wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LATIAN SOAL GUGURITAN KELAS 8

Total questions: 51

Worksheet time: 26mins

Name
Class
Date
1.

Persib nu Kuring
Urang Sunda mikanyaah mikacinta
deudeuh geugeut ka Persib
dipuji dipuja
Persib nu saréréa
Persib nu kuring nu abdi
nu urang Sunda
nu uing nu silaing

Teu halangan hujan angin dor dar gelap
mun Maung Bandung tandang
paduli di mana
komo maén di kandang
pada ngajugjug geus pasti
mun Persib marag
di mana gé disungsi

Watek guguritan di luhur nyaéta ....

a)
ngagambarkeun rasa sedih,tiiseun atawa cilaka
b)
ngagambarkeun silih asih jeung nasehat
c)
ngagambarkeun kabungah jeung kaagungan
d)
ngagambarkeun sumanget anu ngagedur
2.

Persib nu Kuring
Urang Sunda mikanyaah mikacinta
deudeuh geugeut ka Persib
dipuji dipuja
Persib nu saréréa
Persib nu kuring nu abdi
nu urang Sunda
nu uing nu silaing

Teu halangan hujan angin dor dar gelap
mun Maung Bandung tandang
paduli di mana
komo maén di kandang
pada ngajugjug geus pasti
mun Persib marag
di mana gé disungsi

Upama ditilik tina wangunna, téks di luhur téh mangrupa guguritan. Dumasar kana wangunna, guguritan kaasup kana wangun ....

a)
puisi
b)
prosa
c)
drama
d)
karawitan
3.
Persib nu Kuring Urang Sunda mikanyaah mikacinta deudeuh geugeut ka Persib dipuji dipuja Persib nu saréréa Persib nu kuring nu abdi nu urang Sunda nu uing nu silaing Teu halangan hujan angin dor dar gelap mun Maung Bandung tandang paduli di mana komo maén di kandang pada ngajugjug geus pasti mun Persib marag di mana gé disungsi Upama ditilik tina wangunna, guguritan di luhur kaasup pupuh...
a)
mijil
b)
durma
c)
maskumambang
d)
kinanti
4.

Persib nu Kuring
Urang Sunda mikanyaah mikacinta
deudeuh geugeut ka Persib
dipuji dipuja
Persib nu saréréa
Persib nu kuring nu abdi
nu urang Sunda
nu uing nu silaing

Teu halangan hujan angin dor dar gelap
mun Maung Bandung tandang
paduli di mana
komo maén di kandang
pada ngajugjug geus pasti
mun Persib marag
di mana gé disungsi

Guguritan di luhur, dina sapadana diwangun ku...

a)
2 padalisan
b)
6 padalisan
c)
7 padalisan
d)
8 padalisan
5.

Persib nu Kuring
Urang Sunda mikanyaah mikacinta
deudeuh geugeut ka Persib
dipuji dipuja
Persib nu saréréa
Persib nu kuring nu abdi
nu urang Sunda
nu uing nu silaing

Teu halangan hujan angin dor dar gelap
mun Maung Bandung tandang
paduli di mana
komo maén di kandang
pada ngajugjug geus pasti
mun Persib marag
di mana gé disungsi

Guguritan di luhur eusina nyaritakeun ngeunaan ....

a)
pamaén Persib
b)
bobotoh Persib
c)
palatih Persib
d)
jujuluk Persib
6.

