NEW
Font size
WorksheetsUS Basa Sunda Kelas 6 SDN 1 Gobras
Total questions: 50
Worksheet time: 50mins
Ibu kandung Hartina ibu anu...
Ngais urang
Mere susu
Nganter ka sakola
Ngalahirkeun urang
Di handap ieu kecap anu kaasup kecap rajekan dwipurwa nyaeta ...
Mobil-mobilan
Momobilan
Mobil-mobil
Mobilan
Kecap sura-seuri kaasup kana kecap rajekan ...
Dwipurwa
Dwireka
Dwilingga
Dwimadya
Di handap ieu kadaharan anu dijieuna tina sampeu nyaeta ...
bala-bala
dodol
awug
comro
Dodol kawentar ti daerah . . . .
Sumedang
Garut
Bandung
Ciamis
Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun solat
Tina sapada eta rumpaka pupujian diwangun ku....
Opat padalisan
Tilu padalisan
Dua padalisan
Sapadalisan
"Rek iraha indit ka Bandung teh?"
Kalimah diluhur kaasup kana kalimah....
Panyambung
Panyeluk
Wawaran
Pananya
pupuh Durma dina sapadana diwangun ku ....
5 padalisan
6 padalisan
7 padalisan
8 padalisan
Anu teu ka asup ngaran pupuh nyaeta..
Asmarandana
Sinom
Wirangrong
Lembang
Anu kaasup kecap barang nya eta . . .
gawe
korsi
indit
miang
"Bu, abdi . . . atuh bade mios tipayun bilih kasiangan."
Kecap anu merenah pikeun kalimah di luhur nya eta . . . .
permisi
permios
bebeja
wawartos
Bu Wiwin nuju . . . baso.
ngagaleuh
meuli
geuleh
cicing
Nepangkeun . . . abdi pun Rizki.
jenengan
ngaran
nami
wasta
Nyi Endit kawentar ku korétna.
Kecap korét téh sarua hartina jeung kecap...
pedit
bageur
beunghar
jegud
Baca paguneman ieu di handap !
Suci : "Ris, kumaha saratna ngajukeun beasiswa prestasi teh?"
Aris : "Aya tilu sarat."
Suci : "Naon wae, ris?"
Aris : "Saratna, peunteun rapot rata-rata 80, kungsi jadi pinunjul pasanggiri dibuktikeun ku piala atawa sertifikat, jeung diidinan ku kolot, dibuktikeun ku surat idin."
Suci : "Oh,kitu. Aris rek ngajukeun beasiswa?"
Aris : "Nya arek atuh, sugan we di tarima, ari Suci?"
Suci : "Abdi ge arek atuh. Bareng nya, Ris, ngajukeun na."
Aris : "Hayu."
Naon jejer paguneman di luhur teh?
Ngajukeun beasiswa prestasi
Peunteun rapot alus
Ngajukeun sertifikat pasanggiri
Idin miluan pasanggiri
"Assalamualaikum...!"
"Waalaikumsalam...!" Waler bu nani, indung Didi bari gura-giru muka panto hareup.
"Nepangkeun abdi sayyid, Bu! Ieu mah punten Deden. Rerencangan Didi di SMP," Ceuk Sayyid rengkuh pisan. "Oh mhun. Mung hapunten Didi nuju teu aya, nuju di bumi ninina.
Kalimah nu nuduhkeun menta hampura dina cutatan di luhur nyaeta...
"Bu Nani bari gura-giru muka panto hareup"
"Mung hapunten Didi nuju teu aya, nuju di bumi ninina"
"Heunteu atuh, mangga, wae, " waler bu nani.
"Nepangkeun Abdi Umar, bu!"
Dinten Minggu kamari, abdi ameng ka dayeuh sareng pun lanceuk. Téh Tika jenenganana, putra Ema pangageungna, atos kelas dua SMA. Mios ti rorompok tabuh salapan, apan nyeuseuh heula Téh Tikana. Abdi sareng Tétéh mapah heula mapay-mapay jalan alit anu dibeton, raoseun pisan. Teu dugi ka sapuluh menit, anjog ka sisi jalan ageung anu leucir dihotmik. Kandaran tos katawis pasuliwer, motor pangpangna mah. (Diropéa tina Manglé No. 2664)
Eusi téks pangalaman di luhur nyaéta.
Téh Tika lanceuk kuring
leuleumpangan di jalan leucir
jalan-jalan ka dayeuh
pasuliwer kandaraan
Baca cutatan dongéng ieu pikeun ngajawab soal nomer 9 jeung 10!
Usum katiga kawilang panjang, panon poé karasa panas morérét. Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh. Di hiji rungkun, peucang ngiuhan bangun nu horéam lunta. Geus teu werateun jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun. Awakna begang kari kulit jeung tulang. Leumpangna gé geus rarampéolan. Keur uleng mikiran nasibna, teu kanyahoan ti mana jolna, ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung Ieu geuning hakaneun aing téh, ceuk ajag. Awas, peucang, manéh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana ogé moal burung diberik! pokna deui bari angger babaung.
Bacaan di luhur kaasup kana jenis dongéng ....
babad
sasakala
fabel
parabel
Pertélaan anu henteu merenah tina wawaran di luhur nyaeta ....
Harga majalah Sunda Buméla naék lantaran harga bahan-bahan naék.
Harga majalah Sunda Buméla naék tina Rp 12.500,- jadi Rp 15.000,-.
Harga majalah Sunda Buméla naék ti mimiti Méi 2019.
Naékna harga téh sangkan majalah bisa mayeng hirup-huripna.
