wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

bahasa sunda kelas X UH SEM 1

Total questions: 20

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Kawih téh mangrupa lalaguan sunda. Jalma nu sok ngawih disebut....

a)

sindén

b)

juru kawih

c)

juru tembang

d)

penyanyi

e)

Dalang

2.

Di urang mah aya nu disebut kawih jeung aya nu disebut kakawihan. Saenyana mah éta-éta kénéh, lalaguan anu sok dihaleuangkeun. Ngan baé kakawihan mah biasana dihaleuangkeunana téh ....

a)

dipirig ku gamelan

b)

teu dipirig ku gamelan

c)

di outdoor

d)

di buruan

e)

bari ulin

3.

Manuk dadali, manuk pangagahna

... sakti Indonesia jaya

Manuk dadali pangkakoncarana

Resep ngahiji rukun sakabehna.


Kecap anu merenah pikeun nyampurnakeun kawih manuk Dadali di luhur nya eta ....

a)

pertanda

b)

pertelon

c)

perlambang

d)

perwatek

e)

Palaksanaan

4.

Ide poko pikiran nu aya dina rumpaka kawih disebut...

a)

wirahma

b)

jejer

c)

amanat

d)

nada

e)

Galur

5.

Bédana kawih jeung tembang nyaéta ….

a)

Kawih teu kauger aturan, tembang kaiket ku wirahma

b)

Kawih kauger aturan, tembang teu kauger ku aturan

c)

Kawih kaiket ku wirahma, tembang teu kaiket ku wirahma

d)

Kawih teu kaiket ku wirahma, tembang kaiket ku wirahma

6.

Mana ieu di handap anu teu kaasup kana golongan kakawihan?

a)

Trangtrang Koléntrang

b)

Eundeuk-eundeukan

c)

Lalamunan

d)

Oray-orayan

e)

Pérépét Jéngkol

7.

Naon nu ngabédakeun antara kawih klasik jeung kawih modérn?

a)

Dina kawih klasik mah nada nu digunakeunna nada péntatonis

b)

Dina kawih klasik mah nada nu digunakeunna nada diatonis

c)

  Dina kawih klasik mah sok ngagunakeun wangun wawangsalan

d)

  Dina kawih modérn mah sok ngagunakeun wangun sisindiran

e)

   Boh dina kawih klasik atawa modérn, duanana ngagunakeun nada péntatonis.

8.

judul kawih anu cocok jeung gambar nyaeta..

a)

peuyeum amis

b)

peuyeum bandung

c)

peyem bandung

d)

peuyeum sampeu

e)

Peyeum beas

9.

Kawih geus jadi bagian tina kabeungharan .... sunda.

a)

sastra

b)

seni

c)

lagu

d)

tembang

e)

Lalaguan

10.

Dina kecap wancahan aya nu disebut kecap sirnaan. Kecap sirnaan diwangun ku cara miceun sawatara fonem tina kecap atawa kantetan kecap bari teu ngarobah harti. Mana nu ka asup kana conto kecap sirnaan ...

a)

Nyungkeun, géksor, ning

b)

Tamah, milu, awaking

c)

Kabudayan, pabukon, kabupatén

d)

Kotka, tos, na

e)

TNI, PGRI, UPI

11.

Cibay, cilok, batagor, jeung cimol mangrupa conto kadaharan Sunda anu sok disingget, éta kecap kadaharan téh ka asup kana ...

a)

Kecap tingkesan

b)

Kecap tangkesan

c)

Kecap memet

d)

Kecap singgetan

e)

Kecap akronim

12.

Jadwal kagiatan pasanggiri mojang jajaka: 20 Nopember 2016 (Karantina) tempatna di Marbella Suite Hotel; 21 Nopember 2016 (Mojang Jajaka Tandang Makalangan) jeung Helaran Mini Kemilau Nusantara baris digelar di Teater Tertutup Taman Budaya Provinsi Jawa Barat; 22 Nopember 2016 Grand Final Mojang Jajaka Jawa Barat 2016 dilaksanakeun di Gedung Sasana Budaya Ganesha bandung, 23 Nopember 2016 panutupan.


Éta paragrap di luhur téh bagian tina …

a)

Kasang tukang kagiatan

b)

Tujuan kagiatan

c)

Prosés kagiatan

d)

Hasil kagiatan

e)

Panutup kagitan

13.

Panulisan Sarjana Pariwisata nu bener nyaéta ...

a)

S. PAR.

b)

S. Par.

c)

S. Par

d)

S.Par.

e)

S,.PR

14.

Kotka, anaking, cekeng mangrupa conto tina kecap ...

a)

Tingkesan

b)

Tangkesan

c)

Singgetan

d)

Memet

e)

Sirnaan

15.

Kecap anu diwangun ku cara nyokot engang penting tina kantetan disebut ...

a)

Sirnaan

b)

Tingkesan

c)

Memet

d)

Tangkesan

e)

Singgetan

16.

Kecap anu sok disebut akronim nyaéta ...

a)

Singgetan

b)

Tangkesan

c)

Tingkesan

d)

Memet

e)

Sirnaan

17.

Ieu di handap anu ka asup kana struktur kagiatan iwal ti ...

a)

Identitas

b)

Sajarah

c)

Waragad

d)

Kasang tukang

e)

Wirahma

18.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng, nyaéta…

a)

Sakabéh caritana bohong

b)

Teu jelas saha nu ngarangna

c)

Sumbérna tatalépa sacara lisan

d)

Ngandung unsur-unsur pamohalan

e)

Aya anu ngarangna

19.

“Oray-orayan” atawa “Cingcangeling” kaasup rumpaka...

a)

Kakawihan

b)

Kawih

c)

Pupuh

d)

Tembang

e)

Lalaguan

20.

rumpaka kawih teh saenyana mah sarua jeung sajak pedah sok dihaleuangkeun. Ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur lahir rumpaka kawih, nyaeta...

a)

tema

b)

tipografi

c)

gaya basa

d)

purwakanti

e)

imaji