NEW
Font size
WorksheetsPSAS BASA SUNDA KELAS VIII SMS 1 2024-2025
Total questions: 50
Worksheet time: 2hrs 40mins
Rumpaka kawih "Tanah Sunda" téh eusina mangrupa ébréhan rasa cinta ka . . .
Lemah cai
Kabogoh
Indung bapa
Kaendahan alam
NU ngumbara suka betah di Tatar sunda, lantaran . . .
Urang sunda balageur
Tanahna lega
Tanahna subur
Pendudukna loba
Lagu "Mojang Priangan" téh eusina nyaritakeun . . .
Kaéndahan alam
Nyaah ka sasama
Nyaah ka lemah cai
Pasipatan jalma
Lagu "Mojang priangan" téh ngagambarkeun mojang anu . . .
Daékan
Soméah
Judes
Centil
Peuyeum bandung téh mangrupa kadaharan . . .
Oléh-oléh ti bandung
Nu ngan aya di Bandung
Kabeuki urang Bandung
Anu ngan dijual di Bandung
Peuyeum Bandung dijieunna tina . . .
Ketan
Cau
Sampeu
Béas
Warta téh nya éta katerangan atawa béja anu ditepikeun ka . . .
Balaréa
Pribadi
Kelompok
Kulawarga
Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nya éta kajadian . . .
Anu dianggap penting pikeun urang
Anu dianggap penting pikeun kulawarga urang
Anu dianggap penting pikeun pamingpin
Anu dianggap penting pikeun balaréa
Upama urang hayang nyaho poko-poko warta, baca baé . . .
Bagian puhu wartana
Bagian kateranganana
Bagian eusi wartana
Judulna
Dina warta aya unsur-unsur anu disebut . . .
W + H
5W + 1H
5H + 1W
5WH + 5H
Warta teu meunang nuduh salah ka hiji jalma, lamun . . .
Geus kabuktian kasalahanana sacara hukum
Tacan kabuktian kasalahanana sacara hukum
Tacan kabuktian kasalahanana ceuk balaréa
Tacan kabuktian kasalahanana ceuk wartawan
Eusi warta téh kudu nétral, maksudna . . .
Teu meunang mihak ka pamingpin
Teu meunang mihak ka balaréa
Teu meunang mihak ka salasahiji pihak
Teu meunang mihak ka nu boga médiana
Adegan kalimah mah gumantung kana . . .
Jejerna
Caritaanana
Pangrandapnab
Kateranganana
Anu disebut kalimah barang mah caritaanana mangrupa . . .
Kecap barang
Kecap pagawéan
Kecap sipat
Kecap bango
Anu kaasup kalimah barang nya éta . . .
Wawan meuli buku basa sunda.
Wawan resep kana buku basa sunda.
Wawan boga buku basa sunda.
Wawan maca buku basa sunda
Anu kaasup kalimah pagawéan nya éta . . .
Murid kelas VIII aya 40 urang.
Murid kelas VIII keur dialajar.
Murid kelas VIII mah balageur
Murid kelas VIII garetol maca.
Anu kaasup kalimah sipat nya éta . . .
Ujang mah turunan béréhan.
Ujang méré duit ka nyai.
Ujang anak pa haji nu béréhan
Ujang téh haji anu béréhan téa
Piuntungeun dagang téh aya kana sapuluh rébuna.
Kalimah di luhur téh kaasup kana . . .
Kalimah barang
Kalimah pagawéan
Kalimah sipat
Kalimah bilangan
Kang iyan keur meuli kaos ka Pasar Suci Bandung.
Kalimah di luhur teh kaasup kana . . .
kalimah barang
kalimah pagawéan
kalimah sipat
kalimah bilangan
Pa Déddy téh béntang pilem anu kasohor.
