wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

untitled

Total questions: 22

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Anu has ti Kampung naga nya eta wangunan imah warga jeung pamangku

Kampung (Adat). Wangun imahna panggung, suhunan capit gunting. Bahan

imahna ti awi jeung kai. Hateup imahna tina kiray nu ditutupan ku injuk.

Lantena dijieun tina palupuh atawa papan. Pipindingna ku bilik make

anyaman sasag. Aya pantangan yen imah di Kampung Naga henteu menang

dicet, iwal dimeni jeung dipulas ku apu. Warga Kampung Naga oge tabu

nyieun imah gedong. Sakabeh imah warga Kampung Naga kudu

nyanghareup ka kaler atawa ka kidul, ngujur ngulon atawa ngetan.


Pantangan imah di Kampung Naga nya eta ... .

a)

menang dicet

b)

nyanghareup ka wetan

c)

henteu menang dicet

d)

dipulas ku kapur

2.

Bahan utama imah di Kampung Naga nya eta ... .

a)

suluh jeung batu

b)

kai jeung batu

c)

awi jeung injuk

d)

kai jeung awi

3.

Hirup beresih teh diutamakeun pisan di Kampung Dukuh mah. Ieu teh

ebreh tina tanda wates-wates jeung pantangan anu teu sagawayah jalma

bisa asup. Ngan ukur anu beresih hatena tur suci nu menang asup teh ka

tempat-tempat nu tangtu di Kampung Dukuh. Lamun warga kampung

daratang ka kuburan Syeh Abdul Jalil,lain keur menta barokah, tapi keur

ngadungakeun nu tos tilar dunya. Ati barokahna mah tos dipasihkeun ku

Syeh Abdul Jalil dina wangun kahadean, nyaah ka warga, basajan, jeung

takwa.


Anu diutamakeun pisan ku masarakat Kampung Dukuh nya eta ... .

a)

beresih hate

b)

beresih awak

c)

hirup beresih

d)

jarah ka makam

4.

Hirup beresih teh diutamakeun pisan di Kampung Dukuh mah. Ieu teh

ebreh tina tanda wates-wates jeung pantangan anu teu sagawayah jalma

bisa asup. Ngan ukur anu beresih hatena tur suci nu menang asup teh ka

tempat-tempat nu tangtu di Kampung Dukuh. Lamun warga kampung

daratang ka kuburan Syeh Abdul Jalil, lain keur menta barokah, tapi keur

ngadungakeun nu tos tilar dunya. Ari barokahna mah tos dipasihkeun ku

Syeh Abdul Jalil dina wangun kahadean, nyaah ka warga, basajan, jeung

takwa.


Di Kampung Dukuh aya kuburan ... .

a)

para wali

b)

para sesepuh Kampung

c)

Prabu Siliwangi

d)

Syeh Abdul Jalil

5.

Kampung anu masih keneh nyekel tur ngalaksanakeun tali paranti karuhunna disebut kampung ....

a)

buhun

b)

adat

c)

babakan

d)

dusun

6.

Kampung Pulo

Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi, nyaeta Candi Cangkuang.

Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu mulangna deui kalah betah di eta kampung.


Kampung Pulo mimiti aya dina abad ka ….

a)

15

b)

16

c)

17

d)

18

7.

Kampung Pulo

Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi, nyaeta Candi Cangkuang.

Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu mulangna deui kalah betah di eta kampung.


soal!

Kampung Pulo ayana di daerah ….

a)

Bandung

b)

Tasikmalaya

c)

Garut

d)

Subang

8.

Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar

Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di Kampung Sukamuya Désa Simaresmi Kecamatan Cisolok di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupaten Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa kantor Pemda di Cisaat kénéh.

Najan deukeut ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Ciptagelar mah pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan para karuhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan urang Sunda pituin anu can kacampuran ku pangaruh modérn, salah sahijina dina potongan imah.


Tatacara kahirupan nu masih kénéh pageuh dicekel ku masarakat Kampung Gedé Ciptagelar asalna tina kabiasaan …

a)

modern

b)

para karuhun

c)

kolonial

d)

animisme

9.

   Hiji upacara taunan anu dijadikeun hajat gede disebut?

a)

Muludan

b)

Rajaban

c)

Ngaseuk pare

d)

Seren taun

10.

salah sahiji pantangan di kampung adat nya eta teu meunang ngagunakeun listrik. Di mana kampung adat nu di maksud?

a)

Naga

b)

Cireundeu

c)

Ciptagelar

d)

Duhkuh

11.

Perenahna Kamping Adat Cikondang téh nyaéta di Désa ​ (a)   Kecamatan​ (b)  

Choose from the below words
Lamajang
Pangaléngan
Bandung
Cikondang
Ciwidey
12.

Di Kabupaten Bandung teh aya sababaraha Imah Adat, diantarana wae...

a)

Cikondang

b)

Bumi Alit

c)

Bumi Siliwangi

d)

Mahmud

e)

Gedung Sate

13.

Kampung adat anu perenahna di Leuwigajah, Kota Cimahi nyaéta kampung …

a)

Cireundeu

b)

Naga

c)

Ciptagelar

d)

Pulo

14.

Salah sahiji kaunikan ti Kampung Cireundeu nyaéta masarakatna teu ngadahar sangu. Gegenti sangu di Cireundeu nyaéta …

a)

Sampeu

b)

Sayur

c)

Roti

d)

Jagong

15.

Cireundeu téh asalna tina kecap “Ci” anu hartina cai, sarta “Reundeu” anu mangrupa ngaran …

a)

Kembang

b)

Jalma

c)

Tangkal

d)

Pakakas

16.

Kampung adat anu perenahna di Margaasih, Bandung Kidul nyaéta kampung …

a)

Mahmud

b)

Pulo

c)

Naga

d)

Cikondang

17.

Tokoh anu ngadegkeun Kampung Mahmud nyaéta …

a)

Eyang Dalem Haji Abdul Manaf

b)

Wastu Kancana

c)

Syarif Hidayatullah

d)

Sembah Dalem Singaparna

18.

Kampung Cikondang perenahna aya di …

a)

Kabupatén Bandung

b)

Kabupatén Garut

c)

Kabupatén Tasikmalaya

d)

Kabupatén Ciamis

19.

Mana nu kaasup Kampung Adat Sunda?

a)

Kampung Naga

b)

Kampung Adat Cireundeu

c)

Kampung Adat Ciptagelar

d)

Kampung Adat Kuta

e)

Kampung Adat Panglipuran

20.

Alesan sababaraha kampung disebut Kampung Adat téh lantaran …

a)

Wargana masih kénéh ngukuhan adat karuhun

b)

Mindeng ngalaksanakeun upacara adat

c)

Imahna mangrupa imah panggung

d)

Jadi salasahiji objék wisata adat

21.

Salasahiji kampung adat di Tasikmalaya anu masih nyekel pageuh adat karuhun nyaéta …

a)

Kampung Kuta

b)

Kampung Naga

c)

Kampung Cireundeu

d)

Kampung Ciptagelar

22.

Kampung adat anu kadaharan utamana sampeu nya eta ...

a)

Kampung Naga

b)

Kampung Baduy

c)

Kampung Cireundeu

d)

Kampung Pulo

e)

Kampung Kuta