WorksheetsLatihan Soal ASAS 1 Kelas 7
Total questions: 25
Worksheet time: 25mins
Dina paguneman, aya kecap "halo" anu sok dikedalkeun lamun urang rék ...
Nyarita
Nelepon
Ngawawarkeun
Balanja
Dina waktu covid-19, sakabéh jalma ku pamaréntah dititah caricing di imah. Kaasup dina diajar ogé henteu langsung tatap muka. Di handap ieu anu kaasup conto dina diajar atawa paguneman jarak jauh téh nyaéta ...
Google meet
Debat
Diskusi
Diajar di kelas
Pamuka omongan upama urang nampa (narima) telepon, nyaéta …
Ieu sareng saha?
Badé ka saha?
Assalamualaikum. Hallo. Wilujeng siang.
Punten, rék ka abdi?
Tatakrama basa atawa undak usuk basa Sunda téh diwincik (dibagi) jadi ... rupa.
1
2
3
4
Dina basa Indonésia anu mibanda harti nu sarua jeung kecap "paguneman" nyaéta …
Berbicara
Bercakap
Perintah
Percakapan
Di handap ieu anu kaasup kana paguneman ménta dihampura, nyaéta ...
Kaulinan anu dilakukeun ku cara dua leungeun muntang kana dahan beulah luhur, sedengkeun suku ngeundeuk-ngeundeuk dahan nu ditincak disebutna …
Ucang anggé
Galasin
Luncat tinggi
Eundeuk-eundeukan
Dumasar kana tujuan jeung eusina, kaulinan barudak teh dipasing-pasing jadi ...
Lalaki, awéwé jeung campuran
Maké alat jeung ngalongkéwang
Olahraga, hiburan, tanding
Campuran, maké alat, aya kakawihan
Kaulinan barudak anu diulinkeun lobaan jeung ngabutuhkeun tempat anu lega nyaéta ...
Congklak
Endog-endogan
Cingciripit
Boy-boyan
Barudak nu rék arulin oray-orayan saméméhna kudu ...
Silih cekel cangkéng, nu tukang ka nu hareup tuluy ngaruntuy
Silih cekel leungeun, nu tukang ka nu hareup tuluy ngaruntuy
Silih cekel suku, nu tukang ka nu hareup tuluy ngaruntuy
Silih cekel taktak, nu tukang ka nu hareup tuluy ngaruntuy
Ieu di handap anu teu kaasup kana kaulinan barudak lalaki nyaéta ...
Anjang-anjangan
Pepeletokan
Mengbal
Ngadu kaleci
Kaulinan anu dijieun tina kai ukuran panjangna leuwih kurang 40 cm sarta lebarna 15 cm tuluy dibéré logak nu engkéna dieusina kuwuk, siki salak, jsb. Mangrupa kauinan ...
Sondah
Bébénténgan
Congklak
Langlayangan
Dongéng bisa sumebar dina kahirupan rayat nyaéta ku cara …
Dituliskeun ku urang Walanda.
Ku cara lisan, nyaéta tatalépa ti hiji jalma ka jalma séjén.
Dituliskeun dina prasasti nu ajeg.
Dituliskeun dina kumpulan dongéng kolot baheula.
Dongéng miboga salasahiji unsur ciri has, nyaéta ...
Unsur atikan
Unsur amanat
Unsur pamohalan
Unsur palaku
Bédana dongéng jeung carpon atawa novél, nyaéta ...
Dongéng mah caritana panjang
Dongéng mah nyaritakeun kahirupan jaman baheula
Dongéng mah anonim
Dongéng mah palakuna loba
Dongéng-dongéng Si Kabayan kaasup kana dongéng ...
Sagé
Babad
Fabél
Parabél
Di handap ieu mangrupa sipat-sipat dongéng, iwal …
Sumebar sacara lisan
Caritana asal-asalan
Caritana sok parondok tara panjang
Anonim atawa teu kanyahoan pangarangna
Ieu di handap conto-conto unsur pamohalan dina dongéng, iwal ...
Jalma bisa komunikasi jeung mahluk goib
Sasatoan bisa ngomong
Parahu bisa robah jadi gunung
Nu beunghar sok nyiksa nu sangsara
Dumasar papasinganana, anu disebut dongéng legénda téh nyaéta …
Dongéng anu eusina nyaritakkeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun tapi lenyepaneun.
Dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembutan atawa perkara-perkara anu goib.
Dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.
Dongéng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah.
Di handap ieu kaasup dongéng ti daérah Jawa Barat, iwal ...
Malin Kundang
Lutung Kasarung
Situ Bagendit
Talaga Warna
Paguneman asalna tina kecap gunem anu hartina nyarita …
Silitempas
Sorangan
Lemes
Kasar
Dina kagiatan paguneman téh biasana …
Aya nu nyarita jeung aya nu nulis
Aya nu nyarita jeung aya nu maca
Aya nu nyarita jeung aya nu nyarita
Aya nu nyarita jeung aya nu diajak nyarita
Mana anu kaasup dongéng Mite (mitos) ...
Anu kaasup kana dongéng sasatoan nyaéta….
Sasakala Maung Panjalu
Si Kabayan Ngadeupaan Lincar
Gajah jeung Sireum
Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun Jadi Legok
Dongéng “Sasakala Talaga Warna “ nyaritakeun ngeunaan asal-usul ….
Hiji barang
Pacaduan
Sasatoan
Tempat
