wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Quis basa Sunda CM Penyisihan kls 7

Total questions: 50

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.
1. Topik anu digunem caturkeun ku Arya jeung Aldi dihandap ieu nyaeta...
a)
A. nguseup
b)
B. Neangan Buku Basa Sunda
c)
C. Maen Bal
d)
D.Ulin ka basisir
2.
2. Dimana tempat silitungguan antara Aldi jeung Arya teh.
a)
A. Pasar
b)
B. Hareupeun sakola
c)
C. Hareupeun Polsek
d)
D. Di Warung
3.
3. Paguneman teh dilakukeun ku.....
a)
A. Sorangan bari sora bedas
b)
B.Duaan tapi nu ngomongna saurang
c)
C. Duaan atawa leuwih bari silitempas
d)
D.Sorangan bari Sorana teu Kadenge ku batur
4.
4. Ngaran Kaulinan Barudak ieu dihandap nya eta
a)
A. Sondah
b)
B. Perepet jengkol
c)
C. Oray-orayan
d)
D. sapintrong
5.
5. ngaran kaulinan barudak ieu di handap nya eta...
a)
A. Sapintrong
b)
B.Perepet Jengkol
c)
C. Paciwit ciwit lutung
d)
D. Congkak
6.
6. Ngaran kaulinan ieu di handap nya eta....
a)
A. Congkak
b)
B. Sondah
c)
C. egrang
d)
D. Ngadu Kaleci
7.
7. Pot, Oles, Blep, Dur Istilah- istilah eta aya dina kaulinan Barudak....
a)
A. Egrang
b)
B. Sondah
c)
C. Ngadu kaleci
d)
D. Oray-orayan
8.
8. mi nangkar, mi nangkub, bakar istilah -istilah eta aya dina kaulinan.....
a)
A. Beklen
b)
B. Sondah
c)
C. Oray-orayan
d)
D. Boy-Boyan
9.
9. ieu dihandap mangrupa kaulinan anu dibarung ku kakawihan, iwal.....
a)
A. Beklen
b)
B.Oray-orayan
c)
C. Cingciripit
d)
D.Perepet jengkol
10.
10, ieu dihandap kaulinan barudak anu henteu dibarung ku kakawihan. nya eta...
a)
A. oray-orayan
b)
B. gatrik
c)
C. Cing ciripit
d)
D. pacici- cici putri
11.
11. Kuring kakara balik ti sakola. dirobah jadi ragam basa hormat......
a)
A. Abdi nembe mulih ti sakola.
b)
B. Abdi kakara mulih ti sakola.
c)
C. Abdi nembe wangsul ti sakola.
d)
D.Abdi nembe mulang ti sakola.
12.
12. Indung kuring mah ngajarna di Cikakak. Ragam basa hormatna....
a)
A.Pun ibu mah ngawulangna di Cikakak.
b)
B.Pun biang mah ngawulangna di Cikakak.
c)
C.Tuang biang mah ngawulangna di Cikakak.
d)
D.Tuang ibu mah ngawulangna di Cikakak
13.
13. Kamari Kuring papanggih jeung lanceuk maneh. Ragam basa hormatna.....
a)
A. Kamari abdi patepang sareng pun lanceuk.
b)
B. Kamari abdi patepang sareng pun raka.
c)
C.Kamari abdi patepang sareng tuang lanceuk.
d)
D.Kamari abdi patepang sareng tuang raka.
14.
14.Basa bapa kuring datang, kuring keur ngadengekeun radio. Ragam basa hormatna....
a)
A. Waktos rama abdi sumping, abdi nuju ngupingkeun radio.
b)
B.Waktos pun bapa sumping, abdi nuju ngupingkeun radio.
c)
C.Waktos pun bapa sumping, abdi nuju ngadangukeun radio.
d)
D. Waktos pun bapa dongkap, abdi nuju ngupingkeun radio.
15.
15.Tatakrama basa Sunda Maksudna pikeun...
a)
A. ngawilah-wilahb jalma
b)
B. ngahargaan saluhureun
c)
C. silihargaan jeung sasama
d)
D.ngahormat ka atasan
16.
16. Lengkepan ieu kakawihan dihandap. Ayang-ayang Gung Ayang-ayang gung gung goongna rame menak Ki Mas Tanu ................................
a)
A. nu jadi camat
b)
B. nu jadi wadana
c)
C. tukang olo-olo
d)
D.loba anu giruk
17.
17.Lengkepan ieu kakawihan di handap. Eundeuk-eundeukan Eundeuk- eundeukan, lagondi meunang.......... sahiji leupas deui ku nini beunang deui ku aki.
a)
A.Domba
b)
B.Ucing
c)
C.Peucang
d)
D.Maung
18.
