NEW
Font size
Worksheetskisi kisi Sunda kelas VI
Total questions: 35
Worksheet time: 18mins
Salah sahiji tujuan tina karangan déskripsi nyaéta...
Ngabandingkeun dua hal nu béda
Nyiptakeun hiji carita anu pikaseurieun
Méré gambaran nu écés ngeunaan hiji objek, tempat, atawa kajadian
Ngajukeun hiji pendapat ngeunaan hiji masalah
Dumasar kana teks di handap! "Sapintrong téh dimaénkeun ku dua kelompok. Salah sahiji kelompok nyumputkeun batu leutik dina tumpukan sapatu, sedengkeun kelompok séjén nebak di mana batu disumputkeun." Cara maénkeun kaulinan sapintrong nyaéta ….
Ngudag jeung nyokot sapatu
Nyumputkeun batu dina sapatu jeung nebak
Ngurilingan tempat bari nyanyi
Ngadorong kai panjang pikeun leumpang
Ngaran kaulinan dina gambar di luhur nyaéta ….
Egrang
Sapintrong
Ucing sumput
Congklak
Kaulinan barudak tradisional bisa ngajarkeun kabiasaan nu hadé, sabab...
dimaénkeun di kelas waé
ngamimitian ku aturan nu jelas jeung teu bisa robah
barudak diajar silih hargaan jeung gawé babarengan
maénna kudu maké alat modéren
Di handap ieu nu kaasup kana kalimah aktif nyaéta ….
Buku dibaca ku Rina
Hui dikulub ku nini
Rudi mawa buku ka sakola
Lauk digoreng ku indung
Tanda titik dipaké pikeun...
nangtukeun tempat nu leres
nunjukkeun rasa kagét
ngaréngsékeun kalimah
nétélakeun kecap pananya
Eusian titik-titik di handap ku kecap pananya nu luyu!
…. anjeun angkat ka sakola?
Saha
Iraha
Kumaha
Kunaon
Pupuh Maskumambang mibanda jumlah …. padalisan dina unggal pada.
3
4
5
6
Pilih kecap nu bener pikeun ngalengkepan kalimah ieu! Dina waktu hujan, …. biasa nyumput di jero taneuh.
oray
manuk
lauk
cacing
Baca sajak di handap ieu!
Ari lingkungan téh warisan,
Anu kudu dijaga tur dihormat,
Sakumaha urang ngajaga diri,
Ku ngajaga alam urang jadi kuat.
Tema anu disimpulkeun dina sajak di luhur nyaéta ….
Pentingna ngajaga lingkungan jeung alam
Pentingna ngajaga kaséhatan pribadi
Pentingna ngaji jeung agama
Pentingna ngahargaan
Baca sajak di handap ieu!
Taneuh jeung cai urang jaga,
Sagala hirup ngandelkeun alam,
Hutan téh paru-paru dunya,
Kudu dijaga supaya lestari.
Amanat anu tiasa dicandak tina sajak ieu nyaéta ….
Alam téh penting pikeun kaséhatan
Urang kudu ngajaga kelestarian lingkungan supaya alam tetep lestari
Taneuh jeung cai kedah dihijikeun
Hutan téh tempat pikeun ulin barudak
Baca paguneman di handap ieu!
Siti: Abdi hoyong indit ka pasar.
Joni: Indit? Maksudna angkat ka pasar.
Kecap "indit" dina paguneman di luhur miboga sinonim ….
tuang
ulin
angkat
diajar
Kalimah anu bener ngagunakeun tanda kutip dina kalimah langsung nyaéta ….
"Kuring badé indit ka pasar, " cenah Asep.
Asep nyarios "Kuring badé indit ka pasar."
Kuring badé indit ka pasar cenah "Asep."
Asep cenah "Kuring badé indit ka pasar".
Baca kalimah ieu!
Si Rudi téh anak anu bageur jeung santun.
