wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kuis Kasenian Sunda

Total questions: 35

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.

Alat kasenian has Sunda anu ditiup jeung biasa dipaké dina kendang penca disebut....?

a)

Bonang

b)

Tarompét

c)

Suling

d)

Saron

2.

Di handap ieu nyaéta istilah kasenian nu patali jeung jalma, iwal ……

a)

Kacapi

b)

Sinden

c)

Dalang

d)

Panari

3.

Kecap aksara sunda dihandap anu ngandung harti "Gawe " nyaéta ……

a)

b)

c)

d)

4.

" Mang dadang biasa ditunjuk jadi Juru kawih dina pentas,"Juru Kawih" hartina…….?

a)

Nu ngahaleuang

b)

Nu ngalakonan

c)

Nu sok ngibing

d)

Tukang ngawih

5.

Perhatikeun potongan teks bacaan di handap pikeun ngajawab pertanyaan !

Anu dianti-anti pisan téh di antarana panggung hiburan. Anu maranggungna ogé warga di dinya kénéh, hasil latihan aya kana sabulanna. Barudak ogé sok boga hancengan unggah ka panggung, mintonkeun kasenian.

Anu kaitung getol ngalatih barudak téh Kang Gilang. Katurut pisan ku barudak, bari loba kabisana, hususna dina ngacapi. “Ayeuna urang latihan rampak sekar, nyaéta ngawih babarengan,” ceuk Kang Gilang waktu ngumpulkeun barudak.

Saha cenah anu pang getolna dina ngalatih barudak téh?

a)

Mang Adang

b)

Kang Gilang

c)

Pak Asep

d)

Waerga

6.

Perhatikeun potongan teks bacaan di handap pikeun ngajawab pertanyaan !

Anu dianti-anti pisan téh di antarana panggung hiburan. Anu maranggungna ogé warga di dinya kénéh, hasil latihan aya kana sabulanna. Barudak ogé sok boga hancengan unggah ka panggung, mintonkeun kasenian.

Anu kaitung getol ngalatih barudak téh Kang Gilang. Katurut pisan ku barudak, bari loba kabisana, hususna dina ngacapi. “Ayeuna urang latihan rampak sekar, nyaéta ngawih babarengan,” ceuk Kang Gilang waktu ngumpulkeun barudak.

Biasana, warga nu badé manggung latihan heula salami …

a)

Sabulan

b)

Dua Bulan

c)

Sa-Taun

d)

Sa-Minggu

7.

Kang Gilang ngajak barudak latihan rampak sekar. rampak sekar téh nyaéta …

a)

Alat Musik

b)

Kasenian Sunda anu ditakol

c)

Ngawih Babarengan

d)

Ngawih Sosorangan

8.

      Pek baca teks di handap ieu pikeun ngajawab pertanyaan nomer !

Reboisasi Agustusan

Taun ieu mah Agustusan di Désa Kahuripan téh moal direuah-reuah. Kitu anu diumumkeun ku Pa Lurah ka masarakat. Ari anu jadi alesanana duméh warga di Désa Cigintung loba anu katiba musibat alam.“Piraku urang téga ngayakeun raraméan, ari tatangga, malah dulur urang anu mangkuk di Cigintung loba nu keur susah,” saur Pa Lurah.Ari rék nyanghareupan bulan Agustus, urang Kahuripan sok aya nu hideng ngumpulkeun sumbangan. Sok ditungtut waé dipéntaan. Harita gé sumbangan téh geus aya nu ngumpul.

Désa Kahuripan jeung Désa Cigintung téh tepung wates, ukur kahalangan ku Walungan Cikaréo. Walungan éta anu minggu ka tukang caah déngdéng gé. Cai téh ngadulindagna ka lebah Cigintung, sabab tempatna aya di handap.kaléléd téh ukur sawah jeung balong di sisi walungan. Ari anu ayeuna mah cai téh asup ka lembur, tepi ka loba imah anu kakeueum, malah aya anu terus rusak.

Warga Désa Kahuripan teu tulus ngareuah-reuah pésta Agustusan, sabab …

a)

Ngarasa teu téga mun kudu raraméan

b)

Sakabéh warga diwajibkeun

c)

Duit sumbangan anu dikumpulkeun

d)

Can aya anu ngagerakeun

9.

      Pek baca teks di handap ieu pikeun ngajawab pertanyaan nomer !

