NEW
Font size
WorksheetsPSAJ BASA SUNDA
Total questions: 40
Worksheet time: 1hrs 20mins
Yayan : Punten!
Adang : Mangga! Éh, geuning Yayan. Mangga ka lebet, Yan!
Yayan : Hatur nuhun, da moal lami ieu téh!
Adang : Aya naon, Yan?
Yayan : Nu mawi, abdi téh dijurungan ku pun bapa, engké wengi Pa Sukmana
dilulungsur linggih di rorompok, bada Isa.
Adang : Aya acara naon kitu, Yan?
Yayan : Badé sukuran sakantenan wawanohan abdi sakulawargi sareng urang dieu.
Tujuan Yayan natamu dina sempalan paguneman di luhur téh nya éta?
Nitah Adang ka imahna
Dititah ku bapana ngondang Adang
Dititah ku bapana ngondang Pa Sukmana
Ngabéjakeun engké peuting bapana rék ka imah Pa Sukmana
Di handap mangrupa gambar kaulinan barudak anu aya di tatar Sunda.
Anu kaasup kana kaulinan barudak nu dibarung ku kakawihan nya éta . . .
Numutkeun pamadegan hidep, eusi iklan layanan masyarakat di luhur nya éta . .
Ajakan pikeun ngamimitian hirup beresih, ku cara ngumbah panangan.
Kudu mindeng ngumbah panangan maké sabun.
Stop, eureunan hirup beresih.
Ngumbah panangan nganggo sabun jeung cai nu ngalir.
Waktos kelas lima SD abdi kantos janten juara kahiji pasanggiri maca sajak tingkat Kabupatén. Abdi ngaraos reueus janten juara tina puluhan pamilon sarta tiasa ngawangikeun nami sakola.
Téks carita pangalaman di luhur mangrupa conto pangalaman anu . . .
Pikasediheun
Pikareueuseun
Pikalucueun
Pikabungaheun
Mugi Gusti ngahampura
Kana dosa jisim abdi
Sareng dosa ibu-rama
Dulur muslimin-muslimat
Upama ditilik tina eusina, pupujian di luhur mangrupa . . .
Muji ka Gusti Alloh
Solawat ka Kanjeng Nabi
Doa jeung tobat ka Pangéran
Pépéling
Lalaki nu balik Jurit
Karya : Rahmat M. Sas. Karana
Wanci layung hurung konéng
Manéhna datang leungeuna euweuh sapotong
Bedil nyoléngkrang na tonggong
Pélor ngabérés handapeun cangkéng
Hiji lalaki bajuna héjo kapulas taneuh
Di pangperangan taya waktu pikeun nyeuseuh
Sakiceup waktu ngingintil langahna musuh
Mun manéhna masih kénéh embung paéh
----------------------------------------------------------------
(Dicutat dina Buku Gapura Basa Kelas VII)
Numutkeun pamadegan hidep amanat nu hayang ditepikeun ku pangarang ngaliwatan éta sajak nya éta . . .
Lalaki nu balik jurit ti pangperangan
Lalaki nu leungeunna euweuh sapotong
Lalaki nu ngagedurkeun sumanget perjoangan
Lalaki nu bajuna héjo kapulas taneuh
Aksara Sunda di luhur upama disalin ka aksara latén, dibaca . . .
Majaléngka raharja
Majaléngka kota kécap
Majaléngka kota angin
Majaléngka kota hujan
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan rumpaka kawih di luhur, nyaéta?
Sing towéksa
Sing tulatén
Sing percéka
Sing rancagé
Mobil pick up anu ditumpakan ku karyawan pabrik aci tabrakan jeung beus Hébring di Sadang, kamari soré (12/2). Akibatna lima karyawan pabrik aci tatu parna sarta kudu dibawa ka Rumah Sakit Bayu Asih Purwakarta.
Dina warta urang mikawanoh unsur 5 W + 1 H. Unsur warta anu nuduhkeun tempat (where) dina sempalan warta di luhur nya éta ?
Mobil pick up
Kamari soré
Di Sadang
Karyawan pabrik aci
1. Nu guna nguatkeun urat
2. Sing getol néangan élmu
3. Sing getol nginum jajamu
4. Nu guna dunya ahérat
Susunan anu bener sangkan jadi sisindiran wangun rarakitan nya éta . . .