Antonim tina kecap "bageur" dina kalimah di luhur nyaéta ….
goréng
kasar
hadé
apik
Baca cuplikan carpon ieu!
Dina hiji poé, Nia ningali béja ngeunaan musnahna habitat urang utan di hutan kalimantan.
Anjeunna langsung nyieun tim pikeun nyalametkeun sato-sato anu terancam punah.
Nia jadi pahlawan di kampungna. Tokoh utama dina carpon di luhur nyaeta ….
Urang utan
Tim penyelamat
Nia
Hutan Kalimantan
Informasi penting nu bisa dipikagaduh tina cuplikan carpon nyaéta ….
Raka ngajarkeun barudak ngeunaan pelestarian budaya
Raka ngajarkeun barudak pikeun nyiksa sasatoan
Raka jadi tukang ngajual sato
Raka ngadidik barudak pikeun nyaah ka sasatoan ku conto langsung
Hartina homonim dina Basa Sunda nyaéta ….
kecap anu béda hartina tapi sarua sora jeung nulisna
kecap nu sarua hartina jeung nulisna
kecap nu beda nulisna jeung hartina
kecap nu asalna tina basa asing
Eusi atawa amanat anu tiasa dicandak tina pupuh Durma nyaéta ….
ulah loba lalajo
ulah percaya ka batur
hirup kudu ngajaga kalakuan jeung ulah curang
leumpang kudu nyorangan
Di handap ieu anu teu kaasup kana pupuh sekar ageung nyaéta…
Pupuh Kinanti
Pupuh Sinom
Pupuh Durma
Pupuh Ladrang
Salah sahiji bédana utama antara pupuh jeung kawih nyaéta…
Pupuh jeung kawih sarua henteu miboga aturan anu tangtu
Pupuh miboga aturan guru lagu jeung wilangan, sedengkeun kawih henteu
Kawih leuwih kolot tibatan pupuh
Pupuh jeung kawih sarua pikeun kaulinan barudak
(1). Barudak keur lalajo kaulinan di lapang.
(2). Beres ngala suluh ka gunung, suku Rizieq bararéd.
(3). ”Zul, pang meserkeun tarasi jung ka warung téh Intan!”
(4). Jeruk teh meni kacida haraseum.
Kalimah di luhur anu maké rarangken tengah "-ar-" , iwal ti…
(1)
(2)
(3)
(4)
(1). Malam minggu ayeuna, abdi sareng rerencangan bade lalajo film “Jumbo” di bioskop.
(2). Lauk teh laleutik keneh da anyar keneh melakna.
(3). Karunya hayam teh lalapar, geus dua poe poho teu diparaban.
(4). Dina tong sampah mah sok loba laleur, meni ngagimbung.
Kalimah di luhur anu maké rarangken tengah "-al-" , iwal ti…
(1)
(2)
(3)
(4)
(I). Identitas diri tokoh.
(2). Jumlah harta/kabeungharana.
(3). Latar pendidikan atawa kulawarga.
(4). Perjalanan hirup atawa karir.
Anu henteu kaasup unsur biografi nyaéta…
(1)
(2)
(3)
(4)
Kalimah anu make rarangken " di-" nyaeta ….
Fibril keur ngureuk belut di sawah
"Kal, pang nyandakeun boboko di pawon!"
Fikri dititah meuli beas ku indungna ka warung
Di Sukabumi mah ayeuna keur usum hujan
Kalimah anu make rarangken " ka-" nyaeta ….
Fakhri geus dua poe nyaba ka Jakarta
Samemeh puasa, sok loba anu ziarah ka makam
"Menta sangu jung ka nini maneh!"
Kamari mah katempo manehna aya di imahna
Biografi Singkat Otto Iskandardinata
Otto Iskandardinata lahir di Bojongsoang, Bandung dina 31 Maret 1897. Anjeunna mangrupakeun salah sahiji pahlawan nasional Indonesia asal Sunda. Anjeunna aktif dina organisasi Paguyuban Pasundan jeung janten anggota BPUPKI sarta Panitia Sembilan nu nyusun dasar nagara Indonesia.
