Font size
WorksheetsLatihan Bahasa Sunda
Total questions: 46
Worksheet time: 3600secs
Radén Déwi Sartika
Radén Déwi Sartika nyaéta pahlawan nasional ti Jawa Barat anu miboga carita anu narik perhatian sareng penting pikeun dicaritakeun. Manéhna lahir dina tanggal 4 Désémber 1884 di Cicalengka, Bandung. Salaku tokoh pioneering, Radén Déwi Sartika fokus kana pendidikan pikeun awéwé di hiji jaman anu kénéh kurang perhatian kana hak-hak pendidikan pikeun kaum istri.
Radén Déwi Sartika pupus dina 11 séptémber 1947 di Cineam sarta dimakamkeun di Astana Anyar, Bandung. Warisanana tetep hirup sareng janten inspirasi pikeun generasi saterusna, ngabuktikeun yén pendidikan pikeun awéwé téh penting pikeun kamajuan bangsa.
Tempat tanggal lahir Radén Déwi Sartika nyaéta...
Cicalengka, 4 Desember 1884
Cicalengka, 4 Desember 1984
Cicalengka, 4 Desember 1904
Cicalengka, 4 Desember 1929
Radén Déwi Sartika
Radén Déwi Sartika nyaéta pahlawan nasional ti Jawa Barat anu miboga carita anu narik perhatian sareng penting pikeun dicaritakeun. Manéhna lahir dina tanggal 4 Désémber 1884 di Cicalengka, Bandung. Salaku tokoh pioneering, Radén Déwi Sartika fokus kana pendidikan pikeun awéwé di hiji jaman anu kénéh kurang perhatian kana hak-hak pendidikan pikeun kaum istri.
Radén Déwi Sartika pupus dina 11 séptémber 1947 di Cineam sarta dimakamkeun di Astana Anyar, Bandung. Warisanana tetep hirup sareng janten inspirasi pikeun generasi saterusna, ngabuktikeun yén pendidikan pikeun awéwé téh penting pikeun kamajuan bangsa.
Anu jadi sabab Radén Déwi Sartika mikiran ngadidik para istri nyaéta...
Mikiran ngadidik para istri sabab miboga carita anu menarik sareng penting pikeun dicaritakeun.
Mikiran ngadidik para istri sabab ningali kaayaan para istri dina jaman harita anu masih kawates hak-hakna.
Mikiran ngadidik para istri sabab ambeh ngajantenkeun manéhna simbol pikeun perjuangan hak-hak pendidikan di indonesia.
Mikiran ngadidik para istri sabab ngabuktikeun yén pendidikan pikeun awéwé téh penting pikeun kamajuan bangsa.
Pangaruh perjuangan Radén Déwi Sartika pikeun awéwé jaman kiwari nyaéta...
Nyieun komitmen kulawarga ka pendidikan pikeun jadi inspirasi
Ngangkat status sosial awéwé yén awéwé ge ngabogaan hak sarua
Anjeunna diakuan salaku pahlawan nasional pikeun perjuanganna
Pendidikan anu kénéh kurang perhatian kana hak pikeun awéwé
Titénan ieu wawaran di handap!
(1) Ngaran, padamukan, titimangsa lahir
(2) Ngaran sobat jeung musuh hirup
(3) Inpormasi kulawarga
(4) Lobana pakaya
(5) Riwayat atikan
(6) Pangajén
Niténan éta wawaran, nu kaasup unsur riwayat hirup nyaéta...
(1), (2), (3), (4)
(1), (2),(5), (6),
(1), (3), (4), (6)
(1), (3), (5), (6)
Perjoangan Pangeran Diponegoro jeung Cut Nyak Dhien loba sasaruaanana. Salah sahiji sasaruan anu pang onjoyna nyaéta...
Duanana mingpin perang gerilya
Duanana asalna ti kulawarga karajaan
Duanana maot di medan perang
Duanana ngagunakeun taktik perang sarua
Déwi putrana Bu Nani. Bu Nani kagungan ibu, namina Bu Mimin. Numutkeun hubungan pancakaki, sebutan Déwi ka Bu Mimin nyaéta...
Ema
Nini
Bibi
Ua
Sebutan pikeun anak lanceuk téh nyaéta...
Alo
Suan
Incu
Bao
Babasan bodo aléwoh miboga harti...
