NEW
Font size
WorksheetsSAS B.SUNDA 7
Total questions: 40
Worksheet time: 20mins
Kecap embung lamun dirobah kana basa hormat keur sorangan nyaéta .....
teu kersa
hoyong
alim
kersa
Kecap dahar lamun dirobah kana basa hormat keur ka batur nyaéta .....
neda
madang
emam
tuang
Tingali kalimah di handap ieu! Indung jeung Anak
“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia
“Naroskeun naon?Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.
“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.“Kieu, Mah ....., naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapamah tipengker naékna ..... lungsurna mah tipayun,” pokna.
Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh?
Piknik ti Maribaya
Naék mobil jeung turun mobil
Indung jeung anak
Tatakrama naek jeung turun tina mobil
Pa Eko :Édo geus tilu poé ..... Cik barudak sugan aya nu apal, ari Édo kamana geus tilu poé?
Sutar :Teu damang, Pa.
.....
Pa Eko :Har, geuning teu ngirim surat .....”
Pék teruskeun titik-titik di luhur!
Kamari gé tos teu kasakola, pa.
Kamari ogé dicandak ka Rumah Sakit ku mamahna saurna muntabér.
Malihan saur mamahna teu tiasa mapahmapah acan.
Geubis tina sapedah waktos dinten kamari
Kalimah nu merenah ngalarapkeunana.....
Pun Ua nuju teu damang tos 5 dinten
Abdi angkat ka Jakarta sareng pun biang
Bibi abdi nuju udur répot
Abdi mios tibumi jam 06.30
Tatakrama basa Sunda baheula mah disebut….
panta-pantana basa
undak-usuk basa
kasar-lemesna basa
basa loma jeung hormat
“Abdi bade mulih tipayun ka imah! ”
Menegur
Menyapa
Berkenalan
Mohon pamit
Hartina indung jeung anak nyaeta….
anak yang lebih besar
kakak tertua
ibu dan anak
orang tua dan kakak
Kalimah anu eusina nepikeun omongan jalma séjén ka jalma anu diajak nyarita kalawan bébas henteu saujratna, nyaéta kalimah....
kalimah langsung
kalimah campuran
kalimah pananya
kalimah teu langsung
Paguneman téh dilakukeun ku .....
sorangan bari sorana bedas
duaan tapi nu ngomongna saurang
duaan atawa leuwih bari silih témpas
sorangan bari sorana teu kadéngé ku batur
Kalimah anu diucapkeun ku nu nyarita ka jalma nu diajak nyaritana, nyaéta kalimah .....
kalimah teu langsung
kalimah pananya
kalimah campuran
kalimah langsung
Anu kaasup paguneman téh nyaéta .....
dialog
monolog
épilog
prolog
Jejer dina paguneman téh nyaéta .....
diatur ku nu nyarita
bisa naon baé
diatur ku nu diajak nyarita
teu bisa sambarangan
Kaasup henteu pantes dilakukeun upama urang keur paguneman téh aya nu .....
nyarita dibarung ku pasémon anu marahmay
nyarita dibarung ku rengkuh anu merenah
nyarita dibarung ku lentong anu merenah
nyarita dibarung ku lajag léjég jeung poporongos
Tatakrama basa Sunda maksudna pikeun .....
ngawilah-wilah jalma
ngahargaan saluhureun
silihargaan jeung sasama
ngahormat ka atasan
Tatakrama basa Sunda sacara gurat badagna diwangun ku .....
ragam basa loma jeung basa hormat
ragam basa cohag jeung basa hormat
ragam basa hormat keur sorangan jeung keur batur
ragam basa loma jeung basa hormat keur ka batur
Kuring kakara balik ti sakola.
Dirobah jadi ragam basa hormat .....
abdi nembé mulih ti sakola.
abdi nembé wangsul ti sakola.
abdi nembé mulang ti sakola.
abdi kakara mulih ti sakola.