Saatos Indonesia merdéka, anjeunna diangkat jadi Menteri Negara. Dina ahir taun 1945, Otto diculik jeung dipasrahkeun nyawana di Mauk, Banten. Kusabab jasa-jasana, anjeunna dianugerahan gelar Pahlawan Nasional sarta dipikawanoh ku julukan "Si Jalak Harupat".
Kusabab jago dina pidato/biantarana, Otto Iskandardinata ngagaduhan julukan …
Pahlawan Nasional
Si Jalak Harupat
Bapak Pendidikan
Pejuang Reformasi
Bédana antara biografi jeung autobiografi nyaéta …
Biografi ditulis pikeun hiburan, autobiografi pikeun pelajaran
Biografi ditulis ku jalma séjén, autobiografi ditulis ku dirina sorangan
Biografi leuwih pondok, autobiografi leuwih panjang
Biografi ukur pikeun tokoh pahlawan, autobiografi pikeun artis
. Baca wacana di handap ieu!
Globalisasi
Globalisasi téh mangrupakeun hiji prosés kabukana hubungan antar nagara di sagala widang, saperti ékonomi, budaya, élmu pangaweruh, jeung komunikasi. Dina jaman kiwari, globalisasi geus asup kana sagala rupa kahirupan urang, boh di kota boh di désa.
Salah sahiji tanda tina globalisasi nyaéta gampangna urang ngakses informasi jeung komunikasi liwat internét. Jalma bisa komunikasi jeung nu aya di luar nagara ngan ukur ngaliwatan HP atawa komputer. Barang-barang ti luar nagara ogé loba dijual di pasar urang, sarta budaya luar loba dipikaresep ku barudak ngora.
Globalisasi ogé boga dua sisi: aya nu positif, aya ogé nu négatif. Pangaruh positifna, urang bisa diajar hal anyar ti nagara séjén, bisa dagang ka luar nagri, sarta bisa nyebarkeun budaya urang ka mancanagara. Sedengkeun pangaruh négatifna, loba nonoman nu poho kana budaya sorangan jeung leuwih resep niru kabiasaan luar nu teu saluyu jeung nilai-nilai bangsa.
Ku kituna, urang salaku generasi ngora kudu bisa nyanghareupan globalisasi ku jalan milih jeung nyaring hal anu hadé, bari ngajaga jati diri jeung budaya bangsa. Urang kudu reueus kana kabudayaan sorangan, sarta ngajarkeunana ka nu séjén.
Hartina Globalisasi nyaeta …
Proses ngalegaan pasar lokal ka wewengkon désa
Proses kabuka jeung nyambungna hubungan antar nagara di sagala widang
Proses ngalakukeun adat kabudayaan lokal
Proses ngaleungitkeun téknologi di nagara berkembang
Di handap ieu nu kaasup pangaruh positif globalisasi dina widang budaya nyaéta…
Leungitna rasa cinta kana budaya sorangan
Niru sagalana ti budaya luar tanpa saringan
Loba nonoman nu ngamimitian mikacinta seni jeung budaya lokal
Loba jalma nu poho kana adat istiadat sorangan
Nilik kana eusina, teks "Globalisasi" di luhur kaasup kana jenis karangan…
Fiksi
narasi
deskripsi
eksposisi
Pangaruh positif globalisasi nurutkeun gambar di luhur nyaeta…
Ngahalangan urang dagang ka luar
Ngaruksak kabudayaan lokal
Méré kasempetan dagang leuwih lega ngaliwatan internét
Ngaronjatkeun jumlah padagang di pasar tradisional
Titenan paguneman di handap ieu!
Dedi : “Assalamu’alaikum, Bu Yati. Abdi sareng rerencangan bade naroskeun sababaraha patalékan ngeunaan usaha warung ibu, tiasa?”
Bu Yati: “Wa’alaikumussalam. Mangga.”.
