WorksheetsKawih jeung Sisindiran
Total questions: 30
Worksheet time: 1hrs 3mins
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Ya Allah Robbul Izzati
Taya deui panglumpatan
Taya deui pamuntangan
Mung Allah Pangéran abdi
Pangéran anu sajati.
Amanah dina rumpaka kawih di luhur nyaéta .... .
jalma taya deui panglumpatan
jadi jalma kudu pasrah sumerah
jalma nu ngamparkeun sajadah
jalma nu keur mundut pangampura
nyaritakeun jalma anu lamokot ku dosa
JANG
Jang,
Hirup téh teu gampang
Teu cukup ku dipikiran
Kudu bari dilakonan
Jang,
Jalan kahirupan
Henteu sapanjangna datar
Aya mudun jeung tanjakan
Kudu sabar dina kurang
Ulah nepak dada beunghar
Salawasna kudu sukur
Éling ka nu maha Agung
Kadé hidep bisi kupur
Rumpaka kawih “Jang” eusina mangrupa ébréhan kaayaan … .
Papatah aki ka incu
Papatah kolot ka anak
Papatah guru ka siswa
Papatah Ustad ka jamaah
papatah pamarentah ka masarakat
Di handap mangrupa struktur anu kawengku dina rumpaka kawih di antarana … .
Téma jeung rasa
Rasa jeung musik
Kawih jeung amanah
Amanat jeung musik
Nu ngawih jeung musik
Jang,
Jalan kahirupan
Henteu sapanjangna datar
Aya mudun jeung tanjakan
Kudu sabar dina kurang
Ulah nepak dada beunghar
Salawasna kudu sukur
Éling ka nu maha Agung
Kadé hidep bisi kupur
Rasa katitén nalika pamiarsa ngaregepkeun kawih. Rasa anu nyangkaruk tina rumpaka kawih “Jang” nya éta …
Prihatin
Sedih
Reueus
Sumanget
Bungah
Tanah Sunda
Tanah Sunda (wibawa) gemah ripah (tur éndah)
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda (sawawa) sing towéksa (percéka)
Nyangga darma anu nyata
Seuweu pajajaran muga tong kasmaran
Sing tulatén jeung rumaksa
Miara pakaya mémang sawajibna
Getén titén rumawat Tanah Pusaka
Nu ngumbara suka betah, maksudna
Tanahna lega
Pendudukna loba
Tanahna subur
Urang Sunda balageur
Urang Sunda geten
Tanah Sunda
Tanah Sunda (wibawa) gemah ripah (tur éndah)
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda (sawawa) sing towéksa (percéka)
Nyangga darma anu nyata
Seuweu pajajaran muga tong kasmaran
Sing tulatén jeung rumaksa
Miara pakaya mémang sawajibna
Getén titén rumawat Tanah Pusaka
Rumpaka kawih “Tanah Sunda” témana mangrupa rasa cinta ka …
Kaéndahan alam
Indung bapa
Lemah cai
Kabogoh
Masarakat Sunda
1. Angkatna ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priyangan
Umat imut lucu
Sura seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priyangan
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priyangan
Kawih mojang priangan di luhur miboga téma … .
Awéwé anu centil
Awéwé anu geulis
Awéwé anu nalangsa
Awéwé anu sombong
Awéwé anu someah
Mojang Priyangan
Umat imut lucu
Sura seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priyangan
Rasa anu kawengku tina rumpaka kawih mojang priangan nya éta … .
Nalangsa
Reueus
Bungah
Kuciwa
Sedih
Di handap mangrupa judul kawih anu kaasup kana wangun kakawihan nya éta … .
Cianjuran
Oray-orayan
Manuk Dadali
Éling-éling Umat
Peuyeum Bandung
Ĕling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh
Nilik kana eusina éta pupujian téh méré amanat ka urang sangkan ...
bener-bener dina babakti ka Alloh
sakur jalma unggal beurang kudu ibadah
sakur jalma bakal paéh
mun éling téh keur paéh wungkul
Kudu inget kana ibadah
Ĕling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh
Téma tina cutatan pupujian di luhur nya éta ...
paréntah
pépéling
ibadah
Jampé paéh
Papahing
Anak Adam anjeun di dunya ngumbara
Umur anjeun di dunya téh moal lila
Anak adam umur anjeun téh ngurangan
Saban poe saban peuting dicontangan
Anak adam paeh euweuh nu dibawa
Ngan asiwung jeung boeh anu dibawa
Anak adam pasaran téh lolongseran
Saban poe saban peuting gegeroan
Anak adam pasaran téh lolongseran
Digarotong dina pasaran tugenah
Aduh bapa aduh ibu abdi keueung
Rup ku padung rup ku lemah abdi sieun
Anak adam di kubur téh poek pisan
Nu nyaangan di kubur téh maca Quran
Anak Adam anu aya dina pupujian di luhur nya eta ….
budak awẻwẻ
sakabeh jalma
kolot wungkul
budak lalaki
tutuwuhan jeung sato
Oray-orayan luar léor ka sawah
Entong ka sawah, paréna keur seudeung beukah
Oray-orayan luear léor ka kebon
Entong ka kebon, di kebon loba nu ngangon
Mending ka leuwi
..................................