Tatakrama basa Sunda baheula mah disebut .....
panta-pantana basa
undak-usuk basa
kasar-lemesna basa
basa loma jeung hormat
Kamari kuring papanggih jeung lanceuk manéh. Ragam basa hormatna .....
kamari abdi patepang sareng pun lanceuk.
kamari abdi patepang sareng pun raka.
kamari abdi patepang sareng tuang lanceuk.
kamari abdi patepang sareng tuang raka.
Unggal enjing abdi ..... ka sakola
angkat
mangkat
mios
indit
Adi kuring teu bisa sakola lantaran geuring. Ragam basa hormatna .....
Pun adi teu tiasa sakola ku margi udur.
Pun adi teu tiasa sakola ku margi teu damang.
Pun rai teu tiasa sakola ku margi udur.
Rai abdi teu tiasa sakola ku margi teu damang.
Jalma anu tara daék barang béré kabatur disebut.....
buntut kasiran
élmu sapi
gurat cai
heuras létah
Paguneman dilaksanakeun .....
di mana baé
dina kaayaan dines
di jero kelas
bari dariuk dina korsi
“Nepangkeun nami abdi, Sule! ”
Berpamitan
Memohon izin
Memperkenalkan diri
Berterimakasih
“Bade kamana, Kang? ”
Menyapa
Menegur
Berterimakasih
Memohon ijin
Dongeng "Sasakala Tangkubanparahu” nyaritakeun ngeunaan asal-usul ....
Hiji barang
Pacaduan
Sasatoan
Tempat
Tokoh dongeng anu disebut-sebut asli Sunda nyaeta ....
Si Lamsijan
Si Kabayan
Si Salhiam
Si Bosetek
Leu di handap nu lain dongeng sasakala nyaeta ....
Situ Bagendit
Si Kabayan
Sangkuriang
Gunung Geulis
Palaku antagonis teh nyaeta palaku ....
Anu hade
Anu goreng
Utama
Tambahan
Dongeng fabel teh nyaeta dongeng nu nyaritakeun sasatoan anu ....
Bisa nyarita kawas manusa
Lumakuna biasa atawa ilahar
Nu teu bisa nyarita kawas manusa
Teu bisa nanaon
Nu netelakeun kasang tukang tempat jeung waktu lumangsungna carita dina dongeng disebut ....
Tema
Palaku
Amanat
Latar
Palaku nu mibanda sifat hade disebut....
Antagonis
Protagonis
Utama
Tambahan
Runtutan kajadian-kajadian nu ngaruntuy ngawangun hiji carita dongeng disebut ....
Alur
Amanat
Tema
Latar
Dongeng-dongeng ngeunaan si Kabayan kaasup kana dongeng .....
Dongeng sasatoan
Dongeng sasakala
Dongeng sajarah
Dongeng jalma biasa
Anu kaasup kana dongeng sasatoan nyaeta ....
Sasakala Maung Panjalu
Si Kabayan Ngadeupaan Lincar
Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet
Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun Jadi Legok
Pangna dongeng kaasup karya anu anonim teh sabab ....
Kapanggih pangarangna
Teu kapanggih pangarangna
Loba pangarangna
Loba palakuna
Nu ngabedakeun antara dongeng jeung carita pondok teh nyaeta dongeng mah ....
Eusina loba pamohalanna
Kapanggih pangarangna
Palakuna saeutik
Eusina kahirupan sapopoe
Dongeng anu eusina nyaritakeun asal-muasalna hiji tempat, barang, atawa hal sejenna disebut ....
Dongeng fabel
Dongeng sasakala
Dongeng sajarah
Dongeng jalma biasa
Hal anu jadi jejer carita atawa topik utama dina dongeng disebut ....
Amanat
Latar
Tema
Palaku
Amanat teh nyaeta hal anu hayang ditepikeun ku ... dina jero karyana.
Nu maca
Pangarang
Nu ngadengekeun
Penerbit
