wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LATIHAN ULANGAN CARITA BABAD

Total questions: 20

Worksheet time: 22mins

Name
Class
Date
1.

Wanda carita fiksi anu ngandung ajen sajarah atawa patali jeung sajarah disebut carita...

a)

Pabel

b)

Parable

c)

Babad

d)

Legenda

e)

Mitos

2.

Ieu di handap mangrupa alesan babad teu bisa dijadikeun sumber sajarah nu utama, iwal ti …

a)

babad teh sabangsa sajarah anu henteu teges hostorina.

b)

henteu beunang dicekel deleg dokumentasina

c)

palaku jeung tempat kajadian aya dina sajarah

d)

sakapeung carita babad ngandung hal-hal anu teu asup akal

e)

eusina sok dibauran ku legenda, mitos, atawa fabel

3.

Dina struktur carita atawa unsur dina carita babad aya nu disebut jejer. Jejer nya eta …

a)

Tokoh carita nya eta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita

b)

Pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang

c)

Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita

d)

Nyoko kana cara pangarang nyaritakeun palaku dina carita, ngajelaskeun jalma kahiji jeung katilu

e)

Puseur implengan pangarang ngeunaan eusi carita

4.

Carita babad nu ditulis dina wangun puisi mangrupa....

a)

sajak

b)

kawih

c)

mantra

d)

wawacan

e)

dongeng

5.

Kecap babad asalna tina bahasa Jawa nu hartina …

a)

muka gedong anyar

b)

muka lahan anyar

c)

muka carita anyar

d)

muka kebon anyar

e)

muka sawah anyar

6.

Baca sempalan babad ieu di handap!

(1) Selang sababaraha waktu, Karajaan Cirebon ngajorag deui Karajaan Sumedang Larang, sanggeus leuwih ti heula ngirimkeun sababaraha urang mata-mata. (2) Der baé harita mah perang campuh naker. (3) Itu ieu pada-pada kuat. (4) Korban ting jarungkel, nu tatu parna tingjaroplak, kuda tinggalabrét kalabur, trang-tréng­-trong sora pakarang anu patingaradu, anu rubuh pating garerung. (5) Kulantaran duanana pada-pada kuat, ahirna  perang dieureunkeun, dua karajaan leuwih milih daméy kucara musawarah.

Kalimah anu ngagambarkeun suasana perang nyaéta aya dina kalimah....

a)

(1)

b)

(2)

c)

(3)

d)

(4)

e)

(5)

7.

Baca sempalan carita babad ieu di handap!

Kacaritakeun jaman baheula di tanah Sunda ngadeg karajaan Pajajaran. Nu ngaprabon di éta karajaan téh jujulukna Prabu Siliwangi. Kagungan putra pameget, satria pinilih tanding ngaranna Prabu Kian Santang. Prabu Kian Santang dijenengkeun wakil ku ramana di éta karajaan, jujulukna Gagak Lumayung.

Dumasar kana sempalan carita babad di luhur, Anu ngaprabon Karajaan Pajajaran téh nya éta ....

a)

Prabu Siliwangi

b)

Prabu Kian Santang

c)

Gagak Lumayung

d)

Bagus Daka

e)

Garantang Sétra

8.

Baca sempalan babad ieu di handap!

Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita palay migarwa Déwi Citraresmi, sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun Patih Gajahmada, supaya siap-siap pikeun mapag calon pangantén istri. Ngan naha atuh dasar Gajahmada, sohor sombong, paréntah rajana langsung ditolak. Alesanana, dibandingkeun jeung Majapait, nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik.“Leuwih hadé Sri Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna,” Cenah. “Anggap waé Déwi Citraresmi téh upeti, sakalian némbongkeun yén Karajaan Galuh Pakuan taluk ka Majapait, saperti nagara-nagara séjénna.” Bisa jadi lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti dinya gancang ngirimkeun utusan, eusina persis sakumaha omongan Patih Gajahmada.

