Font size
WorksheetsASAT Kelas 4 Bahasa Sunda
Total questions: 35
Worksheet time: 37mins
Pahlawan nyaéta jalma anu boga jasa tur kaunggulan ti jalma lain papada umumna. Mana anu kalebet sipat para pahlawan? ...
Gede Kawani
Daek ngorbankeun dirina
Melaan bebeneran jeung kaadilan
Sadaya jawaban bener
Pahlawan teu mikir jiwa raga katut nyawa ngabéla lemah cai supaya leupas tina kakawasaan Belanda, Jepang katut nagara séjénna. Jasa pahlawan anu … dina peperangan kudu jadi conto keur ngeusi kamerdékaan.
Kecap anu merenah pikeun kalimah di luhur nyaéta …
Pupus
Maot
Paéh
Gugur
Pahlawan ti Jawa Barat anu ngilu merjuangkeun kamerdekaan di Tasikmalaya nyéata ...
Otto Iskandardinata
KH. Zainal Mustofa
Ir. H. Juanda Kartawijaya
R.E Martadinata
Dewi Sartika ngadegkeun Sakola Istri taun 1904 di Bandung.
Tina eta kalimah urang terang yen Dewi Sartika teh pahlawan dina widang ...
atikan
ekonomi
pulitik
budaya
Ir. H. Juanda Kartawijaya nuju ngajabat janten Perdana Mentri ageung jasa na pikeun nagara nyaéta ...
Ngubah teks Proklamasi
Ngarobah UUD 1945
Deklarasi Juanda taun 1957
Nu nyiptakeun lagu Indonesia Raya
Kecap anu disebut dua kali boh engangna atawa wangun dasarna disebut kecap …
rajékan dwipurwa
rajékan dwiréka
rajékan dwilingga
rajékan dwiwarna
Si andi balik waé ka kamar mandi lantaran nyeuri beuteung.
Kecap rajékan dwiréka tina kecap balik nyaéta ...
balik-balik
babalik
balik-bolak
bulak-balik
Barudak kelas 4 keur arulin ucing sumput di buruan sakola. Udin kabeneran anu jadi ucing na téh. Udin luak-lieuk néangan babaturanna anu keur nyarumput. Teu kungsi lila Adit anu keur nyumput di pipir sakola kapanggih ku Udin. Atuh Adit téh gagaro teu ateul da handeueul kusabab kapanggih pangheulana.
Dina kalimah di luhur anu kaasup kecap rajékan dwiréka nyaéta …
luak-lieuk
gagaro
babaturanna
handeueul
Kalimah di handap ieu mana anu ngandung kecap rajékan dwiréka ?
Ibu-ibu nuju latiahn kosidahan di madrasah.
Barudak kelas 4 keur beberesih di buruan sakola.
Sikep pahlawan baheula mah tara cubak-cabok.
Udin jeung Doni keur nyieun langlayangan di pipir imah.
Pék titénan kecap Pagawean dina kalimah di handap!
Dami keur nyieun kakapalan tina karton.
Dami
nyieun
kakapalan
karton
Mun pareng abdi jadi arsitek
Ngawangun imah keur nu sangsara
Ngarah bogaeun keur tempat cicing
Cling, cling, cling! Imah agréng ngajengleng
Eta kawih di luhur ngébréhkeun ngeunaan …
Kawajiban
Cita-cita
Hak
Tanggungjawab
Mun pareng abdi jadi arsitek
Ngawangun imah keur nu sangsara
Ngarah bogaeun keur tempat cicing
Cling, cling, cling! Imah agréng ngajengleng
Nu kaasup kecap barang dina kawih di luhur nyaeta ..
arsiték
ngawangun
imah
ngajengleng
Mana anu ka asup kecap pagawean dina kalimah di handap!
Kang Asep rek nguseup di Cisadane.
kang Asep
rek
nguseup
Cisadane
Kalimah di handap ieu anu ngandung kecap barang nyaéta …
Kuring ngagoréng sangu dina katél.
Basa poé Salasa Ahmad teu sakola, kusabab gering.
