wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PSTS B. Sunda_7

Total questions: 35

Worksheet time: 1hrs 10mins

Name
Class
Date
1.

Iklan teh saestuna mah mangrupa……anu mibanda tujuan pikeun mangaruhan masyarakat ( konsumen ).

a)

Biantara

b)

Wawaran

c)

Obrolan

d)

Paguneman

2.

Iklan nu mibanda tujuan pikeun meunangkeun kauntungan tina jasa ngajual produkna disebut iklan….

a)

a. Komesil

b)

b. Layanan

c)

c. Non komersil

d)

d. Social

3.

Iklan  nu teu miharep kauntungan material disebut…..

a)

a. Iklan layanan komersil

b)

b. Iklan haratis

c)

c. Iklan layanan masyarakat

d)

d. Iklan kulawarga

4.

Iklan layanan masyarakat mah syaratna teu meunang ngandung…..

a)

Produk

b)

Ajakan

c)

Parentah

d)

Panyaram

5.

“ Tong miceun runtah kana solokan “ . Ieu ungkara kalimah teh aya dina iklan layanan masyarakat nu eusina mangrupa…..

a)

Parentah

b)

Anjuran

c)

Panyaram

d)

Pangajak

6.

Iklan layanan masyarakat biasana teu ditepikeun ku….

a)

Pamarentah

b)

Yayasan

c)

Organisasi social

d)

Pausahaan

7.

Nu disebut organisasi sosial teh nya eta nu kagiatanana…..

a)

a. Teu neangan kauntungan

b)

b. Promosi produk

c)

c. Neangan kauntungan

d)

d. Niaga

8.

“ Ulah era mun nyarita ku basa sunda “. Ieu ungkara teh mangrupa iklan layanan masyarakat nu eusina,,,

a)

a. Atikan

b)

b. Anjuran

c)

c. Pangajak

d)

d. Panyaram

9.

“ Hayu urang ngajaga lingkungan sakola urang “. Ieu ungkara teh mangrupa conto iklan layanan masyarakat nu eusina…..

a)

Parentah

b)

Panyarek

c)

Pangajak

d)

Atikan

10.

Iklan nu biasana ngan ditepikeun ngaliwatan sora hungkul disebut iklan…..

a)

Visual

b)

Audio

c)

Audio visual

d)

Auto

11.

Conto iklan audio biasana ditepikeun ngaliwatan….

a)

a. Radio

b)

b. Internet

c)

c. Televisi

d)

d. Surat kabar

12.

Salah sahiji conto iklan visual nya eta…..

a)

a. Iklan dina televise

b)

b. Iklan dina poster

c)

c. Iklan dina radio

d)

d. Iklan dina internet

13.

Pupujian umumna diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta dina sapadalisanna diwangun ku dalapan engang. Naon ari nu dimaksud padalisan?

a)

A. Suku kecap

b)

B. Kecap.

c)

C. Baris/jajaran

d)

D. Bait.

14.

Pék baca carita Pangalaman Pribadi di handap pikeun ngajawab soal nomor 14-15!

            Harita téh kuring jeung babaturan sa – SMP miang ngayakeun karya wisata ka Basisir Pangandaran. Ieu kagiatan téh lianti boga tujuan keur pelesir ogé mangrupa hiji tarékah pikeun ngawanohkeun siswa kana kondisi alam lingkungan anu sabenerna aya patalina jeung pangajaran nu kungsi katarima ku siswa salila diajar di sakola.

Siswa nu milu téh aya kana 300 jelemana. Inditna ngagunakeun 8 beus pariwisata. Babawaan anu dibekel ku kuring kawilang loba, timimiti pakéan keur salin , alat – alat kaperluan mandi, kadaharan jeung inuman keur sakalieun di jalan nepi ka sendal ogé dibawa, pokona mah babawaan téh sakantong pinuh.

14. Carita di luhur téh nyaritakeun lalampahan ka....

a)

A. Basisir Batu Karas

b)

B. Basisir Pangandaran

c)

C. Basisir Gren kenyon

d)

D. Basisir Palabuhan Ratu

15.

Pék baca carita Pangalaman Pribadi di handap pikeun ngajawab soal nomor 14-15!

            Harita téh kuring jeung babaturan sa – SMP miang ngayakeun karya wisata ka Basisir Pangandaran. Ieu kagiatan téh lianti boga tujuan keur pelesir ogé mangrupa hiji tarékah pikeun ngawanohkeun siswa kana kondisi alam lingkungan anu sabenerna aya patalina jeung pangajaran nu kungsi katarima ku siswa salila diajar di sakola.

Siswa nu milu téh aya kana 300 jelemana. Inditna ngagunakeun 8 beus pariwisata. Babawaan anu dibekel ku kuring kawilang loba, timimiti pakéan keur salin , alat – alat kaperluan mandi, kadaharan jeung inuman keur sakalieun di jalan nepi ka sendal ogé dibawa, pokona mah babawaan téh sakantong pinuh.

