahan urang Sunda 
warisan kolot baheula

Sabaraha pada kawih di luhur ....

a)

5 pada

b)

4 pada

c)

3 pada

d)

2 pada

e)

sapada

4.

Pék ku hidép reugeupkeun kakawihan di handap!

COLÉNAK


Urang tuang colénak
raos seger matak séhat kana awak 
pangaosna cukup ku sapuluh pérak
moal rugi ngaluarkeun eusi pésak 

Colénak dicocol énak 
anu ompong ogé teurak 
mangga geura carobian 
colénak beuleum dadakan

Colénak peuyeum Bandung
katuangan sederhana istiméwa
cacah menak sagala pada misuka
moal puyeng najan séép tilu piring 

Colénak dicocol énak 
kakoncara sabuana 
kaolahan urang Sunda 
warisan kolot baheula

Kawih di luhur unggal padana di wangunku …. padalisan.

a)

Sapada

b)

2 padalisan

c)

3 padalisan

d)

4 padalisan

e)

5 padalisan

5.

Pék ku hidép reugeupkeun kakawihan di handap!

COLÉNAK


Urang tuang colénak
raos seger matak séhat kana awak 
pangaosna cukup ku sapuluh pérak
moal rugi ngaluarkeun eusi pésak 

Colénak dicocol énak 
anu ompong ogé teurak 
mangga geura carobian 
colénak beuleum dadakan

Colénak peuyeum Bandung
katuangan sederhana istiméwa
cacah menak sagala pada misuka
moal puyeng najan séép tilu piring 

Colénak dicocol énak 
kakoncara sabuana 
kaolahan urang Sunda 
warisan kolot baheula

Perkara naon eusi anu dihaleuangkeun dina eta kawih ....

a)

Katuangan has Sunda nyatana Colenak

b)

Murahna pangaos katuangan has Sunda

c)

Raosna katuanga has Sunda

d)

Seueurna katuangan has Sunda

e)

Katuangan has Sunda dina Jaman kiwari

6.

Pék ku hidép reugeupkeun kakawihan di handap!

COLÉNAK


Urang tuang colénak
raos seger matak séhat kana awak 
pangaosna cukup ku sapuluh pérak
moal rugi ngaluarkeun eusi pésak 

Colénak dicocol énak 
anu ompong ogé teurak 
mangga geura carobian 
colénak beuleum dadakan

Colénak peuyeum Bandung
katuangan sederhana istiméwa
cacah menak sagala pada misuka
moal puyeng najan séép tilu piring 

Colénak dicocol énak 
kakoncara sabuana 
kaolahan urang Sunda 
warisan kolot baheula

Eusi dina pada ka opat dina kawih di luhur nyaeta ….

a)

Pangaos Colenak anu murah

b)

Enak sareng pelemna Colenak

c)

Cara ngadamel Colenak

d)

Kakoncarana katuangan Colenak

e)

Colenak asalna tina peuyeum Bandung

7.

Pék ku hidép reugeupkeun kakawihan di handap!

COLÉNAK


Urang tuang colénak
raos seger matak séhat kana awak 
pangaosna cukup ku sapuluh pérak
moal rugi ngaluarkeun eusi pésak 

Colénak dicocol énak 
anu ompong ogé teurak 
mangga geura carobian 
colénak beuleum dadakan

Colénak peuyeum Bandung
katuangan sederhana istiméwa
cacah menak sagala pada misuka
moal puyeng najan séép tilu piring 

Colénak dicocol énak 
kakoncara sabuana 
kaolahan urang Sunda 
warisan kolot baheula

Nada dina kawih Colenak di luhur nyaeta ….

a)

Némbongkeun kareueus yén urang Sunda boga kadaharan tradisonal warisan kolot

b)

Ngabéjakeun ngeunahna (pelem) éta kadaharan, sajaba ti murah hargana

c)

Ngajak sangkan ngamasarakatkeun kadaharan tradisional nu ngaranna colénak

d)

Ngajak sangkan urang Sunda Mikaresep kadahar warisan kolot baheula

e)

Ngabejakeun yen urang Sunda teh boga kadaharan has anu euyeub

8.

Unsur rumpaka kawih anu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka kawih, disebut unsur ….

a)

Rasa

b)

Nada

c)

Amanat

d)

Tema

e)

Jejer

9.

