wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Harian Bahasa Sunda kelas 6 Bab 1

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Saha nu wajib nyalametkeun kahirupan mahluk ciciptan Alloh teh?

a)

Manusa

b)

Sato

c)

Tutuwuhan

d)

Alam Dunya

2.

Naha sato ieu teu meunang diingu sacara bebas?

a)

Sabab geus tumpur

b)

Sabab dilindungi

c)

Sabab hese ngalana

d)

Sabab hirupna di laut

3.

Naha tutuwuhan teh beut kudu di jaga?

a)

Lantaran tutuwuhan ngahasilkeun oksigen keur manusa jeung sato

b)

Lantaran tutuwuhan bisa layu saupama teu di urus ku manusa

c)

Lantara sakabeh tututwuhan teu bisa hirup mun teu di urus

d)

Lantaran tutuwuhan ge sarua mahluk ciciptan Alloh nu loba pisan mangpaatna

4.

Saupama urang panggih sato liar nu kalaparan ,lampah hade nu kudu dilakukeun teh nyaeta....

a)

Ngantepkeun sabab bakal aya nu mere dahareun

b)

Disingkahkeun lantaran awakna kotor jeung bau

c)

Diparaban tur diurus sabisana

d)

Diantepkeun bae

5.

Makna tina kecap sangaran "jaga" nyaeta.......

a)

piket jeung mangsa nu geus kaliwat

b)

Mangsa nu kaliwat jeung mangsa ayeuna

c)

Mangsa nu bakal kasorang jeung piket

d)

Piket jeung mangsa ayeuna

6.

Tengetan paribasa di handap!

Bilatung Ninggang Dage

Harti tina paribasa diluhur nyaeta.....

a)

Kaayaan nu sedih pisan

b)

Kaayaan nu melang pisan

c)

Kaayaan nu prihatin pisan

d)

Kaayaan nu bungah pisan

7.

Tingali daptar sasatoan di handap!

1).Oray sawah

2).Kukang

3).Orang utan

4).Uncal

5).Lauk jaer

Tina daptar sasatoan di luhur ,nu mana wae nu mangrupa sasatoan dilindungi?

a)

1) , 2) jeung 3)

b)

2) , 3) jeung 4)

c)

3) , 4) jeung 5)

d)

1) , 3) jeung 4)

8.

Nalar nu resep ngurus ucing liar .Komo nu kalaparan jeung budug mah ,ku Nalar sok langsung dibawa ka imah pikeun diubaran jeung diparaban .Kira-kira naha eta kabisaan Nalar teh pantes teu pikeun di conto?

a)

Pantes pisan,salaku manusa urang kudu mikanyaah ka mahluk ciciptan Alloh

b)

Pantes,tapi sabenerna mah teu kudu digawean unggal poe teuing bisi imah barau

c)

Teu pantes,da di luar ge sabenerna ucing-ucing eta teh aya nu bogana

d)

Teu pantes sabab sabab loba panyakitna

9.

Kecap sangaran nu maknana kembang waluh jeung sagala di caritakeun nyaeta.....

a)

Alewoh

b)

Olohok

c)

Pajeng

d)

Ulated

10.

Salian ti payung,naon hartina pajeng?

a)

Payu

b)

Pare

c)

Palid

d)

Pahili

11.

Kai candana asli ti nagara Amerika

a)

bener

b)

salah

12.

Kaistimewaan tangkal candana teh nyaeta batangna anu kacida seungit

a)

bener

b)

salah

13.

Di Indonesia mah ieu tangkal teh sok dipake ngawetkeun mayit

a)

bener

b)

salah

14.

Nu matak jadi hese ngabudidayakeun tangkal candana teh nyaeta tumuwuhna nu jadi parasit

a)

bener

b)

salah

15.

Tangkal candana ge sok dipake pikeun sambara jeung dupa

a)

bener

b)

salah