wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

X TO 1_ULANGAN PANGAJARAN 2_BAHASA SUNDA

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Naon anu dimaksud aksara sunda téh ?

a)

Aksara sunda nyaéta aksara tradisional hasil modifikasi tina tata tulis anu kapanggih tina prasasti jeung naskah Jawa Kuno

b)

Aksara sunda nyaéta aksara tradisional hasil modifikasi tina tata tulis anu kapanggih tina prasasti jeung naskah Sunda Kuno

c)

Aksara sunda nyaéta aksara tradisional hasil modifikasi tina tata tulis anu kapanggih tina prasasti jeung naskah Carita pondok asal sunda

d)

Aksara sunda nyaéta aksara tradisional hasil modifikasi tina tata tulis anu kapanggih tina prasasti jeung naskah nagara

2.

Iraha sareng dimana kapendakna aksara sunda téh?

a)

Di Kawali, abad ka-14 Maséhi

b)

Di Salawu, abad ka-13 Maséhi

c)

Di Kawalu, abad ka-14 Maséhi

d)

Di Salopa, abad ka-16 Maséhi

3.

Kaping sabaraha para ahli filologi ngayakeun lokakarya pikeun ngoréksi aksara cacarakan téh?

a)

Kaping 27 November 1988

b)

Kaping 27 Oktober 1987

c)

Kaping 27 November 1998

d)

Kaping 27 Oktober 1997

4.

Fungsi aksara sunda jaman baheula nyaéta?

a)

Pikeun dadaran hukum jeung nulis iklan

b)

Pikeun seni jeung pendidikan

c)

Dipaké pikeun pangéling-ngéling jeung dadaran hukum aturan kamasarakatan

d)

Dipaké pikeun literasi jeung nyieun kaligrafi

5.

Média naon anu dipaké pikeun nuliskeun aksara sunda dina waktu jaman baheula ?

a)

Dina awi jeung kertas

b)

Dina kertas jeung kaén

c)

Dina kulit kai jeung kertas

d)

Lambaran daun lontar jeung kulit sasatoan

6.

Fungsi tina rarangkén panghulu nyaéta ?

a)

Ngarobah sora /a/ jadi /u/

b)

Ngarobah sora /a/ jadi /eu/

c)

Ngarobah sora /a/ jadi /i/

d)

Ngaleungitkeun sora /a/ swara dina aksara dasar

7.

Fungsi dina rarangkén panyecek nyaéta ?

a)

Nambahan /ng/ di tungtung aksara dasar

b)

Maéhan sora /a/ dina aksara dasar

c)

Ngarobah sora /a/ jadi sora /i/

d)

Ngarobah sora /a/ jadi /u/

8.

Rarangkén ieu téh ngagaduhan fungsi nyaéta nambihan huruf /r/ di ahir aksara, nami rarangkénna nyaéta?

a)

Pamepet

b)

Panglayar

c)

Panghulu

d)

Panyecek

9.

Guna tina rarangkén pangwisad nyaéta ?

a)

Maehan sora /a/ dina aksara ngalagena

b)

Ngarobah sora /a/ jadi /é/

c)

Ngarobah sora /a/ jadi /u/

d)

Nambahan huruf /h/ ditungtung aksara

10.

Dina gambar ieu nunjukeun salah sawios conto dina fungsi aksara sunda, nyaéta ?

a)

Fungsi aksara sunda jaman baheula nyaéta dokumen anu ditulis dina kulit sasatoan

b)

Fungsi aksara sunda jaman baheula pikeun seni atawa hiasan

c)

Fungsi aksara sunda jaman ayeuna nyaéta dipaké dina karya seni

d)

Fungsi aksara sunda jaman ayeuna anu dijieun dina prasasti