wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SOAL PAT SUNDA KLS 9

Total questions: 45

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

   Naon fungsi paribasa teh ?

a)

Pikeun nyimbutan  maksud nu dikedalkeun

b)

Pikeun ngabewarakeun pamaksudan.

c)

Pikeun ngamurwakantikeun kalimah

d)

Kabehanana salah

2.

  Dina naon biasana paribasa sok digunakeun ?

a)

Dina acara maen bal

b)

Dina hajatan wungkul

c)

Nalika jadi protokol upacara

d)

Acara nu ngalibetkeun biantara

3.

   Naon nu dimaksud paribasa teh ?

a)

Salasahiji pakeman basa Sunda atawa sok disebut idiom

b)

Sarua jeung babasan atau caturangga

c)

Pakeman basa nu nyaritakeun hal-hal nu dicara.

d)

Babandingan dina wangun kalimah nu ngagambarkeun lakuning hirup manusa.

4.

  Naha sakabeh paribasa teh kaasup kana basa lemes ?

a)

Aya nu lemes, aya nu henteu

b)

Kabehanana lemes

c)

Kabehanana kasar

d)

Paribasa mah basa kasar

5.

   Saupama urang nyarita jeung saluhureun, kudu ngagunakeun basa ....

a)

loma

b)

lemes

c)

kasar

d)

togmol

6.

              Titenan carita dihandap pikeun ngajawab pananya No. 6-10 !

Dina kakara diajar nulis carpon. Nepi ka kiwari geus aya kana tujuhna carpon tulisan Dina teh. Ti harita Dina sok ngabejaan kasaha wae cara tulis carpon sok sanajan teh ditanya. Malah mah Dina ge sok ngabejaan guru-guruna. Padahal mah nu dibejaan teh geus kungsi dimuat carponna dina majalah Mangle.

      Saha nu dilalakonkeun dina carita di luhur?

 

a)

Dina

b)

guru Dina

c)

lanceuk kelas Dina

d)

babaturan Dina

7.

    Naon pangabisa Dina teh?

a)

nulis sajak

b)

nulis novel

c)

nulis carpon

d)

maca warta

8.

Naha nu dilakukeun Dina ka lanceuk kelas jeung guruna teh hade?

a)

Hade, sebab inisiatif ngabejaan

b)

Hade, lantaran babagi  elmu

c)

Henteu, lantaran nyanyahoanan

d)

Henteu, sabab guruna teh bisaeun tulis carpon

9.

    Paribasa naon nu cocog pikeun carita di luhur?

a)

Ambek nyedek tanaga midek

b)

  Mapatahan ngojay ka meri

c)

Dikungkung teh diawur, dicangcang teh diparaban

d)

Halodo sataun lantis ku hujan sapoe

10.

  Naon nu sakuduna dilakukeun ku Dina?

a)

Diajar deui tulis carpon nepi ka ahli

b)

Diskusi carpon jeung guruna

c)

Ulah ngagulkeun pangabisa nu kakara ngamimitian

d)

Kudu leuwih keyeng diajarna sangka bisa jiga guruna

11.

Naon pentingna nyarita ngagunakeun basa lemes ka jalma nu kakarak wawuh?

a)

Sangkan leuwih akrab.

b)

Pikeun ngajaga kasopanan

c)

Sangkan leuwih babari deukeut

d)

Pikeun ngawawuhkeun diri

12.

Basa nu digunakeun pikeun nyarita jeung babaturan nyaeta ....

a)

lemes

b)

kasar

c)

togmol

d)

loma

13.

   Naha nyarita jeung babaturan make basa loma?

a)

Sangkan pipaseaeun

b)

Sangkan leuwih akrab

c)

Sangkan kararagok

d)

Sangkan leuwih  rame

14.

    Mana paribasa nu kaasup paribasa panyaram lampah salah?

a)

Kandel kulit beugeut

b)

Caina herang laukna beunang

c)

Ari diarah supana, kudu dijaga catangna

d)

Ulah unggut kalinduan, ulah gedeg kaanginan

15.

Naha paribasa teu meunang langsung dihartikeun saluyu jeung kalimahna?

a)

Ku sabab paribasa teh babasan

b)

Ku sabab paribasa teh ngandung harti injeuman.

c)

Sebenarna mah bisa wae, tapi teh meunang we

d)

Kudu ningali kamus basa sunda.

16.

    Karya sastra nu ngagunakeun dialog langsung nyaeta ...

a)

pupuh

b)

sisindiran

c)

drama

d)

guguritan

17.

   Nu teu kaasup struktur naskah drama nyaeta ...

a)

sarana carita

b)

amanat

c)

fakta carita

d)

tema

18.

Bagian pamungkas naskah drama di sebut...

a)

wawancara

b)

epilog

c)

dialog

d)

prolog

19.

    Titenan sempalan drama di handap!

Tarmin : Itu nya, budak nu diparaban ku duit haram mah jadina bengal!

Pa ustad : Eh siah sinarieun si Tarmin pinter! (seuri segema)

Dumasar kana dialog di luhur, bisa katiten yen tokoh tarmin teh saenyana....

a)

pinter

b)

bodo

c)

wijaksana

d)

goreng hate

20.