3 - 2 - 1 - 4
2 – 4 – 3 – 1
3 – 1 – 2 – 4
2 – 1 – 3 – 4
Dina sawatara acara bebegig Sukamantri jadi kaapdolan ngarigig upamana dina acara Agustusan, Nyiar lumar di Kawali, Nyangku di Panjalu jeung dina acara milangkala Kabupatén Ciamis.
Maénkeun bebegig Sukamantri, mémang mikabutuh tanaga anu tohaga. Pék baé bayangkeun. kudu nyunyuhun bebegig anu beuratna nepi ka 60 kilo, bari awak dibulen ku kakaban injuk. Jaba kudu ragag-rigig deuih. Malah sakapeung mah sok dipaké ngangkat jelema, anu sina tumpak dina lebah irung topéng si bebegig. Nya enya, lain pagawéan méméh sasarap. Anu matak, salian ti kudu siap tanaga téh, kudu asak latihan deuih. Aya émbohna, dibarung ku doa - doa husus, sangkan salamet salila nyunyuhun sakadang bebegig.
(Sumber: Gapura Basa kelas VIII kaca 51)
Unsur budaya naon anu diguar dina pedaran di luhur téh?
Élmu pangaweruh
Basa
Ékonomi
Kasenian
Urang Sunda mikanyaah mikacinta,
deudeuh geugeut ka Persib,
dipuji dipuja,
Persib nu saréréa,
Persib nu kuring nu abdi,
nu urang Sunda,
nu uing nu silaing.
Guru wilangan jeung guru lagu dina Pupuh Durma di luhur nya éta . . .
12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i
10i, 6o, 10é, 10i, 6i, 6u
10a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i
12a, 7i, 6a, 7i, 8i, 5a, 7o
1. Kudu apal acara anu rék dilaksanakeun
2. Kudu apal papakéan anu kudu digunakeun
3. Kudu apal saha-sahana anu hadir dina acara
4. Kudu apal naon kalungguhan/jabatan nu ngayakeun acara
5. Kudu apal runtuyan acara
6. Kudu apal saha-sahana anu rék biantara
Sawatara hal penting anu kudu diperhatikeun ku panata acara diantarana . . .
1,2,3
1,5,6
3,4,5
2,3,4
Tengetan sempalan carpon di handap ieu!
Di lebak téh aya balong, meujeuhna gedéna. Di juru belah kalér aya tajug. Gigireunana aya pancuran, caina hérang ngagelenggeng. Cinyusu kitu. Teu jauh ti dinya aya pamiceunan. Paranti urang tonggoh nu teu boga pamiceunan sorangan. Barang Tisna jeung Cécép rék asup ka pancuran, ti jero tajug aya nu kaluar bangun rusuh.
…
(Sumber: Gapura Basa kelas VIII kaca 102)
Latar tempat dina sempalan carpon di luhur nya éta …
Imah
Sakola
Tajug
Kebon
Teu sangka budak téh uteukna éncér.”
Kecap nu miboga harti injeuman (konotasi) dina kalimah di luhur nya éta …
Budak
Teu sangka
Uteuk
Éncér
Baca sing taliti!
Pangersa Bapa Kapala Sakola miwah Ibu-Bapa Guru sadayana, sim kuring sadaya wangkid ieu gaduh rupi-rupi piunjuk anu badé dihaturkeun ka Pangersa Ibu miwah Bapa sadayana.
Kahiji, unjuk hatur nuhun, wiréh sim kuring sadaya kebek ku karumaosan, tina kawit boloho taya kanyaho, ayeuna parantos teu bodo balilu teuing. Ieu téh teu aya sanés, anging ku panungtun sareng pangatik Pangersa Ibu miwah Bapa. Dina leresan ieu kanggo sim kuring sadaya, éstu beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunana. Kedah kumaha sareng ku naon atuh sim kuring sadaya nya mulang tarima? Da moal aya harta dunya anu saimbang sareng kasaéan Ibu miwah Bapa. Sim kuring sadaya mung tiasa neneda ka Gusti Nu Maha Suci, mugi Gusti maparin ganjaran kasaéan ka paraguru abdi sadaya, anu parantos kahéséan, kacapéan, karungsingan, kapusingan, dina enggoning ngatik ngadidik sim kuring sadaya. Aamiin ya Robbalalamiin.
(dicutat tina Gapura Basa Kelas IX kaca 9)
Naskah biantara di luhur ilaharna digunakeun dina kagiatan … di Sakola.
muludan
rajaban
paturang tineung
miéling HUT RI
Bapa Kapala Sakola anu ku sim kuring dipihormat,
Bapa kalih Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat,
Hadirin tamu uleman, ogé anu ku sim kuring dipihormat,
Sadérék sadaya kelas salapan sareng adi-adi kelas tujuh sareng kelas dalapan, anu ku sim kuring dipikacinta.
