wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SAS Bahasa Sunda Kelas IX

Total questions: 40

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Rek naon pangna barudak ngabaris sakelas-sakelas di lapang ….

a)

Upacara Bandera

b)

Olahraga

c)

Diajar

d)

Kemping

2.

Tempat miara lauk di walungan nyaeta .........

a)

karayak

b)

pagupon

c)

karamba

d)

paranje

3.

Naon anu di sebut leuit?

a)

adeganbasajan paranti dagang di Pasar

b)

tempat neundeun pare

c)

adegan basajan tempat solat

d)

tempat cicingna putri raja

4.

Naon sababna èta mencek dingaranan Si Paser ?

a)

lantaran siga si kancil

b)

lantaran boyot

c)

lantaran lumpatna tarik pisan,diibaratkeun kana pasèr anu ngabelesat tina sumpit

d)

lantaran bayuhyuh

5.

Naon tèma tina novel anu judulna"Si Pasèr" teh ?

a)

kahirupan sapopoe

b)

kaulinan

c)

kaayaan di leuweung

d)

kaayaan di imah

6.

       Pertanyaan No 6 s.d 8!

          Kampung Mahmud téh kampung leutik nu perenahna di Désa Mekar Rahayu, Kacamatan Margaasih. Aya di sisi walungan Citarum. Di dinya aya makam karamat anu disebut “Maqom Mahmud”. Makam anu ngadegkeun Kampung Mahmud, nya éta Éyang Dalem Abdul Manaf, masih kénéh rundayan Sunan Gunung Jati (Syarif Hidayatulloh) ti Cirebon.

          Nurutkeun carita rakyat di dinya, Éyang Dalem Abdul Manaf téh anu munggaran nyebarkeun agama Islam di wewengkon Bandung. Dina nyebarkeun agama Islam, Éyang Dalem Abdul Manaf dibantuan ku dua urang muridna nya éta Éyang Agung Zainal Arif jeung Éyang Abdullah Gedug.

          Di Kampung Mahmud teu meunang nanggap wayang sarta tatabeuhan anu maké goong saperti jaipongan. Mémang taya aturan anu tinulis, ngan upama dirempak cenah sok aya matakna, saperti keuna ku panyakit, rumah tanggana baruntak, jadi malarat, jeung hal-hal anu teu hadé liana.

          Tatanggapan anu meunang ditabeuh téh ngan terebang. Terebang sok dipidangkeun dina upacara kaagamaan saperti Rajaban jeung Muludan. Waditrana saperti genjring, rupa-rupa ukuranana, diwuwuhan ku dogdog jeung kecrék. Tapi kiwari mah terebang ogé sok ditanggap di nu hajatan saperti di nu nyunatan atawa ngawinkeun.

(Dicutat tina Wiwaha Basa Kelas 9, 2017)

   Anu ngadegkeun Kampung Mahmud téh tétéla masih kénéh rundayan Sunan Gunung Jati ti Cirebon, nya éta ….

a)

Syarif Hidayatulloh

b)

Éyang Dalem Abdul Manaf

c)

Éyang Agung Zainal Arif

d)

Éyang Abdullah Gedug

7.

Kampung Mahmud téh mangrupa salah sahiji kampung adat di Kabupatén Bandung anu ayana di Désa Mekar Rahayu, Kacamatan Margaasih. Perenahna nya éta di sisi …

a)

Walungan Citanduy

b)

Walungan Cikeas

c)

Walungan Citarum

d)

Walungan Cisadane

8.

Aya sababaraha kasenian atawa tatabeuhan anu teu meunang ditanggap di Kampung Mahmud. Tatabeuhan anu meunang ditanggap téh ngan saukur ....

a)

Tari merak

b)

Terebang

c)

Goong kabuyutan

d)

Pupujjian ka Rasulullah

9.

Di kampung adat mah loba hal anu dipahing. Sanajan taya aturan anu tinulisna, tapi ku masarakatna tara dirempak. Dipahing hartina sarua jeung ….

a)

dipibanda, dicarék

b)

dipantrang, dilarang

c)

dibeli, dilarang

d)

dipihara, dibeli

10.

Pertanyaan No 10 s.d 13!