Kedul, hésé dititahna
Geus béak tarékah
Bodo tapi daek tatanya
Beuki barang dahar
Yuga mah..., isuk-isuk kénéh kudu geus dahar deui. Babasan nu merenah pikeun ngaleungkeupan éta kalimah nyaéta...
Hampang birit
Ipis biwir
Lésang kuras
Peujit koréseun
Oto teu gedag bulu salambar. Éta kalimah méré gambaran yén Oto téh jelema nu...
Wanian
Sieunan
Borangan
Ambekan
Bi Imah mah teu bisa nyimpen artos, sababaraha wae pasti tara nyésa. Babasan anu luyu pikeun éta kalimah nyaéta...
Amis budi
Lésang kuras
Peujit koreseun
Hampang birit
Kalimah "Hayu meuli buku ka toko" leuwih merenah pikeun ngobrol ka...
Babaturan
Saluhureun
Sahandapeun
Kolot
Basa poé minggu ayu réni jeung bapana arulin ka jakarta. Benerkeun ku hidep éta kalimah kalawan maké éjahan anu bener!
Basa poé minggu Ayu Réni, jeung bapana arulin ka Jakarta.
Basa poé minggu Ayu, Réni, jeung bapana arulin ka Jakarta.
Basa poé minggu Ayu réni, jeung bapana arulin ka jakarta.
Basa poé minggu Ayu Réni, jeung bapana arulin ka jakarta.
Hurup dina aksara Sunda anu ngagambarkeun sora"a" nyaéta...
ᮃ
ᮄ
ᮅ
ᮈ
Arti dari aksara Sunda "ᮊ " adalah
Ka
Ki
Ku
Ko
Anu kaasup kana aksara sunda ngalagena nyaéta...
<a>, <ja>, <la>
<ga>, <nga>, <ca>
<da>, <i>, <za>
<ta>, <ya>, <eu>
Baca teks ieu. Aksara sunda dina jajaran kahiji téks di luhur dibacana...
Wasta abdi Arip
Wasit bola
Bapa abdi Arip
kakana Arip
Niténan bacaan di luhur, cita-cita éta budak téh nyaéta hayang jadi...
Polisi
Guru
ABRI
Pilot
Aksara sunda anu nyaritakeun yén karesep éta budak téh maén bola aya dina baris...
Kaopat
Katilu
Kadua
Kahiji
Wangun aksara Sunda ᮎᮜᮔ dibacana...
Gayana
Pananya
Calana
Carana
Aksara swara (vokal) basa Sunda jumlahna aya...
Lima
Genep
tujuh
delapan
Baca téks argumentasi dihandap ieu
Murangkalih ngagunakeun gadget kedah diwatesan. Paparan layar anu kaleuleuwihan tiasa ngaganggu kamekaran otak budak, nyababkeun masalah kaséhatan awak, sareng ngirangan waktos pikeun kagiatan sosial. Ku kituna, kolot kedah ngatur waktos penggunaan gadget budakna.
Kalemahan utama teks argumentasi di luhur nyaéta...
Henteu nyayogikeun data kuantitatif ngagunakeun gadget
Pokus teuing kana hiji aspek positif tina ngagunakeun gadget
Henteu nyebutkeun kauntungan positif tina ngagunakeun gadget
Pokus nyaritakeun sisi kauntungan ngagunakeun gadget
Baca téks argumentasi dihandap ieu
Murangkalih ngagunakeun gadget kedah diwatesan. Paparan layar anu kaleuleuwihan tiasa ngaganggu kamekaran otak budak, nyababkeun masalah kaséhatan awak, sareng ngirangan waktos pikeun kagiatan sosial. Ku kituna, kolot kedah ngatur waktos penggunaan gadget budakna.
Aleusan murangkalih kedah diwatesan dina ngagunakeun gadget, iwal...
Ngaganggu kamekaran otak
Nyababkeun masalah kasehatan awak
Ngirangan waktos kagiatan sosial
Nambihan waktos kagiatan sosial
Baca téks argumentasi dihandap ieu
Murangkalih ngagunakeun gadget kedah diwatesan. Paparan layar anu kaleuleuwihan tiasa ngaganggu kamekaran otak budak, nyababkeun masalah kaséhatan awak, sareng ngirangan waktos pikeun kagiatan sosial. Ku kituna, kolot kedah ngatur waktos penggunaan gadget budakna.
Pesen utama tina éta téks argumentasi nyaeta...
