wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Basa Sunda 5

Total questions: 25

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Bacaan: Demam Berdarah

Sani: “Wilujeng siang, Bu Dokter!”
Dokter: “Wilujeng siang.”
Ardi: “Nepangkeun, Bu, wasta abdi Ardi. Abdi sareng rerencangan kenging pancén ti sakola kedah ngawawancara Ibu, ahli kasehatan.”
Sani: “Pami abdi Sani.”
Dokter: “Nya, mangga atuh kalebet! Nepangkeun, ibu téh Dokter Kusmayanti.”
Sani: “Abdi sareng rerencangan gaduh pancén, pancénna ngawawancara Ibu perkawis demam berdarah.”
Dokter: “Mangga atuh urang kawitan. Kieu, barudak, demam berdarah téh hiji panyakit endemik nu gampil narekebna. Diakibatkeun ku reungit Aedes aegypti. Rupina belang coreleng, biasana nyocona téh beurang. Ieu reungit téh bahaya pisan, margi lian ti hirup di tempat kotor, tiasa ogé hirup di tempat nu bersih.”
Ardi: “Kumaha ciri-cirina jalma nu katerap demam berdarah téh?”
Dokter: “Ciri-cirina nyaéta demam, salesma, batuk, nyeri otot, jeung utah-utahan. Upami tos parna, sok aya ogé keluaran getih tina sabulu-bulu atanapi mimisan.”

(Dicutat tina Pangrumat Basa Sunda pikeun Murid Kelas V)

Bagian bacaan di luhur kaasup conto tina ....

a)

Biantara

b)

Puisi

c)

Prosa

d)

Wawancara

2.

Jéjér pangjetre (poko caritaan) tina bacaan di luhur nyaéta ....

a)

Ciri-ciri panyakit bahaya

b)

Demam berdarah panyakit nu bahaya gampil narekebna

c)

Ngawawancara Dokter Puskesmas

d)

Pentingna kasehatan di lingkungan

3.

Anu jadi narasumber dina bacaan di luhur nyaéta ....

a)

Ardi

b)

Sani

c)

Dokter

d)

Sakola

4.

Panyawat demam berdarah téh diakibatkeun ku ....

a)

Reungit malaria

b)

Laleur

c)

Reungit Aedes aegypti

d)

Beurit

5.

Kecap sawandana (sinonim) tina kecap “nepangkeun” nyaéta ....

a)

Ningalikeun

b)

Nyoncokeun

c)

Ngenalkeun

d)

Ngawartoskeun

6.

Pangmeulikeun béas ka warung.
Tanda baca anu bener keur kalimah di luhur nyaéta ....

a)

?

b)

:

c)

;

d)

!

7.

Pa Odi téh pacabakanana dagang kadaharan. Isuk-isuk dagang bubur ayam, pasosoré dagang nasi goreng. Dagangna téh maké roda didorong.


  1. Palaku dina carita di luhur nyaéta ....

a)
  1. Ayam

b)
  1. Nasi goreng

c)
  1. Roda

d)
  1. Pa Odi

8.

Pa Odi téh pacabakanana dagang kadaharan. Isuk-isuk dagang bubur ayam, pasosoré dagang nasi goreng. Dagangna téh maké roda didorong.

Kalimah pananya di handap ieu cocok luyu jeung carita di luhur iwal ti ...

a)

Naon pacabakan Pa Odi téh?

b)

Iraha Pa Odi dagangna?

c)

Kumaha cara dagangna?

d)

Jeung saha dagangna?

9.

Pa Odi pacabakanana dagang kadaharan.
Hartina kecap pacabakan nyaéta ....

a)

Dicabakan

b)

Didagangkeun

c)

Pagawean

d)

Panyabaan

10.

Bubur ayam nyaéta ....

a)

Bubur béas keur parab hayam

b)

Bubur sésa parab hayam

c)

Bubur béas kabeuki hayam

d)

Bubur béas nu dicampur daging hayam

11.

Di rohangan kelas V barala. Pamanggih hidep tina pasualan bieu nyaéta ....

a)

Antepkeun wé da geus biasa barala!

b)

Kelas nu sok barala nyababkeun diajar kurang marenah

c)

Kaayaan sakola barala tanggung jawab panjaga

d)

Urang mah rék diajar lain nguruskeun kelas nu barala

12.

Kecap nu kasaup serepan tina basa Indonesia nyaéta ....

a)

Kapala, penting, pangumuman

b)

Banjir, ngalongok

c)

Dahar, sare, nyarios

d)

Barita, bakar, ajenan

13.

Sakitu beunghar Pa Karta mah cap jahé pisan.
Hartina cap jahé nyaéta ....

a)

Loba kebon jahé

b)

Beuki kana jahé

c)

Medit tara barang béré

d)

Pépéréngkélan kawas jahé

14.

“Resa, bala-bala téh didahar kabéh? Dasar ....”

a)

Si aspal

b)

Si rewog

c)

Si paser

d)

Si jalak harupat

15.

