NEW
Font size
WorksheetsSoal PSAS Kelas XII
Total questions: 25
Worksheet time: 25mins
Tina gambar di handap, sebutkeun ngaran modél iketna sacara sistematis/ berurutan...
Barangbang semplak, Mahkota wangsa jeung Julang ngapak
Julang Ngapak, Mahkota wangsa jeung Kampung adat dukuh
Barangbang semplak, Parékos jéngkol jeung Candra Sumirat
Julang Ngapak, Mahkota Wangsa jeung Candra Sumirat
Parékos Nangka, Mahkota wangsa jeung Kampung adat dukuh
Karangan anu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji hal kalawan gemet disebut karangan ...
Eksposisi
Narasi
Argumentasi
Tesis
Deskripsi
Struktur dina karangan Eksposisi/ pedaran nya éta ...
Bubuka-Eusi-Panutup
Tesis-Argumentasi-Penegasan ulang
Alasan-Isi-Hikmah
Tesis-Eksposisi-Penegasan ulang
Tema, Palaku, Galur, Latar, Amanat
Mana sempalan ieu di handap anu kagolong carita wayang?
Si Kabayan tibarang gék diuk dina korsi panyukuran geus lelengutan waé nundutan.
Waktu prabu Siliwangi jadi raja di tatar Sunda, nya éta Pajajaran Wetan jeung Pajajaran Kulon, anjeunna kagungan istri anu jenenganana Nyi Kentring Manik Mayang Sunda anu nuju bobot.
Baheula Islam asup ka wewengkon Rancakalong, dibawana ku tilu jalma sepuh ti Cirebon, nya éta nu katelah Eyang Purwa, Eyang Singalanto jeung Eyang Bagus Pangeling.
Kacaritakeun di wewengkon Sumedang, aya opat awéwé anu geulisna kawanti-wanti éndah kabina-bina.
Hatur pangapunten Kakang Prabu, gelar nu dicangking ku tuang rai éstuning paparin déwa. Janten teu tiasa diécagkeun kitu baé. Sagala rupina gumantung ka kersa Déwa. Hususna Hyang Otipati Jagatna Batara Guru Raja Triloka.
Seni pawayangan mangrupa réka basa sastra nu dipaké para dalang dina hiji pagelaran. Seni wayang ngawengku genep unsur nyaeta; murwa, nyandra, antawacana, rumpaka, sora, jeung carita. Kekecapan bubuka dalang sabada kakawén, diucapkeun bari dipirig ku gamelan nu hawar-hawar disebutna ...
Murwa
Rumpaka
Nyandra
Carita
Antawacana
Lian ti Dalang jeung Sindén, dina pagelaran wayang aya nu disebut nayaga, hartina nayaga nya éta ...
rombongan wayang
tukang nabeuh gamelan
tukang ngawih
tukang mérésan wayang
tukang nyieun wayang.
Prolog nu dicaritakeun ku dalang sabada murwa, ngagambarkeun kaayaan karajaan, kagagahan eung kaagunngan raja bari dipirig gamelan nu hawar-hawar disebutna …
Murwa
Rumpaka
Nyandra
Carita
Antawacana
Lalakon perang Baratayudha téh nyaritakeun perang antara pihak Pandawa Lima jeung pihak Kurawa. Tokoh pawayangan anu kaasup kana Pandawa lima nya éta …...
Gatotkaca, Arjuna, Bima, Nakula, Sadewa.
Yudistira, Arjuna, Gatotkaca, Nakula, Sadewa.
Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula, Sadewa.
Nakula, Yudistira, Bima, Arjuna, Gatotkaca.
Sadewa, Nakula, Yudistira, Bima, Semar.
Tokoh pandawa dina carita wayang anu katelah pangkasépna nya éta ...
Yudistira
Bima
Arjuna
Nakula
Sadewa
Tokoh antagonis dina carita wayang Ramayana, nya éta ...
Pandawa
Kurawa
Rama
Rahwana
Dorna
Saha ngaran adina Rahwana anu biluk ka Rama?
Jatayu
Rama
Anoman
Wibisana
Indrajit
Arjuna kawin ka Subadra, boga anak ngaranna Abimanyu. Lantaran Bima téh lanceukna Arjuna, jadi Bima ka Abimanyu perenahna ...
