wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

TRY OUT BASA SUNDA KELAS VIII GENAP

Total questions: 40

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

Karya sastra anu diréka dina basa lancaran kalayan ukuranana pondok disebut …

a)

warta

b)

novél

c)

dongéng

d)

carpon

2.

Nu kaasup ciri-ciri basajan tina carpon saperti di handap, iwal …

a)

kaasup wangun prosa

b)

5.000 – 7.000 kecap

c)

4-7 kaca (halaman)

d)

eusina loba pamohalan

3.

Istilah carpon dina sastra sunda lamun dina basa inggris mah sarua jeung …

a)

short literacy

b)

story telling

c)

short long

d)

short story

4.

Carpon mimiti sumebar dina sastra sunda basa aya carpon anu dimuat dina majalah …

a)

Parahiangan

b)

Manglé

c)

Galura

d)

Témpo

5.

Buku kumpulan carpon anu munggaran medal (taun 1930) judulna nyaéta …

a)

Ki Merebot

b)

Kanyaah Kolot

c)

Dogdog Pangréwong

d)

Cipanon Atin

6.

Pangarang carpon Dogdog Pangréwong nyaéta …

a)

Karna Yudibrata

b)

Yus Rusyana

c)

Aam Amilia

d)

G.S.

7.

Nu teu kaasup unsur-unsur dina carita pondok nyaéta …

a)

téma

b)

rarangkén

c)

puseur sawangan

d)

palaku

8.

Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita sok disebut …

a)

téma

b)

galur

c)

amanat

d)

latar

9.

Tina kalimah di handap, nu kaasup puseur sawangan jalma katilu, iwal …

a)

“Kuring”

b)

“Manéhna”

c)

“Anjeunna”

d)

“Si Tarwan”

10.

Carpon “Diwadalkeun ka Siluman” mangrupa karya …

a)

Karna Yudibrata

b)

Godi Suwarna

c)

Ki Umbara

d)

Joko Tingkir

11.

Huleng jentul hartina sarua jeung …

a)

leumpang

b)

saré

c)

tunduh

d)

ngahuleng

12.

Nu kaasup unsur-unsur dina struktur carita pondok, iwal …

a)

Téma

b)

Palaku

c)

Salam

d)

Galur

13.

Runtuyan carita dina carpon disebut …

a)

téma

b)

galur

c)

amanat

d)

latar

14.

Kecap nu dirarangkénan ka-an nyaéta …

a)

kasamaran

b)

karasa

c)

kamana

d)

kaluman

15.

Kecap sumping sarua hartina jeung …

a)

indit

b)

salam

c)

datang

d)

cicing

16.

Kecap hariwang sarua hartina jeung …

a)

bangga

b)

bingung

c)

khawatir

d)

heneg

17.

Hal atawa perkara nu bisa dilenyepan tina eusi carita, bisa jadi pesen ti pangarang pikeun nu maca, disebut …

a)

amanat

b)

palaku

c)

téma

d)

galur

18.

Puseur sawangan dina basa Indonesia sarua hartina jeung …

a)

tokoh

b)

sudut pandang

c)

alur

d)

pendapat

19.

Di handap aya ngaran kampung adat jeung perenahna, mana nu salah …

a)

Kampung Baduy di Lebak, Banten

b)

Kampung Ciptager di Sukabumi, Jawa Barat

c)

Kampung Naga di Cianjur, Jawa Barat

d)

Kampung Cireundeu di Cimahi, Jawa Barat

20.

Lain urang Baduy, da sesebutan nu saenyana mah …

a)

urang Leuwidamar

b)

urang Banten

c)

urang Kanékés

d)

urang Sunda

21.

Urang Kanékés nenggang ti urang Sunda lianna, sabab …

a)

pageuh nyekel tradisi

b)

matuh di pagunungan

c)

teu betah di luar

d)

matuhna jauh ti kota

22.

Anu disebut puun di Kanékés téh nyaéta …

a)

Wakil pamaréntah

b)

Pamingpin adat

c)

Pamingpin lembur

d)

Pamingpin désa

23.

