wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

7 BAHASA SUNDA

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.
Dongeng kaasup tradisi sastra …
a)
lisan
b)
baheula
c)
kiwari
d)
buhun
2.
Di handap ieu mangrupa sipat-sipat dongeng, iwal ….
a)
Wangunna salawasna pondok
b)
Anonym atawa teu kanyahoan pangarangna
c)
Hasil karancagean karuhun bahela
d)
Sumebar sacara lisan
3.
Di handap ieu kaasup dongeng ti tatar sunda, iwal …
a)
Malin kundang
b)
Dalem boncel
c)
Sangkuriang
d)
Situ Bagendit
4.
Dongeng “Selat Sunda jeung Gunung Krakatau” kaasup kana jenis dongeng …
a)
Dongeng sasakala
b)
Dongeng babad
c)
Dongeng mitos
d)
Dongeng jalma biasa
5.
Nu teu kaasup kana papasingan dongeng nya eta …
a)
Dongeng tutuwuhan
b)
Dongeng babad
c)
Dongeng sasatoan
d)
Dongeng jalma biasa
6.
Unsur nu ngajadikeun dongeng mibanda ciri has, nya eta …
a)
unsur atikan
b)
unsur pamohalan
c)
Unsur palaku
d)
Unsur amanat
7.
Dina waktu ngadongeng, sora teh kudu …
a)
Cempreng
b)
Disaluyuken jeung tokoh dongeng
c)
Lalaunan
d)
Alus
8.
Dongeng “Kuya ngagagandong imahna” nyaritakeun ngeunaan
a)
Sakadang kuya nu di bobodo monyet
b)
Asal muasal kuya mamawa imahna
c)
Kahirupan sapopoe sakadang kuya
d)
Sakadang kuya jeung sakadang monyet
9.
Nu teu jadi palaku dina dongeng “Nyiroro Kidul” nya eta …
a)
Dewi Munara
b)
Purbasari
c)
Putri kadita
d)
Dewi Srangenge
10.
Panday nya eta istilah pikeun tukang …
a)
Nyieun parabot tina taneuh
b)
Nyieun parabot tina beusi
c)
Moro ngagunakeun tumbak
d)
Teuleum
11.
Sajak kaasup kana
a)
Puisi buhun
b)
Sastra heubeul
c)
puisi modern
d)
Sastra buhun
12.
Sajak teh kaasup karya sastra sunda wangun …
a)
Prosa
b)
Drama
c)
ugeran
d)
lancaran
13.
Di handap ieu nu teu kaasup pangarang sastrawan Sunda, nya eta …
a)
Hadi AKS
b)
Yus Rusyana
c)
Aom Kusman
d)
Rachmat M Sas Karana
14.
Gambaran kaayaan dina sajak disebut oge …
a)
Tema
b)
Kesan
c)
Suasana
d)
Pangalaman batin
15.
Diksi hartina …
a)
Galindengna sora
b)
Kalimah nu aya dina sajak
c)
Pilihan kecap
d)
Ejahan
16.
Sajak umumna di eusi ku kecap nu miboga harti
a)
Ekpresif
b)
Saujratna
c)
Denotatif
d)
Konotatif
17.
Maksud nu rek ditepikeun pangarang dina hiji sajak disebut …
a)
Wirahma
b)
Pangalaman batin
c)
Tema
d)
Amanat
18.
Kalimah di handap anu mibanda harti konotatif, nya eta …
a)
Nuar kai mah ulah ku kampak mintul
b)
Bedog mang Ikin mintul
c)
Saha nu boga jarum mintul
d)
Pikiran kuring ker mintul
19.
Kecap nu mibanda harti saujratna disebut
a)
Kecap langsung
b)
Kecap kiasan
c)
kecap konotasi
d)
kecap denotasi
20.
Dina waktu ngagalantangkeun sajak sora urang kudu …
a)
Halimpu
b)
Bebas
c)
Tarik
d)
Bentes
21.
Bewara biasa ditulis dina, iwal…..
a)
radio
b)
majalah
c)
koran
d)
majalah dinding
22.
Iklan teh kaasup kana wacana……..
a)
kooperatif
b)
persuasif
c)
inpiratif
d)
sensitif
23.
Kalimah nu eusina mere nyaho kanu sejen, disebut kalimah….
a)
pananya
b)
panitah
c)
panyeluk
d)
wawaran
24.
Iklan mah sifatna teh kudu…..
a)
simpatik
b)
keren
c)
narik hate
d)
alus
25.
Sangkan narik hate ka nu diiklanana, alusna dibarengan ku ….
a)
film
b)
gambar
c)
barangna
d)
hasilna
26.
Kecap anu wangun dasarna dirajek sagemblengna kalawan teu ngalaman parobahan sora di sebut kecap rajekan ….
a)
Dwilingga
b)
Dwimurni
c)
Dwipurwa
d)
Dwireka
27.
Puak-paok kaasup kana conto kecap rajekan …
a)
Dwipurwa
b)
Dwireka
c)
Dwimurni
d)
Trilingga
28.
Budak teh gawena ngan ......… wae
a)
Patanya
b)
Tunya-tanya
c)
Nanya-nanya
d)
Nanyaan
29.
…….... teh hartina ngagelang panon ku tonggong dampal leungeun
a)
Kagisik
b)
Gigisik
c)
Gisik-gisik
d)
Digisik
30.
Dongeng sumebar sacara tatalepa ti hiji jalma ka jalma liana kecap rajekan nu aya dina eta kalimah kaasup kana kecap rajekan …
a)
Dwilingga
b)
Dwipurwa
c)
Dwireka
d)
Dwimurni
31.
Nu teu kaasup pungsi aksara, nya eta …
a)
Pikeun ngadokumentasikeun carita
b)
Pikeun nyatetkeun ideu
c)
Pikeun hiburan
d)
Pikeun ngarekam bukti-bukti sajarah
32.
Nu jadi bukti aksara sunda dina jaman karuhun sunda baheula, nya eta …
a)
Surat pribadi
b)
Naskah dongeng
c)
Prasasti
d)
Catetan budaya
33.
Naskah kuno mangrupa bukti ..… ngenaan aksara nu kungsi dipake kumasarakat sunda
a)
Langka
b)
Lisan
c)
Tinulis
d)
Asli
34.
Di handap ieu aya sababaraha aksara nu kungsi digunakeun ku urang sunda, iwal …
a)
Aksara Sunda kuno
b)
Aksara Sunda baku
c)
Aksara hiragana
d)
Aksara cacarakan
35.
Aksara Sunda dipake kiwari, nya eta …
a)
Aksara Pegon
b)
Aksara Sunda kuna
c)
Aksara Sunda baku
d)
Aksara cacarakan
36.
Daek we maneh mah .....ku batur teh !
a)
bodo
b)
bobodo
c)
dibobodo
d)
bobodoan
37.
Aksara nu diwangun ku konsonan jeung sora /a/ disebut aksara …
a)
Ngalagena
b)
Angka
c)
Swara
d)
Rarangken
38.
Cik atuh ulah .... wae ka batur teh, mani nyareri kieu suku kuringna
a)
tajong
b)
tatajongan
c)
tatajong
d)
ditajongan
39.
Rarangken (pananda sora) anu cicingna luhureun aksara ngalagena, iwal....
a)
pangwisad
b)
pamepet
c)
Paneuleung
d)
panghulu
40.
Tanda panyiku guna piken nambahan sora ...
a)
- ng
b)
- ra
c)
- ya
d)
- la