wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASAS B. Sunda Kelas VIII

Total questions: 40

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Pahlawan Toha

Getih suci nyiram bumi

Tulang sétra mulang lemah

Babakti nyungkem pertiwi

Cikal bugang putra bangsa

Nyatana pahlawan Toha

Pahlawan Bandung Selatan

Patriot ti Dayeuh Kolot

Tugu diwangun ngajadi ciri

            Taraté nu mangkak

            Ligar di émpang

            Jadi bukti gugurna 

            Pahlawan bangsa

Nilik kana eusina, kawih di luhur kaasup kana kawih ....

a)

Perjuangan

b)

Pupujiann

c)

Silih Asih

d)

Atikan

2.

Pahlawan Toha

Getih suci nyiram bumi

Tulang sétra mulang lemah

Babakti nyungkem pertiwi

Cikal bugang putra bangsa

Nyatana pahlawan Toha

Pahlawan Bandung Selatan

Patriot ti Dayeuh Kolot

Tugu diwangun ngajadi ciri

            Taraté nu mangkak

            Ligar di émpang

            Jadi bukti gugurna 

            Pahlawan bangsa

Témah kawih di luhur nyaritakeun nggeunaan......

a)

Perjuangan Muhamad Toha

b)

Sumanget Pahlawan Toha

c)

Jasa Muhamad Toha

d)

Kawani Muhamad Toha

3.

Pahlawan Toha

Getih suci nyiram bumi

Tulang sétra mulang lemah

Babakti nyungkem pertiwi

Cikal bugang putra bangsa

Nyatana pahlawan Toha

Pahlawan Bandung Selatan

Patriot ti Dayeuh Kolot

Tugu diwangun ngajadi ciri

            Taraté nu mangkak

            Ligar di émpang

            Jadi bukti gugurna 

            Pahlawan bangsa

Kawih Pahlawan Toha di luhur diwangun ku ……

a)

2 pada

b)

3 pada

c)

4 pada

d)

5 pada

4.

Pahlawan Toha

Getih suci nyiram bumi

Tulang sétra mulang lemah

Babakti nyungkem pertiwi

Cikal bugang putra bangsa

Nyatana pahlawan Toha

Pahlawan Bandung Selatan

Patriot ti Dayeuh Kolot

Tugu diwangun ngajadi ciri

            Taraté nu mangkak

            Ligar di émpang

            Jadi bukti gugurna 

            Pahlawan bangsa

Unggal pada dina kawih di luhur diwangun ku ……

a)

3 padalisan

b)

4 padalisan

c)

5 padalisan

d)

6 padalisan

5.

Pahlawan Toha

Getih suci nyiram bumi

Tulang sétra mulang lemah

Babakti nyungkem pertiwi

Cikal bugang putra bangsa

Nyatana pahlawan Toha

Pahlawan Bandung Selatan

Patriot ti Dayeuh Kolot

Tugu diwangun ngajadi ciri

            Taraté nu mangkak

            Ligar di émpang

            Jadi bukti gugurna 

            Pahlawan bangsa

 Pahlawan Toha mangrupaakeun pangéling-ngéling kana kajadian …….

a)

Bandung Selatan

b)

Bandung Lautan Api

c)

Kamerdékaan RI

d)

Hari Pahlawan

6.

Saruana kecap atawa sora dina tungtung kalimah disebut…

a)

Purwakanti

b)

Pada

c)

Engang

d)

Padalisan

7.

Jumlah bait dina unggal padalisan disebut…

a)

Purwakanti

b)

Pada

c)

Engang

d)

Padalisan

8.

Jumlah baris dina unggal pada disebut…

a)

Purwakanti

b)

Pada

c)

Engang

d)

Padalisan

9.

Jumlah suku kata dina unggal padalisan disebut…

a)

Purwakanti

b)

Pada

c)

Engang

d)

Padalisan

10.

Tengetan unsur-unsur rumpaka kawih ieu di handap!

1.     Téma/Jejer

2.     Nada

3.     Rasa

4.     Amanat

5.     Watek

  1. 6. Palaku

Dumasar pedaran di luhur, nu kaasup kana unsur rumpaka kawih nyaéta …

a)

1, 2, 4, jeung 6

b)

1, 3, 4, jeung 5

c)

1, 2, 3, jeung 4

d)

1, 2, 3, jeung 5

11.

Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal dumasar kana kanyataan disebut…

a)

Sisindiran

b)

Pupujiann

c)

Warta

d)

Kawih

12.

