Font size
WorksheetsPAS Muatan Lokal Bahasa Sunda (Fase F Kelas 12)
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Kabeungharan basa Sunda pertéla nyampak dina ayana klasifikasi basa, nu némbongkeun sikep hormat, dumasar kana status sosial, kalungguhan, jeung umur. Ieu klasifikasi basa satuluyna disebut minangka....
Unggah-ungguhing boso
Undak-usuk basa
Classification of language
Kelas kebahasaan
Tingkatan bahasa
Pék baca ieu paguneman di handap!
Dédén: Bapa, meuni ku angkaribung atuh cacandakan téh. Manawi hoyong dibantosan?
Pa Guru: Nya hayang atuh, Dén. Yeuh, bantuan Bapa. Pangmawakeun ka kelas.
Dédén: Mangga, Bapa.
Dumasar kana Undak-Usuk Basa Sunda/Tata Krama Basa Sunda, aya kecap anu kurang merenah, pikeun nétélakeun makna hayang (basa Indonésia: ingin). Ku kituna, anu kudu diropéa tina éta paguneman nyaéta:
Sakuduna, Dédén nyebut palay, lain hoyong
Sakuduna, Pa Guru nyebut palay, lain hayang
Sakuduna, Dédén nyebut hayang, lain hoyong
Sakuduna, Pa Guru nyebut hoyong, lain hayang
Boh Dédén boh Pa Guru sakuduna sapuk nyebut hayang
Basa Sunda mangrupa basa pang munggaranna, nu dipaké ku urang Sunda, pikeun komunikasi di lingkungan kulawargana. Ku kituna, nurutkeun kana ieu kasus, basa Sunda ngadeg minangka....
Basa nasional
Basa indung
Basa wewengkon
Basa kosta
Basa deungeun
Kacaritakeun aya hiji awéwé ngaranna Santa Simangunsong. Manéhna urang Batak, nu ngumbara ka Jawa Barat, ti lembur asalna nu aya di Sumatra Utara. Sok sanajan lain urang Sunda, Santa mibanda kawajiban, pikeun ilubiung dina ngamumulé basa Sunda, ku cara diajar katut maké ieu basa, dina kahirupan sapopoé. Ieu hal ku lantaran, basa Sunda mangrupa basa daérah, di Provinsi Jawa Barat.
Nurutkeun kasus di luhur, urang bisa nyindekkeun yén basa Sunda minangka basa daérah mibanda harti....
Basa nu ngahijikeun sakabéh étnis, di sakabéh provinsi nu aya di Indonésia
Basa nu némbongkeun ajén kasundaan, pikeun urang Sunda
Basa kosta nu sakuduna dimumulé ku bangsa deungeun, lain ku bangsana sorangan
Basa nu mibanda fungsi minangka idéntitas hiji wilayah, nu kudu dimumulé ku unggal sélér bangsa nu ilubiung hirup di jerona
Basa nu sakuduna leuwih luhung, ti batan basa Indonésia minangka basa nasional
Bapa tuang, abdi neda, manéh....
Jajablog
Dahar
Lolodog
Nyatu
Emam
Aya sabaraha kaparigelan basa?
3
1
2
5
4
Nurutkeun runtuyanana, manusa bakal mibanda pamahaman komunikasi ngaliwatan pandangu. Sakabéh sora nu aya di sabudeureunana, bakal kadangu, katut ditarima minangka informasi, pikeun mikawanoh kahirupan. Nurutkeun kaparigelan basa, ieu pamahaman komunikasi asup kana prosés....
Nulis
Maca
Ngaregepkeun
Nyarita
Miarsa
Basa mibanda sipat nu arbitrér jeung konvénsional. Arbitrér hartina....
Manasuka
Disapukan ku saréréa
Basajan
Ékonomis
Érgonomis
Ieu di handap mangrupa kalimah nu merenah dina larapanana, dumasar kana Undak-Usuk Basa Sunda/Tata Krama Basa Sunda, iwal....