Sikep nu nulis rumpaka kawih nu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca, upamana sedih, nalangsa, handap asor, sombong, éra, hanjakal, jeung sajabana, mangrupa unsur rumpaka kawih nu disebut ….

a)

Rasa

b)

Nada

c)

Amanat

d)

Tema

e)

Jejer

10.

tangtuna apal kana kawih anu judulna "Es Lilin", rasa anu kagambar dina kawih eta ngeunaan .…

a)

Katrésna ti hiji wanoja ka hiji jajaka

b)

Raosna katuangan Es Lilin

c)

Kaasih hiji jajaka ka hiji wanoja

d)

Kedah ati-ati dina mikaasih

e)

Asih nu teu sampe

11.

Kakawihan anu sok dihariringkeun ku barudak bari arulin, diantarana ….

a)

Es Lilin

b)

Colenak

c)

Kalangkang

d)

Ayang-ayang gung

e)

Mawar bodas

12.

Tarjamahan tina kalimah "Saya merasa bangga menjadi orang Sunda." anu merenah nyaéta....

a)

Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda

b)

Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda

c)

Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda

d)

Kuring ngarasa genah jadi urang Sunda

e)

Kuring ngarasa puas jadi urang Sunda

13.

Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Arab nyaéta....

a)

Abdi

b)

Iman

c)

Ahlak

d)

Agama

e)

Taqwa

14.

Lamun urang rék narjamahkeun, urang merlukeun kamus, nyaéta....

a)

ékabasa

b)

dwibasa

c)

istilah

d)

asing

e)

umum

15.

Pangaweruh ngeunaan basa dina kahirupan sapopoé masarakat pamakéna disebut kamampuh....

a)

Gramatikal

b)

Sosiolinguistik

c)

Pragmatik

d)

Semantik

e)

Psikolinguistik

16.

Pangaweruh anu patali jeung harti atawa ma'na téks anu ditarjamahkeun nyaéta kamampuh....

a)

Gramatikal

b)

Sosiolinguistik

c)

Pragmatik

d)

Semantik

e)

Psikolinguistik

17.

Pangaweruh ngeunaan kekecapan, nyusun kalimah, nyusun alinéa, jeung ngalarapkeun éjahan nyaéta kamampuh....

a)

Psikolinguistik

b)

Gramatikal

c)

Pragmatik

d)

Sosiolinguistik

e)

Semantik

18.

Média nu kalintang penting pikeun narjamahkeun disebut ....

a)

Buku

b)

Koran

c)

Kamus

d)

Majalah

e)

Novel

19.

Tarjamahan tina amis daging nyaéta ....

a)

Daging yang manis

b)

Manis daging

c)

Memiliki daging yang manis

d)

Mudah terkena penyakit kulit

e)

Selalu berwajah manis dalam kehidupan

20.

Carpon "Ucing Hideung" ditarjamahkeun ku ....

a)

Atep Kurnia

b)

Hawé Setiawan

c)

Yuliana Mustofa

d)

Saéni

e)

R.H Robins

21.

Ieu di handap mangrupa kamus anu ngamuat kekecapan husus dina hiji widang paélmuan disebut ....

a)

Kamus Umum

b)

Kamus Dwibasa

c)

Kamus ékabasa

d)

Kamus istilah

e)

Kamus Husus

22.

Ieu di handap mangrupa bédana tarjamahan jeung saduran nyaéta....

a)

Téks dina tarjamahan kudu fiksi

b)

Téks dina tarjamahan kudu nonfiksi

c)

Dina téks tarjamahan ngan nulad jalan caritana wungkul

d)

Dina téks saduran ngan nulad jalan caritana wungkul

e)

Téks saduran kudu sarua pisan jeung kalimah aslina

23.

Pek tarjamahkeun ieu basa asing kana basa sunda!