Sesebutan jalma nu sok nyieun warta atawa nu sok ngadugikeun warta disebut...

a)

Jurnalis

b)

Maca warta

c)

Narasumber

d)

MC

13.

Nulis warta mah rada béda jeung nyieun tulisan séjénna. Ku kituna, dina warta mah kudu nyumponan unsur-unsurna nu disebut…

a)

5W+2H

b)

5W+4H

c)

5W+1H

d)

5W+5H

14.

Nu kaasup kana cara pikeun ngumpulkeun fakta ieu di handap nyaéta…

a)

Puseur sawangan, panitén, jeung wawancara

b)

Panitén, wawancara, jeung observasi

c)

Panitén, wawancara, jeung dokumentasi

d)

Panitén, Observasi, jeung dokumentasi

15.

Nu kaasup kana struktur warta nyaéta……

a)

Judul, lead, jeung waruga warta

b)

Judul, Headline, jeung lead

c)

Judul, eusi, jeung panutup

d)

Judul, bubuka, jeung panutup

16.

Musikal Lutung Kasarung: Rék Magelaran di Mancanagara

Lutung Kasarung, carita pantun ti Tatar Sunda, kiwari rék dipagelarkeun dina wanda drama musikal ku Yayasan Mojang Jajaka (Moka) Jabar jeung Yayasan Prima Ardian Tana. Éta pintonan disutradaraan ku Didi Pétét, dumasar naskah H. Eddy D. Iskandar téh baris digarap sacara kolosal kalawan ngabaud 100 urang pamaén, jeung 50 urang pemusik.

Wakil Gubernur H. Dédé Yusuf minangka nu boga gagasan, nandeskeun pintonan “Musikal Lutung Kasarung” téh salasahiji pilot project di Jawa Barat pikeun matéakeun anléhna para Mojang jeung Jajaka (Moka) Jabar dina widang drama, utamana drama musikal.

Judul karya seni nu rék dipagelarkeun dina wanda drama musikal téh nyaéta……

a)

Lutung Hideung

b)

Prabu Siliwangi

c)

Lutung Kasarung

d)

Mojang Jajaka

17.

Musikal Lutung Kasarung: Rék Magelaran di Mancanagara

Lutung Kasarung, carita pantun ti Tatar Sunda, kiwari rék dipagelarkeun dina wanda drama musikal ku Yayasan Mojang Jajaka (Moka) Jabar jeung Yayasan Prima Ardian Tana. Éta pintonan disutradaraan ku Didi Pétét, dumasar naskah H. Eddy D. Iskandar téh baris digarap sacara kolosal kalawan ngabaud 100 urang pamaén, jeung 50 urang pemusik.

Anu jadi sutradara dina drama musikal Lutung Kasarung téh nyaéta…

a)

H. Eddy D. Iskandar

b)

Didi Petét

c)

H. Dédé Yusuf

d)

Ardian Tana

18.

Musikal Lutung Kasarung: Rék Magelaran di Mancanagara

Lutung Kasarung, carita pantun ti Tatar Sunda, kiwari rék dipagelarkeun dina wanda drama musikal ku Yayasan Mojang Jajaka (Moka) Jabar jeung Yayasan Prima Ardian Tana. Éta pintonan disutradaraan ku Didi Pétét, dumasar naskah H. Eddy D. Iskandar téh baris digarap sacara kolosal kalawan ngabaud 100 urang pamaén, jeung 50 urang pemusik.

Dina teks warta di luhur, peran H. Eddy D. Iskandar téh nyaéta salaku…

a)

Tokoh Lutung

b)

Nu boga gagasan

c)

Nu boga Yayasan

d)

Penulis naskah

19.

Musikal Lutung Kasarung: Rék Magelaran di Mancanagara

Lutung Kasarung, carita pantun ti Tatar Sunda, kiwari rék dipagelarkeun dina wanda drama musikal ku Yayasan Mojang Jajaka (Moka) Jabar jeung Yayasan Prima Ardian Tana. Éta pintonan disutradaraan ku Didi Pétét, dumasar naskah H. Eddy D. Iskandar téh baris digarap sacara kolosal kalawan ngabaud 100 urang pamaén, jeung 50 urang pemusik.

Wakil Gubernur H. Dédé Yusuf minangka nu boga gagasan, nandeskeun pintonan “Musikal Lutung Kasarung” téh salasahiji pilot project di Jawa Barat pikeun matéakeun anléhna para Mojang jeung Jajaka (Moka) Jabar dina widang drama, utamana drama musikal.

