wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan Soal SAS Ganjil Bahasa Sunda_2024-2025

Total questions: 40

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Awakna tambah ngagedean tur tambah ngajangkungan.

Kecap ngagedean hartina ....

a)

Ngabadagan

b)

Ngabeukahan

c)

Ngamendekan

d)

Ngalobaan

2.

Upami bade naroskeun atawa ngajawab pertarosan ti guru, sok paheula-heula ngacungkeun ....

a)

Cingir

b)

Curuk

c)

Jajangkung

d)

Jariji

3.

Jelema anu geus gede atawa dewasa mah kudu leuwih bisa ngurus ....

a)

Babaturan

b)

Buruan

c)

Diri sorangan

d)

Pepelakan

4.

Anu kudu dilakukan hidep jeung babaturan dina kahirupan nya eta ....

a)

Hirup sabarisan

b)

Hirup sakelompok

c)

Hirup sarombongan

d)

Hirup sauyunan

5.

Fajar nyarita ka Rizki menta dianteur meuli pulpen.

"Ki, abdi bade .... pulpen, anteur yu!"

Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya eta ....

a)

Meser

b)

Meuli

c)

Ngagaleuh

d)

Nyiar

6.

"Kris, punten pangnyandakkeun bukuna sapalih." Ceuk Habibi ka Krisna.

Kalimah teu langsungna nya eta ....

a)

Habibi nyarita yen manehna menta dipangnyandakkeun bukuna sapalih ka Krisna

b)

Habibi nyarita yen manehna dipangnyandakkeun bukuna sapalih ku Krisna

c)

Krisna nyarita yen manehna menta dipangnyandakkeun bukuna sapalih ka Habibi

d)

Krisna nyarita yen manehna dipangnyandakkeun bukuna sapalih ku Habibi

7.

Kecap panganteb disebut kecap panambah dina hiji kalimah.

Pilih anu kaasup kecap panganteb anu aya dina kalimah di handap!

Urang Kabupaten Bandung mah tangtu geus wanoh ka lapang olahraga Upakarti.

a)

ge

b)

geus

c)

mah

d)

wae

8.

Tatangga anyar hartina jalma nu .... datang ka lingkungan urang.

Kecap nu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur nya eta ....

a)

Kakara

b)

Kungsi

c)

Langka

d)

Remen

9.

Manfaat anu mimiti mun boga tatangga anyar hartina nambahan ....

a)

Babaturan

b)

Duduluran

c)

Kawawuhan

d)

Sosobatan

10.

Manfaat hirup sauyunan tangtu bakal ngadatangkeun ....

a)

Kabagjaan

b)

Kamusibahan

c)

Karugian

d)

Kajahatan

11.

Mangga bilih bade tuang tipayun, da .... mah tos sadia.

Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya eta ....

a)

Disangu

b)

Nyangu

c)

Sangu

d)

Sanguan

12.

Langganan warungna terus ... lantaran daganganna loba rupana.

a)

Nurutan

b)

Nungguan

c)

Nungtutan

d)

Nambahan

13.

Nu rek mantuan ... teh geus daratang.

a)

Beres

b)

Beberes

c)

Beresan

d)

Bereres

14.

Patalimarga

Kaayaan Patalimarga mangsa kiwari lir ibarat ketug jajantung, terus lumangsung teu kungsi eureun marengan kahirupan. Jalma-jalma nu perlu indit ka mamana geus teu bisa leupas tina tutumpakan. Motor, mobil, atawa tutumpakan sejenna jadi pangabutuh nu utama.

Kamajuan dina widang transportasi geus pohara mangaruhan kahirupan, patempatan nu jauh anggangna teu jadi halangan pikeun dijugjug. Malah ku lantaran kawilang gampil megat atawa ngahaja mesen tutumpakan anu diperlukeun, sanajan patempatan anu dijugjug kawilang deukeut, geus ampir tara disorang ku leumpang.

Jaman kiwari patalimarga lir ibarat ... jajantung.

a)

Geter

b)

Ketug

c)

Ketok

d)

Sora

15.

Motor jeung mobil mangrupakeun salah sahiji banda anu cara makena ....

a)

Babawaan

b)

Papakean

c)

Tutumpakan

d)

Wawadahan

16.

Ngajugjug tempat nu deukeut bisa ku cara ....

a)

Leumpang

b)

Kanu motor

c)

Kanu mobil

d)

Kanu kapal

17.

Wadah cai teh ... ku Mang Irfan.

Kecap anu merenah tulisanna pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya eta ....

a)

diba wa

b)

dibawa

c)

di bawa

d)

di-bawa

18.

Rebun-rebun geus indit ....

Kecap anu merenah tulisanna pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya eta ....

a)

ka-sawah

b)

kasa wah

c)

kasawah

d)

ka sawah

19.