Naon nu dilakukeun ku ketua RT sangkan nu ngaronda teh gawena bener?

a)

Ngontrol pos ronda unggal peuting

b)

Mere gajih keur nu ngaronda

c)

Nyokot tipi nu aya di pos ronda

d)

Nitah batur sangkan api-api jadi bangsat

21.

Titenan sempalan drama  di handap!

 

Sekwilmat   : tenang! Tenang aya naon ieu teh para saderek

Anen   : Bapa teh camat?

Sekwilmat   : lain kuring mah...eueu....

Ato  : lain camat mah ulah pipilueun atuh! Kuring mah arek ka camat.

   Dina drama “ Demonstran”, nu ngomandoan demonstran teh nyaeta ....

a)

Aki Ursin

b)

Anen

c)

Mang Pengki

d)

Sekwilmat

22.

   Kasang tempat drama “ Demostran” teh nyaeta di ....

a)

Kantor kecamatan

b)

Kantor kalurahan

c)

Lapangan alun – alun kacamatan

d)

Buruan kantong walikota

23.

Salah sahiji nu kaasup sarana carita nyaeta gaya basa nyungkun nyaeta ...

a)

“ unggal peuting angin teh sok ngaharewos nitipkeun kasono.”

b)

  “ ari maneh tukang asahan nya? Seukeut euy omonganna!”

c)

“ bakatingku leutik nyahunjar – nyahunjar acan. “

d)

  “ abdi bade ka pengker heula sakedap, tosteu kiat.”

24.

  Nu teu kaasup pangarang naskah drama nyaeta ....

a)

  Dadan sutisna

b)

Rus rusyana

c)

Ahmad mustopa

d)

Dhipa galuh purba

25.

   Unsur naskah drama nu patali jeung katerangan adegan nyaeta ....

a)

soliloku

b)

babak

c)

aside

d)

kramagung

26.

   Ieu di handap mangrupa fakta carita dina naskah drama, iwal....

A.      Galur

B.      Kasang tempat

C.       Tema

D.      Palaku

 

a)

galur

b)

kasang tempat

c)

tema

d)

palaku

27.

   Cara tulis dialog dina naskah drama nu bener nyaeta ....

a)

Linda : kuring mah mindeng lalajo pagelaran drama di rumateng siang

b)

Linda : “kuring mah mindeng lalajo pagelaran drama di rumateng siang”.

c)

Linda : ‘kuring mah mindeng lalajo pagelaran drama di rumateng siang’.

d)

Linda : “kuring mah mindeng lalajo pagelaran drama di rumateng siang”

28.

Tujuan nyusun rarangka carita drama nyaeta ...

a)

Sangkan eusi caritana kuat tur ngirut

b)

Sangkan babari nyusun galur carita

c)

Sangkab leuwih babari dipipaham ku pamaen drama

d)

Pikeun ningkatkeun kualitas carita drama

29.

Meunang inspirasi pikeun nulis drama teh bisa ti mana wae, salah sahiji .....

a)

Tina isu sosial di masyarakat

b)

   Tina pangalaman hirup nu bakal kasorang

c)

  Di jamban

d)

Dina ngimpi

30.

Samemehna nulis naskah drama, pengarang biasana nulis heula carita drama kalawan ringkes, disebutna ...

a)

Prolog

b)

Epilog

c)

Wawancang

d)

Sinopsis

31.

Di mana dilaksanakeunana pagelaran drama?

a)

Dina panggun

b)

Di lapangan

c)

Di sekolah

d)

Di stadion

32.

Nu jadi pamaen dina drama disebut ....

a)

Palaku

b)

Sutradara

c)

Panata rias

d)

Panata lampu

33.

Nu sora-sora jeung musik dina drama disebut ...

a)

Panata rias

b)

Panata busana

c)

Panata musik

d)

Panata lampu

34.

Saha nu tanggung jawab pikeun ngalatih para palaku drama?

a)

Palaku

b)

Sutradara

c)

Konsumsi

d)

Sie tiket

35.

Panata lampu tugasna nyaeta ...

a)

Ngatur raksukan palaku

b)

Nyiapkeun naskah

c)

Ngahurungkeun lampu

d)

Ngatur pencahayaan

36.

Wayang golek kaasup kana wayang panggung

a)

BENAR

b)

SALAH

37.

Anu tugasna nyiapkeun tempat jeung panggung nyaeta dekorasi

a)

BENAR

b)

SALAH

38.

Musik dina drama disebut adegan

a)

BENAR

b)

SALAH

39.

Dina drama teu aya unsur dialog

a)

BENAR

b)

SALAH

40.

Drama kaasup kana karya sastra

a)

BENAR

b)

SALAH

41.

Sebutkeun 2 conto babasan nu kaasup kana panyaram langkah!

(a)  

42.

Jelaskeun maksud tina babasan “ biwir nyiru rombeheun”!

(a)  

43.

Jelaskeun nu disebut dialog!

(a)  

44.

sebutkeun 2 rupa pagelaran drama

(a)  

45.

   Naon nu disebut tokoh dina drama

(a)