NEW
Font size
WorksheetsPTS Carita Babad 2025
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
"Hanjuang Beureum di Kutamaya", nyaeta sempalan tina Babad Sumedang. Jejerna ngeunaan sajarah ....
lokal
politik
ekonomi
hirupna Ki Sayang hawu
ngadegna Karajaan Pajajaran
Sajarah lokal nyaeta sajarah anu aya patalina jeung wewengkon atawa tempat di mana urang cicing. Sumber sajarah lokal ilaharna ....
hasil wawancara jeung tokoh agama
carita babad
buku teks
majalah
koran
Carita babad sok disebut oge dongeng babad sabab loba ngandung unsur pamohalanana. di handap ieu, nu kaasup conto unsur pamohalan dina babad, nyaeta ....
hanjuang jadi tanda eleh meunangna jelema dina perang
pasukan karajaan ngaraso saacan ngarurug karajaan batur
jelema nyamar jadi aki-aki bari mawa iteuk
melak hanjuang di alun-alun karaton
halimun bisa leungit ngadadak
Amanat teh nyaeta pesen anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Amanat teh aya anu nyamuni (nyumput) di satukangeun alur carita, aya anu dibejakeun langsung. Carana sangkan apal amanat tina carita nyaeta kudu ....
neangan sumber caritana
mikaya kabeungharan kecap
maca caritana nepi ka rengse
bisa nitenan kaayaan sabudeureun
nanyakeun langsung ka pangarangna
Cara pangarang nyaritakeun palaku dina caritana disebut ....
jejer
galur
palaku
amanat
puseur sawangan
Tiap wangun prosa fiksi pasti ngabogaan karakter anu pikaresepeun, pikayungyuneun, jeung cindekna tokoh anu bageur disebutna ....
tritagonis
antagonis
protagonis
palaku tambahan
palaku gaganti
Babad ilaharna ngabogaan kecap has dina nepikeun carita buhun. Ieu di handap conto kecap nu sok aya dina carita babad nyaeta ....
wilujeng!
nepangkeun
kacaritakeun
sampurasun!
di hiji lembur
Ti dinya terus indit, néangan urang Sumedang nu arindit teuing ka mana. Teu kungsi lila, papanggih jeung jelem anu lalar liwat. Kakara waé meunang béja, yén ayeuna téh caricingna di Dayeuhluhur
Téks di luhur ngébréhkeun salasahiji unsur basa anu aya dina carita babad, nyaéta ....
ngagunakeun ungkara anu harti konotatif
ngagunakeun kalimah déskriptif
ngagunakeun kalimah naratif
ngandung unsur pamohalan
ngabogaan informasi faktual
Galur nyaéta runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita. Galur sok disebut ogé ....
plot
konflik
klimaks
antiklimaks
manggalasastra
Salasahiji unsur anu ngawangun galur nu nuduhkeun masalah mimiti muncul nyaéta ....
konflik
klimaks
antiklimaks
manggalasastra
pungkasan carita
Nurutkeun susunan basana, dongéng kaasup kana wangun ....
téma
lancaran
puseur sawangan
palaku
latar
Puseur implengan pangarang atawa inti pikiran nu aya dina hiji carita disebut ....
judul
plot
amanat
puseur sawangan
latar
Cara pangarang nyaritakeun palaku dina carita ....
téma
lancaran
alur
latar
puseur sawangan
Waktu jeung tempat lumangsungna carita ....
alur
latar
judul
puseur sawangan
palaku
Salahsahiji conto carita babad Sunda ....
Ciung Wanara
Sangkuriang
Babad Panjalu
Talaga Warna
Putri Kandita
Pesen nu hayang ditepikeun pangarang ka nu maca ....
palaku
judul
amanat
puseur sawangan
latar
Ngaran-ngaran, boh jalma boh sato, nu ngalakonan carita ....
palaku
latar
puseur sawangan
amanat
judul
Tahta Karajaan kawali turun ti Linggabuana (1350-1357) ka Wastu Kancana. Sanggeus Wastu kancana tilar dunya (1371-1475), kakawasaan dituluykeun ku dua putrana. Karajaan Galuh diparéntah ku Ningrat Kancana kalawan gelar Prabu Déwa Niskala (1475-1482). Ayana di Karaton Surawisésa di Kawali. Ari Karajaan Sunda diparéntah ku Sang Haliwungan kalawan gelar Prabu Susuk Tunggal (1382-1482). Ayana di karaton Sri Bima Untarayana Madura Suradipati di Pakuan.
Sanggeus Wastu Kancana tilar dunya, Karajaan Sunda dibagi dua, nyaéta ....
Galuh & Sunda
Galuh & Kawali
Sunda & Kawali
Pajajaran & Salakanagara
Kawali & Salakanagara
Tali mimitran di Kawali lumangsung ku tali perkawinan antara Wastu kancana putra Prabu Linggabuana jeung Mayangsari putri adina, Prabu Bunisora. Mayangsari téh dulurna Ki Gédéng Kasmaya, anu jadi raja di daérah Cirebon Girang. Prabu Linggabuana gaduh dua putra, nyaéta Citraresmi jeung Wastu Kancana. Linggabuana jeung Citraresmi, duanana gugur dina Perang Bubat.
Raja Kawali nu gugur di Bubat, nyaéta Prabu ....
Ningrat Kancana
Déwa Niskala
Susuktunggal
Linggabuana
Surawisésa
Carita babad téh ditulisna aya nu dina wangun wawacan, aya ogé dina wangun prosa. Nuliskeunana biasana maké aksara Sunda kuno, aksara Arab (pégon), jeung aksara Sunda-Jawa (Cacarakan). Tapi aya ogé nu ditulis maké aksara latén. judul-judul carita babad nu geus kasohor, diantarana waé, Babad Cikundul, Babad Bogor, Babad Galuh, Babad Sukapura, Babad Sumedang, Babad Panjalu, Babad Cirebon, Babad Gadog, jeung Babad Banten.
Anu kaasup babad Sunda nu kasohor, nyaéta ....
Babad Sukapura
Babad Sumedang
Babad Panjalu
Babad Tasikmalaya
Babad Cijulang