Imah Galang Fajar nyanghareup ka ... wetan.

Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya eta ....

a)

Beulah

b)

Gigir

c)

Hareup

d)

Sisi

20.

Globalisasi geus pohara mangaruhan kana kamekaran budaya bangsa.

Kecap mangaruhan hartina ....

a)

Gangguan

b)

Halangan

c)

Kasusah

d)

Pangaruh

21.

Seni tradisi tiap daerah di zaman ayeuna geus jadi barang ....

a)

Beurat

b)

Langka

c)

Mahal

d)

Susah

22.

Kamekaran seni tradisi mangsa kiwari matak pikasediheun

Maksud kecap matak pikasediheun nyaeta ....

a)

Pikamelangeun

b)

Pikasusaheun

c)

Pikarunyaeun

d)

Prihatin

23.

Kecap anu nuduhkeun jumlahna loba nyaeta ....

a)

Hiji

b)

Oge

c)

Pada

d)

Para

24.

Ieu waditra teh sok dianggo mirig mamaos, cara nabeuhna ditiup.

Ngaran eta waditra teh nyaeta ....

a)

Kacapi

b)

Rebab

c)

Saron

d)

Suling

25.

Ayeuna mah dinu hajatan teh kawilang langka nu .... wayang.

a)

Dagang

b)

Garap

c)

Nanggap

d)

Ngondang

26.

Barudak anu tadina isinan, ayeuna mah jadi ....

a)

Eraan

b)

Ngerakeun

c)

Cicingeun

d)

Wanian

27.

Tanda baca "..." disebutna tanda baca ....

a)

Pananya

b)

Panyeluk

c)

Koma

d)

Kutip

28.

"Do, nambut buku catetan IPAS nya", Ceuk Bilal.

Kalimah diluhur kaasup ....

a)

Kalimah langsung

b)

Kalimah teu langsung

c)

Kalimah pananya

d)

Kalimah parentah

29.

Anak tatangga nu saumuran biasana disebut .... anyar.

a)

Anak

b)

Babaturan

c)

Musuh

d)

Kolot

30.

Kecap dasar tina "kawawuhan" nyaeta ....

a)

Kawawu

b)

Wuhan

c)

Wawuh

d)

Wawuhan

31.

Memeh ... karajinan, sadiakeun heula rarancangna!

Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....

a)

Nyieun

b)

Ngadamel

c)

Ngaruksak

d)

Ngabongkar

32.

Warga masyarakat kudu .... kana aturan sangkan hirup sauyunan.

Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....

a)

Ngalawan

b)

Ngahare-harekeun

c)

Taat

d)

Ngalanggar

33.

Unggal enjing abdi mios ka sakola nganggo sapedah

"Ka" dina kecap ka sakola mangrupakeun kecap ....

a)

Pangantet

b)

Pananya

c)

Panyeluk

d)

Parentah

34.

Waditra anu bisa ngaluarkeun sora lamun dioyag-oyag nyaeta ....

a)

Angklung

b)

Kendang

c)

Kacapi

d)

Suling

35.

Kagiatan upacara bandera dilaksanakeun ku ....

a)

Adi jeung lanceuk

b)

Indung jeung bapa

c)

Guru jeung siswa

d)

Patani jeung pamayang

36.

"Lis, bantuan nyapukeun kelas yu", Ceuk Marni.

Kalimah di luhur mangrupakeun kalimah ....

a)

Langsung

b)

Teu langsung

37.

Conto kalimah nu bener nyaeta ....

a)

Memeh dagang, itung heula modalna!

b)

Memeh ngitung modal, tangtukeun daganganna!

c)

Ka kolot mah, kudu itungan.

d)

Ngitungan ka kolot, alus pisan.

38.

Anu nyebabkeun kandaraan teu bisa lancar majuna nyaete ....

a)

Loba bensin jeung oli pinuh

b)

Anyar diservis di bengkel

c)

Bensin beak jeung bitu ban

39.

Para pamaen bola Indonesia bajuang ngelehkeun Jepang di kualifikasi piala dunia.

Kecap anu nunjukkeun jumlahna loba nyaeta ....

a)

Para pamaen

b)

Bola

c)

Indonesia

d)

Bajuang

40.

Prak pilih jawaban anu bener ngeunaan ngajelaskeun waditra dina gambar sacara jentre!

a)

Ngaran waditra : Kacapi

Cara maenkeun : Dipetik

Asal daerah : Sunda

b)

Ngaran waditra : Suling

Cara maenkeun : Ditiup

Asal daerah : Sunda

c)

Ngaran waditra : Ceng-ceng

Cara maenkeun : Ditakol

Asal daerah : Bali

d)

Ngaran waditra : Gamelan

Cara maenkeun : Ditakol

Asal daerah : Jawa Tengah