wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN TENGAH SEMESTER

Total questions: 22

Worksheet time: 11mins

Name
Class
Date
1.
Wasta
4 lines
2.
Kelas
4 lines
3.
1. Sinonim tina Biantara nyaeta …
a)
Naskah
b)
Pidato
c)
Ngadongeng
d)
Moderator
e)
Orator
4.
2. Nu teu kaasup struktur biantara nyaeta ...
a)
mukadimah
b)
salam pamuka
c)
eusi
d)
muamalah
e)
salam panutup
5.
3. Titenan téks di handap! (1) Artikulasi kudu jelas (2) Sora kudu béntés (3) Raray kudu ekspresif (4) Teu kudu aya pangregep (5) Teu kudu jelas eusina Nu kudu aya dina biantara sangkan jadi biantara anu hadé nyaéta ...
a)
1,2,3
b)
3,4,5
c)
5,4,1
d)
2,4,1
e)
1,5,3
6.
4. Sakitu bae anu tiasa ku simkuring didugikeun mudah-mudahan anu didugikeun tiasa dicandak manfaatna, sareng hayu urang sami-sami tekadkeun dina diri urang sadaya sangkan urang sadaya tiasa jadi jalmi anu berpendidikan tur tiasa masih manfaat tina hasil pendidikan eta. Wabillahi taufik wal hidayah, wassalamualaikum wr.wb. paragraf di luhur mangrupa ... biantara
a)
eusi
b)
salam pamuka
c)
kasimpulan
d)
panutup
e)
mukadimah
7.
5. Urang teh kedah mikacinta kanu kabersihan diri urang, sangkan hate urang ge suci jeung bersih. Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya. paragraf di luhur mangrupa bagean ... biantara
a)
salam pamuka
b)
eusi
c)
salam panutup
d)
panutup
e)
mukadimah
8.
6. Teks nu dipaké ku urang dina biantara téh alusna mah reumbeuy ku mamanis basa. Upamana diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa bisa ogéku sisindiran. Malah mun bisa mah diselapan ogé ku kalimah-kalimah pinilih (kata-kata mutiara atawa kuotasi) nu kungsi ditepikeun ku hiji tokoh. Numutkeun hidep éta hal bisa kaasup kana salah sahiji hal nu diperhatikeun dina biantara nyaéta …
a)
Ngandung wirahma
b)
Tatag nyaritana
c)
Aktual temana
d)
Alus basana
e)
Munel eusina
9.
7. Biantara téh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Tegesna, dina nepikeun biantara téh kudu maké lentong (lagu kalimah) anu hadé. Numutkeun hidep éta hal bisa kaasup kana salasahiji hal nu diperhatikeun dina biantara nyaéta.....
a)
Ngandung wirahma
b)
Tatag Nyaritana
c)
Aktual temana
d)
Alus basana
e)
Munel eusina
10.
8. Galih jadi Ketua Karang Taruna, dina acara 17 Agustusan manehna biantara di hareupeun warga. Biantarana bari mawa kertas nu aya corat-coretan garis besarna hungkul. Galih teh biantarana make metode naon?
a)
Metode impromtu
b)
Metode naskah
c)
Metode ekstemporan
d)
Metode ngapalkeun
e)
Metode penelitian
11.
