WorksheetsCARPON PSTS FIKS
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Name
Class
Date
1.
Carpon téh kaasup karangan fiksi, anu sarua hartina jeung...
a)
Karangan kauger
b)
Karangan basajan
c)
Karangan bébas
d)
Karangan rékaan
2.
Carpon téh hiji karya sasta wangun...
a)
Sajak
b)
Lancaran/prosa
c)
Ugeran/puisi
d)
Pupuh
3.
Unsur-unsur intrinsik anu ngawangun carpon diantarana nyaéta, iwal.....
a)
Palaku
b)
Téma
c)
Situasi Sosial
d)
Amanat
4.
Dina unsur carpon jalma-jalma anu aya dina carita disebut...
a)
Jejer
b)
Palaku
c)
Latar
d)
Galur
5.
Inti pikiran dina carpon bisa disebut...
a)
Amanat
b)
Latar
c)
Jejer
d)
Gaya basa
6.
Unsur anu nuduhkeun iraha kajadian dina hiji carita disebut...
a)
Latar waktu
b)
Latar suasana
c)
Latar tempat
d)
Latar kaayaan
7.
Palaku nu mindeng muncul dina carita nyaéta palaku....
a)
Utama
b)
Kadua
c)
Katilu
d)
Tambahan
8.
Galur atawa plot nyaéta...
a)
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang
b)
Tokoh anu dilalakonkeun dina carita
c)
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
d)
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
9.
Salahsahiji anu ngabédakeun carpon jeung dongéng nyaéta...
a)
Carita dina carpon mah réalistis sedengkeun carita dina dongéng mah sok pamohalan
b)
Carita dina carpon mah sok pamohalan sedengkeun carita dina dongéng mah realistis
c)
Carpon mangrupa karya sastra, dongéng henteu mangrupa karya sastra
d)
Carpon carita pondok, dongéng caritana panjang
10.
Nu ngabedakeun carpon jeung novel nyaeta...
a)
Ukuranana
b)
Bahasana
c)
Unsur-Unsurna
d)
Tulisanana
11.
Perhatikeun ungkara di handap ieu!
1) Palakuna teu loba
2) Galurna basajan
3) Wangunna parondok
4) Sumebar sacara lisan
5) Eusina lain rèalitas kahirupan sapopoè
Nu mangrupa ciri-ciri carpon nyaèta .......
a)
1, 3, 5
b)
2, 4, 5
c)
1, 2, 3
d)
kabéh bener
12.
"Damri jurusan Cicaheum–Cibeureum geus pinuh ku panumpang. Danang jeung Wawan meunang diuk gigireun kaca Damri, bari aya saur lalaki nu maké topi bodas: ‘Jir, heurin wéh, Nang.’ Sora musik Nicky Astria nu tarik disetél ku supir nepi ka ngaguruh. Sababaraha panumpang aya nu nutupan ceulina, tapi Wawan jeung Danang tibatan kaganggu malah silih témbalan bari ngagorowok, siga nu miluan konsér."
Kumaha suasana dina jero Damri nurutkeun kutipan ieu?
a)
Hening jeung pikasebeleun
b)
Ramé, hirup, jeung rada ribut
c)
Pikasediheun
d)
Tenang tur santai
13.
"Damri jurusan Cicaheum–Cibeureum geus pinuh ku panumpang. Danang jeung Wawan meunang diuk gigireun kaca Damri, bari aya saur lalaki nu maké topi bodas: ‘Jir, heurin wéh, Nang.’ Sora musik Nicky Astria nu tarik disetél ku supir nepi ka ngaguruh. Sababaraha panumpang aya nu nutupan ceulina, tapi Wawan jeung Danang tibatan kaganggu malah silih témbalan bari ngagorowok, siga nu miluan konsér."
Naon unsur carita nu kacida katingalina dina éta sempalan carpon?
a)
Palaku jeung karakterna
b)
Latar waktu
c)
Galur akhir
d)
Amanat langsung
14.
"Éga mulangkeun HP ka mamahna, tuluy nyokot Qur’an nu sok dipaké di pangajian. Anjeunna ngamimitian maca surat At-Tariq kalawan sora tarik. Mamahna ngadéngé bari unggeuk-unggeuk, rarayna caang siga aya rasa bungah jeung reueus. Sanajan kakara sababaraha ayat, tapi hapalan Éga beuki lancar. Dina haténa mah Éga hayang bisa ngajadikeun hapalan ieu kado keur mamahna."
Sikep Éga dina kutipan ieu nuduhkeun yén anjeunna…
a)
Kedul maca Qur’an
b)
Nyaah jeung hayang ngabagjakeun kolotna
c)
Resep gadget tibatan ngaos
d)
Henteu percanten diri
15.
"Éga mulangkeun HP ka mamahna, tuluy nyokot Qur’an nu sok dipaké di pangajian. Anjeunna ngamimitian maca surat At-Tariq kalawan sora tarik. Mamahna ngadéngé bari unggeuk-unggeuk, rarayna caang siga aya rasa bungah jeung reueus. Sanajan kakara sababaraha ayat, tapi hapalan Éga beuki lancar. Dina haténa mah Éga hayang bisa ngajadikeun hapalan ieu kado keur mamahna."
Kalakuan mamah Éga (unggeuk-unggeuk jeung caang rarayna) nunjukkeun naon?
a)
Reueus jeung bungah
b)
Kuciwa
c)
Teu paduli
d)
Sieun
16.
"Tétéh ngadeukeutan mamahna, bari rada reuwas nyaritakeun kahayangna pikeun neruskeun kuliah di kampus anu dipikaresep. Mamahna jempé heula, tuluy narik napas. “Mamah sieun ku biaya, Téh” saur anjeunna. Raray Tétéh rada murung, tapi tuluy ngajawab, “InsyaAllah Tétéh bisa béasiswa, Mah.” Mamahna nempo anakna kalawan éra campur rasa reueus (bangga)."
