NEW
Font size
WorksheetsIklan Layanan Masarakat
Total questions: 20
Worksheet time: 12mins
Upama ku urang dititénan, iklan téh mangrupa panitah, pangjurung, pangajak, panyaram, atawa pangharepan. Dina tatabasa, éta kabéh kaasup kana kalimah paréntah.
Bener
Salah
Kalimah panitah, nya éta kalimah anu eusina maksa jalma lian milampah pagawéan, saperti conto kalimah (1).
Conto séjénna
Nyai, pangmeulikeun sambeleun ka warung!
Bener
Salah
Kalimah pangjurung, nya éta kalimah anu eusina ngajurungkeun jalma lian milampah pagawéan, saperti conto kalimah (2).
Conto séjénna
Jung atuh rék sakola mah, bisi kabeurangan!
Bener
Salah
Kalimah pangajak, nya éta kalimah anu eusina ngajak jalma lian ngarah migawé babarengan jeung urang, saperti conto kalimah (3).
Conto séjénna
Urang nginjeum buku ka perpustakaan, yu!
Bener
Salah
Kalimah panyaram, nya éta kalimah anu eusina nyaram nu lian milampah pagawéan, saperti conto kalimah (4).
Conto séjénna
Entong sok ngaroko, henteu séhat!
Bener
Salah
Kalimah pangharepan, nya éta kalimah anu eusina miharep hiji hal, saperti conto kalimah (5).
Conto séjénna
Muga-muga sing salamet di jalanna!
Bener
Salah
Nyieun poster iklan layanan masarakat téh mangrupa gabungan kamampuh ngagunakeun.....
basa jeung seni
basa jeung ipa
basa jeung ips
basa jeung matematika
Basa anu digunakeun kudu narik ati anu maca, kitu deui jeung ilustrasi (gambarna) kudu matak ngahudang ....
kapanasaran anu nénjo.
kapanasaran anu ngadengekeun
kreativitas
gagasan
Iklan layanan masarakat anu mangrupa poster, pamflét, atawa stiker mindeng kapanggih di gedong fasilitas umum saperti di rumah sakit jeung puskesmas.
Bener
Salah
Iklan atawa sambung layang mangrupa salasahiji cara pikeun ngawanohkeun, nawarkeun, atawa mére informasi ngeunaan ....
hiji barang atawa hal.
dua barang atawa hal.
hiji ide atawa gagasan
hiji kampung atawa desa
Iklan téh aya anu disebut iklan komérsial, aya patalina jeung kauntungan, boh kauntungan materil, boh kauntungan nonmateril, aya ogé anu disebut iklan nonkomérsial. Iklan layanan masarakat kaasup kana iklan nonkomérsial.
Bener
Salah
Iklan layanan masarakat nya éta iklan anu ditujukeun ka masarakat bari henteu miharep k...
Kauntungan
Informasi
Respon
Kacindekan
Iklan layanan masarakat nya éta iklan anu ditujukeun ka masarakat bari henteu miharep kauntungan. Maksudna umajak sangkan masarakat migawé pagawéan anu hadé atawa ulah ngalakukeun pagawéan anu teu hadé. Anu dipiharep sangkan kaayaan bisa leuwih hadé, utamana pikeun balaréa ka hareupna.
Bener
Salah
Ciri-ciri iklan layanan masarakat, di antarana:
1. Henteu ngandung unsur komérsial, hartina henteu ngarah piuntungeun.
2. Euweuh unsur produk, boh barang boh jasa.
3. Anu masang iklan layanan masarakat nya éta yayasan atawa organisasi sosial anu henteu néangan kauntungan.
4. Mangrupa atikan, anjuran, atawa uar pangajak pikeun ngalakukeun hiji pagawéan.
5. Miboga targét anu leuwih lega ambahanana tibatan iklan komérsial.
Bener
Salah
Upama nilik ka dinya, aya tilu hal anu kudu diperhatikeun dina iklan layanan masarakat, nya éta:
1. Komunikasi
(1) Média pikeun nepikeun pesen-pesen nu tangtu;
(2) Alat pikeun mangaruhan balaréa;
(3) Ditepikeun sacara persuasif (uar pangajak, saran-saran, jsb.)
Bener
Salah
Upama nilik ka dinya, aya tilu hal anu kudu diperhatikeun dina iklan layanan masarakat, nya éta:
Atikan
(1) Ngatik ngadidik masarakat sarta ngaronjatkeun kasadaran masarakat kana hiji perkara;
(2) Anu dipiharep bisa ngarobah tingkah laku masarakat.
Bener
Salah
Sakumaha umumna iklan, iklan layanan masarakat ogé ngawengku tilu cara dina midangkeunana:
(1) Audio: iklan anu ngan kadéngé, saperti iklan radio, wawar, jsb.
(2) Visual: iklan anu ngan katénjo, saperti poster, pamflét, baliho, spanduk, buklét, stiker, jsb.
(3) Audio-visual: iklan anu kadéngé jeung katénjo, saperti iklan dina televisi, atawa dina internét anu diunggah di Youtube.
Bener
Salah
Aya sawatara léngkah anu bisa dipigawé upamana urang rék nyieun poster atawa stiker iklan layanan masarakat.
(1) Tangtukeun jejerna.
(2) Tangtukeun ungkara pesenna an hayang ditepikeun ka balaréa.
(3) Tangtukeun gambar atawa ilustrasina
Bener
Salah
Nyieun poster iklan layanan masarakat téh mangrupa gabungan kamampuh ngagunakeun basa jeung seni. Basa anu digunakeun kudu narik ati anu maca, kitu deui jeung ilustrasi (gambarna) kudu matak ngahudang kapanasaran anu nénjo.
Bener
Salah
Iklan layanan bisa aya di:
1. Iklan layanan masarakat aya dina radio.
2. Iklan layanan masarakat mangrupa poster atawa stiker.
3. Iklan layanan masarakat dina televisi.
4. Iklan layanan masarakat; bisa ditéangan tina koran, majalah, atawa internét.
Bener
Salah