Dedi : “Naha ibu milih usaha warung sembako ieu?”
Bu Yati: “Saleresna tos lami abdi teh hoyong gaduh usaha nu tiasa dijalankeun di bumi, sangkan tiasa ngurus kulawarga oge. Warung sembako janten pilihan margi kaperyogian sadidinten, janten Insya Allah aya nu meser unggal dinten.”
Sule : “Ti iraha ngawitan usaha ieu, Bu?”
Bu Yati: “Abdi ngawitan ti taun 2018, janten parantos kirang langkung 7 taunan.”
Ujang : “Naon waé nu diical di warung ibu?”
Bu Yati: “Rupi-rupi, sapertos béas, minyak, gula, mie instan, sabun, roko,sareng jajanan kanggo barudak oge aya.”
Dedi : “Naon tantangan utami dina usaha warung ieu,Bu?”
Bu Yati: “Salah sawios tantangan téh upami hargi barang di pasar naék, janten abdi kedah ngatur harga di warung sangkan teu rugi tapi ogé teu mahal teuing kangge nu meser. Teras, kedah tiasa bersaing sareng toko modern atanapi minimarket.”
Dedi : “Sakedik deui, naon kahoyong ibu kanggo ngembangkeun usaha ieu?”
Bu Yati: “Abdi miharep warung ieu tiasa langkung lega, nambihan kulkas kanggo ngical inuman
tiis, sareng upami tiasa gaduh padamel, supados abdi aya nau ngabantosan.”
Dedi : “Hatur nuhun pisan, Bu Yati, kana waktuna sareng jawabanana. Mugia usaha ibu lancar icalana.”
Bu Yati: “Sami-sami. Mugia wawancarana tiasa mangpaat.”
Anu jadi narasumber dina wawancara di luhur nyaéta ….
Dedi
Bu Yani
Ujang
Sule
Kecap "kulkas" dina teks wawancara téh serepan tina kecap asing nyaeta…
Refrigerator (basa Inggris)
Koelkast (basa Belanda)
Kulkatzu (basa Jepang)
Frigorífico (basa Spanyol)
Baca potongan biantara di handap ieu!
Puji syukur urang sanggakeun kanu Maha Kawasa anu tos ngalimpahkeun Rohmatna ka urang sadaya, Alhamdulillah dina dinten ieu urang tiasa kempel dina kaayaan sehat walafiat.
Kalimah di luhur mangrupakeun bagian biantara, nyaéta....
Salam bubuka
Bubuka
Eusi
Salam panutup
Titenan biantara di handap ieu!
Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Ka sadaya hadirin nu ku simkuring dipihormat. rerencangan, guru-guru, sarta warga sakola nu dipikanyaah. Dina kasempetan ieu, simkuring bade nyarita saeutik ngeunaan pentingna ngajaga lingkungan.
Hadirin nu mulya,
Lingkungan nu bersih téh bakal ngajadikeun hirup urang leuwih séhat, asri, jeung nyaman. Tapi ayeuna, seueur pisan lingkungan nu kotor, loba runtah di mana-mana, sarta hutan nu dituar sakahayang. Lamun hal ieu terus diantepkeun, tangtu bakal ngancem kahirupan urang sorangan.
Ku kituna, urang sakumna kudu miara lingkungan. Cara-cara basajan sapertos teu miceun runtah sasatna, ngabedakeun runtah organik jeung anorganik, melak tangkal, jeung hemat cai, éta téh geus mangrupa kontribusi pikeun ngajaga bumi urang.
Ku sabab éta, hayu urang sami-sami sadar jeung silih ajak pikeun jadi warga anu paduli kana lingkungan.
Hatur nuhun pisan kana perhatosan ti sadayana.
Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Nurutkeun eusi biantara di luhur, urang kudu ngajaga lingkungan sangkan …
loba kahirupan di laut
urang bisa meunteun alam
hirup leuwih séhat, asri, jeung nyaman
bisa liburan ka gunung