Persib nu Kuring
Urang Sunda mikanyaah mikacinta
deudeuh geugeut ka Persib
dipuji dipuja
Persib nu saréréa
Persib nu kuring nu abdi
nu urang Sunda
nu uing nu silaing

Teu halangan hujan angin dor dar gelap
mun Maung Bandung tandang
paduli di mana
komo maén di kandang
pada ngajugjug geus pasti
mun Persib marag
di mana gé disungsi

Jujuluk Persib anu disebut dina guguritan di luhur nyaéta....

a)
Pangeran Biru
b)
Persib nu kuring
c)
Viking Bandung
d)
Maung Bandung
7.
Persib nu Kuring Urang Sunda mikanyaah mikacinta deudeuh geugeut ka Persib dipuji dipuja Persib nu saréréa Persib nu kuring nu abdi nu urang Sunda nu uing nu silaing Teu halangan hujan angin dor dar gelap mun Maung Bandung tandang paduli di mana komo maén di kandang pada ngajugjug geus pasti mun Persib marag di mana gé disungsi Patokan guru wilangan jeung guru lagu dina guguritan di luhur nyaéta...
a)
12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-i, 7-i
b)
12-i, 7-a, 6-a, 7-i, 8-i, 5-i, 7-i
c)
12-i, 7i, 6-i, 7-i, 8-a, 5-a, 7-a
d)
12-a, 7-a, 6-i, 7-i, 8-a, 5-a, 7-a
8.
Guguritan nyaéta karangan nu diwangun ku wangun pupuh. Pupuh Sunda kabagi jadi dua nyaéta sekar ageung jeung sekar alit. Pupuh Kinanti kaasup kana pupuh ....
a)
sekar ageung
b)
sekar alit
c)
anggana sekar
d)
rampak sekar
9.
Ieu pupuh di handap nu kaasup kana pupuh sekar alit nyaéta ...
a)
asmarandana
b)
maskumambang
c)
dangdanggula
d)
kinanti
10.
Nu disebut pupuh dina sastra Sunda nyaéta ...
a)
puisi anu dipidangkeun ku cara dikawihkeun
b)
puisi nu kauger katangtuan guru lagu, guru wilangan jeung jumlah padalisan dina sapadana
c)
salah sahiji bentuk karya sastra nu mangrupa karangan eusina ngeunaan lalakon atawa carita ngeunaan hiji hal
d)
puisi nu teu kauger ku katangtuan atawa biasa ogé disebut sajak
11.

Anak kancra sesebutanana badal
piyik anak japati
ari anak kuda
éta belo ngaranna
bilatung mah anak ucing
anak buhaya
bocokok cenah gening

Guguritan di luhur kauger make katangtuan pupuh …

a)
mijil
b)
durma
c)
kinanti
d)
balakbak
12.

Anak kancra sesebutanana badal
piyik anak japati
ari anak kuda
éta belo ngaranna
bilatung mah anak ucing
anak buhaya
bocokok cenah gening

Aya sabaraha pada guguritan di luhur ....

a)
sapada
b)
dua pada
c)
tujuh pada
d)
dalapan pada
13.

Anak kancra sesebutanana badal
piyik anak japati
ari anak kuda
éta belo ngaranna
bilatung mah anak ucing
anak buhaya
bocokok cenah gening

Upama ditilik tina eusina, guguritan di luhur téh nyaritakeun ngeunaan ....

a)
ngaran anak sasatoan
b)
rupa-rupa sato
c)
sato di kebon binatang
d)
rupa sasatoan
14.
Anak kancra sesebutanana badal piyik anak japati ari anak kuda éta belo ngaranna bilatung mah anak ucing anak buhaya bocokok cenah gening Guru wilangan jeung guru lagu guguritan di luhur nyaéta …
a)
12a, 8i, 7a, 6a, 10i, 6a, 7i
b)
12a, 6i, 6a, 7a, 8i, 5a, 6i
c)
12a, 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i
d)
12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i
15.
Adat Jalma Sipat jalma adat masing-masing nu rajin nu getol nu balabah soméah daréhdéh wijaksana tulatén gumati lantip amis budi ampuh lungguh timpuh Aya jalma kucem haseum budi basangkal bedegong pelit pedit korét kékéréhét barangasan culika curaling kecing leutik burih harak judes julig Ari golongan pasipatan jelema anu goreng nyaéta …
a)
harak judes julig
b)
binekas binangkit
c)
sabar handap asor
d)
lantip amis budi
16.

