NEW
Font size
WorksheetsSTS Bahasa Sunda 7
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Ari dongeng teh kaasup karya sastra anu wangunna ….
puisi
drama
lisan
tulisan
Bedana dongeng jeung carpon atawa novel nyaeta ….
dongeng mah anonim
dongeng mah palakuna loba
dongeng mah caritana panjang
dongeng mah nyaritakeun kahirupan jaman baheula
Nu teu kaasup unsur pamohalan dina dongeng nyaeta ….
parahu jadi gunung
sakadang kuya bisa nyarita
si Kabayan nu sok mahiwal
pangeran Guruminda robah jadi lutung
Dongeng nu eusina ngeunaan asal-muasal hiji tempat disebut ….
mite
pamuk
babad
sasakala
Dongeng nu eusina nyaritakeun kahirupan jalma biasa disebut ….
sage
pamuk
fabel
parabel
Galur dongeng "Sasakala Situ Bagendit" teh nyaeta galur ….
mundur
campuran
merele
maju mundur
Amanat tina dongeng "Sasakala Situ Bagendit" teh nyaeta ….
ari ngomong ulah saucap-ucapna lantaran omongan teh du'a
jadi jalma ulah koret jeung sarakah sabab harta mah ukur titipan
ulah sok mitnah batur sabab mitnah leuwih goreng ti batah ngabunuh
jadi jalma mah kudu getol usaha sangkan teu punta-penta ka batur
Tehnik ngadongeng teh saperti ieu di handap, iwal ti ….
tehnik orientasi
tehnik kreativitas
tehnik interpretasi
tehnik representasi
Hal mimiti nu kudu disiapkeun samemeh ngadongeng nyaeta ….
nyiapkeun kostum
nyiapkeun property
latihan sore sing bedas
maham kana eusi dongeng
Si Ujang mah teu kaopan awakna teh, ... getol olahragana.
Kecap panyambung satata nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ….
tapi
sarta
malah
padahal
Kalimah nu ngagunakeun kecap penyambung satata nyaeta ....
Basa kuring datang, manehna keur dahar
Balik sakola manehna tuluy ka imah babaturanna
Lamun hayang sukses, kudu ngabiasakeun hirup disiplin
Andi jadi pinunjul 1 ngadongeng lantaran getol latihan
Iklan layanan masyarakat nyaeta ….
iklan anu tujuanana pikeun kampanye pulitik
iklan anu tujuanana pikeun ngelingan masarakat
iklan anu tujuanana pikeun meunang kauntungan
iklan anu tujuanana pikeun masarkeun produk atawa jasa
Iklan teh hakekatna mah kudu bisa ….
dibaca kalawan tuntas
mere informasi nu lengkap
mangaruhan nu maca iklan
ngahasilkeun kauntungan keur nu masang iklan
Media iklan layanan masarakat anu sipatna visual nyaeta ….
radio
baligo
tiktok
telepisi
Iklan layanan masarakat anu ngagambarkeun kaayaan nu pangteudipiharepna nyaeta ….
iklan nyegah
iklan jawaban
iklan kualitatif
suaka sabada kajadian
Nu teu kaasup papasingan iklan dumasar kana sipat persuasifna nyaeta ….
iklan tumanya
iklan panuhun
iklan parentah
iklan panyaram
Di handap ieu conto jejer iklan layanan masarakat, iwal ti ….
miara tatangkalan
ngamumule basa Sunda
ngajaga kasehatan awak jeung lingkungan
ngawanohkeun inuman rasa panganyarna
Ciri iklan layanan masarakat nyaeta miboga tujuan ….
sosial
profit
materil
komersil
Kalimah anu kaasup iklan layanan masarakat nyaeta ….
Kemeja murah, bahan teu murahan!
Ulah nuar tatangkalan sangeunahna!
Chicken Mang Barna, rasana jawara!
Cocho Tiramisu: Meuli dua, haratis hiji!
Sangkan ibadah bisa husu, biasana di jalan sabudeureun masjid sok aya iklan layanan masarakat ….
Hayu ngaramekeun masjid ku cara tadarusan!
Pareuman mesin kandaraan nalika waktu solat!
Geus waktuna solat, hayu urang ka masjid heula!
Ulah ngahurungkeun kandaraan di luhur jam 21.00!
Kalimah parentah pangarep-ngarep biasana dicirian ku kecap ….
cik
hayu
atuh
hayang teh
Kalimat parentah anu dipake pikeun ngajak batur sangkan migawe hiji hal babarengan disebut kalimah ….
panitah
panyaram
pangajak
pangjurung
Kalimah iklan layanan masarakat nu teu cocog pikeun dipasangkeun di lingkungan sakola nyaeta ….
Ulah gandeng, loba nu keur gering!
Kumbah leungeun samemeh nyekel kadaharan!
Getol maca buku bakal nambahan pangaweruh!
Hayu urang ngajaga kaendahan jeung kabersihan lingkungan sakola!
Kalimah parentah anu nuduhkeun harti panitah nyaeta ….
Geura dibaju, bisi asup angin!
Hayu urang Meuli baso ayeuna!
Pulangkeun deui kompa sapedahna!
Rada gancang atuh leumpangna, nu di imah ngadagoan!
Tong miceun runtah ka buruan imah batur atuh!
Kalimah di luhur mangrupa kalimah parentah anu nuduhkeun ….
panyarek
panggeuri
pangjurung
pangarep-ngarep