15. Kira – kira sabaraha urang anu ngilu Karya Wisata ka Basisir Pangandaran téh?

a)

A. 250 urang

b)

B. 300 urang

c)

C. 350 urang

d)

D. 400 urang

16.

Pupujian teh lain karya asli sastra Sunda tapi mangrupa karya sastra Sunda pangaruh tina sastra :

a)

a. Arab

b)

b. Eropa

c)

c. Jawa

d)

d. Melayu

17.

Seni macakeun atawa nembangkeun pupujian disebut :

a)

a. Nadoman

b)

b. Kakawihan

c)

c. Beluk

d)

d. Saweran

18.

. Ieu dihandap nu lain ciri pupujian disebut :

a)

a. Diwangun ku cangkang jeung eusi

b)

b. Diwangun ku opat jajar

c)

c. Unggal padalisan aya dalapan engang

d)

d. Mibanda sajak tungtung a-a-a-a

19.

19.

Eling-eling dulur kabeh

 

 

Ibadah ulah campoleh

 

 

Beurang peuting ulah weleh

 

 

Bisina kaburu paeh

 

Tema tina cutatan pupujian di luhur nya eta :

a)

a. Parentah

b)

b. Pepeling

c)

c. Ibadah

d)

d. Jampe paeh

20.

Nilik kana euina eta pupujian teh mere amanat ka urang sangkan …

a)

a. Bener-bener dina babakti ka Allah

b)

b. Sakur jalma unggal beurang kudu ibadah

c)

c. Sakur jalma bakal paeh

d)

d. Mun eling teh keur paeh hungkul

21.

Tatakrama basa teh saestuna mah mangrupa ……..sopan santun dina nyarita….

a)

a. Conto

b)

b. Aturan

c)

c. Gambaran

d)

d. Ragam

22.

Tatakrama basa teh mibanda maksud pikeun….

a)

a. Silih hargaan jeung sasama

b)

b. Ngahormat ka saluhureun

c)

c. Ngahargaan ka dunungan

d)

d. Ngabeda-beda darajat jalma

23.

Nu teu kaasup kana ragam tatakrama basa nya eta ragam……

a)

a. Luhur

b)

b. Loma

c)

c. Cohag

d)

d. Lemes

24.

.Ragam basa anu larapna pikeun sato,atawa situasi husus ( conto keur ambek) disebut……

a)

a. Ragam cohag/kasar

b)

b. Ragam lemes keur sorangan

c)

c. Ragam loma

d)

d. Ragam lemes keur batur

25.

. Sajak teh kaasup kana wangun karangan…..

a)

a. Lancaran

b)

b. Ugeran

c)

c. Rekaan

d)

d. Pondok

26.

Talatah nu hayong ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa ngadengekeun disebut…….

a)

a. Tema

b)

b. Suasana

c)

c. Rasa

d)

d. Amanat

27.

Nu jadi udagan dina sajak mah rasa,ku sabab kitu kekecapan dina sajak mah loba nu ngandung

      harti……

a)

a. Sabenerna

b)

b. Sajalantrahna

c)

c. Injeuman

d)

d. Satarabasna

28.

Jejer atawa inti pikiran anu ngajiwaan carita atawa jadi dadasar carita, sifatna bisa nembrak bisa

      nyamuni dina jeroeun sajak disebut……..

a)

a. Amanat

b)

b. Gaya

c)

c. Purwakanti

d)

d. Tema

29.

Amanat sajak teh nya eta…..

a)

a. Inti pikiran nu ngajiwaan karangan

b)

b. Gambaran rasa nu kagambar jeroeun sajak

c)

c. Talatah nu haying ditepikeun pangaang ngaliwatan karyana

d)

d. Saruana sora unggal jajaran

30.

Dongeng nu eusina nyaritakeun asal-usul atawa asal muasal hiji kajadian hiji perkara

     ( tempat,sasatoan,tutuwuhan jeung sajabana ) disebut…..

a)

a. Dongeng fable

b)

b. Dinging sasakala/legenda

c)

c. Dongeng parable

d)

d. Dongeng babad

31.

Pangna dongeng kaasup karya anu anonim teh sabab…..

a)

a. Kapanggih pangarangna

b)

b. Teu kapanggih pangarangna

c)

c. Loba pangarangna

d)

d. Loba palakuna

32.

Nu ngabedakeun antara dongeng jeung carita pondok teh nya eta dongeng mah……..

a)

a. Eusina loba pamohalanna

b)

b. Kapanggih pangarangna

c)

c. Palakuna saeutik

d)

d. Eusina realita kahirupan

33.

Hal nu jadi jejer carita atawa topik utama dina dongeng disebut……

a)

a. Amanat

b)

b. Latar

c)

c. Tema

d)

d. Palaku

34.

Amanat teh nya eta hal anu hayang ditepikeun ku……. Dina jero karyana.

a)

a. Nu maca

b)

b. Pangarang

c)

c. Nu ngadengekeun

d)

d. Penerbit

35.

.Nu netelakeun kasang tukang tempat jeung waktu lumangsungna carita dina dongeng disebut ……

a)

a. Tema

b)

b. Palaku

c)

c. Amanat

d)

d. Latar