NEW
Font size
WorksheetsLatihan soal b.sunda kelas 4
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Nyi Endit kawentar ku korétna.
Kecap korét téh sarua hartina jeung kecap...
pedit
bageur
beunghar
jegud
Boga dahareun téh ti batan dibikeun kalah dipiceun.
Kecap dibikeun téh sarua hartina jeung kecap...
dialungkeun
diberekeun
diteundeun
dihuapkeun
Aya jelema umurna geus kacida kolotna.
Kecap kolot téh sarua hartina jeung kecap ...
anom
sepuh
budak
rumaja
Nyi Endit nyokot peti paranti nyimpen emas permata.
Kecap nyimpen téh sarua hartina jeung kecap....
nyokot
mawa
neundeun
miceun
Urang lembur buriak nyingkahan banjir.
Kecap nyingkahan téh sarua hartina jeung kecap
ngajauhan
ngadeukeutan
nyicingan
ngaleungitkeun
....... ku maneh nya duit teh ?
Kacokot
kasimpen
dicokot
disimpen
Kelas teh keur ..... Warna - warni
dicet
Dicokot
ditutup
Dibaca
Kecap saharti tina balik nyaeta....
mulang
terang
laut
abdi
Kecap saharti tina kuring nyaeta ...
abdi
badag
wewengkon
malarat
Kecap saharti tina gede nyaeta
murag
Badag
Weuteuh
Jempe
4.Ragam basa hormat keur sorangan tina kecap “indit” nyaeta….
a. Angkat
b. Indit
c. Mios
d. Mulang
5.Ragam basa hormat keur batur tina kecap “dahar” nyaeta….
a. Tuang
b. Dahar
c. Neda
d. Emam
Kecap lemesna tina hareup nyaeta ....
payun
pengker
handap
luhur
Diuk, lumpat, jeung nulis kaasup kecap ....
barang
bilangan
sipat
pagawean
Nyarita dina biantara di hareupeun jalma anu geus akrab atawa sahandapeun ngagunakeun . . .
Ragam Basa Loma
Bisa ngomong sangeunahna
Teu perlu ngahargaan ka anu ngaregepkeun
Teu meunang ngagunakeun Ragam Basa Hormat / Lemes
Basa kasar
Jeung dulur mah kudu akur, kudu sauyunan, ulah kawas .... jeung ....
maung jeung ucing
ucing jeung anjing
ucing jeung hayam
beurit jeung anjing
leu barang biasa sok digunakeun pikeun barang hiburan jeung informasi keur balaréa, wangunana pasagi Aya bagéan nu disebutna layar pikeun ningalikeun gambar. Salian ti éta ogé ngaluarkeun sora Barang ieu ogé sok disebut pakakas media massa Cikan naon ngarana ?
HP
TV
Kalkulator
Kabel
Cita-cita kuring hoyong janten....
Supados tiasa babakti ka lemah cai.
ngabela anu lemah.
Nahan kanu jadi jahat.
Mugi pareng laksana.
Aamin
Soal :
Kuring cita-citana hoyong janten naon?
Gebah ka ditu ucing téh ...
Tanda baca anu cocog pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaéta...
Tanda panyeluk (!)
Tanda titik dua (:)
Tanda Kurung ( )
Tanda pananya (?)
Sumber energi utama di alam dunya, nyaeta ....
bumi
bulan
hujan
panonpoe
Hanjakal jajan rujak lada, jadi nyeuri beuteung.
kecap hanjakal sarua hartina jeung....
Mending
kaduhung
Ngadeg deg
Ngahuleng
kalimah ieu ngandung kecap di rarangkenan tukang keun nyaeta....
Jang Adun eraeun datang ka sakola kabeurangan
Geura asupkeun sapedah teh bisi aya nu nyokot
Urang kudu ibadah bawaeun ka akherat
Sing leukeun ari diajar teh
Kalakuan anu nunjukkeun henteu ngahemat energi, nya eta ….
Ka sakola leumpang
Mandi make pancuran
Mareuman keran cai saupama geus pinuh
Nganteup lampu hurung nepi ka beurang
Awakna tambah ngabadagan tur tambah ngajangkungan.
Kecap ngabadagan ngandung harti ....
ngagedean
ngalobaan
ngalegaan
ngabeukahan
Landak mangrupakeun sato anu boga pakarang di awakna anu mangrupa ….
Cucuk
Kuku
Racun
Taring
