Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ulangan harian Carpon

Total questions: 20

Worksheet time: 22mins

Name
Class
Date
1.

Karya sastra anu direka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok disebut ...

a)

sajak

b)

carpon

c)

novel

d)

buku

2.

Majalah anu pangheulana ngamuat carpon Sunda dina taun 1920 téh nyaéta ...

a)

Manglé

b)

Galura

c)

Giwangkara

d)

Parahyangan

3.

Buku kumpulan carpon Munggaran dina basa Sunda téh judulna ...

(a)  

4.

Anu disebut latar dina carpon téh ...

a)

Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita

b)

Gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana

c)

Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

d)

Perkara anu bisa dilenyepan tina eusi carita ka nu maca

5.

"Peuting tadi lembur kuring aya nu nanggap wayang. Kuring lalajo nepi ka tabuh tilu subuh. Ramé atuda, lalakonna pikaresepeun. Katambah dalangna geus kasohor."

Latar waktu dina éta carpon nyaéta ...

a)

lalajo

b)

lembur

c)

peuting

d)

dalangna

6.

Hal anu rék ditepikeun atawa pesen ti pangarang keur nu maca disebut ...

a)

amanat

b)

galur

c)

latar

d)

jejer

7.

Anu ngabédakeun carpon jeung dongéng nyaéta...

a)

Carpon eusina kaharti ku akal, dongéng mah loba pamohalan

b)

carpon eusina mangrupa carita, dongéng mah lalakon

c)

carpon eusina panjang, dongéng eusina pondok

d)

Carpon mah eusina loba pamohalan, dongéng mah kaharti ku akal

8.

Peuting tadi lembur kuring aya nu nanggap wayang. Kuring lalajo nepi ka tabuh tilu subuh. Ramé atuda, lalakonna pikaresepeun. Katambah dalangna geus kasohor.

Palaku dina éta carpon nyaéta ...

a)

lalakon

b)

dalang

c)

kuring

d)

wayang

9.

Carita pondok disebut pondok téh sabab miboga jumlah kecap anu saeutik, nyaéta ...

a)

5000-10000 kecap

b)

6000-7000 kecap

c)

1000 - 12000 kecap

d)

5000-8000 kecap

10.

Titénan ciri-ciri ieu di handap!

1) Caritana rélatif pondok

2) Kajadianna tunggal

3) Caritana kompléks jeung tokohna loba

4) Napak kana kanyataan (réalitas) sapopoé

5) Aya unsur-unsur pamohalan (teu asup akal)

Anu mangrupa ciri-ciri carita pondok dituduhkeun ku nomer…

a)

1,2,3,4

b)

2,3,4,5

c)

1,2,4,5

d)

1,3,4,5

11.

Tokoh anu ngalalakon dina carpon disebutna...

(a)  

12.

Kecap 'milih' diwangun tina kecap asal naon?

a)

pilih

b)

taros

c)

tinggal

d)

maksa

13.

Naon kecap pangantét nu dipaké pikeun nuduhkeun harti 'tempat'?

a)

ti-

b)

di-

c)

ka-

d)

n-

14.

"buku teh kudu (asup) kana kantong, enggal!"
kecap di luhur diwangun ku rarangken.....

a)

ka-an

b)

di-an

c)

ka-keun

d)

di-keun

15.

Kecap Pagawean di, ka, n jeung ti teh kudu dilarapkeun...

a)

digabung jeung kecap asal

b)

dipisah jeung kecap asal

c)

ngajauh jeung kecap asal

d)

beda jeung kecap asal

16.

runtah teh ulah (duruk) wae matak bau jeung kebul.

(a)  

17.

budak leutik tadi (gebrus) kana balong di kebon.

(a)  

18.

(Pasif) Lauk teh dileupaskeun ku Pak Imron di balong Sakola.

Pek ku hidep jieun kalimah Aktifna!

(a)  

19.

(Aktif) Kelas 8J nangtukeun KM kelas anu anyar.
Pek jieun kalimah pasifna ku hidep!

(a)  

20.

robah kecap "tukeur" kana kecap pasif jeung kecap aktif!

(a)