WorksheetsPakeman Basa 1
Total questions: 15
Worksheet time: 7mins
Tulisan anu medar (ngabahas) hiji perkara disebut ....
paribasa
babasan
bahasan
uga
Ugkara basa anu kekecapanana geus matok, puguh éntép seureuhna, sarta miboga harti anu béda jeung harti kecap asalna disebut ....
pakeman basa
paribasa
bahasan
babasan
Ieu di handap mangrupa conto paribasa, iwal ....
cul dogdog tinggal igel
lauk buruk milu mijah
amis budi
monyét ngagugulung kalapa
Babasan anu hartina sombong atawa adigung nyaéta .....
amis budi
panjang leungeun
hulu peutieun
gedé hulu
Ieu di handap anu jadi tema atawa topik dina bahasan, iwal ....
ékonomi
gibah
atikan
kabudayaan
Bahasan téh tulisan anu ngabahas masalah ....
politik
ékonomi
palasipah
naon baé
Anu disebut opini téh nyéta ....
kamandang pribadi
hasil survey
hasil panalungtikan
hasil panalingaan
Idiom dina bahasa Sunda mah disebutna ....
paribasa
babasan
caturangga
pakeman basa
Anu matak disebut pakeman basa téh lantaran .....
susunan kecapna diluyukeun jeung maksudna
susunan kecapna geus puguh éntép seureuhna
susunan kecapna teu bisa ditangtukeun
susunan kecapna bisa dirobah-robah
Anu kaasup kana pakeman basa nyaéta ....
rakitan basa
rakitan dalit
rarakitan
rakitan matok
"Sukapura ngadaun ngora", ungkara éta kaasup .....
paribasa
babasan
rakitan lantip
cacandran
Babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jeung pasipatan jalma disebut ....
babasan
paribasa
rakitan lantip
cacandran
Uga mangrupa pakeman basa anu eusina tujuman kana ....
kaayaan hiji daerah dina hiji mangsa
kaayaan hiji jalma dina kahirupan
kaayaan nagara dina mangsa nu bakal datang
kaayaan nagara dina mangsa nu geus kasorang (masa lalu)
Anu kaasup caturangga, iwal ...
satria pinilih
satria kinayungan
sumur bandung
sekar panggung
Caturangga téh pakeman basa anu eusina ngeunaan hadé goréngna watek ....
ucing
jalma
manuk
kuda