Pikeun ngalengkepan kawih di luhur nya eta ... .
Di leuwi loba nu nyeusueh
Di leuwi loba nu ulin
Di leuwi loba nu mandi
Di leuwi loba nu nyawah
Di leuwi loba nu mancing
Pupuh Asmarandana
Pareng dina hiji wanci
Dayangsumbi palay nuang
ati mencek kénging moro
nya miwarang ingkang putra
sangkuriang ngalasan
nedunan kahayang indung
dibarengan ku Si Tumang
Guguritan di luhur mangrupa sempalan tina carita dongéng … .
Tangkuban Parahu
Dayang Sumbi
Mencek
Gunung putri
Asmarandana
Paparikan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nya éta padeukeutna sora dina jajaran ....
Ka-2 jeung jajaran ka-3
Ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi
Ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang
Ka-1 jeung ka-3, ka-2 jeung ka-4
Ka-1 jeung ka-3
Ngawuluku ngawalajar (1)
Kudu di babadan heula (2)
Dina waktu rék diajar (3)
Hayu ngadaroa heula (4)
Eusi sisindiran di luhur aya dina kalimah nomer ….
(1), (2)
(3), (4)
(1), (3)
(2), (4)
(2), (3)
Ka mana jalan ka Yogya,
Ka ditu ka pangrumasan,
Ka mana jalan ka surga,
Ka ditu ka pangaosan.
Wangun eusi sisindiran di luhur miboga watek … .
Paparikan
Rarakitan
Piwuruk
Silihasih
Sesebred
Tumpak kuda ka cipari
Tumpak sado sugan bisa
Pamuda jaman kiwari
Motékar loba kabisa
Sisindiran di luhur miboga wangun tur eusi… .
Paparikan, piwuruk
Rarakitan, sésébréd
Paparikan, sésébréd
Rarakitan, piwuruk
Paparikan, Silih asih
Komputer osok dijingjing
Top téh teuing kumaha anjeun
Wangsalna … .
Kastop
Notebook
Léptop
Hapé
Tablét
………………………
Dipakéna ku nu pinter
(wangsalna computer)
Ungkara anu marenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaeta … .
Mesinna téh heunteu jalan
Mesin téh asa ku lucu
Mesin leutik éléktronik
Mesin éta alus pisan
Mesin gede alus pisan
Salila milu ka dinya,
Téangan roda padati.
……………………………..
……………………………..
Eusi sisindiran di luhur nya éta ... .
mun hormat ka indung bapa,
tangtu dipiasih gusti
kudu nyieun kahadéan,
didasaran niat ihlas
salila hirup di dunya,
téangan ridoning Gusti
salila hirup di dunya,
téangan ridona Nini
Cau naon cau naon,
Cau kulutuk di juru,
Bau naon bau naon,
Bau nu hitut di juru.
Wangun sisindiran di luhur miboga watek … .
Rarakitan, Piwuruk
Rarakitan, Sésébréd
Rarakitan, Silihasih
Paparikan, Sésébréd
Paparikan, Piwuruk
Ulah ngala cocongoan
Bisi ruksak tangkal manggu
Ulah waka bobogohan
Bisi sakola kaganggu
Lamun ditinggali tina eusina, sisindiran di lihur kaasup kana ….
Papatah
Sésébréd
Silih asih
Silih béjaan
Nyindir
Meuli wajit jeung jawadah
Kapakéna hajat kiparat
Masing rajin nya ibadah
Keur bekel dunya ahérat
Mangrupa jenis wangun sisindiran … .
Paparikan
Rarakitan
Silih asih
Sésébréd
Wawangsalan
Lalampahan ka Cipongkor
Balikna nyimpang ka pasar
Saha itu sungar sengor
Panonna bijil ka luar
Sisindiran di luhur miboga jenis tur wangun eusi … .
Paparikan, piwuruk
Rarakitan, piwuruk
Paparikan, sésébréd
Rarakitan, sésébréd
Rarakitan, Silih asih
Piring leutik wadah sangu
Kaisinan ku gamparan.
wangsalna ... .
Pisin
Mangkok
Talenan
Saku
Nampan
Baranang caang di imah
Bisa ulin tepung deui
Wangsalna … .
Lilin
Lampu
Kamar
Damar
Sémah
Lamun hayang nginum jamu
Ulah poho baca ta’ud
Ulah poho néang élmu
Lamun hayang hal kawujud
Mangrupa jenis wangun sisindiran … .
Piwuruk
Paparikan
Rarakitan
Sésébréd
Silih asih
Gamparan teh sangu atah,
Kuring teh kawuwuh sugih,
wangsalna ... .
Gigih
Suluh
Beas
Pare
Garing
Daging leutik ditiiran
Duh mani ka nyeri haté
Wangsalna … .
Sop
Sapi
Kari
Saté
Soto
