wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Pakeman Basa

Total questions: 20

Worksheet time: 14mins

Name
Class
Date
1.

Dina basa Indonésia pakeman basa téh mirip jeung nu disebut …

a)

Idiom

b)

Gaya Basa

c)

Babasan

d)

Paribasa

2.

Dina basa Sunda pakeman basa miboga harti ...

a)

Wangun basa anu husus tur mandiri sarta boga harti anu teu sabenerna, maksudna aya harti anu disumputkeun.

b)

Ungkara dina wangun kecap kantétan (anu teu bisa diselapan ku kedap séjén lantaran bisa ngarobah harti) anu susunan kecapna geus matok sarta miboga harti injeuman.

c)

Ungkara dina wangun kalimah anu kekecapan jeung susunanana geus matok sarta maksudna geus puguh.

d)

Tujuman (ramalan) anu aya patalina jeung parobahan penting, pangpangna parobahan kaayaan nagara (daérah).

3.

Anu kaasup kana paribasa Sunda téh loba pisan, salah sahiji contona nyaéta ...

a)

Haripeut ku teuteureuyeun

b)

Hadé gogog hadé tagog

c)

Bodo aléwoh

d)

Lungguh tutut

4.

Anu teu kaasup babasan nyaéta ...

a)

Amis budi

b)

Handap asor

c)

Buntut kasiran

d)

Agul ku payung butut

5.

Babasan jeung paribasa téh saenyana mah sarua baé atawa hésé dibédakeunana, ngan baé beunang disebutkeun bédana babasan jeung paribasa téh nyaéta, iwal ti ...

a)

Babasan mah ungkara dina wangun kecap kantétan sedengkeun paribasa mah ungkara dina wangun kalimah

b)

Babasan mah ungkarana parondok béda jeung paribasa anu ungkarana leuwih panjang lantaran wangun kalimah

c)

Babasan mah eusina ngagambarkeun kaayaan atawa pasipatan hiji jalma sedengkeun paribasa ngandung harti anu jero, mangrupa pépéling atawa palasipah hirup

d)

Babasan jeung paribasa mangrupa ungkara anu susunanana geus matok sarta miboga harti injeuman (lain harti sabenerna)

6.

Rakitan lantip mangrupa susunan kecap atawa ungkara anu teu dihartikeun sacéréwélna saperti ...

a)

Cing pangmeujitankeun lauk!

b)

Manéhna téh ayeuna mah geus boga korsi di kantorna

c)

Garut pangirutan

d)

Sunda nanjung, lamun nu pundung ti Bandung ka Cikapundung geus balik deui

7.

Kiasan sarua hartina jeung injeuman. Sedengkeun kecap kiasan miboga harti ...

a)

Susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan

b)

Kecap anu hartina diupamakeun kana harti kecap séjén atawa ngandung harti konotatif

c)

Panataan kana pasipatan tempat anu ucapanana dibalibirkeun henteu langsung kana maksud

d)

Tujuman (ramalan) anu aya patalina jeung parobahan penting, pangpangna parobahan kaayaan nagara (daérah)

8.

Cacandran téh siga ramalan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun. Salah sahiji contona nyaéta cacandran Garut anu kalimahna ...

a)

Bandung heurin ku tangtung

b)

Cianjur katalanjuran

c)

Garut pangirutan

d)

Sumedang ngarangrangan

9.

Uga nyaéta tujuman (ramalan) anju aya patalina jeung parobahan penting, pangpangna parobahan kaayaan nagara (daérah). Di handap anu teu kaasup uga nyaéta ...

a)

Pulo Jawa kaéréh ku kulit kuning lilana saumur jagong

b)

Sunda nanjung, lamun nu pundung ti Bandung ka Cikapundung geus balik deui

c)

Sunda nanjung lamun pulung turun ti Galunggung

d)

Cianjur katalanjuran

10.

Salian ti ramalan ngeunaan tempat, aya ogé wanda pakeman basa anu nyaritakeun perkara kaweruh pikeun mikanyaho tanda-tanda atawa perwatek kuda anu disebut ogé …

a)

Babasan

b)

Cacandran

c)

Caturangga

d)

Uga

11.

Nurutkeun kapercayaan masarakat, aya rupa-rupa tanda atawa watek kuda. Watek kuda anu kagolong caturangga nu goréng kayaning ...

a)

Satria tinayungan

b)

Sekar panggung

c)

Sumur Bandung

d)

Tumpur ludes

12.

Ramalan anu aya patalina jeung cara nganyahokeun alus henteuna nasib dua jalma nu rék laki rabi disebut ...

a)

Uga

b)

Repok

c)

Caturangga

d)

Rakitan lantip

13.

Rakitan basa anu di paké sangkan ngahudang pangaruh (éfék) anu leleb ka anu maca atawa ngaregepkeun disebut gaya basa. Gaya basa mibanda .... wanda

a)

3

b)

6

c)

8

d)

10

14.

Gaya basa mijalma (personifikasi) nyaéta gaya basa anu ngaibaratkeun barang paéh kalakuanana jiga jalma hirup, conto kalimahna nyaéta ...

a)

Beungeutna pias kawas kapas

b)

Angin ngaharéwos kana ceuli

c)

Manéhna indit ka Bali maké Garuda

d)

Panonna bolotot sagedé bola pingpong

15.

Gaya basa anu ngupamakeun hiji barang/kaayaan kana barang séjén sacara langsung disebut ...

a)

Ngupamakeun (Métafora)

b)

Mijalma (Personifikasi)

c)

Rahul (Hiperbola)

d)

Ngasor (Litotés)

16.

“Linggih heula atuh Pa, ka saung butut.”

Éta kalimah téh kaasup kana gaya basa ….

a)

Ocon (Métonimia)

b)

Kadalon (Pléonasmeu)

c)

Ngasor (Litotés)

d)

Ngupamakeun (Métafora)

17.

Gaya basa anu jiga bohong lantaran kaleuleuwihi pisan disebut gaya basa …

a)

Ngupamakeun (Métafora)

b)

Kadalon (Pléonasme)

c)

Rahul (Hiperbola)

d)

Mijalma (Personifikasi)

18.

Kadalon (pléonasme) nyaéta gaya basa anu ngagunakeun kecap tambahan katerangan anu sabenerna mah teu perlu. Contona nyaéta …

a)

Basa ngaranna disebut, Ujang maju ka hareup

b)

Awakna leuleus lir ibarat kapas kaibunan

c)

Mangga diantos linggih di saung butut

d)

Kulitna tutung jiga areng, bakating ku mindeng papanasan

19.

Budak téh indit maké Honda.” Kaasup kana gaya basa …

a)

Kadalon (Pleonasme)

b)

Ocon (Metonimia)

c)

Rahul (Hiperbola)

d)

Ngasor (Litotes)

20.

Gaya basa Raguman kabagi jadi 2 nyaéta pars prototo jeung totem proparte. Conto kalimah anu ngagunakeun gaya basa pars prototo nyaéta ...

a)

Indonésia jadi juara All England taun 2017

b)

SMPN 3 Tarogong Kidul ngawakilan pasanggiri nulis carpon dina FTBI taun 2023

c)

Ditungguan ti isuk-isuk, budak téh can katempo irung-irungna acan

d)

Kabupatén Garut jadi juara umum FTBI 2024