Adat Jalma
Sipat jalma adat masing-masing
nu rajin nu getol
nu balabah soméah daréhdéh
wijaksana tulatén gumati
lantip amis budi
ampuh lungguh timpuh

Aya jalma kucem haseum budi
basangkal bedegong
pelit pedit korét kékéréhét
barangasan culika curaling
kecing leutik burih
harak judes julig

Guguritan di luhur maké patokan pupuh …

a)
mijil
b)
ladrang
c)
dangdanggula
d)
pangkur
17.

Adat Jalma
Sipat jalma adat masing-masing
nu rajin nu getol
nu balabah soméah daréhdéh
wijaksana tulatén gumati
lantip amis budi
ampuh lungguh timpuh

Aya jalma kucem haseum budi
basangkal bedegong
pelit pedit korét kékéréhét
barangasan culika curaling
kecing leutik burih
harak judes julig

Dina guguritan di luhur, guru lagu dina padalisan kagenep nyaéta ....

a)
6
b)
u
c)
i
d)
7
18.
Dina guguritan atawa pupuh, sora tungtung dina unggal padalisan disebut ....
a)
guru wilangan
b)
guru lagu
c)
pada
d)
padalisan
19.
Dina guguritan, lobana engang dina unggal padalisan disebut ....
a)
guru wilangan
b)
guru lagu
c)
pada
d)
padalisan
20.
Istilah "guru lagu", saupama dina wangun puisi "sisindiran" mah sok disebutna purwakanti. Jadi, nu disebut "guru lagu" téh nyaéta ....
a)
sora vokal tungtung dina unggal padalisan
b)
rucatan atawa penggalan kecap dina unggal padalisan
c)
sora vokal tungtung dina unggal pada
d)
jumlah baris dina unggal pada
21.
Istilah "engang" dina wangun "sisindiran", sarua jeung istilah "guru wilangan" dina "pupuh". Jadi, nu disebut "guru wilangan" nyaéta ....
a)
sora vokal tungtung dina unggal padalisan
b)
rucatan atawa penggalan kecap dina unggal padalisan
c)
sora vokal tungtung dina unggal pada
d)
jumlah baris dina unggal pada
22.

Kanyaah indung teu aya bandingna
hargaan indung kuring
Ngandung téh teu gampang
Tong hilap ka jasana
Nu geus ngajaga ti leutik
mun hoyong surga
Ajénan indung kuring

Bapa mangrupikeun imah kulawarga
Jalmi anu terpenting
dina kulawarga
Nu ngorbankeun sagala
Bapa hampurakeun abdi
nu sok ngalawan
hormati bapa kuring

Karya: Alika Zahiraa

Eusi guguritan di luhur nyaritakeun ngeunaan ....

a)
kanyaah indung
b)
jasana bapa
c)
kudu hormat ka sepuh
d)
kudu hormat ka indung
23.

Kadé kudu bisa jaga diri
Urang ulah poho
Unggal isuk moyan panon poé
Jaga jarak masing-masing diri
kudu ati-ati
sok gera ngagugu

Sabab panyakit jaman kiwari
terus ngadodoho
komo mun masker poho dipaké
Tangtu urang anu bakal rugi
Diajar tarapti
Séhat nu dituju

Karya: Aufaa Khansa

Eusi guguritan di luhur nyaritakeun ngeunaan ....

a)
ngajaga diri ku cara hirup séhat tur tarapti
b)
Ngajaga diri ku cara moyan panon poé
c)
rupa-rupa panyakit jaman kiwari
d)
ngajaga diri ku cara maké masker
24.
Nyieun atawa ngarang guguritan sok disebut ...
a)
ngagurit
b)
ngadangding
c)
nyadur
d)
narjamahkeun
25.
Lamun urang ngarang guguritan kudu apal heula pupuh anu jumlahna aya 17. Diantarana aya nu kagolong pupuh sekar ageung anu ngawengku ....
a)
kinanti, sinom, asmarandana, durma
b)
kinanti, asmarandana, dangdanggula, gurisa
c)
asmarandana, dangdanggula, durma, sinom
d)
kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula
26.
Pupuh anu loyog keur ngagambarkeun suasana peperangan atawa sumanget nu ngagedur nyaéta ...
a)
asmarandana
b)
balakbak
c)
dangdanggula
d)
durma
27.
Pupuh anu loyog keur ngagambarkeun eusi haté anu keur nganti-nganti atawa ngadago nyaéta ...
a)
dangdanggula
b)
gurisa
c)
juru demung
d)
kinanti
28.

