WorksheetsBAHASA SUNDA KLS 7
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Name
Class
Date
1.
Pék baca dongéng di handap pikeun ngajawab pananya no. 1–5!
Di jaman baheula aya hiji karaton di nagara reungit, anu diratuan ku reungit bikang. Éta nagara téh pohara beungharna. Tentarana garagah, kitu deui patihna anu satia. Sang ratu kacida gindingna, papakéanana harurung hérang, ditambah maké geulang jeung suweng emas (perhiasan anting-anting jeung giwang emas), mani wibawa pisan pokona mah sang ratu téh.
Dina hiji peuting keur jemplang-jempling, aya hiji sosok jelema nu asup ka éta karaton reungit, kabeneran tentara anu jagana téh keur tibra sararé, atuh jongjon éta jelema téh asup ka kamar ratu. Kabeneran ratu ogé keur tibra naker deuih.
Karayap éta jelema ngadeukeutan sang ratu reungit, tuluy suweng emas nu dipaké ku ratu reungit dicopot, tapi kakarak gé dicopot sabeulah ratu reungit éta kaburu hudang mantén, tuluy gogorowokan. “Tulung … tulung … tulung…!”
Éta jelema langsung kabur kaluar bari mamawa suweng sabeulah. Tentara anu jaragana langsung ngarudag, tapi éta jalma angger teu kaudag.
Isukna, sang ratu maréntah ka tentara jeung rahayatna. “Sakabéh bangsa reungit kudu naréangan suweng anu dipaling téa, tempoan kabéh dina unggal ceuli jelema!” ceuk ratu reungit téh.
Ti harita, sakabéh reungit naréangan éta suweng. Nepi ka kiwari, reungit-reungit téh masih kenéh naréangan éta suweng nu sabeulahna. Nempoan kana unggal ceuli jelema-jelema bari disada “Suengngng! Suengng! Suengng!” cenah.
1. Anu lain unsur pamohalan dina éta dongéng nyaéta …
a)
a. jelema bisa asup ka nagara reungit
b)
b. reungit bisa nyarita
c)
c. suweng nu dipaké ku reungit bisa dipaké ku jelema
d)
d. reungit dipingpin ku ratu
2.
2. Iraha jeung di mana latar anu ngadadasaran éta dongéng téh?
a)
a. beurang di karaton reungit
b)
b. peuting di karaton reungit
c)
c. beurang di kamar jelema
d)
d. peuting di kamar jelama
3.
3. Pesen ti pangarang anu hayang ditepikeun dina éta dongéng nyaéta ….
a)
a. karaton reungit kudu diduruk
b)
b. unggal peuting kudu nyeuneut obat nyamuk
c)
c. teu meunang barang cokot anu lain hakna
d)
d. jadi pamingpin kudu nitah rahayatna
4.
4. Palaku-palaku dina éta dongéng nyaéta ….
a)
a. tentara jeung jelema
b)
b. reungit jeung jelema
c)
c. ratu jeung jelama
d)
d. suweng jeung jelema
5.
5. Dina dongéng di luhur, aya kalimah anu ngagunakeun kecap panyambung satata, salah sahijina nyaéta …
a)
a. Di jaman baheula aya hiji karaton di nagara reungit, anu diratuan ku reungit awéwé.
b)
b. Éta jelema langsung kabur kaluar bari mamawa suweng sabeulah.
c)
c. Tentara anu jaragana langsung ngarudag, tapi éta jalma angger teu kaudag.
d)
d. Sakabéh bangsa reungit kudu naréangan suweng anu dipaling téa, tempoan kabéh dina unggal ceuli jelema!
6.
6. Iklan anu tujuanana pikeun umajak ka masarakat sangkan milampah perkara nu hadé sarta ngajauhan perkara-perkara goréng nyaéta iklan …
a)
a. komérsial
b)
b. barang jeung jasa
c)
c. lowongan gawé
d)
d. layanan masarakat
7.
7. Salah sahiji ciri tina iklan layanan masarakat nyaéta …
a)
a. néangan kauntungan
b)
b. promosi produk
c)
c. mitrana organisasi sosial
d)
d. sasaranana heureut
8.
8. Salah sahiji ciri tina iklan layanan masarakat nyaéta …
a)
a. néangan kauntungan
b)
b. mitrana organisasi sosial
c)
c. promosi produk
d)
d. sasaranana heureut
9.
9. Kalimah di handap anu bisa dijadikeun pikeun iklan layanan masarakat nyaéta …
a)
a. Ulah aya cai ngeuyeumbeung, bisi jadi sayang reungit!
b)
b. Peuyeum ti Bandung, pasti pulen!
c)
c. Balanja di Toko Bahar, barangna lengkep pisan!
d)
d. Ulah meuli motor séken, bisi kaduhung!
10.
10. Kalimah paréntah di handap anu nuduhkeun pangjurung nyaéta …
a)
a. Ulah waka indit, rék dipoto babarengan heula!
b)
b. Pangmareumankeun cai, sigana mah geus mudal!
c)
c. Hayu urang beresihan kelasna, kapan rék dipeunteun!
d)
d. Geura solat, bisi kaburu beak waktuna!
11.
11. Kalimah di handap anu bisa dijadikeun pikeun iklan layanan masarakat nyaéta …
a)
a. Ulah aya cai ngeuyeumbeung, bisi jadi sayang reungit!
b)
b. Peuyeum ti Bandung, pasti pulen!
c)
c. Balanja di Toko Bahar, barangna lengkep pisan!
d)
d. Ulah meuli motor séken, bisi kaduhung!
