wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Set 1 : Warta - Babasan jeung Paribasa - Artikel

Total questions: 25

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Salah sahiji fungsi utama warta nyaéta...

a)

hiburan pikeun nu maca

b)

alat informasi jeung kontrol sosial

c)

nyieun sensasi pikeun média

d)

ajakan pikeun mikir

e)

wadah iklan

2.

Artikel béda jeung warta sabab...

a)

artikel dieusi ku fakta wungkul

b)

artikel ngandung sawangan atawa gagasan panulis

c)

warta leuwih panjang tibatan artikel

d)

artikel teu perlu sumber

e)

warta bisa niru opini

3.

Bagian têras dina téks warta miboga fungsi pikeun...

a)

méré bubuka sing nyaritakeun inti warta

b)

méré panutup kana carita

c)

ngawawancara narasumber

d)

ngajelaskeun hasil analisis

e)

méré ajakan

4.

Unsur penting dina eusi warta nyaéta...

a)

rumus 5W + 1H

b)

rumus 3P

c)

kalimah langsung

d)

sawangan panulis

e)

réaksi narasumber

5.

Judul warta kudu singget tapi...

a)

panjang jeung informatif

b)

matak ngirut anu maca

c)

dieusian ku sawangan

d)

ngajak mikir panjang

e)

teu penting

6.

Bagian panutup dina téks warta biasana eusina...

a)

rumus 5W + 1H

b)

kutipan narasumber atawa kacindekan

c)

carita tambahan

d)

bubuka warta

e)

kecap pangjurung

7.

Bagian eusi dina warta ngawengku...

a)

kalimah panutup

b)

data nggunaan narasumber

c)

runtuyan kajadian sacara logis

d)

hasil sawangan panulis

e)

carita hiburan

8.

Fungsi warta minangka kontrol sosial maksudna...

a)

ngabérehkeun beneran jeung ngungkulun masalah sosial

b)

ngajak jalma seuri

c)

ngumpulkeun pendapat

d)

nyebarkeun gosip

e)

ngadidik wartawan

9.

Salah sahiji padika nulis warta nyata nyaéta...

a)

ngarang carita pondok

b)

nénangan informasi faktual

c)

nyieun sajak

d)

nulis wawacan

e)

nyalin warta séjén

10.

“Leuleus jeujeur liat tali” hartina...

a)

jalma anu sombong

b)

jalma anu sabar jeung henteu rurusahaan

c)

jalma anu hese diatur

d)

jalma anu loba omong

e)

jalma anu gampang ambek

11.

“Jati kasilih ku junti” dina warta RBS ngandung harti...

a)

budaya Sunda geus dipikawanoh

b)

budaya luar ngéléhkeun budaya Sunda

c)

budaya Sunda leuwih unggul

d)

budaya Sunda moal robah

e)

budaya luar teu kapikirkan

12.

“Batok bulu eusí madu” mangrupa paribasa anu hartina...

a)

jalma nu beunghar tapi pelit

b)

jalma anu goréng rupa tapi hade haté

c)

jalma anu pinter tapi sombong

d)

jalma anu daék nulungan batur

e)

jalma anu resep ngibul

13.

“Goong nabeuh manéh” hartina...

a)

jalma anu sok ngagukeun diri sorangan

b)

jalma anu teuleu

c)

jalma anu loba mikir

d)

jalma anu handap asor

e)

jalma anu sopan

14.

“Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok” ngandung ajén yén...

a)

nu rajin tur tekun bakal hasil

b)

nu loba omong moal maju

c)

nu beunghar bakal bijaksana

d)

nu loba hartana kudu dermawan

e)

nu teu boga kahayang bakal gagal

15.

“Halodo sataun lantis ku hujan sapoé” ngandung harti yén...

a)

hiji kasalahan leutik bisa ngaleungitkeun kahadean anu loba

b)

kahirupan kudu terus ngalakukeun kahadean

c)

ulah poho kana waktu

d)

kahirupan kudu jujur

e)

ulah boros waktu

16.

“Béntik curuk balas nunjuk” ngandung harti yén...

a)

jalma anu sok nyalahkeun batur

b)

jalma anu sabar

c)

jalma anu handap asor

d)

jalma anu loba amal

e)

jalma anu kabita

17.

“Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal” ngajarkeun urang supaya...

a)

ati-ati dina ngalakukeun naon waé

b)

loba omong saeutik lampah

c)

henteu daék usaha

d)

teu paduli batur

e)

jadi jalma loba akal

18.

Artikel persuasif biasana mibanda tujuan pikeun...

a)

ngajak atawa ngayakinkeun anu maca

b)

nyaritakeun hiji tokoh

c)

ngadadarkeun fakta-fakta anyar

d)

nyieun laporan ilmiah

e)

nambahin kasang tukang sajarah

19.

Fungsi artikel salaku “média kontrol warta” hartina...

a)

ngabantah atawa manalisis warta utama

b)

nyieun warta anyar

c)

nyebarkeun kabar hoaks

d)

ngajarakeun média séjén

e)

nganteurkeun opini jalma

20.

Tulisan “Kina di Priangan” kaasup artikel jenis...

a)

persuasi

b)

narasi

c)

éksposisi

d)

argumentasi

e)

déskripsi

21.

Ciri artikel anu hadé nyaéta...

a)

ngagunakeun basa kolot

b)

basana populér jeung komunikatif

c)

loba istilah ilmiah

d)

henteu maké data

e)

panjang tur jilmet

22.

Tulisan artikel disebut faktual sabab...

a)

dieusi ku sawangan pribadi

b)

dumasar kana data jeung fakta nyata

c)

teu kudu aya sumber

d)

dieusi ku émosi

e)

ditulis ku kelompok

23.

Artikel bisa disebut “informatif” lamun...

a)

eusina ngandung unsur lucu

b)

nepiakeun katerangan jeung pangaweruh anyar

c)

eusina carita fiksi

d)

ngandung ajakan

e)

medarkeun rumor

24.

Tulisan artikel disebut “orisinal” lamun...

a)

hasil niru batur

b)

karya pribadi anu asli

c)

ditulis bareng-bareng

d)

teu boga sumber

e)

teu diverifikasi

25.

Artikel arguméntasi biasana eusina...

a)

sawangan jeung bukti logis

b)

hiburan

c)

laporan perjalanan

d)

carita legenda

e)

narasi sajarah