Ungkara di luhur mangrupa bagéan tina ... .
eusi biantara
pangwilujeng
bubuka biantara
panutup biantara
Sangkan teu leungiteun hanca sarta ngajalur nalika keur biantara, pikeun jalma nu gampang poho mah leuwih hadé ngagunakeun téhnik biantara ... .
Téhnik maca
Téhnik nalar
Téhnik nyatetkeun inti biantara
Téhnik langsung
Masarakat Kampung Naga percaya yén panto hareup anu pahareup-hareup jeung panto dapur bisa ngalantarankeun ... .
sémah anu asup ka imah babari kaluar
rejeki nu asup ka imah kaluar deui
rejeki anu asup ka imah teu bisa kaluar
rejeki anu kaluar ti imah teu bisa asup deui
Kampung Kuta nepi ka kiwari masih kénéh pageuh adat istiadat jeung tatali paranti karuhunna.
Tina sempalan kalimah di luhur aya kecap tatali paranti karuhunna. Nu dimaksud tatali paranti karuhun téh nya éta ... .
dilarang, teu meunang ku karuhun
tempat cicingna karuhun
ngomong sombong ka karuhun
adat kabiasaan karuhun
Imah nu aya di kampung Kuta téh saperti gambar di handap. Wangun suhunana ngagunakeun hateupna tina injuk atawa kiray.
Dumasar kana bentuk wangun suhunanana, éta imah kaasup ngangunakeun kana jenis ....
wangun suhunan parahu kumereb
wangun suhunan jogo anjing
wangun suhunan jolopong
wangun suhunan limasan
“Jang, cik gedéan tipi téh asa kurang jelas.
Dumasar kalimah di luhur, kaasup kana pakeman basa .
babasan
paribasa
rakitan lantip
caturangga
Jalma anu kandel kulit beungeut téh nya éta jalma anu ....
gedé ambek
kuat beungeutna
teu boga kaéra
gedé kawani
Kuda téh kacida alus kukulinciranana dina bobokongna beulah kénca, gedé perbawana kana darajat, téréh naék pangkat, jadi pangauban ratu, pantes dipiara ku priyayi, tutunggangan ratu.
Dumasar kana ungkara di luhur, éta kuda téh kaasup kana pakeman basa caturangga, anu ngabogaan watek .
Buaya ngangsar
Satria kinayungan
Sumur bandung
Sekar panggung
Can gé saminggu, kuring geus mimiti boga kawawuhan. Enya, anu pangheulana wawuh téh para patunggon jongko, anu pagawéan sapopoéna teu béda ti kuring; Si Ahid jeung Si Sulé anu matuhna di kénca-katuhueun jongko tempat kuring. Si Ahid mah nungguan jongko sabangsaning beubeutian, ari Si Sulé jongko cau. Maranéhna mah geus lila maratuhna di Ciroyom téh, ceunah. Pangna gancang loma ka nu duaan téh, lantaran umurna papantaran kuring, da ari tarunggu di jongko séjén mah umurna saluhureun. Jeung maranéhna mah kuring bisa silipihapékeun anu keur ditungguan, lamun kabeneran nyelang heula ka cai. Hal-hal naon waé nu aya di pasar, kuring meunang béja téh ti maranéhna, da geuning jelemaa nu unggal usik pagaliwota téh rupa-rupa, ti mimiti padagang nepi ka tukang copét.
(dicutat tina Gapura Basa kelas 9)
Ungkara anu merenah pikeun ngagambarkeun watek palaku kuring dina sempalan novél di luhur nya éta . . .
Soméah ka unggal jalma
Nyaah jeung béla ka babaturan
cicingeun jeung teu bisa mihapékeun diri
bageur jeung gampang wawuh ka nu lian
Barang mimiti mah ngarumas pisan saré di jongko téh. Eta tuda gandéng. Tapi lila-lila mah bisa ogé peureum. Jongko anu ditungguan ku kuring mah ngan beurang wungkul. Jadi peutingna mah nyalsé. Biasana Mang Mahmud téh dtangna sok Jumaah peuting bari sakalian ngawal barang. Isukna ogé, sanggeus bérés nagihan mah, sok mulang deui ka lembur.
(dicutat tina sempalan novél Patepung di Bandung Gapura basa Kelas 9)
Nilik kana cutatan di luhur katitén latar (tempat) anu aya dina éta carita novél téh nya éta . . .
