WorksheetsBahasa Sunda Kelas IX
Total questions: 50
Worksheet time: 25mins
Name
Class
Date
1.
Kontén ngadahar hiji kadaharan anu kawilang loba atawa leuwih ti saporsi, dina téks biantara “Teknologi Dijaman Kiwari” disebut...
a)
Bakbang
b)
Mukbang
c)
Satabang
d)
Labang
2.
Dina téks biantara “Teknologi Dijaman Kiwari” aya tiktoker ti Koréa anu kungsi ngaalagukeun lagu Runtah Karangan Doel Sumbang ngaranna......
a)
Kejimin
b)
Koijimin
c)
Sajimain
d)
Rajimin
3.
Dina téks biantara “Teknologi Dijaman Kiwari” aya lagu-lagu sunda anu dikenal di tiktok nyaéta, iwal....
a)
Banondari
b)
Domba kuring
c)
Bangbung Hideung
d)
Kujang
4.
“Nu jadi ............. pasanggiri basa Sunda tingkat Kabupatén Cirebon, biasana guru-guru ti Kota Cirebon pikeun nganileyna”. Kecap nu bener pikeun ngeusian éta kalimah nyaéta...
a)
Peserta
b)
Panongton
c)
Girang pangajén
d)
Girang tampian
5.
Kagiatan nyarita dihareupeun jalma réa pikeun nepikeun pamadegan atawa ngabahas hiji kajadian nu kudu dibahas disebut....
a)
Ngadongeng
b)
Biantara
c)
Debat
d)
Maca sajak
6.
Dumasar kana warnana, biantara téh kabagi jadi opat bagian nyaéta, iwal...
a)
Biantara ngalaporkeun
b)
Biantara kakulawargaan
c)
Biantara ngaragukeun
d)
Biantara ngarundingkeun
7.
“Asslamualaikum wr.wb.” atawa ‘sampurasun!’, aya ogé nu maké duanana “Asslamualaikum wr.wb, sampurasun…!”; dina biantara disebut...
a)
Salam panutup
b)
Salam bubuka
c)
Bubuka biantara
d)
Eusi biantara
8.
Ilaharna nepikeun rasa syukur, nganuhunkeun, ngahormat, jeung rasa gumbira, dina biantara biasa aya dina......
a)
Salam bubuka
b)
Eusi biantara
c)
Kacindekan
d)
Bubuka biantara
9.
Kalimah “wassalamualaikum wr.wb..” dina biantara disebut...
a)
Salam bubuka
b)
Bubuka biantara
c)
Eusi biantara
d)
Salam panutup
10.
Téma biantara nu ku urang ditepikeun téh kudu aktual, lain téma-téma nu geus basi, luyu jeung aturan dina kagiatan biantara...
a)
Tatag nyaritana
b)
Aktual témana
c)
Munel eusina
d)
Alus basana
11.
Biantara téh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Tegesna, dina nepikeun biantara téh kudu maké lentong (lagu kalimah) anu hadé luyu jeung aturan dina kagiatan biantara...
a)
Munel eusina
b)
Alus basana
c)
Ngandung wirahma
d)
Tatag nyaritana
12.
Salasahiji cara midangkeun biantara nyaéta kudu ngadeg wibawa, hartina.....
a)
Posisi awak nalika biantara leuwih hadé ‘tegap’ sangkan aya kesan wibawa
b)
Posisi awak nalika biantara leuwih hadé ‘tegang’ sangkan aya kesan wibawa
c)
Posisi awak nalika biantara leuwih hadé ‘santuy’ sangkan aya kesan wibawa
d)
Posisi awak nalika biantara leuwih hadé ‘biasa baé’ sangkan aya kesan wibawa
13.
“Hayu jéh, urang rampak gawé babarengan ngamumulé jeung ngarasa reueus ngagunakeun basa Sunda sanajan ngan saukur sabagéan wewengkon di wewengkon Cirebon”. Dina sistématika biatara kaasup kana...
a)
Salam bubuka
b)
Bubuka biantara
c)
Eusi biantara
d)
Kacindekaan
14.
Tatakrama basa biasa digunakeun dina naskah biantara tujuanna nyaéta pikeun ....
a)
ngahormatan pangrungu nu béda umur jeung nu nepikeun biantara
b)
ngahormatan juri nu béda umur jeung nu nepikeun biantara
c)
ngahormatan pajabat nu béda umur jeung nu nepikeun biantara
d)
ngahormatan polisi nu béda umur jeung nu nepikeun biantara
15.
Sacara gurat badagna, tatakrama basa Sunda ngabagi basa Sunda jadi dua ragam, nyaéta:
a)
Basa kasar jeung basa loma
b)
Basa hormat jeung basa kasar
c)
Basa hormat jeung basa loma
d)
Basa hormat jeung basa lemes
16.
Sagala rupa kabiasaan atawa kalakuan anu biasa sarta geus jadi ciri paranti adat disebut.....
a)
Kabudayaan
b)
Novél
c)
Capon
d)
Drama
17.