Kalimah di luhur téh kaasup kana . . .
kalimah barang
kalimah pagawéan
kalimah sipat
kalimah bilangan
Tarajé geus ditanggeuhkeun, kari naék.
kalimah di luhur téh kaasup kana . . .
kalimah barang
kalimah pagawéan
kalimah sipat
kalimah bilangan
Anu henteu kaasup sisindiran nya éta . . .
paparikan
rarakitan
pupujian
wawangsalan
Sisindiran kecap asalna . . .
sindiran
sindir
sisindir
nyindir
Dina kecap sindir ngandung harti . . .
malibir
brukbrak
togmol
kemba
Ari rarakitan kecap asalna . . .
rarakitan
sarakit
rarakit
rakit
Nilik kana wangunna paparikan téh teu béda jeung . . .
Rarakitan
Pupujian
Wawangsalan
Papantunan
Wawangsalan mah sapadana diwangun ku . . .
Opat padalisan
Tilu padalisan
Dua padalisan
Sapadalisan
Abdi mah kapiring leutik.
anu dimaksud piring leutik di dinya nya éta . . .
Mangkok
Pisin
Tatakan
Piring séng
Kendang gedé pakauman,
dag-dig-dug rasa ning ati.
Rumpaka di luhur téh mangrupa . . .
Paparikan
Pupujian
Rarakitan
Wawangsalan
Upama nilik kana wangunna, guguritan téh kaasup kana...
Puisi
Porsa
Éséy
Drama
Pupuh durma dina sapadana diwangun ku...
5 Padalisan
6 Padalisan
7 Padalisan
8 Padalisan
Pupuh mijil diwangun ku...
7 Padalisan
8 Padalisan
5 Padalisan
6 Padalisan
Naon anu dimaksud kecap rajékan dwipurwa?
Kecap anu diulang sakabéhna
Kecap anu ditambahan rarangkén
Kecap anu diulang dua huruf awalna
Kecap anu disusun tina dua kecap
Pilih kecap anu kaasup kecap rajékan dwipurwa!
Lalumpat
Babaturan
Lumpat-lumpat
Lumpatan
Kecap rajékan dwipurwa tina kecap angkat nya éta...
Angkatan
Aangkat
Aangakat
Angkat-angkat
Di handap ieu kecap anu teu kaasup kecap rajékan dwipurwa nya éta...
Kakaca
Sasapu
Lalari
Ngumbara
Kecap sababaraha kaasup kana kecap rajékan...
Dwimadya
Dwipurwa
Trilingga
Dwimurni
Kecap rajékan dwilingga kabagi kana..........bagian
2
3
4
5
Kecap rajékan dwimurni jeung dwiréka kaasup kana bagian kecap rajékan...
Trilingga
Dwilingga
Dwimadya
Dwipurwa
Kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah sorana nya éta...
Kecap rajékan trilingga
Kecap rajékan dwiréka
Kecap rajékan dwimurni
kecap rajékan dwipurwa
Kecap hah-héh-hoh kaasup kana kecap rajékan...
Dwiréka
Dwimadya
Trilingga
Dwipurwa
Kecap bura-béré kaasup kana conto kecap rajékan...
Dwipurwa
Trilingga
Dwimadya
Dwiréka
Kecap teuteunggeul kaasup kana kecap rajékan...
Dwipurwa
Dwimadya
Trilingga
Dwilingga
Nu kaasup kana conto kecap rajékan dwiréka nya éta...
Bura-béré
Blag-blig-blug
Hiji-hiji
Kokolot
Kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali engang mimiti wangun dasarna nya éta...
Dwimadya
Dwipurwa
Dwilingga
Trilingga
Kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna sagemblengna nya éta...
Dwilingga
Dwimadya
Dwipurwa
Dwiréka
Nu kaasup kana conto kecap rajékan dwimurni nya éta ...
Aki-aki
Umat-imut
Jul-jol
Dag-dig-dug
Kecap rajékan dwipurwa tina kecap pandang nya éta...
Pandang-pandang
Papandangan
Papandang
Papandang
Kecap rajékan dwilingga nya éta kecap anu diwangun ku cara...
Nambahan rarangkén dina kecap asal
Ngulang kecap asal sakabéhna
Ngulang dua huruf kahiji kecap asal
Ngalengkepan kecap asal ku kecap séjén
Kecap rajékan dwilingga tina kecap sapu nya éta...
Sasapuan
Sasapu
Sapu-sapu
Sapuan