Konflik utama dina kutipan ieu aya dina…
a)
Pamustungan jalan carita
b)
Bedana kahayang jeung kaayaan finansial
c)
Kasieun kuliah jauh
d)
Teu aya rojongan kulawarga
17.
"Tétéh ngadeukeutan mamahna, bari rada reuwas nyaritakeun kahayangna pikeun neruskeun kuliah di kampus anu dipikaresep. Mamahna jempé heula, tuluy narik napas. “Mamah sieun ku biaya, Téh” saur anjeunna. Raray Tétéh rada murung, tapi tuluy ngajawab, “InsyaAllah Tétéh bisa béasiswa, Mah.” Mamahna nempo anakna kalawan éra campur rasa reueus (bangga)."
Naon amanat anu bisa dicokot tina kutipan ieu?
a)
Cita-cita kudu dilawan ku kabagjaan
b)
Dina kahirupan kudu pasrah wé
c)
Komunikasi jeung usaha bisa ngungkulan masalah
d)
Beasiswa moal aya gunana
18.
"Isuk-isuk di bumi aki téh sok karasa béda. Kinan jeung Alya sok hudang bari ngadéngé sora hayam jeung sora tangkal kai diheuseuskeun ku angin. Enin sok nyiapkeun sangu liwet, sedengkeun aki biasana nyaritakeun pangalaman baheula. Alya jeung Kinan ngarasa betah, siga balik deui kana jaman nu leuwih sederhana, tapi pinuh ku kahaneutan kulawarga."
Latar tempat jeung suasana dina kutipan ieu nyaéta…
a)
Kota rame jeung riweuh
b)
Bumi aki, suasana désa nu haneut
c)
Pasar anu pinuh ku ramé
d)
Sakola anu resmi
19.
"Isuk-isuk di bumi aki téh sok karasa béda. Kinan jeung Alya sok hudang bari ngadéngé sora hayam jeung sora tangkal kai diheuseuskeun ku angin. Enin sok nyiapkeun sangu liwet, sedengkeun aki biasana nyaritakeun pangalaman baheula. Alya jeung Kinan ngarasa betah, siga balik deui kana jaman nu leuwih sederhana, tapi pinuh ku kahaneutan kulawarga."
Naon nilai budaya anu karasa dina kutipan ieu?
a)
Hirup modern
b)
Hirup basajan jeung ngajénan kulawarga
c)
Kompetisi jeung persaingan
d)
Individualisme
20.
"Waktu rapat OSIS, sora riweuh kadéngé di rohangan. Aya nu nyarankeun bukber di café nu keur hits, aya deui nu hayang di masjid sakola. Idham ti tadi cicing, nepi ka ahirna ngomong: ‘Urang kudu inget, tujuan bukber téh sanés ukur kumpul jeung dahar babarengan, tapi ogé ngajaga silaturahmi bari teu mopohokeun ibadah. Ulah ngan ukur ngudag gengsi.’ Saur Idham teges, ngajadikeun batur sepi bari mikir deui kana maksudna."
Jejer utama dina kutipan ieu nyaéta…
a)
Kasusah OSIS nyari sponsor bukber
b)
Gengsi jeung gaya dina milih tempat bukber
c)
Kasibukan anggota OSIS nyieun laporan
d)
Pasualan dana OSIS anu borojol
21.
"Waktu rapat OSIS, sora riweuh kadéngé di rohangan. Aya nu nyarankeun bukber di café nu keur hits, aya deui nu hayang di masjid sakola. Idham ti tadi cicing, nepi ka ahirna ngomong: ‘Urang kudu inget, tujuan bukber téh sanés ukur kumpul jeung dahar babarengan, tapi ogé ngajaga silaturahmi bari teu mopohokeun ibadah. Ulah ngan ukur ngudag gengsi.’ Saur Idham teges, ngajadikeun batur sepi bari mikir deui kana maksudna."
Palaku anu nyorotkeun amanat utama dina carpon ieu nyaéta…
a)
Ketua OSIS
b)
Anggota anu nyarankeun café
c)
Idham
d)
Guru pendamping
22.
Kalimah di handap anu panulisanna bener nyaéta…
a)
Gening meuli peuyeum téh ngan sarebuen, Ceu
b)
Geuning meuli peuyeum téh ngan sarebueun, Ceu
c)
Geuning meuli peuyeum téh ngan sarébueun, Ceu
d)
Geuning meuli peuyeum téh ngan sarébuen, Ceu
23.
Kalimah di handap anu panulisanna bener nyaéta…
a)
Kenteng teh kudu diganti da geuning peupeus
b)
Kenténg téh kudu diganti da gening pepes
c)
Kenténg teh kudu diganti da geuning pepes
d)
Kenténg téh kudu diganti da geuning peupeus
24.
Kalimah di handap anu panulisanna bener nyaéta…
a)
Euleuh, ban sapédah téh kempés nya, euy?
b)
Euleuh, ban sapédah téh kémpés nya, euy?
c)
Eleh, ban sapédah téh kempes nya, euy?
d)
Éléh, ban sapédah téh kempés nya, euy?
25.
Kalimah di handap anu panulisanna bener nyaéta…
a)
Wah, sepan tales Néng Hafsah mah pulen téh!
b)
Wah, seupan tales Néng Hafsah mah pulen téh!
c)
Wah, seupan taleus Néng Hafsah mah pulen téh!
d)
Wah, sepan taleus Néng Hafsah mah pulen téh!
100 %