Tokoh nu mibanda gagasan yén musikal Lutung Kasarung salasahiji pilot project di Jabar, nyaéta…

a)

H. Eddy D. Iskandar

b)

Didi Petét

c)

H. Dédé Yusuf

d)

Ardian Tana

20.

H. Eddy D. Iskandar téh baris digarap sacara kolosal kalawan ngabaud 100 urang pamaén, jeung 50 urang pemusik.

Kecap ngabaud miboga harti…

a)

Baud

b)

Mawa

c)

Mantuan

d)

Ngalawan

21.

Baca pupuh ieu di handap!

Utamana jalma kudu réa batur,

Keur silih tulungan,

Silih titipkeun nya diri,

Budi akal lantaran ti pada jalma.

Guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur nyaeta....

a)

9a-8i-7a-21

b)

12u-6a-8i-12a

c)

12i-12u-8a-8u

d)

12a-8i-6a-12u

22.

Utamana jalma kudu réa batur,

     Keur silih tulungan,

     Silih titipkeun nya diri,

     Budi akal lantaran ti pada jalma.

Dumasar kana pupuh di luhur, ku naon pangna jalma kudu réa batur….

a)

sangkan bisa silih tulungan jeung kulawarga

b)

sangkan bisa silih asih, asah, asuh jeung kulawarga

c)

sangkan silih titipkeun diri tur silih tulungan jeung pada jalma

d)

sangkan dipikanyaah ku guru, kolot, jeung babaturan

23.

Utamana jalma kudu réa batur,

     Keur silih tulungan,

     Silih titipkeun nya diri,

     Budi akal lantaran ti pada jalma.

Pupuh Pucung di luhur téh ngabogaan watek ngagambarkeun….

a)

pikaseurieun atawa banyol

b)

piwuruk, wawaran, atawa kakagét

c)

kaprihatinan atawa pinalangsaeun

d)

laku tamba kesel jeung pangangguran

24.

Durma kaasup kana pupuh….

a)

sekar alit

b)

sekar ageung

c)

rampak sekar

d)

anggana sekar

25.

Nu henteu kaasup kana pupuh sekar alit, nyaéta ....

a)

Balakbak

b)

Durma

c)

Ladrang

d)

Sinom

26.

Baca rumpaka tembang ieu di handap!

(1) Ditanya téh duka teuing Teuing jeung teuing walonna Abong-abong bangkar warah Tingkahna tuna sakola

Kumaha lamun geus kitu

Palias kabarérangan

(2) Demi anu luhur budi

Ajrih taya papadana

Soméah tara jumago

Teu adigung adiguna

Dipiresep balaréa

Nu kitu kudu ditiru

Turutan laku-lampahna

Dina rumpaka pada kahiji, saha nu ditanya teu bisa ngajawab téh….

a)

jalma nu teu tuhu kana aturan

b)

jalma nu tuna sakola

c)

jalma nu getol sakola

d)

jalma nu dipikaresep balaréa

27.

Baca rumpaka tembang ieu di handap!

(2) Demi anu luhur budi Ajrih taya papadana Soméah tara jumago Teu adigung adiguna Dipiresep balaréa Nu kitu kudu ditiru Turutan laku-lampahna.

Kumaha ciri-ciri jalma anu luhur budi téh, iwal.....

a)

ajrih

b)

soméah

c)

tara jumago

d)

balaga

28.

Kalakuan nu kumaha nu kudu ditiru sangkan dipikaresep balarea téh?

a)

Ulah getol teuing diajar

b)

Ulah adigung adiguna

c)

Ulah loba nyarita

d)

Ulah loba teuing ulin

29.

Nu dimaksud kana guru lagu téh nyaéta

a)

ngahaleuangkeun guguritan

b)

jumlah lobana engang dina unggal padalisan

c)

sora (vokal) dina engang panungtung kecap unggal padalisan

d)

karangan pondok wangun ugeran anu disusun ku hiji wanda pupuh

30.

Puisi anu kauger (boga patokan; katangtuan) ku guru lagu, guru wilangan, jeung jumlah padalisan dina sapadana disebut

a)

sisindiran

b)

pupujian

c)

pupuh

d)

sajak

31.

Tari Gapura Hyang Tari “Gapura Hyang” dijieun ku para seniman Bandung Barat taun 2017. “Gapura Hyang”, hartina panto kahyangan. Maksudna ngagambarkeun Kabupaten Bandung Barat salaku tempat luhur, éndah, tur bersih. Tari “Gapura Hyang” kaasup tari karesmén pangbagéa. Husus dijieun keur ngabagéakeun tamu agung anu ngadongdon ka hiji tempat atawa acara kanagaraan nu diayakeun di Bandung Barat.