          Kampung adat Arjasari téh ku urang dinyana mah sok disarebut Kabuyutan Lebakwangi, Batukarut. Anu jadi ciri utamana nya éta wangunan anu disebut Bumi Alit. Di jerona aya rupa-rupa barang pusaka titinggal Embah Manggungdikusumah kayaning kujang, keris, tumbak, badi, jeung gobag. Ari Embah Manggungdikusumah téh anu ngadegkeun éta kampung sarta salasaurang anu nyebarkeun agama Islam di wewengkon pakidulan Bandung.

          Salian ti barang pusaka, di Bumi Alit ogé aya sumbul jeung gamelan anu katelah goong rénténg Embah Bandong. Gamelan kabuyutan anu ditabeuhna unggal tanggal 12 Mulud dina mangsana Muludan, nya éta pangéling-ngéling dibabarkeunana Kangjeng Nabi Muhammad Saw.

          Di wewengkon Bumi Alit aya makam karuhun anu sok dijararahan, nya éta makam Embah Lurah Sutadikusumah, Embah Wira Sutadikusumah, Embah Patradikusumah, Embah Aji Kalangsumitra, jeung Embah Dalem Andaya Sakti. Waktuna jarahna ogé teu bisa sagawayah deuih, ngan bisa poé Senén jeung poé Kemis baé. Poé Salasa salila bulan puasa mah, Bumi Alit téh teu meunang pisan didatangan ku jelema, ari lain kuncén jeung patugasna mah. 

(Dicutat tina Wiwaha Basa Kelas 9, 2017)

 

  Anu ngadegkeun Kampung Arjasari teh salah saurang tokoh anu nyebarkeun agama Islam di wewengkon pakidulan Bandung. Ngaranna nyaeta ...

a)

Embah Bandong

b)

Embah Lurah Sutadikusumah

c)

Embah Manggungdikusumah

d)

Embah Dalem Andaya

11.

Di Kampung Arjasari aya wangunan karamat anu disebut Bumi Alit. Bumi Alit téh dipake pikeun ...

a)

ngarumat barang pusaka

b)

ngabersihan barang pusaka

c)

tempat botram babarengan

d)

nyimpen barang pusaka kayaning kujang, keris, tumbak, badi, jeung gobag

12.

Salian ti pakarang pusaka, di Bumi Alit ogé diteundeun ….

a)

kujang

b)

gamelan kabuyutan

c)

keris, bokor, gobang

d)

goong rénténg Embah Bandong

13.

Dina unggal tanggal 12 Mulud di Kampung Arjasari sok diayakeun acara Muludan, nya éta pangéling-ngéling dibabarkeunana ….

a)

Pangjajap

b)

Tempat Zarah

c)

Embah Bandong

d)

Kangjeng Nabi Muhammad SAW

14.

Umumna kampung adat di Kabupatén Bandung raket patalina jeung ….

a)

nyerbarkeun agama Islam buhun

b)

nyerbarkeun budaya sunda

c)

nyerbarkeun basa sunda

d)

nyebarna agama Islam

15.

Di Kabupatén Bandung aya tilu kampung adat, nya éta ….

a)

Kampung Pamijahan,Kampung Mahmud, jeung Kampung Cikondang

b)

Kampung Batu Karut,Kampung Arjasari, jeung Kampung Andir

c)

Kampung Arjasari, Kampung Cikondang, jeung Kampung Mahmud

d)

Kampung Ciseke,Kampung Batu Karut, jeung Kampung Pamijahan

16.

Di Jawa Barat téh aya sababaraha kampung adat nu geus kakoncara, Kampung adat téh kampung anu pengkuh nyekel adat istiadat ti ….

a)

kuncén

b)

karuhunna

c)

juru kunci

d)

penjaga makam

17.

Upama hidep dibéré pancén ku guru pikeun nulis naskah biantara, tuluy kudu diapalkeun kecap demi kecap sarta dibiantarakeun di hareupeun kelas kalayan teu maké téks. Téhnik biantara naon nu ku hidep dipaké?

a)

téhnik nalar

b)

improtu

c)

téhnik maca

d)

ékstemporan

18.

Téhnik biantara anu nyatetkeun heula gurat badag atawa hal-hal penting omongan anu rék ditepikeun disebut téhnik ….

a)

improtu

b)

téhnik nalar

c)

ékstémporan

d)

téhnik maca

19.