Neng Dian mah budakna téh geulis kacida.
Unggal dinten Saptu barudak kelas 4 sok beberesih kelas babarengan.
Tina kalimah di handap ieu, mana nu kaasup kalimah na ngandung dua kecap barang? ...
Rudi nyimpen buku jeung pensil di laci
Nini keur nyulam sapatu
Aya ngora nu keur lumpat
Ibu nyayagikeun sangu
Pami aya PR nu rada sesah Rini sok naroskeun ka Téh Irma.
Kecap "sesah" sarua hartina jeung kecap …
Gampil
Bagja
Babari
Hésé
Bapa ... motor anyar ti toko Maju Motor.
Kecap basa anu cocog keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta …
Meuli
Meser
Ngagaleuh
Ngabantun
Adun ... indit ka sakola.
Kecap basa anu cocog keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta …
Alim
Embung
Teu kersa
Teu daek
Kecap basa lemes anu dilarapkeun keur sorangan tina kecap dahar nyaéta ...
Neda
Tuang
Makan
Emam
Jang Ahmad mah budakna téh hampang birit, matak loba nu raresepeun jeung teu lebar mun barang béré ka manéhna téh.
Harti kecap hampang birit nyaéta …
Milampah anu moal pihasileun
Kajeun teuing capé gawé asal bisa dahar kalawan cukup
Meunang kabungah nu gedé, anu saenyana teu diarep-arep
Gampang jeung daékan dititah
Keur ngahontal cita-cita urang kudu boga ikhtiar satekah polah sangkan hasil anu dimaksud. Hal éta saluyu jeung paribasa “ Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok.”.
Paribasa di luhur hartina nyaéta ….
(a)
Dumasar gambar di gigir nyaéta pahlawan pituin ti Jawa Barat anu miboga julukan “ Si Jalak Harupat”. Ngaran pahlwan di gigir nyaéta ...
(a)
Heru : “Hujan téh mani ngecrek.”
Tisna : “Keur usumna. Di batur mah loba nu banjir, loba nu ngarungsi.”
Salsa : “Di urang mah moal kabanjiran nya?”
Heru : “Nya moal da wewengkon urang mah rada luhur.”
Nu nuduhkeun kecap pagawéan dina paguneman di luhur nyaéta …
(a)
“Bumi Pa Ikin mah sagedengeun … abi.”
Kecap anu cocog pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ...
(a)
Mulih néda landong, mamah ... mani tibra.
Kecap anu cocog pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta …
(a)
Ma Eroh asal Cisayong Tasikmalaya dianggap pahlawan, lantaran gedé jasana dina ningkatkeun kahirupan balaréa ku cara nyieun susukan norobos pasir népika meunang pangleler Kalpataru.
Ma Eroh disebut pahlawan dina widang …
(a)
Pa Suha mah gaduh ... teh di cét warna héjo ngora.
Kecap barang anu cocog keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta …
(a)
Paribasa “Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak” hartina nyaéta ….
(a)
Budak nu sok loba …, bakal muka jandéla dunia.
Kecap pagawéan anu cocog keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ….
(a)
Tabuh 14.00 pun bapa nembé balik ti sakola. Kecap basa lemes balik kuduna …
(a)
Sebutkeun sikep hidep salaku siswa pikeun ngahargaan jasa para pahlawan!
Jieun kalimah tina kecap di handap ieu!
- Sura-seuri
- Cubak-cabok
Pék ku hidep benerkeun bacaan di handap ieu maké aksara kapital!
radén oto iskandardinata dibabarkeun di bandung, 31 maret 1897. ari pupusna di tanggerang, sasih désémber 1945. radén oto hirup di lingkungan kulawarga priyayi anu boga jiwa ngarayat.
Sebutkeun 5 kecap anu kaasup kecap barang anu aya di sakola!
Sanggeus dipapatahan ku kolotna, Cepi tungkul kawas bueuk meunang mabuk.
Naon hartina paribasa “bueuk meunang mabuk” téh?
