NEW
Font size
WorksheetsSoal Penilaian Bahasa Sunda
Total questions: 25
Worksheet time: 25mins
Kawih teh mangrupa hiji istilah anu geus lila dipikawanoh ku masyarakat Jawa Barat. Istilah "kawih" munggaran ditulis dina naskah kuno naon?
Siksakandang Karesian
Carita Parahyangan
Sanghyang Siksa Kandang Karesian
Wawacan Panji Wulung
Rumpaka kawih kagolong kana wangun...
Lancaran
Ugeran
Lalaguan
Sajak
Salah sahiji fungsi kawih dina kahirupan masyarakat nyaéta …
ngan saukur hiburan
ritual adat jeung hiburan
pikeun nulis carita
pikeun bahan pelajaran wae.
Kawih miboga dua unsur utama nyaeta …
sastra jeung carita
musik jeung sastra
nada jeung rupa
pupuh jeung carita
Rumpaka kawih Mojang Priangan ngagambarkeun ciri khas wanoja Sunda, nyaéta ….
galak jeung teges
geulis, leuleus jeung soméah
hese diatur jeung bandel
rajin jeung hemat
Ajén karakter anu bisa dicontoh tina kawih Mojang Priangan nyaéta ….
ngagedékeun awak sorangan
ngajauhan budaya sorangan
ngajaga jeung ngahargaan budaya Sunda
ngahindarkeun hirup babarengan
Nada dina kawih "Mojang Priangan" biasana …
Sedih
Sumanget
Riang
tegang
Rumpaka Tokecang ngandung piwulang ngeunaan ….
kudu rajin kana sagala pagawéan
ulah ngaremehkeun jalma séjén
ulah rakus jeung loba teuing mikahayang
kudu bisa maén musik
Ieu dihandap, conto judul kawih, anu eusina nyaritakeun kadaharan, iwal …
"Es Lilin
"Mojang Priangan"
"Borondong Garing"
"Peuyeum Bandung"
Kawih "Basa Sunda" ngajarkeun supaya urang …
ulah poho ka basa Sunda
ulah poho ka basa asing
ulah poho kana kaulinan
ulah poho kana sastra modern
Amanat tina kawih "Jabodetabek" nyaéta …
kudu jadi seniman Sunda
kudu mikanyaah kana kota metropolitan
kudu ngajaga jeung ngamekarkeun kamajuan kota
kudu pindah ka desa
Eusi rumpaka Manuk Dadali nuduhkeun rasa ….
bungah boga sobat anyar
katresna ka nagri jeung rasa nasionalisme
bangga kana budaya luar
sieun kana musuh bangsa
Dina rumpaka "Situ Ciburuy laukna hésé dipancing, nyérédet haté ningali ngénclong caina", nu dicaritakeun ku panyair téh lain ngan ukur ngeunaan kaayaan situ, tapi ogé ….
rasa sono ka jalma nu dipikacinta
kasusah mancing lauk
kahirupan masarakat sabudeureun situ
kaéndahan alam anu asri
Perhatikeun gambar dihandap ieu : Alat musik alat musik tina awi anu dipaénkeun ku cara digoyangkeun, biasana dipaénkeun bareng-bareng sarta ngahasilkeun sora anu harmonis. Alat musik éta dingaranan ……
Calung
Angkung
Kacapi
Suling
Sindén mangrupakeun …
Lalaki anu maén wayang
Wanoja anu nyanyi ngiringan karawitan
Jalma anu nyieun kacapi
Tukang maén calung
Salah sahiji tarian tradisional anu asalna ti Jawa Barat. Tarian ieu kasohor ku gerakanna anu lincah, énerjik, sarta diiringan ku musik anu rancak. Gerakan tari ieu loba anu kapangaruhan ku seni ketuk tilu, penca silat, jeung tari rahayat Sunda. Biasana dipintonkeun dina acara pesta, nyambut tamu, atawa festival budaya. Pakéan penarina biasana warna-warni caang ditambahan ku hiasan has Sunda. Tarian eta nyaeta…
Tari merak
Tari ronggeng bugis
Tari topeng Cirebon
Tari jaipong
Sisingaan biasana dipintonkeun dina acara …
Khitanan
Pernikahan
Panén raya
Ulang tahun
Calung mangrupakeun alat musik anu …
Digoyangkeun kawas angklung
Dipetik kawas kacapi
Dipukul maké tabung bambu
Ditiup kawas suling
"Sinden téh mangrupakeun salah sahiji unsur anu penting dina seni karawitan Sunda. Biasana sinden nyanyi ngiringan tabuhan gamelan atawa kacapi suling. Suara sinden téh lembut, ngalenggut, jeung mibanda sora anu has. Dina acara wayang golek, sinden sok ngiringan dalang pikeun nguatkeun suasana lakon. Henteu ngan ukur di panggung seni, sinden ogé sok aya dina upacara adat, contona pernikahan, seren taun, jeung hajat lembur". Naon anu disebut sinden dina bacaan di luhur…
Jalma anu nyanyi ngiringan gamelan atawa kacapi
Jalma anu maén wayang golek
Jalma anu ngibing dina upacara adat
Jalma anu nulis pupuh Sunda
Dina acara naon waé sinden biasana aya…
Maén bal jeung kaulinan barudak
Wayang golek, upacara adat, jeung hajat lembur
Ulin ka sawah jeung moro lauk
Ngan ukur dina konser modérn
Pagawean Ngawih ku cara babarengan disebut...
Rampak sekar
Selang sekar
Anggana sekar
Sekar kanayagan
Kecap rajekan nya éta …
Kecap anu wangun dasarna disebut sakali atawa dua kali
Kecap anu wangun dasarna disebut dua kali atawa leuwih
Kecap anu wangun dasarna disebut tilu kali atawa leuwih
Kecap anu wangun dasarna disebut opat kali atawa leuwih
Kecap rajekan anu dibalikan deui bagian mimiti wangun dasarna, disebut …
Dwimadya
Trilingga
Dwilingga
Dwipurwa
Kecap babadug kaasup kana rajékan jenis ….
Dwimadya
Dwipurwa
Dwiwreta
trilulinga
Dina dongéng Si Kabayan, anjeunna sok aya-aya waé lamun dipenta pagawean ku pamajikanana. Kecap rajekan dina kalimah éta nyaéta …
Aya-aya
Kabayan
Pamajikan