Watek Prabu Hayam Wuruk anu kagambar dina carita di luhur nyaéta....

a)

teu boga pamadegan

b)

gedé hulu

c)

daréhdéh

d)

handap asor

e)

wijaksana

9.

Istilah anu nuduhken yen hiji karya teu kapaluruh saha nu ngarangna disebut...

a)

AKronim

b)

Anonim

c)

Sinonim

d)

Homonim

e)

Antonim

10.

Salah sahiji ciri ciri dongeng nya eta aya kesan pamohalan. Naon nu di maksud pamohalan teh...

a)

Asup akal

b)

Logis

c)

Pola ngadongengna angger

d)

Sumebarna sacara lisan

e)

Teu asup akal

11.

Minangka wangun carita, dina babad teh bakal kapanggih ayana galur carita. Ieu di handap anu henteu kaasup kana wanda galur carita, nya eta......

a)

galur merele, galur bobok tengah, galur mundur

b)

galur bobok tengah, galur ngacak, galur pandeuri

c)

galur ngacak, galur, merele, galur mundur

d)

galur maju, galur pandeuri, galur tengah

e)

galur maju, galur ngacak, galur pandeuri

12.

Kecap "perlaya" sok aya pikeun ngajelaskeun tokoh dina carita babad, anu miboga harti......

a)

Maot

b)

Hirup

c)

Gering

d)

Tilem

e)

Sehat

13.

Nurutkeun susunan basana, carita babad kaasup kana wangun......

a)

Ugeran

b)

Puisi

c)

Sajak

d)

Lancaran

e)

Fiksimini

14.

7 Struktur carita babad nya éta ...

a)

Téma, amanat, gaya basa, galur, palaku, latar.

b)

Téma, amanat, palaku,latar, galur, puseur sawangan.

c)

Amanat, palaku, galur, purwakanti, puseur sawangan.

d)

Palaku, latar, galur, tema, amanat, puseur sawangan, diksi.

e)

Latar, palaku, galur, amanat, purwakanti, gaya basa, diksi.

15.

5 Anu teu kaasup kana ciri carita babad nyaéta ….

a)

Ngabogaan unsur sajarah

b)

Nyaritakeun kawani, kasaktian sarta kaajaiban hiji jalma

c)

Biasana nyaritakeun kajadian peperangan jaman baheula

d)

Palakuna salian ti jalma biasana aya sasatoan

e)

Caritana panjang jeung nyaritakeun kapahlawanan

16.

3 Nu teu kaasup wangun tulisan dina Carita Babad nya éta …

a)

Sunda Kuno

b)

Cacarakan

c)

Pegon

d)

Latén

e)

Arab

17.

Anu kaasup kana conto carita Babad diantarana nyaeta nu disebutkeun di handap ieu, kajaba ...

a)

Babad Galuh

b)

Carios Lampahing Para Wali Kabeh

c)

Carita Perang Cina di Purwakarta

d)

Wawacan Sajarah Galuh

e)

Sasakala Situ Bagendit

18.

Upama ditilik tina eusi caritana, carita babad kaasup kana golongan karya sastra dina jenis ...

a)

dongeng

b)

carpon

c)

novel

d)

sajak

e)

wawacan

19.

Pangéran Geusan Ulun manahna banget sedih. Émutanana, Aki Sayang Hawu téh tiwas, mangka éta téh andelan jurit. Pangéran Geusan Ulun ngaraos baris mendak kasusah upama tetep di dinya. Bral mangkat sapangeusi Sumedang. Ngidul méngkol ngétan, naranjak ka Pasir Reungit. Terus ka wétan meuntas walungan. Ari anu dijugjug téh suku Gunung Rengganis, anu kiwari kamashurna Kabuyutan. tina éta sempalan carita, leuwih dominan nyaritakeun ...

a)

Jejer

b)

Palaku

c)

Latar

d)

Amanat

e)

Galur

20.

Carita babad biasana ditulis dina wangun ...

a)

Guguritan

b)

Sisindiran

c)

Wawacan

d)

Sajak

e)

Prosa