NEW
Font size
WorksheetsDongeng jeung Kawih
Total questions: 20
Worksheet time: 53mins
Carita Rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan téh disebutna ...
Carpon
Novel
Dongeng
Sajak
Salasahiji ciri tina karangan Dongéng téh nyaéta ...
Sumebarna sacara lisan
Loba ditulis dina buku jeung majalah
Témana ngeunaan kahirupan Raja
Palakuna jin jeung Siluman
Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manua disebut ...
sage
parabel
mite
fabel
Dumasar Papasinganana, anu disebut dongéng legénda téh nyaéta ...
Dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeungmah sok mahiwal, pikaseurieun.
Dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa hal-hal anu goib
Dongéng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, hiji tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.
Dongéng nu eusina nyaritakeun hij kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina eujeung hiji sajarah.
Dumasar eusina "Nyi Roro Kidul" kaasupna kana wanda (jenis) dongeng ...
Sasakala
Sage
Parabel
Mite
Dongéng "Si Kabayan Ngala Nangka" kaasup kana wanda (jenis) dongeng ...
Fabel
Farabel
Sage
Sasakala
Mana nu kaasup kana Ciri-ciri Dongéng ...
Anonim, Ngagunakeun basa lancaran anu pondok, Caritana rékaan sarta ngandung ajén pamohalan
Ngagunakeun basa lancaran anu pondok, kaasup kana wangun guguritan, eusina aya aturana, jeung basana kudu baku.
Ngandung ajén atikan (pendidikan), basana kudu baku, sarta teu ngandung ajén pamohalan
Sumebar sacara tatalépa, teu ngandung ajén pamohalan, sarta basana kudu baku
Mana nu kaasup kana Unsur-unsur Dongéng ...
Téma, Latar Tempat, waktu, suasana/kaayaan, sarta Galur
Téma, Latar Tempat, waktu, suasana/kaayaan, Palaku katut watekna, Galur sarta Amanat
Téma, Latar Tempat, waktu, suasana/kaayaan, sarta Amanat
Téma, Latar Tempat, waktu, suasana/kaayaan,
Runtuyan kajadian ti mimiti carita nepi ka tung-tung carita disebutna ...
Jejer
Latar
Puseur Sawangan
Galur
Ieu di handap kaasup kana conto dongeng sasakala nyaeta . . . .
Rumpaka kawih ditulis dina wangun ….
Puisi
Prosa
Guguritan
Pupuh
Puisi anu sok dilagukeun, boh ditembangkeun tapi dina Kasundaanmah sok di kawihkeun. Èta wangenan tèh di sebutna naon?
Kawih
Kakawihan
Sajak
Puisi
Nu ditataan di handap judul-judul kawih , nyaéta….
“Mojang Priangan”, “Eundeuk-eundeukan”
“Dua Lalaki”, “Trang-trang Kolentarang”
”Manuk dadali”, “Mojang Priangan”
“Kosipa”, “Sep Dur”
Manuk dadali, manuk pangagahna
... sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna.
Kecap anu merenah pikeun nyampurnakeun kawih manuk Dadali di luhur nya eta ....
Pertanda
Perwatek
Pertentang
Perlambang
Itu saha dunungan, ngabantun munding
digantélan geuning ku sapu tangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
singhoréng mah aduh, geuning jungjunan
Ditilik eusi rumpakana, jejer kawih És Lilin téh nyaéta ....
Sosial
Cinta
religi
ekonomi
Baca rumpaka ieu kawih
Es lilin mah, aduh,kalapa muda,
Dibantun mah, geuning, ka Sukajadi,
Abdi isin, geuning, samar kaduga,
Sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi
Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaeta...
e-d-a-s
muda-sukajadi-
kaduga-ngajadi
a-i-a-i
da-di-ga-di
Baca sempalan ieu rumpaka kawih!
Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah ka nu Kawasa
Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah tina Kawasa
Ceuk sempalan rumpaka kawih di luhur, urang teh...
salawasna hirup riweuh
kudu aya istirahatna tina pagawean
henteu tuluy-tuluy gawe, aya waktuna keur ibadah
kudu pasrah ka pangeran
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri haté
Hoream teu sudi teuing
Neangan pipanyakiteun 2x
Ungkara dina lagu di luhur ngébréhkeun rasa ….
Sedih
Bungah
Hanjelu (hanjakal)
Kasieun
Tanah Sunda
Sanggian : Koko Koswara
Tanah sunda (wibawa) gemah ripah (tur éndah)
Nu ngumbara suka betah
Urang sunda (sawawa) sing toweksa (percéka)
Nyangga darma nu nyata
Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran
Sing tulatén jeung rumaksa
Miara pakaya mémang sawajibna
Getén titén rumawat tanah Pusaka
Rumpaka kawih “Tanah Sunda” téh eusina mangrupa ébréhan cinta ka ....
kaendahan alam
lemah cai
Karajaan Pajajaran
Gusti nu Maha Suci
Gambar di luhur téh salasahiji waditra nu sok dipaké dina mirig kawih jeung tembang.
Kecap waditra, miboga harti ...
Wadah
Alat musik
Pakarang
Wangun