18. baca kakawihan ieu dihandap.
a)
A. Ngundi atawa nangtukeun ucing
b)
B. Ngamimitian maen kaleci
c)
C. Upama ucing ngokok wae teu daek liar
d)
D. Ucingna cicing wae
19.
19. baca kakawihan ieu dihandap. Cingkorokok bodogol cau ucingna ngokok calanana bau eta dikawihkeun digunakeun upama...
a)
A. Ngundi atawa nangtukeun ucing
b)
B. Ngamimitian maen kaleci
c)
C. ucing ngokok wae teu daek liar
d)
D. Ucingna cicing wae
20.

20. nurutkeun pupujian diluhur, kumaha kaayaan di jero kubur teh..

a)
A. Rame pisan
b)
B. Poek pisan
c)
C. Caang pisan
d)
D. Sepi
21.
21. Kagiatan atawa amalan naon anu bisa nyaangan dijero kubur teh…
a)
A. Maca koran
b)
B. Maca Qur'an
c)
C. Maca Buku
d)
D. Maca Sholawat
22.
22. Nu diCulkeun teh nurutkeun pupujian anak adam Nya eta hal ieu dihandap Iwal....
a)
A. Anak
b)
B. salaki
c)
C. babandaan
d)
D. Amal-amalan
23.
23.Eling-eling dulur kabeh Ibadah ulah campoleh Beurang peuting ulah weleh Bisina kaburu paeh. Ditilik tina eusina, pupujian diluhur kagolong..
a)
A. pepeling
b)
B. muji ka gusti
c)
C. sholawat ka nabi
d)
D. doa jeung tobat ka pangeran
24.
24.babasan pikeun nyebutkeun jalma nu teu boga kaera nya eta...
a)
A. Heuras genggerong
b)
B. Kandel kulit beugeut
c)
C. Kembang buruan
d)
D. Lindeuk japati
25.
25.Rengsekeun ieu paribasa Kawas....... katincak Kecap anu cocog keur ngalengkepan eta paribasanya eta...
a)
A. Munding
b)
B. Gaang
c)
C. Cacing
d)
D. Kuya
26.
26. ieu dihandap mangrupa kecap serepan tina basa Arab, iwal....
a)
A. ibadah
b)
B. solat
c)
C. elmu
d)
D. jandela
27.
27. "Harita abdi kedah ngalangkung ka kuburan. abdi sieun pisan, padahal harita teh henteu sorangan, tapi direncangan. rerencangan oge sami ngaraos sieun sareng keueung.pas harita teh malem jumaah. Nilik kana eusina pangalaman diluhur teh mangrupa pangalaman......
a)
A. pikabungaheun.
b)
B. pikasediheun
c)
C. pikasieuneun
d)
D. pikaseurieun
28.
28. poe minggu harita teh rerencangan abdi ngajakan nguseup ka wahangan Sukawayana.beres bebekelan eupan sareng jejer, teu hilap mekel timbel da bisi lapar.lung jejer katengah leuwi teu lami rerencangan ngagorowok useupna aya nu nyangut cenah lauk badag.ari barang ditarik sugan teh lauk badag ari pek teh sapatu butut.atuh kuring teh seuseurian nilik kana eusina pangalaman diluhur mangrupa pangalaman....
a)
A. Pikaseurieun
b)
B. Pikabungaheun
c)
C. Pikasediheun
d)
D. Pikareueuseun
29.
29.Ajen moral nu dikandung dina kaulinan Ucing-ucingan nya eta saperti ieu dihandap iwal...
a)
A. sabar
b)
B. Tuhu kapamingpin
c)
C. disiplin
d)
D.Teu narima kana kanyataan
30.
30. Iraha, rek ka jakarta teh? kecap iraha dina kalimah diluhur mangrupa kecap...
a)
A. parentah
b)
B. Panyaram
c)
C. Pananya
d)
D. Panyeluk
31.
31. ieu dihandap mangrupa kecap serepan tina basa Arab, iwal...
a)
A. Solat
b)
B. sakarat
c)
C. Elmu
d)
D. Jandela
32.
32.Ucang-ucang anggé ……………………… Tuluyan éta kakawihan nya éta …..
a)
A. néangan muncang ka Paranggé
b)
B. ngala muncang ka Paranggé
c)
C. mawa muncang ka Paranggé
d)
D. mulung muncang ka Paranggé
33.
33.. “ Entong sok ngaroko, henteu Sehat!” Kalimah di luhur upama nilik kana maksudna mangrupa kalimah parentah...
a)
A. Pangajak
b)
B.Panitah
c)
C. Panyaram
d)
D.Pangjurung
34.