Reboisasi Agustusan

Taun ieu mah Agustusan di Désa Kahuripan téh moal direuah-reuah. Kitu anu diumumkeun ku Pa Lurah ka masarakat. Ari anu jadi alesanana duméh warga di Désa Cigintung loba anu katiba musibat alam.“Piraku urang téga ngayakeun raraméan, ari tatangga, malah dulur urang anu mangkuk di Cigintung loba nu keur susah,” saur Pa Lurah.Ari rék nyanghareupan bulan Agustus, urang Kahuripan sok aya nu hideng ngumpulkeun sumbangan. Sok ditungtut waé dipéntaan. Harita gé sumbangan téh geus aya nu ngumpul.

Désa Kahuripan jeung Désa Cigintung téh tepung wates, ukur kahalangan ku Walungan Cikaréo. Walungan éta anu minggu ka tukang caah déngdéng gé. Cai téh ngadulindagna ka lebah Cigintung, sabab tempatna aya di handap.kaléléd téh ukur sawah jeung balong di sisi walungan. Ari anu ayeuna mah cai téh asup ka lembur, tepi ka loba imah anu kakeueum, malah aya anu terus rusak.

Unggal rék nyanghareupan bulan Agustus, sok aya nu hideng ngumpulkeun sumbangan nyaéta …...

a)

Masarakat anu keuna musibat

b)

Masarakat Désa Kahuripan    

c)

Pa Lurah jeung réngrénganna

d)

Warga Désa Cigintung

10.

Naon ceunah wates anu ngahalangan Désa Cigintung jeung Désa Kahuripan téh?......

a)

Caah déngdéng

b)

Sawah jeung balong

c)

Walungan Cikaréo

d)

Lembur sisi walungan

11.

Harti kecap Caah nyaeta ...?

a)

Hujan gede

b)

Musibah lini

c)

Cai Gede

d)

Longsor

12.

Pais lauk emas disurawungan ku Bu Euis.

       Bu Euis nyurawungan pais lauk emas.

     Baju keur dirapihkeun ku intan

Ujang keur ..........

a)

Ngabungkus Baju

b)

Dagang Baju

c)

Ngarapihkeun Baju

d)

Meuli Baju

13.

Pais lauk emas disurawungan ku Bu Euis.

       Bu Euis nyurawungan pais lauk emas.

    

Motor keur ditaékan ku udin, Udin keur …….

a)

Naek Motor

b)

Make Motor

c)

Ngumbah Motor

d)

Mawa Motor

14.

Mun di girang hujan lila bari gedé, geus pasti lembur handapeunana kabanjiran.

Kecap 'girang' dina kalimah di luhur ngabogaan harti …

a)

Tempat patepungan laut

b)

Bagian walungan anu jero

c)

Lahan leuwih luhur anu jadi tempat datangna cai

d)

Sisi laut

15.

Lalaki jeung runtah

Karya: Ai Lala

Lalaki kolot ngoprot késang

Mawa sapu jeung gorobag

Nyokotan runtah nu pasoléngkah

Saban poé taya kacapé

Bau runtah teu dipaliré

Kalayan ihlas dipigawé

Alatan manéhna lingkungan jadi éndah

Kuman-kuman nu ngabalukarkeun musibah

Ngabecir nyingkah

Urang sok nyapirakeun

Taya rasa rumasa

Mopoholeun kana jasana

Anu dimaksud lalaki dina sajak di luhur nyaéta …

a)

Jalma nu geus dianggap jadi runtah

b)

Tukang rongsokan

c)

Anu ngabecir sanggeus nempo kuman

d)

Anu sok cicing dina tumpukan runtah

16.

Lalaki jeung runtah

Karya: Ai Lala

Lalaki kolot ngoprot késang

Mawa sapu jeung gorobag

Nyokotan runtah nu pasoléngkah

Saban poé taya kacapé

Bau runtah teu dipaliré

Kalayan ihlas dipigawé

Alatan manéhna lingkungan jadi éndah

Kuman-kuman nu ngabalukarkeun musibah

Ngabecir nyingkah

Urang sok nyapirakeun

Taya rasa rumasa

Mopoholeun kana jasana

Éta lalaki téh kuurang sok disapirakeun, sabab …....

a)

Sok tara bebersih

b)

Sok nyokotan barang bari teu bébéja

c)

Pakéanna butut

d)

Taya gunana pikeun masarakat

17.

