Font size
WorksheetsSUNDA KLS 11
Total questions: 20
Worksheet time: 15mins
Mana nu kaasup kana kecap rajekan dwireka?
momobilan
dag-dig-dug
papaok
sura-seuri
Dina kecap rajekan aya nu disebut "dwipurwa", naon hartina purwa teh?
murni
tengah-tengah
mimiti
panungtung
sapeuting jadi sapeupeuting, sapoe jadi sapopoé nyaeta contoh kecap rajekan...
dwireka
dwipurwa
dwimadya
trilingga
Gunta-ganti, punta-penta, jeung luak-lieuk nyaeta contoh kecap...
nu saharti
nu lalawanan
rajekan
hareup
Arti pamilon téh nyaéta ...
waktu
tempat
biyaya
peserta
tamu
Anu dimaksud laporan kagiatan nyaéta....
ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, atawa hal naon waé nu geus kaalaman atawa kalaksanakeun
ringkesan ngeunaan hiji matéri anu geus diajarkeun
ringkesan ngeunaan anggaran salah sahiji kagiatn anu geus dilaksanakeun
ringkesan ngeunaan hiji kagiatan anu rék dilaksanakeun
laporan lalampahan
Harti tina kecap rajékan nyaéta ....
kecap anu diwangun kucara nyebut dua kali atawa leuwih
kecap anu diwangun kucara disebutkeun terus-terusan
kecap anu diwangun ku sababaraha engang
kecap anu penting dina hiji kalimah
kecap anu diwangun ku kecap barang
Ditilik tina eusina, laporan téh aya tilu rupa nyaéta....
laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan eusi
laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan pamilon kagiatan
laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan jurnalistik
laporan keuangan, laporan jurnalistik, laporan lalampahan
laporan jurnalistik, laporan keuangan, laporan lisan
Laporan kagiatan téh biasana ditulis dina wangun ….
Sistematis
Semiformal
Formal
Informal
Bebas
Jumlah nu miluan dina ieu kagiatan téh 255 urang (250 urang siswa jeung 5 urang guru pangaping)
kalimah di luhur kaasup struktur laporan kagiatan anu nandakeun......
Waktu kagiatan
Tujuan
Kasang tukang kagiatan
Waragad
pamilon
Waragad ieu kagiatan téh tina iuran para siswa anu gedéna Rp. 75.000,- saurangna, jeung dana bantuan ti sakola. Eta waragad téh digunakeun pikeun transportasi, mayar karcis di lokasi, jeung konsumsi.
kalimah di luhur kaasup struktur laporan kagiatan anu nandakeun......
tujuan
kasang tukang
waragad
pamilon
waktu kagiatan
1. Kacindekan
2. Saran
3. kasang tukang
4. Maksud jeung Tujuan
5. Hasil Kagiatan
6. Panata Calagara
7. Pamilon
8. Sasaran Kagiatan
9. waktu jeung tempat
10. ngaran kagiatan
nu kaasup kana bagéan eusi dina laporan kagiatan nyaéta...
(5) (6) (7) (8)
(1) (2) (3) (4)
(7) (8) (9) (10)
(1) (3) (5) (7)
(6) (3) (2) (4)
Beja anu dijeun salaku bukti pertanggungjawaban ti pihak anu patali jeung hal anu geus dilakukeun, minangka bukti pertanggungjawaban disebut....
Artikel
Warta
Bewara
Laporan Kagiatan
Proposal
"abdi angkat ka sakola naek jemputan".
Cara nulis kalimah di luhur nu bener ngagunakeun aksara gede, nyaeta...
abdi Mios ka Sakola naek jemputan
Abdi Mios ka Sakola naek jemputan
Abdi mios ka sakola naek jemputan
abdi mios ka Sakola naek jemputan
"Ibu bade liburan ka Medan taun payun."
kecap "Medan" tulisan na make aksara gede kusabab...
tengah kalimah
nami tempat
akhir kalimah
nami jalmi
Conto ngalarapkeun (menerapkan) aksara gede dina kalimah nu bener nyaeta...
ali bade ka Bandung ke enjing.
Ilham nuju ka Jakarta.
Mang Ujang meser buah ti Pasar
murid-murid bade tour ka Jogja.
Aksara gede keur nuliskeun aksara kahiji ngaran jelema, nyaeta...
dewi sartika
Andi Surya saputra
Intan p.
Rio Derawan
Dihandap ieu nu teu kaasup kana tahapan-tahapan mingpin rapat, nyaeta ….
Ngucap Salam
Ngatur jalanna rapat
Maca Naskah
Nepikeun pamaksudan rapat
Nyimpulkeun jeung nutup rapat
Gempungan pertemuan anggota ti hiji organisasi jeung pagawena pikeun ngabahas hal-hal nu aya patalina jeung kapentingan organisasi nyaeta….
Sawala
Diskusi
Rapat
Biantara
Ngawih
TULISKEUN NGARAN LENGKEP GURU BASA SUNDA ANJEUN JEUNG GELARNA NU BENER!
