wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Remedial Nerjemahkeun

Total questions: 20

Worksheet time: 12mins

Name
Class
Date
1.

Naon waé nu kudu diperhatikeun dina nerjemahkeun tulisan sastra? …

a)

Ma’na dina tulisan jeung kaéndahan basana

b)

Terjamahkeun per kecap

c)

Teu kudu diéndah-éndah terjemahana

d)

Teu kudu merhatikeun ma’na dina tulisana

e)

Terjemahkeun sangkan jadi teu panjang teuing tulisana

2.

Dina hiji poe Rani ngerjakeun tugas basa Sunda, nya éta nerjemahkeun hiji lagu tina basa Indonesia kana basa Sunda. Eta hasil nerjemahkeun téh disebutna …

a)

Terjemahan

b)

Carita pondok

c)

Wawacan

d)

Dongéng

e)

Resensi

3.

Cara sangkan urang ahli dina narjamahkeun kana basa Sunda nyaéta...

a)

Kudu loba maca bacaan basa Sunda

b)

Kudu loba nulis tulisan basa Sunda

c)

Kudu loba nyieun karya sastra

d)

Kudu loba nyarita maké basa Sunda

e)

Kudu loba maca bacaan basa Indonesia

4.

Kreatifitas dalam belajar merupakan salah satu hal yang penting

Tarjamahan basa Sunda tina kalimah di luhur nu merenah nyaéta..

a)

Kréatifitas dina diajar mangrupa salasahiji hal nu penting

b)

Kreatifitas dina diajar mangrupakeun salah sahiji hal nu penting

c)

Kaparigelan dina diajar mangrupa sahiji hal nu penting

d)

Kaparigelan dina diajar mangrupa salasahiji hal nu penting

e)

Kaparigelan dina diajar mangrupakeun salah sahiji hal nu penting

5.

Fungsi tarjamahan nyaéta.....

a)

Pikeun ngabeungharan basa

b)

Pikeun ngarobah eusi bacaan

c)

Pikeun ngabeungharan karya sastra

d)

Pikeun ngarobah makna basa

e)

Pikeun nambahan kosa kata

6.

Istilah “Tarjamah” teh asalna tina basa..

a)

Arab

b)

Inggris

c)

Walanda

d)

Prancis

e)

Yunani

7.

Basa sundana permisi saya mau ke belakang nya eta...

a)

Permios bade ka pengker

b)

Permisi bade ka tukang

c)

Punten abdi kahampangan

d)

Punten abdi tas ti pengker

e)

Punten abdi bade ka payun

8.

Tarjamahan tina amis budi nyaeta:

a)

Budi yang manis

b)

Manis sekali

c)

Wajah manis

d)

Si budi yang berwajah manis

e)

Selalu tersenyum pada orang lain

9.

"eta dahar teh beakeun, bisi sanguna pundung". kecap dahar sarua hartina jeung..

a)

neda

b)

mulih

c)

wangsul

d)

datang

10.

"pun Bapa nuju calik di rohangan tamu sabari nguyup cikopi". kecap calik sarua hartina jeung..

a)

kulem

b)

hees

c)

diuk

d)

ngajedog

11.

Tarjamahan minangka karya hasil nerjemahkeun tina basa sejen. istilah sejen tina tarjamahan sok disebut..

a)

Ahli basa

b)

Alih basa

c)

Nerjemahkeun

d)

Translate

12.

Lamun rék narjamahkeun, urang tangtu merlukeun kamus, nyaéta kamus...

a)

Asing

b)

Dwibasa

c)

Istilah

d)

Énsiklopédia

13.

cik susun nomorna nu bener!

lengkah-lengkah narjamahkeun nyaeta:

(1) nerjemahkeun kudu luyu jeung kaidah-kaidahna

(2) maca dina jero hate

(3) nyiapkeun teks anu rek diterjemahkeun

(4) mariksa hasil tarjamahanna

a)

1-2-3-4

b)

4-3-1-2

c)

2-1-3-4

d)

3-2-1-4

14.

cara narjamahkeun teu meunang sakecap-sakecap, tapi kudu merhatikeun konteksna atawa ma'na kalimahna. naon maksudna?

a)

meunang searching tina google translate

b)

meunang narjamahkeun ngagunakeun kabeh ragem basa nu penting mah basana robah

c)

teu aya aturan nanaon sakarepna wae narjamahkeun mah

d)

kudu konsisten ngagunakeun ragem basa saperti basa lemes atawa basa loma

15.

padanan kecap pikeun "berangkat" dina basa sunda....

a)

indit, wangsul, angkat

b)

angkat, mios, wangsul

c)

indit, mios, angkat

d)

balik, wangsul, mios

e)

balik, wangsul, angkat

16.

Dina pangajaran basa Sunda aya matéri ngeunaan nerjemahkeun, nu dimaksud nerjemahkeun nyaéta...

a)

Prosés nganalisis ngeunaan hiji karya tulis

b)

Prosés ngalih basakeun/ngarobah basa tina hiji basa kana basa séjén

c)

Prosés ngahartikeun hiji kecap kalayan ma'nana

d)

Prosés maca kalayan maham kana ma'nana

17.

"pun bapak teu angkat ka kantor, margi nuju nyeri ......." ceuk Ana ka Pa Anda

a)

beuteung

b)

padaharan

c)

patuangan

d)

beungeut

e)

panon

18.

Pa Dayat calikna dina jok payun, gédéngeun supir. Kecap 'gédéngeun' miboga harti ....

a)

hareupeun

b)

tukangeun

c)

gigireun

d)

luhureun

e)

handapeun

19.

Bapa nuju .......di restoran, abdi nuju......di warung sakola

Kata yang tepat untuk mengisi titik-titik sesuai tatakrama basa sunda secara berurutan adalah...

a)

tuang, neda

b)

tuang, nyatu

c)

dahar, tuang

d)

neda, tuang

e)

dahar, neda

20.

Kalimah “saya pergi ke pasar”, upama ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi ....

a)

Abdi indit ka pasar

b)

Abdi mios ka pasar

c)

Abdi angkat ka pasar

d)

Kuring mios ka pasar

e)

Kuring angkat ka pasar