Pasar
Jumaah
gandéng
Jongko
“Enya, kaharti ku abdi ogé, Kang,ceuk Juru tulis. Ngan ieu mah hayang nepikeun ka Akang, malah Akang ogé nyaho, yén mencek téh kaasup sato anu ditangtayungan ku undang- undang. Ku kituna, sajaba ti teu meunang diala téh, dipiara ogé teu meunang, kajaba lamun boga idin resmi ti pamaréntah.
Sempalan paguneman di luhur aya dina novél Sunda anu judulna?
Baruang Ka Nu Ngarora
Patepung di Bandung
Si Paser
Budak Teuneung
Bujang II : Teureuh Pajajaran mah tara kumawani ngarebut banda batur!
Bujang III : Alaaah, dia mah sok adigung. Keur kalaparan kieu mah kumaha wé carana. Batan
kudu paéh teu pupuguh mah! (KA LANJANG I). Nya, Nyai kitu lin?
Lanjang I : Ih, teuing atuh!
Lanjang II : Bener! Indung leungit bapa musnah teu dulur teu baraya, kuring mah hayang kénéh
hirup!
Bujang II : Kabéh gé harayang kéneh hirup, tapi loba kénéh cara séjén pikeun ngeusian
beuteung mah!
Lanjang II : (SINIS) Eusian ku taneuh!
Bujang II : Nya ari beuki mah sok baé!
Lanjang II : Ari geus dieusian kunaon ieu beuteung téh?
Bujang II : Yeuh Nyai ...... Apan ceuk Patikrama gé, loba raja anu tatapa nahan lapar
mangbulan-bulan, sangkan dirina sakti mandraguna, teu teurak ku tumbak, teu teurak
ku ruruhit jamparing, teu teurak ku .
(dicutat tina sempalan drama Sirung Pajajaran Gapura basa Kelas 9)
Téma atawa jejer nya éta mangrupa inti tangtungan karangan rékaan, anu jadi pameungkeut sagemblengna eusi karangan. Upama ditengetan, sempalan naskah drama di luhur miboga téma . .
kulawarga
misteri
Sajarah
silih asih
Di handap ieu mana ngaran judul naskah drama anu dikarang ku Ajip Rosidi . . .
Tanjeur Pajajaran
Runtagna Pajajaran
Siliwangi Maharaja Pajajaran
Masyitoh
1. Ulah kumawani ngarebut banda batur
2. Kudu sabar narima kaayaan ulah dibarung ku emosi
3. Kudu nurut kana papatah lanceuk
4. Kudu nyaah ka nu jadi dulur
5. Kudu sauyunan jeung nu jadi dulur komo deui hirup pahatu lalis
Amanat nya éta hal anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca tujuanna nya éta hayang nepikeun bebeneran sangkan nu maca bisa milih jalan anu hadé. Dina ungkara amanat di luhur mana anu kaasup kana amanat dina drama Geber-geber Hihid Aing?
1, 3 jeung 4
3, 4 jeung 5
1, 2 jeung 3
2, 3, jeung 4
Iklan mah sipatna teh kudu ....
Simpatik
Keren
Narik hate
Alus
Sangkan narik hate ka nu diiklanana, alusna dibarengan ku ....
Film.
Gambar.
Barangna.
Hasilna
Kalimah nu eusina mere nyaho ka nu sejen disebutna kalimah .....
Pananya.
Panitah
Panyeluk
Wawasan
Pupuh nu kaasup kana sekar alit nyaeta ....
Sinom.
Dangdanggula.
Kinanti
Lambang
Pupuh nu kaasup kana sekar ageng nyaeta ....
Asmarandana.
Gurisa.
Maskumambang.
Mijil
Ku nu bogana eta domba adu teh meni ditatap......
Dimandian.
Dipikanyaah.
Diusap.
Diteuteup
" Bapa Pupuhu SMP PGRI anu mulya...." Pupuhu dina eta kalimah hartina .....
Ketua.
Wakil ketua.
Sekretaris.
Pangurus
Ari jadi budak kudu ...... ngarah teu hese milik.
Hampang birit.
Ateul biwir.
Ceuli lentaheun.
Beurat birit
Waktu jeung tempat kajadianana drama disebutna.....
Latar.
Adegan
Kaayaan.
Tema
Tokoh dina drama boh nu protagonis boh antagonis atawa tokoh pangrojong disebutna.....
Palaku.
Latar.
Babak.
Tema