Tari “Gapura Hyang” ngagambarkeun Dayang Sumbi dina carita “Sangkuriang” nu dijadikeun lambang kasucian jeung kaéndahan alam, husuna Gunung Tangkuban Parahu, tempat wisata kasohor di Bandung Barat. Nu narina para wanoja petingan. Pinter narina, alus rupa jeung dedeganana. Dipirig ku gamelan pélog saléndro anu adumansis jeung waditra kacapi, biola, suling, ogé alat perkusi modéren. Boh tari boh gendingna kaasup kana seni pinoton wanda anyar. Tari “Gapura Hyang” salasahiji seni pangbagéa karya seniman seniwati urang Bandung Barat nu kiwari jadi tarian resmi paméran téh Kabupaten Bandung Barat.

Kasenian ti mana tari “Gapura Hyang” téh…

a)

Kota Bandung

b)

Kabupaten Bandung

c)

Kabupaten Bandung Barat

d)

Kota Cimahi

32.

Tari Gapura Hyang

Tari “Gapura Hyang” dijieun ku para seniman Bandung Barat taun 2017. “Gapura Hyang”, hartina panto kahyangan. Maksudna ngagambarkeun Kabupatén Bandung Barat salaku tempat luhung, éndah, tur bersih. Tari “Gapura Hyang” kaasup tari karesmén pangbagéa. Husus dijieun keur ngabagéakeun tamu agung anu ngadongdon ka hiji tempat atawa acara kanagaraan nu diayakeun di Bandung Barat.

Tari “Gapura Hyang” ngagambarkeun Dayang Sumbi dina carita “Sangkuriang” nu dijadikeun lambang kasucian jeung kaéndahan alam, husuna Gunung Tangkuban Parahu, tempat wisata kasohor di Bandung Barat. Nu narina para wanoja petingan. Pinter narina, alus rupa jeung dedeganana. Dipirig ku gamelan pélog saléndro anu adumanis jeung waditra kacapi, biola, suling, ogé alat perkusi modéren. Boh tari boh gendingna kaasup kana seni pintonan wanda anyar. Tari “Gapura Hyang” salasahiji seni pangbagéa karya seniman seniwati urang Bandung Barat nu kiwari jadi tarian resmi pamaréntah Kabupatén Bandung Barat.

“Gapura Hyang” hartina…

a)

Kamar kahyangan

b)

Kahyangan

c)

Panto kahyangan

d)

Téras kahyangan

33.

Tarian “Gapura Hyang” ngagambarkeun…

a)

Sangkuriang

b)

Dayang Sumbi

c)

Si Kabayan

d)

Nyi Iteung

34.

Tari “Gapura Hyang” ngagambarkeun…

a)

Kasucian jeung kaéndahan alam hususna Gunung Guntur

b)

Kasucian jeung kaéndahan alam hususna Gunung Tangkuban Parahu

c)

Kasucian jeung kaéndahan alam hususna Gunung Putri

d)

Kasucian jeung kaéndahan alam hususna Gunung Papandayan

35.

Kecap kasohor miboga harti…

a)

Dipikawanoh

b)

Dipikanyaho

c)

Terkenal

d)

Terpercaya

36.

Dina artikel budaya Sunda biasana diwangun ku……

a)

Bubuka, eusi, jeung kacindekkan

b)

Bubuka, eusi, jeung panutup

c)

Bubuka jeung panutup

d)

Bubuka jeung kacindekkan

37.

Karangan nu ngaguar hiji hal nu dianggap penting tur aktual disebut……

a)

Artikel

b)

Novel

c)

Puisi

d)

Dongeng

38.

Béda artikel jeung karangan séjén saperti makalah nyaéta….

a)

Makalah mah disusun ku saha waé

b)

Artikel mah bisa dijieun ku saha waé

c)

Artikel mah dimuat dina koran atawa majalah

d)

Makalah mah dimuat dina koran atawa majalah

39.

Mana nu kaasup kana sarat nulis artikel….

a)

Baca heula ti mimiti nepi ka tamat

b)

Catet hal-hal nu penting

c)

Jieun ringkesan

d)

Basa nu digunakeun kudu jelas

40.

Mana nu kaasup kana sarat maca artikel…

a)

Témana kudu aktual

b)

Kudu dimuat dina koran

c)

Tulisanna kudu panjang

d)

Catetkeun hal-hal nu penting