Pék tengetan ieu guguritan di handap!

Dinten ieu éstu bingah ati
Ku jalaran panceg milangkala
Kénging kurnia ti Alloh
Réhing nambihan umur
Tepung taun umur sim abdi
Henteu weléh neneda
Ka Gusti nu Agung
Malar umur téh mangpaat
Tebih bahla turta pinarinan rijki
Sumujud ka Pangéran

Patokan guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur nyaéta ....

a)
10i, 10a, 8o, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a
b)
10i, 10a, 8e, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a
c)
10i, 10a, 8i, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a
d)
10i, 10a, 8o, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7u
29.

Pék tengetan ieu guguritan di handap!

Dinten ieu éstu bingah ati
Ku jalaran panceg milangkala
Kénging kurnia ti Alloh
Réhing nambihan umur
Tepung taun umur sim abdi
Henteu weléh neneda
Ka Gusti nu Agung
Malar umur téh mangpaat
Tebih bahla turta pinarinan rijki
Sumujud ka Pangéran

Dumasar kana patokan guru lagu jeung guru wilangan, guguritan di luhur ditulis maké ugeran pupuh ....

a)
asmarandana
b)
mijil
c)
dangdanggula
d)
lambang
30.

Titénan ieu kalimah-kalimah di handap!
1. Wawacan leuwih panjang eusina ti batan guguritan
2. Wawacan ngawangun hiji carita sedengkeun guguritan mah henteu
3. Wawacan mah pupuhna ngan hiji sedengkeun guguritan mah loba
4. Wawacan pupuhna loba sedengkeun guguritan mah ngan hiji

Pernyataan anu bener nyaéta ....

a)
1, 2, 3
b)
2, 3, 4
c)
1, 3, 4
d)
1, 2, 4
31.
Seni maca wawacan téh sok disebut ....
a)
beluk
b)
nembang
c)
ngawih
d)
sandiwara
32.
Ngahaleuangkeun guguritan téh sok disebut ....
a)
beluk
b)
nembang
c)
ngawih
d)
sandiwara
33.
Wawacan téh boga struktur anu mandiri ngawengku ....
a)
kolofon, alofon, eusi
b)
alofon, eusi, kolofon
c)
alofon, manggalasastra, kolofon
d)
kolofon, manggalasastra, eusi
34.
Anu ngarang Wawacan Panji Wulung nyaéta ....
a)
Yus Rusyana
b)
R.H. Muhammad Musa
c)
R.H. Abdussalam
d)
Dedy Windyagiri
35.
Guguritan nepi ka kiwari aya kénéh nu nulisna. Salah sahijina Lagu Ngajadi, kumpulan guguritan anu medal di taun 2014 karyana ...
a)
Dian Héndrayana
b)
Wahyu Wibisana
c)
Yus Rusyana
d)
Dyah Padmini
36.
Jaladri Tingtrim mangrupikeun kumpulan guguritan karya ...
a)
Dian Héndrayana
b)
Wahyu Wibisana
c)
Yus Rusyana
d)
Dyah Padmini
37.
Riring-riring Ciawaking mangrupikeun kumpulan guguritan karya ...
a)
Dian Héndrayana
b)
Wahyu Wibisana
c)
Yus Rusyana
d)
Dyah Padmini
38.
Wawacan populér pisan dina abad ka-19 nepi ka awal abad ka 20. Malah nepi ka pertengahan abad ka-20 masih aya nu ngarang wawacan. Ngan kiwari beuki langka anu nulis wawacan, ku sabab ....
a)
eusina biasana ngébréhkeun rasa haté atawa pikiran nu ngarangna
b)
struktur wawacan unik nyaéta ngandung manggalasastra, carita, jeung kolofon
c)
kagésér ku novél anu beuki dieu beuki populér
d)
pupuh anu dipakéna biasana hiji
39.
Ngembang di Makam Nenggang karya Dedy Windyagiri Husu hening ngembang di makam nyengceling samoja keur mangkak angin tiis ngahiliwir nebak daun tingarulang Curug nyéah di landeuh lir nu ngageuri wahangan umpalan urut hujan peuting tadi cluk-clak sora cikaracak Guguritan di luhur ditulis maké pupuh ....
a)
sinom
b)
maskumambang
c)
durma
d)
pangkur
40.

