Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

STS 2 - Bahasa Sunda Kelas 7 - 2024/2025

Total questions: 25

Worksheet time: 50mins

Name
Class
Date
1.

Sikep anu nulis rumpaka kawih nu karasa ku nu ngaregepkeun atawa nu maca, upama sedih, nalangsa, bungah kaasup kana …

a)

Tema

b)

Nada

c)

Rasa

d)

Amanat

2.

Kecap nu maké awalan per- nyaéta….

a)

Perwira

b)

Percis

c)

Perbawa

d)

Perlu

3.

Conto kalimah teu sampurna nyaéta…

a)

Ucingna bulu tilu

b)

Mobil éta cét beureum

c)

Imahna sisi jalan

d)

Ka kulonkeun

4.

Ungkara wangun kantétan atawa frasa anu susunanana geus matok tur ngandung harti injeuman disebut….

a)

Babasan

b)

Gaya basa

c)

Paribasa

d)

Basa-basi

5.

"Persib Maung Bandung kamari jadi juara dina piala presiden." Eta kalimah téh ngandung gaya basa….

a)

Mijalma

b)

Euphimismeu

c)

Litotés

d)

Metafora

6.

"Mani asa mobok manggih gorowong, keur mah hayang milu ari pék aya nu ngajak". Paribasa mobok manggih gorowong dina kalimah di luhur ngandung harti….

a)

Boga kahayang tapi kahontal

b)

Boga maksud tapi teu panggih pijalaneunana

c)

Jalma nu teu boga kahayang

d)

Boga maksud terus panggih pijalaneunana

7.

Paribasa nu eusina ngébréhkeun pangalaman nu geus kapilampah nyaéta…

a)

Pangjurung laku hadé

b)

Panyaram lampah salah

c)

Wawaran luang

d)

Panyaram luang

8.

Ditanya kitu téh kabéh ogé kalah… taya nu ngomong sakemék-kémék acan.

a)

Tingjarerit

b)

Tinggorowok

c)

Tingkecewis

d)

Tingharuleng

9.

Ka jalma beunghar anu … kitu mah teu raresepeun.

a)

Gedé hulu

b)

Gedé rasa

c)

Gedé haté

d)

Gedé kawani

10.

Kalimah ngantét satata nu ngabogaan hubungan lalawanan nyaéta…

a)

Manéhna geus usaha tapi sigana can diparengkeun hasil

b)

Nu datang téh Rudi atawa Roni?

c)

Ilham ngetrok panto sarta teu lila asup ka imah.

d)

Boh Amir boh Hasan sarua can bogaeun duit

11.

Ieu handap, kalimah nu dijerona ngagunakeun gaya basa ngasor nyaéta….

a)

Linggih heula atuh ka gedong sigrong abdi

b)

Linggih heula atuh ka saung butut

c)

Kebon Haji Basar mah salieuk béh

d)

Saha anu boga sawahna lega téh?

12.

Waditra seni Sunda nu dijieun tina awi kalawan cara ngamaénkeunana ditakol nyaéta….

a)

Angklung

b)

Calung

c)

Suling

d)

Tarawangsa

13.

…. Omat …. Zohér nu rék milu ka Bogor téh.

a)

Boh….boh….

b)

Boro-boro….ogé

c)

Duka….duka

d)

Boa…..rék….

14.

Basa diudag anjing, barudak….. lalumpat.

a)

Kocéak

b)

Ngocéak

c)

Tingkocéak

d)

Gorowok

15.

Ieu dihandap mangrupa conto paribasa, nyaéta….

a)

Batok bulu eusi madu

b)

Gedé hulu

c)

Leuleus awak

d)

Hampang birit

16.

"Ari jadi budak kudu hampang birit sangkan loba anu mikanyaah". Harti babasan hampang birit dina éta kalimah nyaéta….

a)

Teu daék cicing

b)

Resep indit-inditan

c)

Daéekan, babari dititah

d)

Resep pipindahan

17.

Budak … mah dititah naon waé ogétara hésé.

a)

Ceuli léntaheun

b)

Beurat birit

c)

Hampang birit

d)

Biwir nyiru rombéngeun

18.

Ieu dihandap aya nu lain conto babasan nyaéta…

a)

Atah anjang

b)

Adat ka kurung ku iga

c)

Héjo tihang

d)

Hampang leungeun

19.

Paribasa pacikrak ngalawan merak ngandung harti….

a)

Hiji hal anu teu saimbang

b)

Hal anu bakal kahontal

c)

Hal anu mungkin

d)

Hiji hal nu teu pamohalan

20.

Ieu di handap aya conto kalimah anu ngandung gaya basa mijalma, nyaétta….

a)

Gunung diharudung halimun isuk

b)

Ah, abdi mah ukur gaduh kebon satalapok jéngkol

c)

Pun Aki téh parantos kirang dangu

d)

Persib, maung Bandung kamari jadi juara dina piala presiden

21.

Carita pondok téh mangrupa karya sastra wangun…..

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Pantun

d)

Novel

22.

Kacapi, biola, sareng gitar nyaeta waditra seni anu…

a)

Dijieunna tina perunggu atawa beusi

b)

Dijieunna tina awi

c)

Ditabeuhna ku cara ditakol

d)

Maké kawat

23.

"trang treng trong" kaasup kana kecap rajekan …

a)

Dwimurni

b)

Dwireka

c)

Trilingga

d)

Dwimadya

24.

Kawih kabagi jadi 2 unsur nya eta …

a)

Unsur intinsik jeung ekstrinsik

b)

Unsur lahir jeung unsur batin

c)

Unsur sastra jeung unsur seni

d)

Unsur internal jeung unsur eksternal

25.

Anu kaasup kana kecap rajekan dwimadya nya eta …

a)

Pupusti

b)

Bulak-balik

c)

Jalma-jalma

d)

Sababaraha