Pun Bapa permios ti bumi tabuh 08:00
Pun lanceuk nuju teu damang, tos 5 dinten
Kuring indit ka Jakarta
Manéhna mah dititah dahar meuni ku hararésé!
Abdi palay ngabantosan
Pindah cai pindah tampian mangrupa paribasa Sunda, nu hartina urang kudu bisa ngaluyukeun diri kana tempat, kaayaan, jeung adat istiadat, di mana urang aya. Ku kituna, ieu paribasa téh satata jeung peribahasa dina basa Indonésia, nyaéta....
Menepuk air di dulang, terpercik muka sendiri
Kerbau berpegang pada tali, manusia berpegang pada janji
Nasi sudah menjadi bubur
Lain ladang lain belalang, lain lubuk lain ikannya
Bagai mencari jarum di dalam jerami
Pun bapa, tuang....
Kolot
Rama
Sepuh
Ayah
Bapa
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok mibanda harti yén saupama urang suhud dina ngalakonan hiji hal, sanajan saeutik-saeutik, tangtu bakal hasil. Ibarat cai nu ngeclak kana batu, sok sanajan saukur cai, tapi pasti bakal méré tapak/nyieun legok.
Dina prakna, ieu paribasa téh bisa urang lakonan dina kahirupan sapopoé, minangka....
Diajar sing suhud, sok sanajan ukur 15 menit di unggal jamna
Diajar saupama rék nyanghareupan ujian
Diajar di sakola wungkul
Ulah getol diajar
Diajar di handapeun cai nu ngeclakan
Kecap "Hatur nuhun, Neng!" mangrupa....
permohonan izin
sapaan
teguran
cacian
berterima kasih
Prosés nepikeun informasi kalawan média tulis asup kana kaparigelan basa....
maca
nulis
nyarita
ngaregepkeun
miarsa
Basa cicirén bangsa mibanda harti....
Ngaliwatan basa, urang mibanda idéntitas sakabéh étnisitas
Ngaliwatan basa, urang bisa komunikasi ka papada jalma ti lian sélér bangsa
Ngaliwatan basa, urang bisa némbongkeun kasang tukang étnisitas/ti bangsa mana urang asalna
Ngaliwatan basa, masarakat ti sakabéh sélér bangsa ngahiji jeung bisa silih komunikasi
Ngaliwatan basa, masarakat hésé pikeun silih ngajénan ogé maham kana kabudayaanana séwang-séwang
Prosés asupna basa kosta, nu satuluyna jadi kandaga kecap anyar disebut....
serepan
interférénsi
akulturasi
spésifikasi
kodékologi
Karya cipta atawa hal-hal fiksi nu mibanda sipat imajinatif, kalawan ditepikeun ku basa nu mibanda kaéndahan, sarta fungsional pikeun pangajaran mangrupa définisi tina....
Filologi
Linguistik
Kabudayaan
Kasenian
Sastra
Ieu di handap mangrupa kecap nu merenah, pikeun nuduhkeun imah nu lemes kalawan dipiboga ku batur
Rorompok
Gubug
Bumi
Rumah
Imah
Adi: Manéh cageur, Nani?
Nani: Pangéstu
Adi: Lamun Deri kumaha? Damang?
Dumasar kana paguneman basajan di luhur, urang bisa nyindekkeun yén....
Cageur mangrupa basa lemes keur sorangan,
Pangéstu mangrupa basa loma,
Damang mangrupa basa lemes keur batur
Cageur mangrupa basa lemes keur batur,
Pangéstu mangrupa basa loma,
Damang mangrupa basa lemes keur sorangan
Cageur mangrupa basa loma,
Pangéstu mangrupa basa lemes keur sorangan,
Damang mangrupa basa lemes keur batur
Cageur mangrupa basa lemes keur batur,
Pangéstu mangrupa basa lemes keur sorangan,
Damang mangrupa basa loma
Euweuh jawaban nu bener
Kumaha sawangan sadérék sabada diajar basa Sunda salila hiji seméster?