Ngembang di Makam Nenggang
karya Dedy Windyagiri

Husu hening ngembang di makam nyengceling
samoja keur mangkak
angin tiis ngahiliwir
nebak daun tingarulang

Curug nyéah di landeuh lir nu ngageuri
wahangan umpalan
urut hujan peuting tadi
cluk-clak sora cikaracak

Suasana anu kagambar atawa karasa dina guguritan di luhur nyaéta ....

a)
kaduhung, hanjelu, hanjakal
b)
senang, gumbira, bagja
c)
nyeri, nalangsa, peurih
d)
banyol, heureuy, pikaseurieun
41.

Nya Ieu Masjid Nabawi
karya Yus Rusyana

Aya munara ngagenclang
lampu reunceum tingkaretip
katémbong ti kaanggangan
mutuh matak narik ati
harita téh janari
panasaran naon itu
tapi teu kedal nanya
disidem di jero ati
dipapantes Masjid Nabawi téh éta

Barang bréh ti kadeukeutan
Tétéla geuningan masjid
panyangka henteu nyalahan
nya ieu Masjid Nabawi
masjid éndah tur rasmi
kuring moro solat subuh
asup ti beulah wétan
manjing ka masjid utami
cararaang mawa hégar kana rasa

Guguritan di luhur ditulis maké pupuh ....

a)
sinom
b)
asmarandana
c)
dangdanggula
d)
kinanti
42.

Nya Ieu Masjid Nabawi
karya Yus Rusyana

Aya munara ngagenclang
lampu reunceum tingkaretip
katémbong ti kaanggangan
mutuh matak narik ati
harita téh janari
panasaran naon itu
tapi teu kedal nanya
disidem di jero ati
dipapantes Masjid Nabawi téh éta

Barang bréh ti kadeukeutan
Tétéla geuningan masjid
panyangka henteu nyalahan
nya ieu Masjid Nabawi
masjid éndah tur rasmi
kuring moro solat subuh
asup ti beulah wétan
manjing ka masjid utami
cararaang mawa hégar kana rasa

Suasana anu kagambar atawa karasa dina guguritan di luhur nyaéta ....

a)
senang, gumbira, bagja
b)
nyeri, nalangsa, peurih
c)
simpé, bingung, sedih
d)
heureuy, banyol, pikaseurieun
43.

Pék perhatikeun ieu guguritan di handap!
Sasambatna Anu Késrék

Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi késrék
Réh ka sepuh atos wantun ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh

Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna mah ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles teu kasungsi deui
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Aya sabaraha pada guguritan di luhur téh ....

a)
tilu
b)
genep
c)
dalapan belas
d)
hiji
44.
Pék perhatikeun ieu guguritan di handap! Sasambatna Anu Késrék Aduh Gusti Anu Maha Suci Sim abdi rumaos Pangna abdi dumugi késrék Réh ka sepuh atos wantun ngusir Takabur sareng dir Téga nundung sepuh Pédah sepuh hina sareng miskin Sangsara kokoro Ku sim abdi dihina ditokér Moal boa manahna mah ngerik Lir digerih hinis Manahna mo lipur Gaduh maksad rék babalik pikir Mung anu didongdon Weléh lapur teu kapendak baé Sepuh ngiles teu kasungsi deui Leungit tanpa lebih Abdi bati bingung Guguritan di luhur ditulis maké wangun pupuh ....
a)
mijil
b)
magatru
c)
maskumambang
d)
durma
45.