Karaton Kasepuhan Cirebon dibangun taun....
a)
1527
b)
1528
c)
1529
d)
1629
18.
Dina jero karaton, aya sababaraha ruangan husus saperti ruang pengadilan, ruang pendopo nyaéta...
a)
Jinem, pringgodani, purbayasa
b)
Jinem, pringgodani, prabayasa
c)
Juminten, pringgodani, prabayasa
d)
Jinem, kanggodani, prabayasa
19.
Pikeun bisa asup ka buruan munggaran, urang bisa asup ngaliwatan dua jalur nyaéta ngaliwatan....
a)
Gapura idi atawa ngaliwatan gapura benteng
b)
Gapura adi atawa ngaliwatan gapura banteng
c)
Gapura ida atawa ngaliwatan gapura banteng
d)
Gapura adi atawa ngaliwatan gapura benteng
20.
Bangunan nu pungsina pikeun tempat babagi barokah jeung mariksa saacan panggih jeung Mandé Semar Timandu nu digunakeun pikeun tempat penaséhat raja, nyaéta...
a)
Pangada
b)
Mandé pangiring
c)
Mandé padwawa lima
d)
Mandé karesmén
21.
Saha ngaran bapana Pangeran Sutajaya.....
a)
Pangeran Jayadikusuma
b)
Aria Wirasuta
c)
Pangeran Paseréan
d)
Sunan Gunung Jati
22.
Saha ngaran Pangeran nu ngadegkeun karaton anyar minangka gaganti karaton anu hancur ku Walanda anu nepi ka kiwari masih aya disebut karaton Gebang...
a)
Pangeran Sutajayaningrat
b)
Pangeran Sutmajaningrat
c)
Pangeran Sujadiningrat
d)
Pangeran Sujatmaningrat
23.
Nagara/karajaan nu aya dihandapeun perlindungan nagara lain disebut...
a)
Padumukan
b)
Wadasan
c)
Protektorat
d)
Kakaisaran
24.
Tempat/ruangan narima tamu disebut, iwal....
a)
Foyer
b)
Lobi
c)
Pasemon
d)
Kamer
25.
Pangkéng (kamar) pabéasan jeung tempat neundeun kadaharan nu séjénna, biasana di jero imah bagian tukang disebut....
a)
Goah
b)
Garasi
c)
Dapur
d)
Buruan
26.
Ranggon nyaéta....
a)
Adegan leutik, biasana teu didindingan, ayana di sawah, kebon, paranti reureuh.
b)
Saung anu luhur pisan kolongna atawa anu diwangun dina tangkal kai nu luhur
c)
Wangunan leutik di sisi alun-alun baheula, panggung paragi gegedén, ayeuna mah siga tempat nu nongton kelas VIP di stadion.
d)
Adegan saméntara pikeun narima sémah dinu hajat atawa tempat hiburan.
27.
Gambar wangunan suhunan digigir/pinggir ngaranna...
a)
Julang ngapak
b)
Parahu kumereb
c)
Badak heauy
d)
Jolopong
28.
Gambar wangunan suhunan digigir/pinggir ngaranna...
a)
Julang ngapak
b)
Badak heauy
c)
Jolopong
d)
Tagog anjing
29.
Dimana lokasi Kampung Adat Kaputihan....
a)
Kertasari, Désa Kertasari aya di Kacamatan Weru
b)
Kertasari, Désa Kertanagara aya di Kacamatan Weru
c)
Kertasari, Désa Kertasari aya di Kacamatan Waru
d)
Kertasari, Désa Kertanagara aya di Kacamatan Waru
30.
Aya sabaraha imah Kampung Adat Kaputihan.....
a)
15
b)
16
c)
17
d)
18
31.
Cecekelan hirup masarakat Kampung Adat Kaputihan nyaéta.....
a)
Upama sadayana hirup miskin, moal aya parasaan jahat atanapi sirik ka masing-masing
b)
Upama sadayana hirup sugih, moal aya parasaan jahat atanapi sirik ka masing-masing
c)
Upama sadayana hirup saderhana, moal aya parasaan jahat atanapi sirik ka masing-masing
d)
Upama sadayana hirup saderhana, moal aya parasaan bageur atanapi sirik ka masing-masing
32.
Tangkalan naon nu daunna sok dijadikeun hateup imah Kampung Adat Kaputihan....
a)
Tiwu
b)
Paré
c)
Camara
d)
Cau
33.
Saha ngaran pupuhu RT 02 Kampung Keputihan....
a)
Muhammad Yusuf
b)
Endang Yusuf
c)
Yusuf Maulana
d)
Yusuf Subagja
34.
Di Kampung Adat Kaputihan mun tradisi dilanggar, aya bahaya pikeun anggota kulawargana. Bahaya ieu diantarana, iwal.....
a)
Panyakit
b)
Musibah
c)
Maot
d)
Bagja
35.