34. Sakadang Kuya mah nyérangkeun waé ti handap. Manéhna kacida hanjeluna, pédah geus katipu ku Sakadang Monyét. Kahayangna mah ngarebut deui sulingna, tapi teu bisaeun naék. Koloyong ka sisi leuwi Sipatahunan. Gok patepung jeung Sakadang Hurang katut Sakadang Keuyeup. Ku naon Sakadang Kuya bangun nu bingung?” Sakadang Hurang nanya. Barang anu direbut ti sakadang kuya ku sakadang Monyet teh nya eta…
a)
A. Goong
b)
B. Suling
c)
C. Tarompet
d)
D. Saputangan
35.
35. Watek sakadang monyet dina dongeng diluhur nya eta...
a)
A. Sarakah
b)
B. bageur
c)
C.Ramah
d)
D.Pangedulan
36.
36. Anak japati naon ngaranna?
a)
A. Begog
b)
B. Belo
c)
C.piyik
d)
D. bocokok
37.
37. Ari ngaran anak kuda nya eta.....
a)
A. Belo
b)
B. Begog
c)
C.Bocokok
d)
D.Bilatung
38.
38. Ari ngaran anak ucing mah....
a)
A. Belo
b)
B.Bilatung
c)
C.Piyik
d)
D.Begog
39.
39.Tokoh utama dina dongeng Sasakala Gunung Tangkuban Parahu Nya eta….
a)
A. Nyi Putri Laras pandan layung
b)
B. Nyi Roro Kidul
c)
C. Putri Kadita
d)
D. Dayang Sumbi
e)
Option 5
40.
40. Saha anu najong Parahu nepi ka jadi Gunung tangkuban parahu teh.
a)
A. Sangkuriang
b)
B. Si tumang
c)
C.Prabu siliwangi
d)
D.Kiansantang
41.
41. Neng Nina budakna leuleus awak Leuleus awak mangrupa babasan nu hartina....
a)
A. Daekan
b)
B. Hese dititah
c)
C.Awakna leuleus
d)
D. Sombong
42.
42. Ari jadi Budak ulah sok beurat birit. Hartina beurat birit nya eta....
a)
A. Hese dititah
b)
B. Babari dititah
c)
C. biritna beurat
d)
D. Sieunan
43.
43." jalma anu gede hulu teu dipikaresep. Gede hulu hartina.....
a)
A. Sieunan
b)
B.Sombong
c)
C. Hese dititah
d)
D. resep pipindahan
44.
44.Wanci layung hurung konéng Manéhna datang leungeuna euweuh sapotong Bedil nyolengkrang ’na tonggong Pélor ngabérés handapeun cangkéng ..... Nu dicaritakeun dina sajak di luhur di luhur nya éta
a)
A. Patani
b)
B. Guru
c)
C. Dokter
d)
D.Pejuang
45.
45.Cing jang pengmeulikeun buku ! Kalimah diluhur magrupa kalimah....
a)
A. parentah
b)
B. Pananya
c)
C. Panyeluk
d)
D. Panyaram
46.
46. Salah sahiji media informasi jeung Promosi dimana pihak perusahaan atawa pamarentah ngapromosikeun barang jeung jasa ka masarakat, biasana eusina mangrupa pangajak pikeun mangaruhan masarakat disebut….. .
a)
A. Iklan
b)
B. Informasi
c)
C. Himbauan
d)
D. Parentah
47.
47. tema ieu iklan dihandap nya eta...
a)
A. Kabersihan
b)
B. Hukum
c)
C. Wajib belajar
d)
D. Dagang
48.
48. Tema Iklan layanan masarakat ieu dihandap nya eta...
a)
A. Lingkungan hidup
b)
B. kesehatan
c)
C.Hukum
d)
D. Kebesihan
49.
49. tingali iklan ieu dihandap
a)
A. Maca Buku
b)
B. Maca Koran
c)
C. Maca Tatangkalan
d)
D. Maca alam
50.
50. Harita teh poe saptu poe anu ditunggu-tungu, da harita teh pas poe kenaikan kelas . hate dag dig dug basa pa guru ngumumkeun peringkat kelas. hate bungah kacida basa ngaran kuring disebut, sarta kuring meunang rengking kahiji.kuring dipanggil kahareupeun kelas pikeun narima tropy jeung bingkisan. nilik kana eusina eta pangalaman teh mangrupa pangalaman nu....
a)
A. Pikasediheun
b)
B.Pikabungaheun
c)
C. Pikasebeleun
d)
D. pikasieuneun