wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda Kelas 9 Semester 2

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Pakeman basa atawa idiom nyaéta ....

a)

wangun basa anu husus tur mandiri sarta boga harti nu teu sabenerna tur geus matok

b)

wangun basa anu digunakeun ku urang lembur

c)

wangun basa anu bisa dirobah-robah tur bisa diselapan ku kekecapan séjén

d)

wangun basa anu bisa tumerap kana sakabéh mahluk

2.

Wangun kecap kantétan anu susunan kecapna geus matok, miboga harti injeuman, ungkarana parondok sarta ngagambarkeun pasipatan atawa kaayaan hiji jalma disebut ....

a)

paribasa

b)

caturangga

c)

cacandran

d)

babasan

3.

“Mani lieur ningali adi kuring, teu daék cicing lalajo TV téh, pundah-pindah waé diukna”

Babasan nu cocog pikeun kalimah di luhur, nyaéta ….

a)

ceuli léntaheun

b)

beurat birit

c)

bujur aseupan

d)

peujit koréseun

4.

“Cicing di lembur mah éstuning .... teu loba dédéngéan jeung téténjoan cara di kota.”

Paribasa nu cocok ngalengkepan éta kalimah nyaéta ....

a)

tiis ceuli hérang panon

b)

buruk-buruk papan jati

c)

nété tarajé nincak hambalan

d)

asa aing uyah kidul

5.

Hadé gogog hadé tagog, hartina ....

a)

omongan anu kaleuleuwihi

b)

alus basana sarta alus rupana

c)

anu hadé kaélehkeun ku anu goréng

d)

kumpul babarengan bari katempo jirimna

6.

Panonna bolotot sagedé bola pingpong.

Kalimah di luhur ngandung gaya basa ....

a)

ngupamakeun (métafora)

b)

mijalma (personifikasi)

c)

rahul (hiperbola)

d)

ngasor (litotés)

7.

Daun kalapa gugupay.

Kalimah di luhur ngandung gaya basa ....

a)

ngupamakeun (métafora)

b)

mijalma (personifikasi)

c)

rahul (hiperbola)

d)

ngasor (litotés)

8.

“Basa rék ditéwak, papatong téh kalah .... ngapung.”

Kecap panganteur pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....

a)

gidig

b)

biur

c)

brus

d)

jéngkat

9.

Nyingget kekecapan ku cara nyokot engang mimiti, tengah, atawa panungtung dina hiji kecap disebut ....

a)

akronim

b)

kiasan

c)

kantétan

d)

paribasa

10.

Drama anu dialog atawa monologna sok dilagukeuun disebut ....

a)

kawih

b)

kakawihan

c)

gending karesmén

d)

sindén

11.

Di handap ieu aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun lamun urang mintonkeun drama, iwal ....

a)

vokal kudu bedas

b)

artikulasi kudu jéntré

c)

ékspéresi atawa kedaling rasa

d)

anu lalajo kudu loba

12.

Ngomong sorangan atawa paguneman anu dipigawé ku sorangan disebut ....

a)

dialog

b)

prolog

c)

monolog

d)

épilog

13.

Lawan tokoh utama disebut ....

a)

tokoh antagonis

b)

tokoh tambahan

c)

tokoh protagonis

d)

tokoh dinamis

14.

Jalma anu ngatur kudu kumaha pamaén merankeun tokohna disebut ....

a)

tata kostum

b)

tata lampu

c)

sutradara

d)

produser

15.

Ditulis dina panutup drama, dieusi ku kacindekkan lalakon jeung naséhat pangarang sok disebut ....

a)

dialog

b)

prolog

c)

monolog

d)

épilog