"Don't walk in front of me, I may not follow. Dont Walk behind me, I may not lead. Walk beside me, be my friend!"

a)

Ulah leumpang hareupeun, bisi kuring teu bisa nuturkeun. Ulah leumpang tukangeun deuih, bisi kuring teu bisa dituturkeun. Pék leumpang gigireun, jadi sobat kuring!

b)

Ulah leumpang tukangeun, bisi kuring teu bisa nuturkeun. Ulah leumpang hareupeun deuih, bisi kuring teu bisa dituturkeun. Pék leumpang gigireun, jadi sobat kuring!

c)

Ulah leumpang hareupeun, bisi kuring kudu nuturkeun. Ulah leumpang tukangeun deuih, bisi kuring bisa dituturkeun. Pék leumpang gigireun, jadi sobat kuring!

d)

Ulah leumpang hareupeun, pasti kuring bisa nuturkeun. Ulah leumpang tukangeun deuih, bisi kuring bisa dituturkeun. Pék leumpang gigireun, jadi sobat kuring!

e)

Ulah leumpang tukangeun, pasti kuring teu bisa nuturkeun. Ulah leumpang hareupeun deuih, pasti kuring embung dituturkeun. Pék leumpang gigireun, jadi sobat kuring!

24.

Pek tarjamahkeun ieu kalimah di handap kana basa sunda!

"Marilah kita melestarikan bahasa Sunda, dengan cara mempraktekannya dalam komunikasi sehari-hari!"

a)

Ngamalkeun

b)

Ngalastarikeun

c)

Ngamumulé

d)

Ngalarapkeun

e)

Ngarojong

25.

Bu Eva pergi ke sekolah setiap pagi pukul 06.30. Kecap pagawean na nunjukeun kana kalimah .....

a)

Mangkat

b)

Angkat

c)

mios

d)

Indit

e)

Wangsul

26.

Kecap "atos" dina bahasa Jawa hartina "teuas", beda jeung dina basa Sunda anu hartina "enggeus". Eta hal mangrupa kamampuh nu kudu dicangking dina narjamahkeun, nyaeta miboga pangaweruh makena hiji basa dina kahirupan sapopoe masarakat pamakena. Conto kitu teh mangrupa kamampuh ....

a)

Pragmatik

b)

Sosiolinguistik

c)

Semantik

d)

Gramatikal

e)

Psikolinguistik

27.

Bacaan nu mimiti di tarjamahkeun kana basa Sunda nyaéta bacaan nu asalna tina basa ....

a)

Jawa

b)

Arab

c)

Indonesia

d)

Inggris

e)

Belanda

28.

Baheula, di dinya téh tempat ngadu, ti mimiti ngadu kartu nepi ka ngadu hayam. Anu daratang ka dinya ngadon ngadu téh lolobana mah rampog, jawara, jeung tuan tanah. Kecap ngadu sarua hartina jeung .....

a)

ulin

b)

ameng

c)

judi

d)

mabok

e)

cicing

29.

Numutkeun .... narjamahkeun téh kudu "geulis" jeung "satia"

a)

Apip Rosidi

b)

Ajip Rosidi

c)

Aji Rosidi

d)

Aji Rusdini

e)

Apip Samsudi

30.

Tarjamahan tina pribahasa "amis budi" nyaéta...

a)

Budi yang manis

b)

Wajah manis

c)

Si Budi yang berwajah manis

d)

Manis budi

e)

Selalu tersenyum

31.

Fungsi tarjamahan nyaéta.....

a)

Pikeun ngabeungharan basa

b)

Pikeun ngarobah eusi bacaan

c)

Pikeun ngabeungharan karya sastra

d)

Pikeun ngarobah makna basa

e)

Pikeun nambahan kosa kata

32.

"Kreatifitas dalam belajar merupakan salah satu hal yang penting"

Tarjamahan basa Sunda tina kalimah di luhur nu merenah nyaéta .....

a)

Kréatifitas dina diajar mangrupa salasahiji hal nu penting

b)

Kreatifitas dina diajar mangrupakeun salah sahiji hal nu penting

c)

Kaparigelan dina diajar mangrupa hiji hal nu penting

d)

Kaparigelan dina diajar mangrupa salasahiji hal nu penting

e)

Kaparigelan dina diajar mangrupakeun salah sahiji hal nu teu penting

33.

Tarjamahan tina pribahasa "dari mulut ke mulut" nyaéta...

a)

Tina biwir kana biwir

b)

Tina cangkem kana cangkem

c)

Cacarita

d)

Tina lisan kana lisan

e)

Tatalépa

34.

Cara sangkan urang ahli dina narjamahkeun kana basa Sunda nyaéta...

a)

Kudu loba maca bacaan basa Sunda

b)

Kudu loba nulis tulisan basa Sunda

c)

Kudu loba nyieun karya sastra

d)

Kudu loba nyarita maké basa Sunda

e)

Kudu loba maca bacaan basa Indonesia

35.