Lalaki jeung runtah

Karya: Ai Lala

Lalaki kolot ngoprot késang

Mawa sapu jeung gorobag

Nyokotan runtah nu pasoléngkah

Saban poé taya kacapé

Bau runtah teu dipaliré

Kalayan ihlas dipigawé

Alatan manéhna lingkungan jadi éndah

Kuman-kuman nu ngabalukarkeun musibah

Ngabecir nyingkah

Urang sok nyapirakeun

Taya rasa rumasa

Mopoholeun kana jasana

Sajak karya Ai Lala di luhur ngingetan urang yén …....

a)

Runtah téh sumber panyakit

b)

Mulungan runtah bisa jadi duit

c)

Urang téh kudu rajin bebenah

d)

Ngahargaan jelma ulah nempo di pakeanana

18.

Belah mana anu paling ngabedakeung Jahe jeung koneng ...

a)

Rasa jeung warnana

b)

Warna jeung bauna

c)

Bau jeung rupana

d)

Rupa jeung warna

19.

Khasiat Jeruk nipis dicampurkeun jeung kécap diantarana nyaeta ...

a)

Obat Batuk

b)

Ngajaga kasehatan jantung

c)

Ngajaga kasehatan mata

d)

Parab kalinci

20.

Ari Kentang Jeung wortel kaasup kena tutuwuhan ….

a)

Buah - buahan

b)

Sayuran

c)

Beubeutian

d)

Dadaunan

21.

Aksara sunda diluhur huruf latena nyaeta ? ......

a)

ka

b)

ha

c)

qa

d)

pa

22.

Conto : Budak kudu nurut ka kolot.

        Hé barudak kudu mikir ti leuleutik

Nangka  téh geus asak.

Manggis téh buahna geus ………….

a)

bosok

b)

ruksak

c)

arasak

d)

arusuk

23.

  Conto : Budak kudu nurut ka kolot.

        Hé barudak kudu mikir ti leuleutik

Bapak sareng rencangna keur ngopi di buruan

Mang kodir jeung mang dado keur …......... di warung

a)

ngopi

b)

kopi

c)

ngaropi

d)

ngarumpi

24.

  Conto : Budak kudu nurut ka kolot.

        Hé barudak kudu mikir ti leuleutik

Bapak guru keur nembang dikantor

Barudak keur ……………… babarengan

a)

narembang

b)

nembak

c)

nembang

d)

tembang

25.

Urang Sunda mah tacan tuang lamun can tuang jeung................

a)

mie

b)

sangu

c)

beas

d)

buras

26.

“Horéh saminggu deui téréh libur sakola!”

Kalimah di luhur mangrupikeun kalimah panyeluk anu ngabréhkeun rasa …..

a)

atoh

b)

sedih

c)

sangsara

d)

nyeri hate

27.

Conto Musibah alam anu patali jeung cai nyaéta …

a)

gempa

b)

caah

c)

tsunami

d)

kabakaran

28.

Conto Musibah anu dilantarankeun ku seuneu nyaéta …

a)

caah

b)

lini

c)

kabakaran

d)

tsunami

29.

Bédana karédok jeung loték téh nyaéta, karédok mah sayuranna atah mun loték mah sayuranna …

a)

mateng

b)

atah

c)

asak

d)

bosok

30.

Conto kadaharan anu dijieuna tina sangu/Beas nyaéta ……

a)

combro

b)

misro

c)

buras

d)

bubur kacang

31.

         ( conto : comro – sampeu - oncom )

Tuliskeun jeung terangkeun 3 kadaharan tradisional sunda jeung bahan dijeuna !

4 lines
32.

Rubah kalimah latén dihandap iyeu jadi kalimah sunda !

“ Kemarin ujang membeli mainan baru”        : _______________________________________

“ Buku siti dipinjam oleh nina “                      : _______________________________________

“ Rumah ku terlihat bersih sekali “                 : _______________________________________

4 lines
33.

Ieu di handap aya paguneman nu copong kénéh. Pék ku hidep

lengkepan! Sing merenah ngalengkapanana.

 

1. dani : “ Ris, badé ……….. ?” ??

2. Aris : “ Badé ka ………. , dan!”

3. dani : “ Aya …….. naon, ris?”.

4. Aris : “ Badé ………. réréncangan, nuju teu damang.”

5. dani : “ Oh, kituh. Ati-ati ……… , Jang. Sing salamet! ”

4 lines
34.

Pék ayeuna ku hidep téangan hartina kena bahasa latén.

Walungan          : ____________________________

Ngabobodo       : ____________________________

Dialungkeun     : ____________________________

Tigebrus            : ____________________________

Leuweung          : ___________________________

4 lines
35.

Tuliskeun 3 cara kumaha ngamangpaatkeun tutuwuhan Jahé téh, tiasa dianggo atawa di damel naon wae??

4 lines