Diantara kalimah ieu anu bener ngalarapkeun kecap rajékan nyaeta ....
Tong dar-dér-dor deui atuh kéngéng cape-capé nilepan!
Sora petasan ti tungtung lembur mani war-wér-wor matak katorékan.
Jang Muslih gering panas, sapeupeuting hantem wé sasar.
Kari-kari rék dikamanakeun atuh, lain cicing.
Mijil
Sipat jalma adat masing-masing
nu rajin nu getol
nu balabah soméah daréhdéh
wijaksana tulatén gumati
lantip amis budi
ampuh lungguh timpuh
Itung jeung tangtukeun guru wilangan katut guru laguna!
10é, 6o, 10é, 10i, 6i 6u
10i, 6o, 10é, 10i, 6i 6u
10i, 6i, 10é, 10i, 6i 6u
10i, 6o, 10o, 10i, 6i 6u
Ceu Mariam mah amis budi.
Amis budi hartina......
Hade akhlakna
Hade rarayna
Hade awakna
Hade turunanana
Sasangkala Tangkuban Parahu kasohor nyaritakeun kasaktian .....
Malin Kundang
Jaka Tarub
Sangkuriang
Gatot Kaca
Kalimah nu mangrupa bubuka dina biantara, nyaeta .....
Wilujeng enjing, Assallamu'allaikum wr. wb. puji sareng syukur ka Alloh SWT nu parantos masihan kanikmatan di dunya.
Dina raraga mieling Hari Pramuka tanggal 14 Agustus 2017 kamari, diayakeun kagiatan kemping di Bumi Perkemahan Cibubur.
Mudah-mudahan biantara ti abdi tiasa ngaronjatkeun pangaweruh saderek sadaya pikeun kasehatan lingkungan. Hatur nuhun kasadayana, Wassalamu'alaikum wr. wb.
Dina danget ayeuna, urang medar ngeunaan kasehatan lingkungan.
Aya warung sisi jalan rame pisan, Citameng
Awewena luas luwis geulis pisan, ngagoreng
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet, nyanggereng
Potongan pupuh diluhur kaasupna kana pupuh ....
Balakbak
Sinom
Mijil
Asmarandana
Karangan nu nerangkeun hiji kajadian supaya karasa jadi éndah, nambahan elmu pengetahuan atawa jadi kapincut disebut karangan ....
narasi
eksposisi
deskripsi
argumentasi
Jumlah pupuh kabehna aya ....
16
17
18
19
Pupuh nu kaasup sekar ageung nyaeta ....
Mijil
Kinanti
Pungkur
Balakbak
Tokoh ieu asli orang Tasikmalaya. Ngaran tokoh anu aya dina gambar nyaeta ...
Udjo Ngalagena
Asep Sunandar Sunarya
Mang Koko
Ajip Rosisi
Tukang ngala lauk di laut ngaranna ....
kamasan
kuncen
pamayang
bengkong
Kembang kadu disebutna ....
olohok
ringsang
uceng
bosongot
Anak monyet disebutna ....
begog
eneng
menel
utek utek
Anu asup kana istilah dagang nyaeta ....
handphone
internet
mobil
bati
Asalna ti Cina, tapi kiwari mah ... teh geus jadi kadaharan has Sumedang
tahu
tauco
tempe
oncom
Kamar Astri mah aya di loteng. Kecap loteng serepan ti basa ....
Cina
Arab
Walanda
Sansekerta
Angin gunung seselekat dina bilik. Kalimah di luhur ngagunakeun gaya basa ....
raguman
mijalma
rautan
rahulan
Ieu di handap conto-conto unsur pamohalan dina dongeng, iwal...
nu beunghar sok nyiksa nu sangsara
sasatoan bisa ngomong
parahu bisa robah jadi gunung
manusa bisa ngapung
Titenan pupujian di handap ieu!
Tah sora bedug, batur tanda geus magrib
geus nitah eureun ulin ngajak ka masjid
beulah kulon hibar layung ngajak muji ka Nu Agung
Pépéling anu aya dina pupujian di luhur téh nyaeta …
ulah loba teuing ulin
kudu eureun ulin
kudu ibadah ka Nu Agung
ulah sok ulin samemeh magrib
Titenan rumpaka kawih di handap ieu!
TANAH SUNDA
Karya: Mang Koko
Tanah Sunda gemah ripah
nu ngumbara suka betah
urang sunda sawawa
sing towéksa percéka
nyangga dharma anu nyata.
Numutkeun kana rumpaka kawih di luhur, kumaha kaayaan Tanah Sunda téh?
loba nu ngumbara
loba urang Sunda
gemah ripah
suka betah
Waluh téh keur … dina langseng.
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ….
diseupan
disangray
digoréng
digodog
Barudak ngumpul limaan atawa genepan. Tuluy nguntuy bari nyekel taktak babaturanana anu aya hareupeunana. Budak nu panghareupna jadi hulu, ari nu pangtukangna jadi buntut. Geus kitu, leumpang ngénca jeung ngatuhu bari luar-léor bari babarengan ngawih
Kaulinan nu dicaritakeun di luhur nyaeta ….
ambil-ambilan
galah porog
oray-orayan
sondah
Pucuk jambu batu digodog, diuyahan saeutik, tur diinum, bisa dipaké ubar ….
rieut
batuk
méncrét
darah tinggi
Cai walungan téh mani hérang …
nyacas
euceuy
ngempray
ngagenclang
Bi Acih make baju beureum ....
enay
ngagedod
euceuy
ngagenclang