Téhnik biantara téh rupa-rupa. Biantara anu ngagunakeun téks sarta dibaca sakur nu aya dina éta téks, disebut ….

a)

téhnik ngadadak

b)

téhnik maca

c)

téhnik nalar

d)

téhnik nyatetkeun inti

20.

Sora, lentong wirahma, nada, paroman, jeung pasang peta mangrupa hal anu kudu diperhatikeun dina waktu ….

a)

eusi biantara

b)

wirahma

c)

nepikeun biantara

d)

paroman atanapi pasemon

21.

Saméméh nulis biantara alusna mah dijieun heula rangkayna, pangpangna mah bagian eusina. Naon sababna?

a)

sangkan pidatona narik pamirsa

b)

sangkan gampang baca na

c)

          gampng ka hartos

d)

sangkan dina ngamekarkeun eusi biantara téh henteu mancawura

22.

         (1) Nangtukeun jejer/topik biantara.

          (2)   Nyieun rangkay/kerangka biantara.

          (3)   Nyusun naskah biantara dumasar kana rangkay nu geus disusun

          (4)   Ngumpulkeun bahan nu diperlukeun luyu jeung topik.

          (5)   Ngarapihkeun susunan naskah biantara kalawan bener tur merenah.

          Léngkah-léngkah nu bener dina nulis naskah biantaranya éta ….

a)

(2),(1),(3),(5),(4)

b)

(5),(4),(3),(2),(1)

c)

(1), (4), (2), (3),(5)

d)

(3),(5),(1),(2),(4)

23.

Boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan.

 

          Ungkara di luhur mangrupa mamanis basa anu maksudna pikeun ….

a)

salam bubuka

b)

ménta ide

c)

ménta dihampura bisi aya ucapan anu teu merenah kadéngéna

d)

uluk salam

24.

Sakitu anu kapihatur. Boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun.

 

Ungkara di luhur biasana dipaké dina bagian ….

a)

bubuka biantara

b)

eusi biantara

c)

salam biantara

d)

panutup biantara

25.

Pertanyaan No 25 s.d 26!

Dina ieu waktos urangotokol sadaya ngempel téh nya éta badé miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika. Tujuan dilaksanakeun ieu acara teu aya sanés minangka tawis panghormat sareng pangajén ka Ibu Radén Déwi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina dina widang atikan. Ieu acara téh baris direuah-reuah ku paméran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna ogé sadaya siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep séwang-séwangan.

  Naon tujuan diayakeun éta acara?

a)

mulasara budaya sunda

b)

mieling dibabarkeunana Ibu Raden Dewi Sartika

c)

ngamumule budaya sunda

d)

kanggo tawis panghormat sareng pangajén kana jasa-jasa Ibu Radén Déwi Sartika

26.

 

Pertanyaan No 25 s.d 26!

Dina ieu waktos urangotokol sadaya ngempel téh nya éta badé miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika. Tujuan dilaksanakeun ieu acara teu aya sanés minangka tawis panghormat sareng pangajén ka Ibu Radén Déwi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina dina widang atikan. Ieu acara téh baris direuah-reuah ku paméran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna ogé sadaya siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep séwang-séwangan.

Cutatan biantara di luhur téh mangrupa bagian tina ….

a)

eusi

b)

bubuka

c)

panutup

d)

salam

27.

Upama ditilik tina eusi jeung adeganana, biantara téh diwangun ku bubuka, eusi jeung panutup. Anu ditatan ieu biasa ditepikeun dina bagian bubuka biantara, iwal ….

a)

manjatkeun puji syukur

b)

nganuhunkeun ka penata calagara

c)

menta di hampura kanu hadir

d)

ngajéntrékeun tujuan jeung kacindekan biantara

28.

Pertanyaan No 28 s.d 29!

Sim kuring, kalayan asmana réngréngan pangurus OSIS, seja ngahaturkeun nuhun ka réngréngan panata calagara anu parantos tihothat, ti ngawitan ngararancang kagiatan dugi ka derna ngalaksanakeun acara dina dinten ieu. Kitu deui ka Bapa Kapala Sakola, Bapa Pangaping OSIS, ogé Bapa sareng Ibu Guru sanésna, sim kuring ngahaturkeun nuhun kana sagala rupi panuyun sareng pangaping enggoning ngalaksanakeun ieu kagiatan

Nu dimaksud panata calagara téh nya éta ….

a)

protokol

b)

kokolot

c)

pupuhu

d)

panitia penyelenggara

29.