Urang Kanékés enya-enya miara lingkungan alamna, sabab …

a)

Nu ngaruksak alam bakal dihukum

b)

Kaayaan alamna loba nu geus ruksak

c)

Taat ka pamaréntah

d)

Taat kana pikukuh ti karuhun

24.

Kapala désa di Kanékés mah dipilihna …

a)

Ku sakabéh warga

b)

Ku para pamangku adat

c)

Ku camat disatujuan ku bupati

d)

Ku kapala kulawarga

25.

Urang Kanékés mah langka nyarita, kajaba …

a)

Mun manéhna wenang nyaritakeunana

b)

Mun ditanyana ku pamingpin adat

c)

Mun diajak nyarita ku pamingpin

d)

Mun dipaksa sina nyarita

26.

Pangna disebut kampung adat téh lantaran urang Kanékés mah …

a)

Alus adatna bari alus kalakuanana

b)

Béda ti kahirupan urang Sunda liana

c)

Matuhna di wewengkon jauh ti kota

d)

Masih taat kana aturan adat ti karuhunna

27.

Kampung Baduy téh cenah mah kabagi jadi dua, nyaéta …

a)

luar jeung panamping

b)

tangtu jeung jero

c)

panggelar jeung tangtu

d)

luar jeung jero

28.

Ngaran tokoh ti kulawarga puun nu aya di kampung adat Baduy, iwal …

a)

Alim

b)

Mursid

c)

Misja

d)

Ejeh

29.

Mana nu teu kaasup pikukuh urang Baduy …

a)

Gunung teu meunang dilebur, lebak teu meunang diruksak

b)

Kahayang teu meunang diturut, kabutuh teu meunang diulah-ulah

c)

Larangan teu meunang dirempak, buyut teu meunang dirobah

d)

Lojor teu meunang dipotong, pondok teu meunang disambung

30.

Mana nu lain kampung adat Sunda …

a)

Kp. Cireundeu

b)

Kp. Dukuh

c)

Kp. Mahmud

d)

Kp. Wae Rebo

31.

Kampung Ciptagelar perenahna aya di Kabupaten …

a)

Cirebon

b)

Garut

c)

Sukabumi

d)

Bandung

32.

Mana nu kaasup kampung adat Sunda …

a)

Kp. Wae Rebo

b)

Kp. Sade

c)

Kp. Pariangan

d)

Kp. Naga

33.

Di kampung adat Sunda, lamun masak umumna masih ngagunakeun tungku tradisional, ngaranna …

a)

Coét

b)

Nyiru

c)

Katél

d)

Hawu

34.

Parabot dapur paragi nyeupan sangu, sok dijieun tina anyaman awi anu nyungcung ngaranna …

a)

Nyiru

b)

Aseupan

c)

Sééng

d)

Boboko

35.

Imah adat Sunda téh umumna mangrupa imah panggung. Kitu deui imah adat Ciptagelar konstruksina …

a)

Hateupna kénténg

b)

Pipindingna beton

c)

Imah panggung

d)

Imah ngapung

36.

Masarakat kampung adat Ciptagerlar pohara ngahormatna ka Déwi Sri, nyaéta …

a)

Déwi Buah

b)

Déwi Paré

c)

Déwi Cinta

d)

Déwi Asri

37.

Kesenian nu aya di kampung adat Sunda nyaéta, iwal …

a)

Beluk

b)

Calung

c)

Wayang golek

d)

Kolintang

38.

Tempat atawa saung paragi neundeun paré di kampung adat sok disebut …

a)

Leuit

b)

Kandang

c)

Paranjé

d)

Para

39.

Bentuk suhunan khas adat Sunda di antarana baé, iwal …

a)

Jolopong

b)

Tagog anjing

c)

Julang ngapak

d)

Joglo

40.

Naon agama atawa kapercayaan masarakat adat Sunda nu aya di Baduy …

a)

Konghucu

b)

Kristen

c)

Hindu

d)

Sunda wiwitan