12.
Pék titénan sajak di handap pikeun ngajawab pananya nomer 12 jeung 13!
Priangan
Karya Rahmat M. Sas Karana
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
12. Éta sajak téh nyaritakeun ngeunaan ….
a)
a. mojang geulis
b)
b. mojang nu kulitna hideung santen
c)
c. waktu-waktu di tatar Sunda
d)
d. kaéndahan alam tatar Sunda
13.
13. Padalisan kahiji jeung kadua éta sajak téh nuduhkeun purwakanti ….
a)
a. rantayan
b)
b. runtuyan
c)
c. gabungan
d)
d. runtutan
14.
14. Pék titénan kalimah-kalimah di handap!
(1) Upacara bandéra poé ieu bolay dilaksanakeun lantaran hujan.
(2) Kuring moal milu ka Garut, tapi kuring bakal milu ka Cianjur.
(3) Ilham dititah milih pasanggiri biantara atawa kawih.
(4) Saméméh ngeusian pananya ujian, urang kudu ngadunga heula.
(5) Pa Iwan ngajar basa Sunda ku cara méré conto makéna basa Sunda.
(6) Ngadongéng jeung maca dongéng téh dua hal anu béda.
Kalimah di luhur anu ngagunakeun kecap panyambung sélér sumélér nyaéta ….
a)
a. (1), (3), jeung (5)
b)
b. (1), (4), jeung (5)
c)
c. (2), (3), jeung (6)
d)
d. (2), (4), jeung (6)
15.
15. Pék titénan kalimah di handap!
"Ayu dititah biantara pikeun ngawakilan sakolana dina acara Bandung Masagi."
Kalimah di luhur téh ngagunakeun kecap panyambung sélér sumélér anu nuduhkeun ….
a)
a. babandingan
b)
b. pangécés
c)
c. pertélaan
d)
d. guna
16.
16. Aksara Sunda Kuna dipaké di tatar Sunda ti abad ka … nepi ka abad ka …
a)
a. 14–18
b)
b. 17–19
c)
c. 17–20
d)
d. 19–20
17.
17. Rarangkén panyuku téh fungsina pikeun …
a)
a. Ngarobah sora aksara dasar /a/ jadi /i/
b)
b. Ngarobah sora aksara dasar /a/ jadi /u/
c)
c. Nambahan sora /l/ di tengah aksara dasar
d)
d. Nambahan sora /r/ di tengah aksara dasar
18.
18. Rarangkén anu fungsina pikeun nambahan sora /y/ di tengah aksara dasar nyaéta ….
a)
a. panglayar
b)
b. pamingkal
c)
c. panyecek
d)
d. pangwisad
19.
19. Kakawihan nu teu ngabarung kaulinan di antarana nyaéta ….
a)
a. Cingciripit, tokécang, jeung pérépét jéngkol
b)
b. Tokécang jeung cingcangkeling
c)
c. Cingcangkeling jeung pérépét jéngkol
d)
d. Pérépét jéngkol jeung cingciripit
20.
20. Di handap mangrupa bébédaan kawih jeung kakawihan nu bener, iwal …
a)
a. Kawih mah kapanggih nu ngarangna, kakawihan mah henteu
b)
b. Kawih mah dihaleuangkeun ku kolot, kakawihan mah ku barudak
c)
c. Kawih mah bisa dinyanyikeun iraha baé, kakawihan mah teu bisa iraha baé
d)
d. Kawih mah dikarangna bisa ku jalma kiwari, kakawihan mah titinggal karuhun
21.
21. Naha kakawihan sok ngagunakeun basa lemes?
a)
a. Lantaran basa loma mah sok dipaké dina jampé
b)
b. Lantaran basa lemes mah cocog pikeun ngatik barudak
c)
c. Lantaran basa lemes téh cicirén urang Sunda
d)
d. Lantaran basa lemes mah alus keur nu ngasuhna
22.
22. Tengetan sempalan kakawihan di handap!
Loba anu giruk
Ruket jeung kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagoréngan
Cik naon judul tina sempalan kakawihan di luhur?
a)
a. Jaleuleuja
b)
b. Tokécang
c)
c. Cingciripit
d)
d. Ayang-ayang gung
23.
23. Kecap masigit dina rumpaka kakawihan tokécang hartina nyaéta …
a)
a. Masjid badag tengah kota
b)
b. Masjid badag tengah lembur
c)
c. Masjid leutik di lembur
d)
d. Masjid leutik di pasar
24.
24. Di handap mangrupa karya-karya sastra nu bisa dibaca ngagunakeun téhnik maca éndah …
a)
a. Novél, carpon, jeung pupujian
b)
b. Pupujian, carpon, jeung sajak
c)
c. Sajak, pupujian, jeung guguritan
d)
d. Guguritan, sajak, jeung fiksi mini
25.
25. Tempat-tempat nu lumrah dipaké pikeun nyebarkeun sarupaning pupujian di antarana ….
a)
a. Masjid, madrasah, jeung pasar
b)
b. Masjid, pasantrén, jeung madrasah
c)
c. Madrasah, sakola, jeung kantor dinas
d)
d. Kantor dinas, masjid, jeung pasar
100 %