Pertanyaan No 28 s.d 29!

Sim kuring, kalayan asmana réngréngan pangurus OSIS, seja ngahaturkeun nuhun ka réngréngan panata calagara anu parantos tihothat, ti ngawitan ngararancang kagiatan dugi ka derna ngalaksanakeun acara dina dinten ieu. Kitu deui ka Bapa Kapala Sakola, Bapa Pangaping OSIS, ogé Bapa sareng Ibu Guru sanésna, sim kuring ngahaturkeun nuhun kana sagala rupi panuyun sareng pangaping enggoning ngalaksanakeun ieu kagiatan.

Tina cutatan biantara pamapag di luhur katitén yén nu biantara téh nya éta ….

a)

kepala sakola

b)

siswa salaku pangurus OSIS

c)

pembina OSIS

d)

panitia acara

30.

Biantara téh nya éta nyarita di hareupeun balaréa dina situasi nu resmi. Biantara pikeun mapag dina hiji acara disebut biantara pamapag, atawa biasana disebut ….

a)

papatah

b)

weujangan

c)

sambutan

d)

guguritan

31.

Upama hidep dibéré pancén ku guru pikeun nulis naskah biantara, tuluy kudu diapalkeun kecap demi kecap sarta dibiantarakeun di hareupeun kelas kalayan teu maké téks

.Téhnik biantara naon nu ku hidep dipaké ?

a)

téhnik nalar

b)

téhnik maca

c)

improtu

d)

ékstemporan

32.

Téhnik biantara anu nyatetkeun heula gurat badag atawa hal-hal penting omongan anu rék ditepikeun disebut tehnik ….

a)

improtu

b)

téhnik nalar

c)

ékstémporan

d)

téhnik maca

33.

Téhnik biantara téh rupa-rupa. Biantara anu ngagunakeun téks sarta dibaca sakur nu aya dina éta téks, disebut ….

a)

téhnik ngadadak

b)

téhnik nalar

c)

téhnik maca

d)

téhnik nyatetkeun inti

34.

. Baca ieu sempalan biantara!

Dina ieu waktos, sim kuring kedah sasanggem minangka wawakil ti sakumna murid kelas IX anu badé ngantunkeun SMP Santo Yusup. Saleresna mah rada rumegog waktos dipasihan ieu pancén téh, bilih anu baris dipisanggem kirang merenah sareng teu ngawakilan gerentes haté sadaya réréncangan. Namung ku margi ieu pancén dipasrahkeun ka sim kuring, kitu deui lbu sareng Bapa Guru ogé milih sim kuring, nya atuh teu tiasa nolak. Jalaran kitu, sateu acan ngadugikeun ieu biantara, sim kuring badé nyuhunkeun heula dihapunten, utamina pisan ka sadaya murid kelas IX, bilih baé pisanggem sim kuring téh kirang saluyu sareng harepan sadayana.

Tina naskah biantara anu dibaca ku hidep, nerangkeun ngeunaan naon eusina téh?

a)

paturay tineung

b)

tujuh belasan

c)

hajat kawinan

d)

karang taruna

35.

Naon anu disebut biantara téh?

a)

nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji hal dina hiji acara

b)

nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun ajaran agama

c)

nyarita di hareupeun balaréa salaku bagian tina acara

d)

nyarita di hareupeun balaréa dina hajatan

36.

Tema biantara nu luyu pikeun ditepikeun dina acara paturay tineung nya eta .....

a)

miara kabersihan lingkungan

b)

ngalaksanakeun bakti sosial

c)

milih pergaulan nu sehat

d)

papisah lain hartina megatkeun silaturahmi

37.

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan.

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto .....

a)

bubuka biantara

b)

eusi bianta

c)

panutup biantara

d)

mamanis biantara

38.

Bagian-bagian dina biantara aya tilu, nya eta saperti ieu di handap, iwal .....

a)

eusi

b)

panutup

c)

bubuka

d)

salam panutup

39.

Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun. ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto .....

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi biantara

d)

mamanis biantara

40.

Tempat miara lauk di walungan nyaeta .........

a)

karayak

b)

pagupon

c)

karamba

d)

paranje