Tarjamahan nyaeta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén, atawa istilahna...

a)

Alih basa

b)

Alih kecap

c)

Alih aksara

d)

Alih basa bébas

e)

Alih caritaan

36.

Paribasa anu mangrupa tarjamahan tina basa Indonesia nyaéta ....

a)

Adam lali tapel

b)

Wong becik ketitik wong ala ketara

c)

Waktu sarua jeung duit

d)

Aya hurang handapeun batu

e)

Gindi pikir belang bayah

37.

Kecap takwa mangrupa kecap serepan tina basa ....

a)

Indonesia

b)

Sunda

c)

Arab

d)

Jawa

e)

Inggris

38.

Paribasa indonesia "biar lambat asal selamat" hartina mirip jeung paribasa sunda ....

a)

Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung

b)

Kajeun kendor asal ngagembol

c)

kaduhung tara ti heula

d)

Jauh-jauh panjang gagang

e)

ulah gancang pincang

39.

Dina carita sangkuriang kabeurangan, nu jadi bapak jeung indung sangkuriang nyaéta ....

a)

Hyang Widi jeung Dayang Sumbi

b)

Wayungyang jeung Tumang

c)

Tumang jeung Hyang Widi

d)

Dayang Sumbi jeung Tumang

e)

Wayungyang jeung Dayang Sumbi

40.

Carita sangkuriang mangrupa asal muasal ....

a)

Gunung Tangkuban Parahu

b)

Bukit Tunggal

c)

Sanghyang Tikoro

d)

Wewengkon Sunda

e)

Gunung salak

41.

Léngkah-léngkah nyieun tarjamahan
1) Narjamahkeun luyu jeung kaidah-kaidahna
2) Maca dina jero haté
3) Paham kana alur carita
4) Nyiapkeun teks nu rék ditarjamahkeun
5) Mariksa hasil nerjemahkeun

Léngkah-léngkah nyieun tarjamahan nyaéta ....

a)

5-2-3-1-4

b)

4-2-3-1-5

c)

4-3-2-1-5

d)

1-2-3-4-5

e)

3-4-2-1-5

42.

Kecap morontod, anu hartina ....

a)

Tereh ngagedeanana

b)

Jadina lila pisan

c)

Loba buahna

d)

Tereh burukna

e)

Loba deui anak cauna

43.

Carita atawa dongeng anu ngandung unsur sajarah lokal disebutna ....

a)

Mitos

b)

legenda

c)

babad

d)

sage

e)

parabel

44.

Kolotna nini atawa aki urang disebutna......

a)

Bao

b)

Buyut

c)

Janggawareng

d)

Udeg-udeg

e)

Kait siwur

45.

hartina alo teh nyaéta .....

a)

Anak

b)

Kakak

c)

Ponakan

d)

Ipar

e)

Nenek

46.

Ka anak lanceuk urang teh nyebutna Alo. Ari ka anak adi urang nyebutna......

a)

Kapilanceuk

b)

Kapiadi

c)

Toa

d)

Cikal

e)

Baraya

47.

Ungkara "Sumur Bandung rahayuning Dayeuh Bandung" ngandung harti......

a)

Sumur Bandung teh jadi tanda ngadegna kota Bandung

b)

Kota Bandung jadi puseur dayeuh Jawa Barat

c)

Sumur Bandung teh mere karahayuan keur dayeuh katut rayat Bandung

d)

Sumur Bandung teh mere karaharjaan keur rayat Jawa Barat

e)

Cai di Sumur Bandung teh loba

48.

Dongeng teh kaasup karya balarea, lantaran ....

a)

Sumebar sacara tinulis

b)

Sumebar sacara lisan

c)

Teu kanyahoan nu ngarangna

d)

Kanyahoan nu ngarangna

e)

sumebar sacara hukum

49.

Dongeng "jonggrang kalapitung" kaasup kana dongeng ....

a)

sasatoan

b)

sasakala

c)

sajarah

d)

jalma biasa

e)

fabel

50.

Dina carita dongéng téh aya harti fiksi. Harti fiksi sarua jeung ....

a)

Teh asup akal

b)

Nyata buktina

c)

Hal-hal anu asup akal

d)

kahontal ku pikiran jelema

e)

Kapahami ku pikiran jelema