Font size
WorksheetsSAS BASA SUNDA KELAS 10 KUMER SEM 1
Total questions: 22
Worksheet time: 19mins
Kagiatan nyarita di hareupeun balaréa kalayan nepikeun hiji jejer, nyaéta disebut .....
Kawih
Biantara
Diskusi
Paguneman
Dakwah
Babagian biantara anu eusina kacindekan jeung ngajak ka balaréa ngalaksanakeun nu ditepikeun dina biantara nya éta dina .....
Bubuka biantara
Salam bubuka biantara
Panutup biantara
Salam panutup biantara
Eusi biantara
Titenan téks di handap!
(1) Artikulasi kudu jelas
(2) Sora kudu béntés
(3) Raray kudu ekspresif
(4) Teu kudu aya pangregep
(5) Teu kudu jelas eusina
Nu kudu aya dina biantara sangkan jadi biantara anu hadé nyaéta ...
1, 2, 3
3, 4, 5
5, 4, 1
2, 4, 1
1, 5, 3
Basa nu dipaké ku urang dina biantara téh alusna mah reumbeuy ku mamanis basa. Upamana diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa bisa ogéku sisindiran. Malah mun bisa mah diselapan ogé ku kalimah-kalimah pinilih (kata-kata mutiara atawa kuotasi) nu kungsi ditepikeun ku hiji tokoh.
Numutkeun hidep éta hal bisa kaasup kana salasahiji hal nu diperhatikeun dina biantara nyaéta ….
Ngandung wirahma
Tatag nyaritana
Aktual témana
Alus basana
Munel eusina
Biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna. Hal ieu kaasup kana hal-hal nu diperhatikeun dina biantara nu disebut …
Munel eusina
Aktual témana
Alus basana
Tatag nyaritana
Ngandung wirahma
Biantara téh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Tegesna, dina nepikeun biantara téh kudu maké lentong (lagu kalimah) anu hadé. Numutkeun hidep éta hal bisa kaasup kana salasahiji hal nu diperhatikeun dina biantara nyaéta.....
Munel eusina
Aktual temana
Alus basana
Tatag nyaritana
Ngandung wirahma
Mukadimah dina biantara biasana aya dina...
Bubuka
Eusi
Carita
Panutup
Alamat
Biantara miboga téma nu ku urang ditepikeun téh kudu aktual, lain téma-téma nu geus basi atawa geus lila. Hal ieu kaasup kana hal-hal nu diperhatikeun dina biantara nu disebut....
Munel eusina
aktual temana
Alus basana
Tatang nyaritana
Ngandung wirahma
Pa Tato biantara di payuneun tamu ti sakola Mitra Jerman. Dina prakna biantara Pa Tato henteu nyandak téks, aya interaksi sareng tamu tur gésturna ogé laluasa. Métode nu dipaké Pa Tato dina nepikeun biantara nyaéta .....
Métode nyatetkeun bagéan-bagéan nu penting anu rék ditepikeun
Métode ngadadak atawa impromtu
Métode ngapalkeun atawa ditalar
Métode ngarang
Metode maca
Lamun aya nu keur biantara kudu répéh, ulah récét kitu!
Kecap répéh dina kalimah di luhur ngandung harti .....
Cicing bari luak-lieuk
Paréa-réa omong
Molotot teu ngiceup
Cicing teu nyarita
Teu loba pamolah
Di handap ieu mangrupikeun ciri-ciri dongeng, iwal
Nyebarna sacara lisan
Aya babagian carita anu teu kaharti ku akal
Ngandung nasehat
Teu kapanggih babandingana jeung dongéng séjén
Nu ngabedakeun antara dongeng jeung carita pondok teh nyaeta dongeng mah ....
Eusina loba pamohalanna
Kapanggih pangarangna
Palakuna saeutik
Eusina kahirupan sapopoe
Eusina pikaresepeun
Dongeng anu eusina nyaritakeun asal-muasalna hiji tempat, barang, atawa hal sejenna disebut ....
Dongeng fabel
Dongeng parabel
Dongeng Legenda
Dongeng sajarah
Dongeng jalma biasa
Carita kalinci jeung kuya kalebet kana dongeng
Parabel
Fabel
Legenda
Mitos
Pikaseurieun
Minangka carita dongeng teh ngandung unsur...
Palaku, galur carita jeung gaya basa
Palaku, gaya basa jeung suasana
Palaku, galur jeung latar
Galur carita jeung suasana
Latar carita jeung gaya basa
Ieu dihandap teh bagian tina dongéng “Paménta Tilu Rupa" anu pamohalan nyaeta…
Tukang angon miceun manah ka leuweung
Aya jalma pinuh ku ceuli
Tukang angon ujug-ujug sadar kana takdirna
Tukang angon gilaeun ku awakna nu pinuh ku ceuli
Tukang angon ka sarean di leuweung
Nu netelakeun kasang tukang tempat jeung waktu lumangsungna carita dina dongeng disebut ....
Tema
Palaku
Galur
Amanat
Latar
Anu jadi jejer utama atawa topik utama dina dongeng disebut...
amanat
latar
tema
palaku
galur
Ieu di handap unsur-unsur pamohalan dina dongeng, iwal....
Jalma bisa komunikasi jeung makhluk goib
Sasatoan bisa ngomong
Parau bisa robah jadi gunung
Manusa bisa ngapung
Nu benghar sok nyiksa nu sangsara
Ceuk Elin Sjamsuri dina buku Dongeng aki Guru, sarat sukses ngadongeng teh diantarana…
Kudu apal kana lalakon
Kudu ngabogaan teknik vokal anu hade
Kudu boga babaturan anu loba
Kudu apal suasana dongeng
Kudu make ekspresi anu merenah
Tuliskeun jeung jelaskeun ciri-ciri anu aya dina dongeng!
Tuliskeun hiji teks biantara anu temana ngenaan kagiatan anu aya di sakola!
