Font size
WorksheetsBahada Sunda Kelas VII
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Tatakrama basa téh dina jaman féodal mah disebut ....
Tingkatan basa
Panta basa
Undak usuk basa
Harga basa
Nu teu kaasup kana ragam tatakrama basa nya éta ragam ....
Luhur
Loma
Cohag
Lemes
Ragam basa anu larapna pikeun sato, atawa situasi husus (conto ambek), disebut ....
Ragam cohag/kasar
Ragam lemes keur sorangan
Ragam loma
Ragam lemes keur batur
Undak-unduk dina maké basa Sunda téh saéstuna mah lain asli tina kahirupan Sunda tapi mangrupa pangaruh ti ....
Sriwijaya
Malaka
Majapahit
Mataram
"Kang Yogaswara kakara balik ti Pangandaran."
Ragam basa lemes nu merenah pikeun éta kalimah nya éta ....
Kang Yogaswara nembe mulih ti Pangandaran.
Kang Yogaswara nembe wangsul ti Pangandaran
Kang Yogaswara nembe mulang ti Pangandaran
Kang Yogaswara kakara mulih ti Pangandaran
"Rama abdi mah ngawulangna di SMP Negeri 1 Salaka Domas."
Kecap anu salah dina kalimah di luhur nya éta ..., kuduna ....
abdi – kuduna kuring
rama abdi – kuduna pun bapa
ngawulang – kuduna ngajar
rama abdi – kuduna pun rama
Tatakrama basa teh saestuna mah mangrupa ... Sopan santun dina nyarita.
Conto
Aturan
Gambaran
Ragam
Basa téh mibanda maksud pikeun ....
Silihargaan jeung sasama
Ngahormat ka saluhureun
Ngahargaan ka dunungan
Ngabeda-beda darajat jalma
“Indung kuring mah keur ka pasar.”
Ragam basa lemes nu bener pikeun ungkara di luhur nya éta ....
Pun biang mah nuju ka pasar
Pun ibu mah nuju ka pasar.
Tuang biang mah nuju ka pasar.
Tuang ibu mah nuju ka pasar.
Kalimah di handap nu salah dina ngalarapkeun ragam basa lemes nya éta ....
Kamari abdi patepang sareng pun raka.
Kamari abdi patepang sareng tuang raka.
Kamari abdi patepang sareng pun lanceuk.
Tuang raka téh nu kamari tepang sareng abdi, nya?
Unsur hiburan tina kaulinan ucing hui nya éta ....
Pamaén meunang hadiah
Ayana kakawihan
Pamaén meunang lawan
Pamaén meunang panghargaan
Unsur olahraga nu nyampak dina kaulinan ucing hui nya éta ....
Ngahapalkeun lagu kaulinan
Ngadengekeun aturan kaulinan
Nulis aturan kaulinan
Ucing lumpat heula ka nu anggang
Unsur atikan nu nyampak dina kaulinan ucing hui nya éta ....
Diajar jadi juara
Lamun teu ngakal moal ngakeul
Lamun teu ngakeul moal ngakal
Lamun teu masak moal ngakeul
Kaulinan nu dilakukeun ku saurang diri di antarana ....
Ucing sumput
Eundeuk-eundeukan
Ngala tatangkalan
Engkle
Kaulinan nu dilakukeun ku dua urang di antarana ....
Congklak
Cingciripit
Oray-orayan
Galah asin
Kaulinan nu dilakukeun ku loba urang (leuwih ti dua urang) di antarana ....
Ucing sumput
Congklak
Adu gambar
Kaulinan nu biasana dilakukeun ku barudak awewé di antarana ....
Ucing sumput
Congklak jeung engkle
Galah asin
Ucing jarian
Kaulinan nu biasana dilakukeun ku barudak lalaki di antarana ....
Ucing sumput
Galah asin jeung oray-orayan
Congklak
Cingciripit
Kaulinan nu bisa dilakukeun ku awewé jeung lalaki di antarana ....
Ucing sumput jeung ucing jarian
Congklak jeung engkle
Galah asin jeung congklak
Cingciripit jeung kalapa dibelah dua
Kaulinan nu dipadukeun jeung kawih di antarana ....
Ucing sumput
Cingciripit jeung oray-orayan
Congklak
Galah asin