Ua
Kapiadi
Suan
Alo
Misan
Arjuna téh anakna Dewi Kunti. Arjuna kawin ka Subadra boga anak ngaranna Abimanyu. Abimanyu kawin ka Dewi Utari boga anak nu ngaranna Parikesit. Parikesit ka Dewi Kunti perenahna ...
Janggawareng
Incu
Nini
Bao
Uyut
Arjuna téh anakna Dewi Kunti. Arjuna kawin ka Subadra boga anak ngaranna Abimanyu. Abimanyu kawin ka Dewi Utari boga anak nu ngaranna Parikesit. Parikesit ka Subadra perenahna ...
Janggawareng
Incu
Nini
Bao
Uyut
Arjuna boga anak ngaranna Abimanyu. Bima boga anak ngaranna Gatotkaca. Lantaran Bima téh lanceukna Arjuna, jadi Gatotkaca ka Abimanyu perenahna ...
Ua
Kapilanceuk
Suan
Alo
Misan
Tokoh pandawa anu katelah pangkuatna sarta boga ngaran leutik Séna, nya éta ...
Yudistira
Bima
Arjuna
Nakula
Sadewa
Maha Resi Dorna tara towong unggal poé ngawuruk Pandawa. Tara towong sarua hartina jeung ...
Tara kabeneran
Tara nyampak
Tara kaliwat
Tara capé
Tara kapiheulaan
Ieu di handap bébédaan carita wayang versi urang jeung India, iwal ...
Di urang mah aya tokoh punakawan, ari di India mah henteu aya
Di India mah henteu aya tokoh Dorna, ayana di urang wungkul
Gatotkaca mangrupa tokoh penting di urang mah, di India mah teu pati penting
Di India mah Srikandi téh lain awéwé, di urang mah Srikandi téh awéwé geulis malah jadi pamajikan kadua Arjuna
Drupadi téh di India mah pamajikan ti pandawa lima, ari di urang mah ngan ukur jadi pamajikan Yudistira
Mana sempalan ieu di handap anu asalna tina babon Ramayana?
Yudistira éléh maén dadu di karaton Astina, nepi ka kudu masrahkeun karajaan ka kurawa.
Gatotkaca jadi tumbal panah Dipati Karna nalika perang di Kurusétra.
Kumbakarna gugur lain keur ngabélaan kalakuan lanceukna, tapi demi lemah cai anu dipikacintana.
Dewi kunti kacida sedihna nalika nyaho yén Karna kudu aduhareupan jeung Arjuna di medan perang.
Bisma milih mélaan Kurawa minangka tanda satia kana jangjina sanajan haténa hayang ngabélaan Yudistira.
Waktu perang, Rama dibantuan ku Sugriwa, Anoman jeung Subali. Tiluanana ogé wanara nu asalna ti karajaan ...
India
Ayodya
Aléngka
Kiskénda
Astinapura
Gagang wayang anu sok ditancebkeun kana gebog atau dicekel ku dalang, disebut ...
Campala
Campurit
Uding
Janturan
Bagedor
Saha anu nulungan Dewi Sinta nalika diiwat ku Rahwana di leuweung Dandaka?
Jatayu
Anoman
Rama
Laksamana
Aki-aki
Rama geus teu kabendung deui amarahna ka Rahwana. Katambah Rahwana nu keukeuh embung mulangkeun Sinta. Antukna perang jadi jalan hiji-hijina, dina éta perang téh Rama dibantuan ku Senopati ahli perang ti bangsa Wanara anu ngaranna ...
Kiskenda
Subadra
Anoman
Sugriwa
Indrajit
Tatakrama Basa nu teu merenah tur salah dina kalimah di handap ieu nya éta ...
Naha geuning kadieu téh henteu sareng tuang rai?
Tadi abdi patepang sareng tuang rama di parapatan.
Kaleresan pun raka mah teu aya, nuju angkat ka Cikajang.
Abdi dongkap ka dieu téh disarengan ku pun adi.
Numawi pun biang mah nuju ngalongok pun adi di pasantrén.
Gawéna ngan ... baé ka sémah téh kawasna baé asa-asa kawantu geus kolot.
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ...
Neuteup
Mencrong
Nelek-nelek
Noong
Nempo