9. Biantara miboga téma nu ku urang ditepikeun téh kudu anyar, lain téma-téma nu geus basi atawa geus lila. Hal ieu kaasup kana hal-hal nu diperhatikeun dina biantara nu disebut....
a)
Munel eusina
b)
Aktual temana
c)
Alus basana
d)
Tatag nyaritana
e)
Ngandung wirahma
12.
10. Metode biantara nu spontan, teu tatahar heula jeung teu direncanakeun samemehna sok disebut metode ...
a)
Metode impromtu
b)
Metode naskah
c)
Metode ekstemporan
d)
Metode ngapalkeun
e)
Metode penelitian
13.
11. Aksara Sunda nu hurufna 'a, é, i, o, u, e, dan eu' sok disebut aksara ...
a)
Ngalagena
b)
Sunda
c)
Sawawa
d)
Ngalayan
e)
Swara
14.
12. Huruf 'Ha' ditambahan rarangken/vokalisasi 'panglayar' jadi dibaca ...
a)
ᮠᮤ (hi)
b)
ᮠᮁ (har)
c)
ᮠᮀ (hang)
d)
ᮠᮢ (hra)
e)
ᮠᮂ (hah)
15.
13. Huruf 'Ca' ditambahan rarangken/vokalisasi 'paneuleung' jadi dibaca ...
a)
ᮎᮨ (ce)
b)
ᮎᮥ (cu)
c)
ᮎᮤ (ci)
d)
ᮎ᮪ (c)
e)
ᮎᮩ (ceu)
16.
14. Kecap 'irung' ditulis ku aksara Sunda jadi ...
a)
ᮃᮛᮥᮀ
b)
ᮄᮛᮦᮀ
c)
ᮄᮛᮤᮂ
d)
ᮄᮛᮥᮀ
e)
ᮃᮛᮤᮀ
17.
15. Kecap 'ᮞᮥᮘᮀ' dibacana jadi ...
a)
Kabang
b)
Kubang
c)
Subar
d)
Subang
e)
Kibar
18.
Baca dongeng ieu keur ngeusian nomer 16 nepi 18! ‘Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Ngala Cabe’ Monyét jeung kuya ngala cabé ka kebon Pa Tani. Monyét buru-buru ngahakan cabé anu geus beureum. Monyét ladaeun, terus ngucap, seuhah... lata, ... lata,... lata. Pa Tani kaluar tina saung, Monyét lumpat sedengkeun kuya katéwak, sabab lumpatna boyot. Geus kitu, kuya ku Pa Tani dikurungan, cenah isukna rék dipeuncit. Peutingna monyét ngadatangan kuya. Kuya nyaritakeun ka monyét yén manéhna rék dikawinkeun ka anak Pa Tani. Monyét kabitaeun, tuluy manéhna ménta nukeuran ka kuya. Si sakadang kuya ka luar tuluy sakadang monyét asup ka jero kurung. Isukna, Pa Tani ngasah bedog maksudna rek meuncit kuya anu dikurungan. Monyet reuwas ngadenge Pa Tani rek meuncit sato nu dikurungan. Loba akal, monyet papaehan dina jero kurung. Barang Pa Tani muka kurung, Pa Tani reuwas sabab di jero kurung lain kuya, tapi monyet paeh. Monyet dialungkeun ka kebon. Geus dialungkeun, berebet monyet lumpat sataker kebek. Pa Tani olohok sabab katipu ku jeung kuya monyet. 16. Saha wae lakon nu aya dinu dongeng di luhur?
a)
ᮊᮥᮚ
b)
ᮙᮧᮑᮦᮒ᮪
c)
ᮕ ᮒᮔᮤ
d)
A jeung B bener
e)
A, B, jeung C bener
19.
17. Naon judul dongeng di luhur?
a)
ᮟᮊᮓᮀ ᮅᮔ᮪ᮎᮜ᮪ ᮏᮩᮀ ᮟᮊᮓᮀ ᮊᮥᮚ ᮑᮜ ᮎᮘᮦ
b)
ᮟᮊᮓᮀ ᮊᮥᮚ ᮏᮩᮀ ᮟᮊᮓᮀ ᮙᮧᮑᮦᮒ᮪ ᮑᮜ ᮎᮘᮦ
c)
ᮟᮊᮓᮀ ᮒᮔᮤ ᮏᮩᮀ ᮟᮊᮓᮀ ᮙᮧᮑᮦᮒ᮪ ᮑᮜ ᮎᮘᮦ
d)
ᮟᮊᮓᮀ ᮊᮥᮚ ᮏᮩᮀ ᮟᮊᮓᮀ ᮒᮔᮤ ᮑᮜ ᮎᮘᮦ
e)
Salah kabeh
20.
18. Naon nu diala ku sakadang Kuya jeung sakadang Monyet teh?
a)
ᮘᮥᮃᮂ
b)
ᮒᮦᮛᮧᮀ
c)
ᮜᮩᮔ᮪ᮎ
d)
ᮏᮙ᮪ᮘᮥ
e)
ᮎᮘᮦ
21.
19. |᮳᮷| + |᮱᮳| = |...|
a)
᮱᮵
b)
᮲᮰
c)
᮵᮰
d)
᮷᮵
e)
᮴᮰
22.
20. |᮱᮲| : |᮳| = |...|
a)
b)
c)
d)
e)