Pék perhatikeun ieu guguritan di handap!
Sasambatna Anu Késrék

Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi késrék
Réh ka sepuh atos wantun ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh

Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna mah ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles teu kasungsi deui
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Eusi guguritan di luhur téh nyaritakeun perkara ....

a)
budak nu doraka ka sepuhna
b)
budak nu babakti ka sepuhna
c)
budak nu bageur ka sepuhna
d)
budak nu reueus ka sepuhna
46.

Pék perhatikeun ieu guguritan di handap!
Sasambatna Anu Késrék

Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi késrék
Réh ka sepuh atos wantun ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh

Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna mah ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles teu kasungsi deui
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Ku naon pangna tokoh "sim abdi" di luhur ngusir kolotna ....

a)
manahna ngerik lir digerih hinis
b)
sabab gaduh maksad rék babalik pikir
c)
pédah késrék
d)
pedah sepuh hina jeung miskin
47.

Pék perhatikeun ieu guguritan di handap!
Sasambatna Anu Késrék

Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi késrék
Réh ka sepuh atos wantun ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh

Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna mah ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles teu kasungsi deui
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Guguritan di luhur téh hayang nepikeun amanat naon ....

a)
kudu babakti ka sepuh tong nepika nganyerikeun haténa
b)
kudu ngusir sepuh méh meunang panyakit késrék
c)
upama sepuh hina sareng miskin tur sangsara teu nanaon diusir gé, asal ditéang deui
d)
upama sepuh nuju susah urang kudu ngadu'akeun
48.

Pék perhatikeun ieu guguritan di handap!
Sasambatna Anu Késrék

Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi késrék
Réh ka sepuh atos wantun ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh

Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna mah ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles teu kasungsi deui
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Aya sabaraha pada guguritan di luhur ....

a)
tilu
b)
genep
c)
dua belas
d)
dalapan belas
49.
Pék perhatikeun ieu guguritan di handap! Sasambatna Anu Késrék Aduh Gusti Anu Maha Suci Sim abdi rumaos Pangna abdi dumugi késrék Réh ka sepuh atos wantun ngusir Takabur sareng dir Téga nundung sepuh Pédah sepuh hina sareng miskin Sangsara kokoro Ku sim abdi dihina ditokér Moal boa manahna mah ngerik Lir digerih hinis Manahna mo lipur Gaduh maksad rék babalik pikir Mung anu didongdon Weléh lapur teu kapendak baé Sepuh ngiles teu kasungsi deui Leungit tanpa lebih Abdi bati bingung Aya sabaraha padalisan dina unggal pada dina guguritan di luhur ....
a)
tilu
b)
genep
c)
dua belas
d)
dalapan belas
50.

Pék perhatikeun ieu guguritan di handap!
Sasambatna Anu Késrék

Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi késrék
Réh ka sepuh atos wantun ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh

Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna mah ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles teu kasungsi deui
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Guru wilangan jeung guru lagu dina guguritan di luhur nyaéta ....

a)
10i, 70, 10 é, 10i, 6i, 6u
b)
10i, 6o, 10é, 10i, 6i, 6u
c)
10i, 6o, 10é, 11i, 6i, 6u
d)
10i, 6o, 9é, 10i, 6i, 6u
51.

Pék perhatikeun ieu guguritan di handap!
Sasambatna Anu Késrék

Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi késrék
Réh ka sepuh atos wantun ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh

Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna mah ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles teu kasungsi deui
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Suasana atawa watek tina pupuh nu dipaké dina guguritan di luhur nyaéta ....

a)
keuheul, lumampah
b)
tamba kesel
c)
heureuy pikaseurieun
d)
simpé, bingung, sedih