Taun sabaraha listrik asup geus ka imah-imah Kampung Adat Kaputihan, kusabab seuseueurna mah masarakat téh tos gaduh TV?
a)
2015
b)
2016
c)
2017
d)
2018
36.
Dina novél “Baruang Kanu Ngarora”, saha anu direbutkeun ku Ujang Kusén jeun Aom Usman?
a)
Nyi Rapinah
b)
Nyi Rapiah
c)
Nyi Asih
d)
Nyi Sugiarti
37.
Kunaon sababna Nyi Rapiah ngarasa seneng sanajan manéhna diculik ku Aom Usman...
a)
Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah satuju pikeun ngahiji sanggeus papisah jeung Aom Usman
b)
Aom Usman jeung Nyi Rapiah satuju pikeun ngahiji sanggeus maéhan Ujang Kusén
c)
Aom Usman jeung Nyi Rapiah satuju pikeun ngahiji sanggeus minggat jeung Ujang Kusén
d)
Aom Usman jeung Nyi Rapiah satuju pikeun ngahiji sanggeus papisah jeung Ujang Kusén
38.
‘Prosa fiksi nu panjang, nu tokoh-tokoh jeung paripolahna mintonkeun réalitas kahirupan nu dipagelarkeun dina hiji plot’, éta mangrupa wangenan pikeun genré sastra...
a)
Novél
b)
Cerpén
c)
Puisi
d)
Drama
39.
Taun 1914 novél munggaran di tatar Sunda gelar, judulna Baruang ka nu Ngarora. Éta novél téh ditulis ku….
a)
D.K. Ardiwinata
b)
M.A. Salmun
c)
R.H. Moehamad Moesa
d)
R. Méméd Sastrahadiprawira
40.
Ieu di handap ciri-ciri novél sacara umum, nyaéta iwal....
a)
Jumlah kecapna biasana 35.000 kecap
b)
Minimal 1000 kaca
c)
Waktu nu diperlukeun pikeun maca Novél minimal 2 jam
d)
Palaku atawa tokoh novél leuwih ti saurang jeung gumantung kana sababaraha situasi
41.
Idé puseur atawa maksud puseur hiji carita disebut.....
a)
Téma
b)
Galur
c)
Penokohan
d)
Latar
42.
Unsur galur téh mangrupa hal penting dina carita. Unsur galur nyaéta...
a)
Maksud gembleng nu aya dina karya sastra
b)
Runtuyan carita anu dibentuk ku tahapan-tahapan kajadian nu aya nepi ka ngabentuk hiji carita
c)
Palaku dina carita rékaan mibanda pancén ngalaksanakeun carita jeung mawa téma nepi ka ahir carita
d)
Pesan atawa nasehat anu rék ditepikeun ku pangarang liwat carita
43.
Latar bisa dikatégorikan kana latar, iwal......
a)
Sosial
b)
Geografis
c)
Waktu
d)
Ekonomis
44.
Saha nu ngarang novél “Nu Ngageugeuh Legok Kiara”?
a)
Dadan Sunarya
b)
Dadan Kustiwa
c)
Dadan Sutisna
d)
Dadan Subadra
45.
Ceuk Bapana Si Emod, kumaha cenah ngeunaan tangkal kiara téh?
a)
Legok Kiara téh loba jurig jeung dedemit, tempatna sanget jeung geueuman.
b)
Legok Kiara téh loba bidadari jeung malaikat, tempatna sanget jeung geueuman.
c)
Legok Kiara téh loba jurig jeung dedemit, tempatna adem jeung geueuman.
d)
Legok Kiara téh loba jurig jeung bidadri, tempatna tiiseun jeung geueuman.
46.
Ayeuna mah urang lembur teu aya nu sieun deui ka Legok Kiara, malah urang lembur loba nu datang ka dinya sabab.....
a)
Di Legok Kiara téh loba dedemit
b)
Di Legok Kiara téh loba juruig
c)
Di Legok Kiara téh loba lauk
d)
Di Legok Kiara téh loba cai
47.
Salah sahiji jenis tutuwuhan nu ngajalar/merambat disebut....
a)
Gareuy
b)
Areuy
c)
Bareuy
d)
Dareuy
48.
Ari usum halodo, di urang mah sarua jeng usum, iwal....
a)
Garing
b)
Katiga
c)
Hujan
d)
Kemarau
49.
Si Dirun salah sahiji budak anu badeur kabalinger, manéhna sok resep pisan ngabohongan kanu jadi kolotna. Sipat goréng si Dirun nu teu meunang ditiru nyaéta, iwal....
a)
Duit bayarana ogé di paké judi ku manéhna
b)
Beuki pisan gelut jeung babaturana
c)
Sok ngabohongan waé kanu jadi kolot
d)
Jadi budak bageur tur soleh nu nurut ka kolot
50.
Saha nu jadi apa angkatna Si Dirun nepi ka anjeunna jadi nalayan nu suksés, sagala bisa....
a)
Pa Dihun
b)
Pa Dirun
c)
Pa Dikun
d)
Pa Dakun
100 %