Wartawan: ....
Pa Odi: “Panghasilan abdi dina sasasihna teu tangtos.”
Pananya anu luyu keur ngalengkepan wawancara di luhur nyaéta ....

a)

Di mana icalan anu hasilna ageung?

b)

Kanggo naon panghasilan Bapa téh?

c)

Sabaraha panghasilan Bapa sasasihna icalan bubur?

d)

Di kasahakeun panghasilan Bapa tiap sasihna?

16.

Kalimah di handap nu merenah keur ngawawancara atlet sepak bola nyaéta ....

a)

Kumaha cara miara domba téh?

b)

Kumaha ciri-cirina jalma nu katerap demam berdarah téh?

c)

Tos sabaraha kali Akang meunangkeun kajuaraan sepak bola?

d)

Tos sabaraha lami Akang icalan bola?

17.

Sabada ngabsen, Pa Bukhori ngawulang perkara silih ajenan jeung sasama jalma.
Saur Pa Bukhori, “Silih ajenan sareng rerencangan di kelas atanapi di sakola kalebetna kana tatakrama.”
Ari tatakrama téh rupa-rupa, aya tatakrama dina nyarios, dina tuang, waktos natamu, jeung nu sanesna deui.
Tatakrama téh penting dina kahirupan sapopoe, margi ku ayana tatakrama urang bakal silih ajenan.


  1. Eusi tina bacaan di luhur nyaéta ....

a)
  1. Pa Bukhori ngawulang sabada ngabsen

b)
  1. Perkara silih ajenan jeung sasama jalma

c)
  1. Ari tatakrama téh rupa-rupa

d)
  1. Tatakrama téh penting dina kahirupan

18.

Sabada ngabsen, Pa Bukhori ngawulang perkara silih ajenan jeung sasama jalma.
Saur Pa Bukhori, “Silih ajenan sareng rerencangan di kelas atanapi di sakola kalebetna kana tatakrama.”
Ari tatakrama téh rupa-rupa, aya tatakrama dina nyarios, dina tuang, waktos natamu, jeung nu sanesna deui.
Tatakrama téh penting dina kahirupan sapopoe, margi ku ayana tatakrama urang bakal silih ajenan.

Rupa-rupa tatakrama anu ditataan dina bacaan di luhur nyaéta ....

a)

Tatakrama leumpang, tatakrama nyarios, tatakrama saré

b)

Tatakrama nyarios, dina tuang, waktos natamu

c)

Tatakrama dijalan, di kelas, di sakola

d)

Tatakrama dina hirup kumbuh

19.

Karangan anu eusina ngagambarkeun hiji hal atawa barang ku caritaan disebut karangan ....

a)

Deskripsi

b)

Argumentasi

c)

Eksposisi

d)

Narasi

20.

Delman jeung beca téh kaasup alat patalimarga anu masih aya di lingkungan urang.
Alat patalimarga delman kaasup alat patalimarga tradisional.


  1. Hartina alat patalimarga nyaéta alat ....

a)
  1. Transportasi

b)
  1. Komunikasi

c)
  1. Silaturahmi

d)
  1. Sanitasi

21.

Bacaan anu nyaritakeun delman kaasup ....

a)

Narasi

b)

Argumentasi

c)

Deskripsi

d)

Persuasi

22.

Anu kudu diperhatikeun waktu urang maca puisi nyaéta di handap ieu, iwal ti ....

a)

Sora jeung lentongna

b)

Rengkakna

c)

Paroman

d)

Gambar nu aya dina sajak

23.

Dititik dirasa-rasa
Lembur kuring téh teuing ku endah
Upluk aplak pasawahan
Matak betah tumaninah


  1. Eusi sajak di luhur ngebrehkeun kaayaan ....

a)
  1. perasaan urang

b)
  1. Kasedihan haté kuring

c)
  1. Kaayaan lembur kuring

d)
  1. Indit ti lembur

24.

1.Rakit dijieun tina sababarah awi parayang nu dijajar-jajar.
2.Ngaran alat patalimarga téh rakit.
3.Situ Bagendit katelah ku kaendahan jeung kaasrian alamna.
4.Cara ngajalankeunnana ku nojerkeun awi panjang kana jero situ.
5.Di Situ Bagendit urang bisa tumpak salah sahiji alat patalimarga tradisional.


  1. Runtuyan kalimah nu merenah supaya jadi paragraf logis tina kalimah di luhur nyaéta ....

a)
  1. 5, 3, 2, 4, 1

b)
  1. 5, 3, 4, 2, 1

c)
  1. 3, 5, 1, 2, 4

d)
  1. 3, 5, 2, 1, 4

25.

Oki jeung lanceukna rék ngusep di Situ Bagendit.
Kalimah anu luyu jeung bener ejahanana nyaéta ....

a)

Oki jeung lancekna rék nguseup di Situ Bagendit.

b)

Oki jeung lancekna rék nguseup di situ Bagendit.

c)

oki jeung lancekna rék nguseup di situ Bagendit

d)

oki jeung lancekna rék nguseup di Situ Bagendit