WorksheetsSoal STS Bahasa Sunda Kelas XI 2025
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Istilah carpon téh asalna tina Bahasa Inggris, nya éta ….
Plash action
Short action
Short story
Long-short story
Story telling
Ieu di handap mangrupakeun ciri-ciri tina carpon, iwal ….
Tokohna teu réa
Anonim
Museur kana hiji-dua kajadian
Galurna basajan
Konflikna basajan
Carita pondok téh kaasup karya sastra nu tulis dina wangun ….
Lancaran
Ugeran
Pupuh
Tembang
Puisi
"Nu maling namah kuring. Dosana bagéan kuring! Yeuh, saratus rébu séwang!" Omong Ikuk. Watek nu ka gambar dina cutatan carpon di luhur nyaéta ....
Antagonis
Protagonis
Tritagonis
Melankolis
Anakronis
Buku kumpulan carpon nu medal munggaran dina sastra Sunda téh nya éta ….
Dogdog Pangréwong
Lain Éta
Baruang ka Nu Ngarora
Budak Teuneung
Cinta Pabaliut
Carpon téh nya éta ….
Carita rékaan anu miboga unsur pamohalan
Carita rékaan dina wangun prosa anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang
Carita rékaan dina wangun lancaran anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana pondok
Karya sastra wangun lancaran anu patali jeung kajadian anu enya-enya kajadian
Karya sastra wangun ugeran, anu eusina nyaritakeun masalah kahirupan sapopoé
Titénan ciri-ciri ieu di handap! 1) Caritana rélatif pondok 2) Kajadianna tunggal 3) Caritana kompléks jeung tokohna loba 4) Nyaritakeun kahirupan sapopoé 5) Aya unsur-unsur pamohalan (teu asup akal) Anu mangrupa ciri-ciri carita pondok dituduhkeun ku nomer….
1,2,3
1,2,4
2,3,4
3,4,5
1,4,5
Anu ngabédakeun carpon jeung dongéng nyaéta ....
Carpon eusina mangrupa carita, dongéng mah lalakon
Carpon mah eusina loba pamohalan, dongéng mah kaharti ku akal
Carpon eusina panjang, dongéng eusina pondok
Carpon eusina kaharti ku akal, dongéng mah loba pamohalan
Carpon galurna maju, dongéng mah galurna mundur
"Barudak ngapalkeun mah geus kawajiban hidep. Ngapalkeun supaya bisa ngarti tur maham kana pangajaran. Jadi alusna mah ngapalkeun teh lain ngan ukur waktu ulangan wungkul. Tapi kudu jadi pagawean anu rutin. Ngarah siap lamun aya ulangan saperti kieu, sok ayeuna mah tulis soalna!" Amanat tina cutatan carpon diluhur, nyaeta .…
Pungsina ngapalkeun
Poé harita dek ulangan
Ngapalkeun téh kawajiban
Ngapalkeun dina waktu dék ulangan
Ngapalkeun lamun dititah
Tokoh anu ngalalakon atawa anu dilalakonkeun dina carpon disebutna ….
Jejer
Palaku
Amanat
Galur
Latar
Barang jrut turun tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang patingjalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui na wangunan sakola nu tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring bangun anu palinter.
Latar tempat dina éta sempalan carpon nyaéta ....
Lapang
Gudang
Sakola
Angkot
Aun-alun
Nu ngabédakeun novel jeung carpon nya éta ….
Carpon mangrupa wangun lancaran anu ukuranna kawilang panjang, sedengkeun novel mah wangun lancaran nu ukuranna pondok
Carpon mangrupa wangun karya sastra fiksi, sedengkeun novel mah wangun karya sastra non fiksi
Carpon jeung novel mangrupa wangun karya sastra fiksi nu jumlah palakuna saeutik
Carpon mangrupa wangun ugeran anu ukuranna kawilang pondok, sedengkeun novel mah wangun lancaran nu ukuranna panjang
Carpon mangrupa wangun lancaran anu ukuranna kawilang pondok, sedengkeun novel mah wangun lancaran nu ukuranna panjang
Kang Hadi tѐh lanceuk panggedѐna. Umurna geus ampir dalapan welas taun. Pangawakanana dedeg weweg, kulitna hideung. Sakolana teu tamat, kelas opat gѐ teu anggeus, lantaran kaburu perlu ngabantu-bantu Ema minangka gaganti Bapa (dicutat tina novel Lembur Singkur, karangan Abdullah Mustappa).
Cutatan novel di luhur tѐh leuwih dominan ngandung unsur….
Jejer
Latar waktu
Point of view
Palaku jeung karakterna
Latar tempat
Nu teu kaasup unsur intrinsik novel nyaѐta….
Tѐma
Palaku jeung karakterna
Kabiasaan masarakat
Amanat
Galur
Carita rѐkaan (fiksi) wangun lancaran jeung kaasup karya sampeuran, umumna panjang sarta galur caritana ngarancabang disebut ….
Drama
Sandiwara
Carpon
Novel
Wawacan
Buku novel munggaran dina sastra Sunda nyaѐta ….
Baruang ka nu Ngarora
Rusiah Nu Geulis
Angling Darma
Wayang Purwa
Sandѐkala
Novel téh nya éta ….
Carita rékaan anu miboga unsur pamohalan
Carita rékaan dina wangun prosa anu méré kesan lire nya-enya kajadian tur ukuranana panjang
Karya sastra wangun lancaran anu patali jeung kajadian anu enya-enya
Wangun ugeran, anu eusina nyaritakeun masalah kahirupan sapopoé
Carita pamohalan, anu ukuranana panjang
Novel Sunda anu munggaran téh medal dina taun ….
1914
1920
1924
1930
1945
Ieu di handap anu teu asup kana ciri-ciri novel nya éta ….
Palakuna réa
Caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé
Caritana kompleks
Ditulis dina wangun lancaran
Ditulis dina wangun ugeran
Nu kaasup novel barudak nya éta ….
Baruang ka nu Ngarora
Budak Teuneung
Cinta Pabaliut
Rusiah nu Goréng Patut
Gogoda ka nu Ngarora
Novel téh mangrupa karya sastra wangun ….
Puisi
Prosa
Ugeran
Drama
Carita Pamohalan
Novel Baruang ka nu Ngarora téh mangrupa karangan ....
Moh. Ambri
D.K. Ardiwinata
Tatang Sumarsono
Dadan Sutisna
Samsoedi
Di handap ieu mangrupa ngaran-ngaran pangarang novel sunda, iwal ti….
Moh. Ambri
D.K. Ardiwinata
Tatang Sumarsono
Koko Koswara
Samsoedi
Patalina eusi karya sastra jeung kamekaran jaman, kabiasaan masarakat, jeung ajén moral dina kahirupan kaasup kana ….
Unsur Intrinsik Novel
Unsur Ékstrinsik Novel
Ciri-ciri Novel
Struktur Novel
Puseur Sawangan Novel
Anu ngabédakeun Novel jeung dongéng nyaéta ....
Novel eusina mangrupa carita, dongéng mah lalakon
Novel mah eusina loba pamohalan, dongéng mah kaharti ku akal
Novel eusina basajan, dongéng eusina kompléks
Novel eusina kaharti ku akal, dongéng mah loba pamohalan
Novel galurna maju, dongéng mah galurna mundur