Kolot kedah ngatur waktos budakna dina ngagunakeun gadget
Layar gadget kaleuleuwihan tiasa ngaganggu kamekaran otak
Paparan layar anu kaleuleuwihan nyababkeun masalah kaséhatan
Ngagunakeun gadget kaleuleuwihan matak ngirangan kagiatan sosial
Baca téks biografi ieu kalayan taliti
Pak Édi téh ahli sajarah, malah bisa ngahontal guru besar di Fakultas Sastra UNPAD. Karyana kacida réana, boh nu ditulis dina basa Indonesia boh dina basa Sunda. Kaahlian Pak Édi dina widang sajarah dihargaan deuih di Walanda jeung di Jepang. Diantara karya tulisna aya anu diterjemahkeun kana basa asing.
Pak Édi pituin urang Kuningan, persisna mah ti Jatinunggal, Karangtawang. Dilahirkeunna 25 Maret 1945, di lingkungan kulawarga patani. (Dicutat tina Buku Mida Dami kelas 6 kaca 34).
Tokoh anu dicaritakeun dina téks nyaéta...
(a)

Kaahlian nu dipimilik ku tokoh nu dicaritakeun dina éta téks nyaéta ngadamel karya tulis widang...
(a)
Ragam basa hormat anu bener pikeun ngeusian kotak anu masih kosong dina éta tabél nyaéta...
(a)
Néni mah..., teu kaop diheureuyan, babarian ceurik. Babasan anu merenah pikeun ngalengkepan éta kalimah nyaéta...
(a)
Bapa : "Ujang, isuk urang indit ka pangaosan nya."
Kalimah di luhur kaasup kana kalimah...
(a)
Titénan kawih di handap!
Teu honcéwang, sumoréang,
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur,pantang mulang,
Mun maksud tacan laksana.
(dicutat tina buku pangrumat basa kelas 6, hal.9)
Amanat anu rék ditepikeun tina rumpaka éta kawih nyaéta kudu...
(a)
Baca téks ieu kalayan tengeut!
Aya hiji juru da'wah istri urang Ciamis. Da'wahna kasohor dina acara da'wah televisi. Anjeuna boga ciri has tandes tapi hégar sareng basa nu digunakeunna ogé babari kahartos ku balaréa. Jenengan juru da'wah nu dipimaksud dina éta téks nyaéta...
(a)
Budak sombong tur sok ngaréméhkeun batur disebut...
(a)
Susunan kalimah anu bener nyaéta...
(a)
Aksara Sunda ᮞᮌᮜ dibacana...
(a)
Wangun aksara <ka> mirip jeung angka...dina aksara Latén, ngan pédah aya dua.
(a)
Toser, aya dina olahrga!
(a)
Titénan gambar di handap!
Adegan silat nu dipintonkeun dina éta gambar nyaéta...
(a)
Jieun aksara Latén "jajaka" jadi aksara Sunda nu bener nyaéta...
(a)
Tengeutan kalimah-kalimah nu aya dina ieu tabél!
Runtuyan kalimah nu bener sangkan jadi hiji paragraf weteh nyaéta...
(a)
Robah kalimah di handap kalayan ngagunakeun basa lemes anu merenah!
a) Kuring indit ka sakola
b) Imah kuring mah nu cétna bulao
c) Pa guru teu can datang ka kelas
Tuliskeun naon baé anu kudu disiapkeun saméméh ngawawancara!
Titénan gambar di samping!
Cik hidep jieun biografi singget éta pahlawan!
Titénan téks di handap!
Radén Oto iskandar Dinata dibabarkeun di Bandung, 31 Maret 1897. Ari pupusna di Tangerang dina sasih Désémber 1945. Raden Oto hirup di lingkungan kulawarga priyayi anu boga jiwa ngarayat.
Tulis ku hidep tanggapan tina éta eusi paragrap kalawan ringkes tur jentré!
Titénan aksara Sunda di handap!
Salin ku hidep kana aksara Latén!
Tuliskeun kecap di handap ieu kalayan ditambahan rarangkén ka - an, tuluy jieun kalimahna!
dahar :_______________
maju :_______________
Jieun sajarah biografi ngeunaan diri hidep sorangan. Kalebet inpormasi dasar sapertos nami, umur, tempat lahir, sareng kulawarga. Naon nu ngajadikeun hidep beda ti nu sejen?